Tampilkan postingan dengan label Dongéng. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Dongéng. Tampilkan semua postingan

Selasa, 29 Januari 2013

Budak Pahatulalis

Jaman baheula aya dua budak—adi lanceuk—geus teu indung teu bapa, teu sanak teu kadang. Éstu éta barudak téh pahatu lalis. Lanceukna lalaki kira-kira umur tujuh taun, adina awéwé kira-kira umur lima taun.
Titinggal kolotna ngan imah réyod wungkul.
Pagawéan éta barudak sapopoéna ngarala suluh ka leuweung, mulungan pangpung atawa lanceukna naék kana tatangkalan, mites-miteskeun rangrang nu gararing. Éta suluh téh dijual ka tatangga-tatanggana atawa ka pasar. Ladangna keur waragad hirup maranéhna.
Hiji mangsa ngarala suluhna di tegalan eurih. Di dinya réa tatangkalan. Eurihna sadedeg-sadedeg. Ku maranéhna katénjo aya tangkal loa nu buahna raruhruy pikabitaeun. Nu lalaki naék kana tangkal loa, ngalaan buahna nu arasak, diasup-asupkeun kana koja bawana. Adina ngadagoan di handap, nyanghunjar lambar dina tumpukan eurih hirup.
Teu lila budak awéwé téh ngawih kieu:

Kang tulungan, Kang tulungan,
aya nu gagarayaman,
kana suku jeung ngégélan!
Ceuk lanceukna ti luhur bari jongjon ngalaan buah loa:

Usap baé Nyai, meureun sierum!

Teu lila budak awéwé téh ngawih deui:

Kang tulungan, Kang tulungan,
aya nu gagarayaman,
kana suku jeung ngégélan!
Cék lanceukna ti luhur tangkal loa, naékna beuki luhur:

Usap baé Nyai, meureun sireum!

Teu lila kadéngé deui budak awéwé téh ngawih deui:

Kang tulungan, Kang tulