Tampilkan postingan dengan label Carita Lucu. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Carita Lucu. Tampilkan semua postingan

Jumat, 23 November 2012

Tukang Kai


Aya tukang ngala kai di leuweung nu kahirupanana kacida miskinna. Hiji waktu, basa manehna keur nutuhan dahan kai nu ngaroyom ka walungan, kampakna locot, ngacleng ka walungan. Si Tukang kai teh ceurik bari ngadoa ka dewa, doana kadanguan ku Dewa, Dewa turun ti langit teras naros : "Hey...kunaon maneh ceurik?"

Si Tukang Kai eta ngajawab yen kampakna tikecemplung ka walungan, padahal manehna perlu pisan eta kampak keur balangsiar. Dewa langsung teuleum ka walungan, terus
mucunghul bari mamawa kampak nu dijieun ku emas, "Ieu kampak anjeun teh?"

Tukang kai ngajawab : "Sanes!"

Dewa ngagejuburkeun deui ka walungan, terus teuleum deui, teu kungsi lila mucunghul deui dina leungeunna mamawa kampak nu bahanna perak, terus nanya ka tukang kai , "Sugan nu ieu kampak anjeun teh?" Sakali deui, tukang kai ngajawab : "Sanes!"

Gejebur deui, dewa teuleum deui, basa mucunghul deui mawa kampak tina beusi, anu memang kaboga si tukang kai, "Ieu meureun kampak anjeun teh?"

Tukang kai ngajawab: "Sumuhun, leres Gusti !"

Dewa kacida gumbirana, aya jelema jujur kacida, eta tilu kampak sadayana dipasihkeun supaya disimpen ku tukang kai. Tukang kai balik ka imahna bari jeung kacida bungahna.

Hiji waktu tukang kai teh leumpang jeung pamajikanana di sisi walungan. Dasar keur apes pamajikanana tikosewad, tepi ka tigebrus ka walungan. Si Tukang kai ceurik deui bari ngadoa ka dewa. Doana kadangueun ku Dewa, dewa turun ti langit teras naros : "Kunaon deui anjeun ceurik?"

Si Tukang kai ngajawab pamajikanana tikecemplung ka walungan, gancangan dewa neuleuman walungan, terus mucunghul bari mawa Deasy Ratnasari, terus naros: "Ieu pamajikan anjeun teh?" Na ari pok teh: "Leres, eta pamajikan abdi teh!"

Dewa teh kacida ambekna, teras nyarios : "Anjeun bohong!, teu jujur!"
Si Tukang kai teh ngajawab bari ampun-ampunan :

"Aduh gusti abdi nyuhunkeun dihapunten, sanes.....sanes....kitu maksad teh, ieu mah salah paham. Kieu geura Gusti, upami abdi ngajawab eta sanes pamajikan abdi, engke Gusti teuleum deui, nyandak... Dian Sastro, upama ku kuring dijawab deui eta mah sanes pamajikan abdi, Gusti teuleum deui nyandak pamajikan abdi, teras ku abdi disumuhunkeun eta pamajikan abdi. Engke ku Gusti nu tiluan sadayana dipasihkeun ka abdi. Gusti, terang nyalira abdi teh jalmi miskin teu mungkin gaduh pamajikan satilu-satilu, kumargi kitu abdi gancangan we ngajawab leres, waktos Gusti nyandak Deasy Ratnasari teh!"
----------------------
ceritalucu.org

Rabu, 19 September 2012

Nu Nyangheuy Luhureun Tonggong


Ku: Rosad R.

Bada magrib sapedah dames merek Philip dikaluarkeun ti dapur. Reueus boda sapedah made in England, ditatap diusap, diberesihan, sora piriwilna lemes.

"Rek ka mana Pa?" kuring rada ngarenjag barang pamajikan nanya teh.
"Ohhh... eta... rek ka ondangan."
"Ka ondangan ka mana?" pamajikan nanya deui.
"Ka dinya ka gedong pertemuan Chung Hua Chung Hui di Pasar Jumat, aya pintonan kasenian, ngawakilan Kapala Sakola. Bubuhan tatangga meureun, jadi weh diondang."
"Ati-ati atuh Pa, liar peuting." ceuk pamajikan teh.
"Enya...," ceuk kuring bari, ngaleos mancal sapedah muru ka jalan Ciung.

Harita teh tanggal 30 September 1965, mimiti acara tabuh 07.00 peuting. Barang sup ka tempat upacara, hareupeun SD Chung Hua di lapangan basket. Geus loba jalma daratang, dariuk dina korsi. Lampu caraang, ngan sakuriling lapang teh make pager kawat, jadi jalma nu teu meunang ondangan mah teu bisa asup, cukup lalajo luareun pager.

Diuk teh jajaran kadua, ngarumasakeun kuring mah lain pajabat rek diuk jajaran kahiji teh, bisi salah teu meunang (biasa keur para inohong), pan lamun diusir teu ngeunah kana burihna.

Beres biantara, panitia nuluykeun kana acara hiburan kasenian rupa-rupa. Eta wae dina bewara teh rek aya orkes, tari, deklamasi, jeung pintonan drama. Memang kuring teh kaasup nu resep kana pintonan drama, itung-itung sakola nempo ketakna batur. Sabab kabeneran kuring oge boga grup seni drama anu ngagabung dina organisasi LESBUMI (Lembaga Seniman Budayawan Muslimin Indonesia) nu dipayungan ku NU (Nahdatul Ulama), nu harita can jadi partey politik.

Runtuyan acara pintonan kasenian, meunang pangbagea ti panongton ku ramena nu keprok upama acara kasenian manggung. Ngan palebah pintonan drama anu pamungkas, samemeh breng teh, aya bewara heula ti panitia yen lumangsungna pintonan drama ieu dirojong jeung dikokojoan ku pakumpulan LEKRA (Lembaga Kebudayaan Rakyat). Kuring ngarenjag ngadenge kecap Lekra. Hah... Lekra... teg wae dina pikiran teh, boa... boa... yeuh... barang prung oge pintonan drama. Enya wae dina dialogna teh loba nyabit-nyabit ngagorengkeun agama Islam, jeung ngagorengkeun pamarentah.

Nu lalajo mah meureun loba nu teu ngarti, kana maksud caritaanana teh, pokona mah rame, dipasieup ku bodor beuki rame, jalma beuki ngangseg arasup ka jero lapang basket.

Ceuk pikir teh, ah mending balik ayeuna bisi aya naon-naon, asa teu pararuguh kieu rarasaan teh. Bari nuyun sapedah kuring kaluar tina pagaliwota jalma nu lalajo.

Bener we, barang kuring ka luar heuleut memenitan. Harita teh tabuh 12.00 peuting kurang 5 menit, aya sora tembakan. Lampu pareum. Hadena we sapedah teh aya berkoan, jadi bisa nempo jalan, buru-buru dikebut bisi aya kajadian.

Sora jelema ngaguruh pabaliut, loba nu tingberebet lalumpat, mapay jalan nu poek mongkleng eukeur mah langit ceudeum, pinuh ku pepedut wungkul pihujaneun sabroeun pisan.

Nepi ka imah tabuh 12.10 peuting. Ngetrokan panto, sigana pamajikan mah geus sare. Ngan kacaangan ku lilin di tengah imah, beres ngasupkeun sapedah jeung ngoncian panto, tuluy ngagoloyoh ka kamar, tunduh pisan katambah listrik can hurung keneh wae.

Bada subuh pamajikan mah kaprak-keprek di dapur, kuring mah beberes enggon, sasapu. Pangangguran nyetel radio merek philip buatan taun 1947, lumayan sorana ngoncrang keneh, radio listrik meunang meuli Rp.3.000,- ti urang Palered. Beres lagu-lagu perjuangan, dituluykeun kana warta berita ti RRI Pusat Jakarta.

Dina eta bewara, yen tadi peuting di Jakarta, tabuh 12.00 peuting geus aya kudeta, nu maksudna rek ngarebut pamarentahan nu sah nu didalangan ku PKI.

RRI dikawasa ku PKI. Presiden Soekarno diamankeun ka Istana Bogor, ieu teh ku kaparigelan benteng nagara RPKAD pingpinan Kolonel Sarwo Edi Wibowo. Tapi usaha PKI gagal, sabab sistim GTM (Gerakan Tutup Mulut) gagal paburencay, nepi ka bingung saha nu kudu tanggung jawabna. Sanajan gagal, usaha PKI, tapi geus hasil nyangkalak tujuh jendral tiwas sapada harita nu kapanggih di sumur Lubang Buaya.

Kaayaan nagara genting. Pamarentah saheulaanan dipercaya ka Mayjen Soeharto salaku Pangkostrad. Kaayaan werit kitu mangaruhan kana kaayaan pulitik nagara, ekonomi, sosial, budaya bangsa nu geus dikokojoan ku PKI pingpinan Aidit. Nerekeb ka unggal lembaga pamarentahan ti pusat nepi ka daerah ku metodena: di atas gunung di bawah jurang, di atas mendukung di bawah menyerang.

Dina kaayaan kitu, memeres nagara lain pagawean enteng. Merlukeun tanaga pikiran, mulangkeun deui kapercayaan rayat ka pamarentah. Dimana rayatna geus dikiruhan ku pulitik nyangkalak ti tukang nepi ka rayat teh, antukna silih curiga.

Paingan ceuk pikir teh, sarua geuning di Purwakarta oge, tabuh 12.00 peuting pareum listrik jeung aya tembakan. Sigana mah geus aya komando ti pusatna.

Tabuh 07.00 isuk-isuk kuring ka pasar Rebo, make sapedah. Maksud rek meuli kupat tahu. Pagaliwota jalma, balawiri nu kaluar asup pasar biasa saperti poe-poe sejen, jadi kuring ka pasar oge biasa wae, teu aya curiga naon-naon.

Sapedah di parkirkeun hareupeun Mang Oyib nu dagang sirop hareupeun pasar. Jetrek sapedah dikonci, biasa wae tarapti. Barang ngalengkah aya sora tembakan. Berebet... berebet... dor... dor. Kuring bingung. Jalma pabaliut nyalametkeun diri sewang-sewangan. Katambah kawat listrik paregat katembak ku peluru bren. Listrik pareum. Sugan teh enggeusan tembakan teh, kalahka mahabu.

Sulusup kuring nyumput dina tumpukan karung pacampur jeung carangka wadah cau. Ahhh... pokona mah salamet ceuk pikir bari peureum. Sora tembakan disada deui. Asa keur jaman revolusi perang jeung Walanda.

Keur anteng kitu, karasa aya nu ngagabrug nindihan awak kuring. Bari marurung siga nu reuwas. Teu ditempo saha-sahana. Ngan nu puguh mah kuring ditindihan ku awewe.

Dina kaayaan kitu, aya wae perasaan, ahhh... untung yeuh dirontok ku awewe, haneut eungap oge, teu dirasa. Kuring make kameja bodas. Lain parasaan haneut wungkul, tapi aya nu haneut baseuh kana bujur. Katambah aya nu ngeclak beureum maseuhan kameja bodas. Ceuk taksiran mah, wah boa-boa katembak yeuh. Pangangguran dicabak tuluy diambeuan. Tapi teu bau getih.

Barang kuring ngagurinjal, guprak gigireun aya nu ngagebut. Tulung cenah. Dilieuk aya nini-nini make samping kebat, baju kabaya hideung ngabulaeh nyeupah.

Wah ieu geuning nu beureum napel dina baju teh, cai seupah geuning. Jadol... bujur baseuh diambeuan hangseur. Si nini ngompol kana bujur kuring. Hanas geus atoh dikeukeupan awewe, singhoreng nini-nini tukang dagang lotek, sieuneun kabedil, ngarontok ka kuring. Ah... dasar keur apes, aya-aya wae Si nini.

Barang balik teh, boro-boro meuli kupat tahu, soak nu aya jaba baju bareureum kaompolan deuih. Didongengkeun teh ka pamajikan, akey-akeyan wae nu aya bari rambay cipanon.***

Purwakarta, 26 Pebruari 2009

Kamis, 07 Juni 2012

Nyukur Nikmat


Ku Dadang Sucipta


Indit ka kota Sukabumi teh pedah geus buleud tekad. Visi mah rek neangan duit jang ka tanah suci, misina ngembangkeun kompetensi di bidang cukur mencukur. (Muhun, kuring teh tukang cukur).

Papatah Umi basa kuring pamitan: "Bral geura miang ulah loba kasieun, hirup mah teu cukup ku dipikiran tapi kudu dilakonan, asal bener, jujur jeung bageur."

Ceuk guru ngaji deuih majarkeun teh, "Kembangkeun tilu hal, hiji komunikasi, kudu hade tata, hade basa jeung hade rasa, kadua kudu keyeng usaha ulah kumeok memeh dipacok, katiluna kudu daek diajar jeung ngarobah dirina kana bener.

Atuh ceuk Cep Dadang (idola kuring) bandar rumput laut ti Ujung Genteng, cenah sakola na oge geus es-dua, mapatahan teh kieu, "Cirina jelema sukses teh aya tilu, hiji jelema sukses kudu jadi pemenang dina kompetisi ngelehkeun iri, dengki, kaniaya, ngabohong, ngawadul, gedebul, nipu, gibah, fitnah jeung sajabana nu dilarang ku agama. Kadua, jelema sukses teh jelema nu bisa seving atawa nabung tina panghasilan, mun bisa mah pajarkeun teh dalapan puluh persen tabungkeun, nu dua puluh persen pek pake hirup sapopoe. Jadi kade mun engke boga panghasilan ulah dibeakeun kabeh, tapi kudu disimpen sawareh. Katilu jelema sukses teh kudu karasa mangfaatna ka dulur jeung tatangga."

Sakabeh papatah, ti kolot, ti guru, jeung ti Cep Dadang kabeh diturut. Sanajan kuring ngan saukur tukang cukur, sakola ge ngan tamat SD, tapi ceuk Cep Dadang memori otak kuring teh cenah lega pisan, leuwih ti opat puluh giga. Jadi mun di instal soft ware 20 giga wae mah moal ngahengkeung eror majarkeun teh, teuing kuring ge teu ngarti omongan Cep Dadang masalah memori, giga, heng jeung eror mah.

Teu karasa di Sukabumi teh geus tilu puluh taun, simpenan di bank ge teu karasa geus aya saratus juta, sukses tea meureun kuring teh, nuhun Ya Alloh, nuhun Umi, nuhun guru, nuhun Cep Dadang kuring ngagerentes dina hate. Dua puluh juta disumbangkeun ka guru ngaji jang ngalegaan musola ngarah barudak nu ngaraji tumaninah, dua puluh juta dibikeun ka Umi pedah aya nu rek ngajual sawah, nyah pedah sagampar jeung sawah Umi. Lima juta dibikeun RW, karunya rek nyieun MCK jang warga.

Ah teu bebeja kasasaha indit we sorangan ngadon daftar haji, alhamdulillah meunang tempat. Manasik ge teu milu da teu asup KBIH (haji mandiri ari cek batur mah). Barina ge da duit teh mahi, cukup diajar ku ustad di masjid agung tatanya tetelepek kumaha ari naek haji, bari ustadna mah teu nyahoeun kuring rek naek haji. Barina ge moal percayaeun anggota DPR-TCKL bisa mayar haji sorangan (hehehe dibawah pohon rindang en tukang cuku keliling DPR-TCKL teh)

Basa berangkat ka asrama haji teh euweuh nu nyahoeun saurang-urang acan. Bebeja ka tatangga mah rek nyaba neangan gawe jadi tukang cukur di Jakarta. Matak nu dibawa ge ngan rangsel eusi parabot nyukur jeung pakean ihrom sasetel. Tapi dasar kudu kanyahoan, di asrama haji papanggih jeung DKM masjid agung nu sok dicukuran ku kuring tiap bulan, jadi weh jamaah masjid agung daratang ka asrama haji. Ari sugan teh rek naraon ngabring neangan kuring, ari pek teh panasaran cenah rek ngabuktikeun naha enya Mang Dudun tukang cukur ka tanah suci?

Alhamdulillah misi berhasil jeung saeutik deui visi tilu puluh taun ka tukang bakal tereh ngawujud. Moal dicaritakeun kumaha naek kapal udara nu gedena leuwih ti beus jeung urusan ngantri mah, era, maklum urang kampung bau lisung.

Kacaritakeun geus beres weh jumroh. Babaturan saregu aya nu hayangeun dipangguntingkeun buuk "tahalul" majarkeun teh. nya dicukuran we ku kuring teh, potongan dundul sasenti, tegep jadi tambah kasep, kaciri hajina ari gundul mah.

Dasar milik. Beja pabeja-beja. Brul teh mani ngantri nu hayang dicukur ku kuring. Teu wudu ripuh, da unggal poe ngan nyukur jeung nyukur. Malah lain jamaah ti Indonesia wae, jamaah nagri batur oge ngaradon ngantri dicukur ka kuring. Mayarna saridona kana kardus urut. Allhamdulillah real meunang sakardus.

Teu karasa nyukuran geus opat welas poe, istirahat teh ukur solat atawa waktuna dahar. Ku kapala regu ge tara diajak ka mamana, ditinggalkeun. Majarkeun teh sarua ibadah ari nyukuran di Mekah mah. Lumayan real teh aya opat welas kardus, macem-macem nu sarealan, nu lima realan, malah aya nu puluhan real ge. Dientep dibereskeun meunang sarangsel... nikmat.
***

Sabtu, 17 Desember 2011

Tom Cruise


Ku: Roro Siti Rohimah

Kira-kira taun 90-an...
Awakna kaitung pendek mun dibandingkeun jeung babaturanana, da jangkungna ge pas-pasan keur tukang nyupiran kapal udara mah. Lamun ningali Letnan nTom teh kuring mani sok hokcay. Turun tina F14 Tomcat (harita mah can usum Sukhoi), leumpangna tegep, ngelek helm, make overall oranyeu (omat, ieu mah lain seragam tukang parkir nya...) irung bangir, rambut cepak, biwir ambucuy, aya kempot na pipina. Baris opatan jeung babaturanana, gagah kacida.
Hiji poe, kuring beres nga-instruktur-an kelas Jang nTom, manehna ngadeukeutan ka kuring. Nyebut Ujang soteh pedah we manehna murid kuring. Tadina mah tengsin boga kabogoh ka murid, pedah umur kuring ngan beda saeutik jeung manehna, jadi jiga sawawa. Mun kabeneran keur di kelas, Jang nTom jiga nu bener-bener merhatikeun ka materi nu dibikeun ku kuring. Panonna sok neuteup anteb, tapi lila-lila aya imut nu ngandung harti...euh...matak ratug jajantung. Tapi kumaha deui? Da kuring ge bogoh ....
"Neng Odah, ka Pangandaran yuuuu... enjing Akang (keukeuh nga-Akang-keun) teu aya jadwal latihan ngapung"
"Okey, Let. Inget, ieu di kelas keneh...!" ceuk kuring jaim, bari panon culang-cileung da bisi katohyan ku batur.
Jang nTom nyampeur kuring ka Mess, make motorna, Ducateuing. Disidik-sidik beuki kasep bae Jang nTom teh, komo ayeuna mah teu leupas tina kaca panon hideung, teuing sieun serab... teuing sieun kapireupeunan... atawa keur belekan kitu? Katambah make jaket kulit hideung (sigana mah buatan Garut, da dina radius sameter masih keneh kaangseu bau domba keneh...)

Watching every motion
In my foolish lover's game
On this endless ocean
Finally lovers know no shame
Turning and returning
To some secret place inside
Watching in slow motion
As you turn around and say

Take my breath away
Take my breath away....
*****
Bari ngadengekeun lagu Take my breath away tina walkman, kuring jeung Jang nTom nyemprung ka arah Pangandaran. Seaaakkk...abong make Ducateuing, di unggal pengkolan motor dengdek ka kenca jeung ka katuhu. Tuur kuring & Jang nTom ampir ngagaris-ngagaris bae kana aspal, kumaha we pembalap MotoGP. Kuring tinangkod-nangkod we nyekelan beuteungna, bakat ku sieun labuh. Tiris ongkoh. Eh, kasempetan ketang... iraha deui?

Wanci pabuburit, anjog ka Pangandaran. Milihan tempat sisi basisir nu rada ngeunaheun jeung teu pati loba jelema nu lalar liwat. Asik diuk paduduan di sisi basisir bari ngadengekeun lagu Doel Sumbang...

Harita basa usum halodo panjang
Calik paduduaan
Dina samak salambar
Hmmm.. saksina bulan anu sapotong
Hmmm.. saksina bentang anu baranang

Aya kasono aya katresna
Aya kadeudeuh aya kanyaah
Ngabagi rasa bungah jeung bagja duaan
Aya kasono aya katresna
Aya kadeudeuh aya kanyaah
Ngabagi rasa bungah jeung bagja duaan
Sisi laut Pangandaran...
*****
Teuing kabawakeun ku eta lagu atawa ku kaayaan alam nu sakitu endahna...
Jelegurna lambak nu neunggar kana cadas...
Daun kalapa katebak angin jiga nu ngagupayan...
Angin sagara nu tiis ngahiliwir...
Jang nTom mimiti nguniang...
Nu tadina diuk pagigir-gigir, jadi malik nyanghareup ka kuring...
Neuteup anteb... nyekelan leungeun... diusap...
Beuki lila beuki ngalegaan wewengkon nu di usapna...
Beuki tarik...
Kuring ngan bisa nyebut... ngaran manehna...
Beuki tarik... tapi semu digugunyeng!
"Odah!!! Ieuh, hudang geus beurang! Ngan nTam-nTom we! Tuh, geus ngaliwat Si nTom tukang sayur mah!" Ema, ngagareuwahkeun kuring nu keur nikmat ngimpi dina pilem TOP GUN.****

Selasa, 13 Desember 2011

Teu Sangka


Ku Fendy Sy. Citrawarga

"Anduk, anduk, araranduuuk......!" Kadenge aya nu dagang gogorowokan mani cowong. Inget pamajikan butuheun anduk da ningan awewe mah sok gojeh masing alus keneh oge sok hayang geura ganti, kuring kaluar ti imah ngageroan tukang anduk. Belaan jejengkean najan sendal kulit empuk weuteuh keneh ngabagug parkir dina taneuh. Lebar rek make teh bisi ruksak heug bayareun keneh. Sina ngabagug di buruan soteh seja mapanas nu ngalaliwat ngarah disangki jalmi gaduh.
"Anduk-anduk!" cekeng. Nu dagang haget nyampeurkeun.
"Sabarahaan anduk Mang?"
"Mirah Pa, mung tilu puluh lima!"
"Tilupuluh lima naon?"
"Muhun tilupuluh lima rebu rupia. Teu werat bade ngical tilupuluh lima juta teh, hawatos heug nagara nuju krisis!" ceuk nu dagang. Ngabojeg ti dituna mah.

Torojol nu boga hadas kaluar ti kamar.

"Tah nu dagang anduk!" cekeng ka pamajikan. Blus sorangan mah asup ka jero imah neruskeun hanca pagawean. Nu adu rega hoghag di teras.
"Sabarahaan Mang?" tanya indung budak mitembeyan adu rega.
"Mirah Bu Haji mung opat puluh rebu," ceuk nu dagang. Beu, si kehed.

Cikeneh teh nongtoreng nawarkeun 35 rebu, ayeuna geus jadi opat puluh rebu.

Anehna, indung budak mah bangun tiis. Ninggang ka sorangan mah kudu geus ngabuleudkeun peureup.

Kedewek indung budak ngarontok anduk nu kelirna warna-warni. Aya nu hejo, beureum, gading, koneng, kumaonam bandera partey.

"Sarae Bu Haji, sarae," ceuk nu dagang ngabuih. Geus pok deui nyebut Bu Haji.
"Jieunan mana Mang?" tanya teh mairan bari jongjon baranggawe.
"Gondewah Pa!"
"Sapuluh rebu we nya?" ceuk indung budak. Hag siah, lebok tah!

Nawarkeun opat puluh rebu, ditawar sapuluh rebu. Paingan indung si kucrit katenjo tiis da meureun geus boga rudal pameupeuhna.

"Hatur nuhun Bu," ceuk nu dagang, ukur nyebut bu teu make haji. Teuing ku naon. Direret ku juru panon katenjo jamedud. Indung budak jongjon pipilih deui. Dialak-ilik, dibeber-beber, malah aya nu dikebut-kebut sagala.
"Nya Mang sapuluh rebu, da kasep!" pokna bari luway-liwey gumeulis.

Puguh we jero dada ngaheab.

"Ari Bu Haji, piraku Emang teu gaduh bati?" Kasebelanana teh kareret imut. Hulu angen karasa aya nu nonjok. Temahna nyiak kana embun-embunan.
"Lah si Emang mah!" pamajikan humandeuar.
"Tos we tilu puluh lima rebu bubuhan ka Bu Haji we ieu mah.

Ngaraketkeun duduluran. Ka ibu-ibu sanes mah teu dipasihkeun, sing sumpah!"

Geus pok deui nyebut Bu Haji. Kuring nyaan hayang seuri ngadenge tukang anduk nyebutkeun teu dibikeun ka ibu-ibu nu sanes. Nya teu dibikeun da teu dibeuli.

Saha nu daek meuli anduk ditekuk.

"Sakitu wae!" ceuk pamajikan bari ngecagkeun anduk tangka satambruan.
"Sakitu sakumaha?"
"Enya sapuluh rebu!"
"Ituh geura. Mana kanggo Emangna sakitu mah teu jinis-jinisna acan.

Mangkaning Emang teh teu acan neda, teu acan nyesep, nyirop, teu acan deuih kanggo ngarosikoan anak mitoha. Mangkaning upami rosiko dapur murugul teh baeudna miyuni baud, pageuh. Sing hawatos we....Bu Haji" pokna lumengis. Ti dituna mah meureun menta dipiwelas.

"Enya sakitu!"
"Eta Bu Haji, enya sakitu, enya sakitu deui wae. Sakitu teh sakumaha?

Saratus rebu? Candak lah bubuhan ka Bu Haji we."

"Enya saratus rebu sapuluh sikieun!"
"Bade sabaraha hiji nganggona?"
"Hiji we, loba-loba teuing!"
"Manawi teh bade ngaborong wantun sakitu teh. Kieu we atuh nya bilih kabujeng hujan. Tilu puluh we. Mangga bade nu mana? Nu hejo, nu beureum, nu koneng? Ketang da Bu Haji mah demplon, nganggo kelir naon wae ge teu burung payus!" Jeletit hate kaciwit deui.
"Gampang milih kelir acak corak mah mah Mang. Kudu puguh heula haregana. Sakitu mah sok!"ceuk indung budak deui bari ngolesed ninggalkeun nu dagang anduk.
"Tos we dua lima!" ceuk nu dagang bari ngajewang leungeun indung budak. Meh we keuna. Kuring ge replek rek nyokot asbak tadina mah. Nyaan mun wani-wani nyabak, rek dipalempeng asbak.
"Sakitu!"
"Saur Emang ge jinisna teh dua puluh. Buruh ngider lima rebu. Meujeuh we tinimbang angkat ka Pasar Baru mah. Teu acan ongkos, jajan, dan ituh inih!" Angger ngolo.
"Enya sakitu!" ceuk pamajikan, geblus ka kamar.
"Tos we lah panungtungan ayeuna mah. Dua puluh rebu!"
"Sakitu!" tembal pamajikan pageuh. Si tukang anduk ngahuleng. Antukna nu tadi kuring ngarasa timburuan teh jadi watir. Sup ka kamar.
"Nu kelir kumaha anduk teh? Beuli we dua puluh rebu ge karunya," cekeng teh.
"Enya sakitu!" ceuk pamajikan, teu beunang diongget-ongget.

Kuring kaluar ti kamar. Tukang anduk ngajanteng keneh.

"Candak!" cenah, teugeug. Torojol pamajikan kaluar. Laju milih anduk.

Nyokot hiji kelir beureum. Creng dibayar. Ih geuning mere duit dua lambar. Nu hiji sapuluh rebu nu hiji deui lima rebu.

"Ning ieu mah lima welas rebu Bu Haji? Pan tadi mah Bu Haji nawis sakitu, muhun sapuluh rebu. Teu kenging ngabohong ah bilih doraka," ceuk tukang anduk bari mulangkeun deui duit lima rebu perak. Gejlig indit. Mani rurusuhan, teu nuhun-nuhun acan.
"Teu sangka nya manehna, dina jaman orowodol kieu, aya keneh nu soleh!" pok teh. Pamajikan tiba ngaheueuhan. Geblus manehna asup ka kamar.

Kuniang kuring hudang, maksud mah rek nyait kolor tina popoean. Barang rek make sendal, enya nu diparkir di buruan, geus lebeng.

"Manehna, manehna, ka mana sendal?"
"Sendal nu mana?" Indung budak norojol bari nyolendang anduk.
"Sendal kami pan tadi teh di dieu."
"Sendal nu kenging ngiridit?"
"Enya, tadi teh basa nyalukan tukang anduk aya keneh!"
"Nya duka atuh. Boa ku tukang...aaan.."
"Geus moal salah. Si kehed...," piceurikeun nyelek na tikoro.

Pudingding napsu. Sebrut nyusul tepus. Teu manggihan tapak-tapakna.

***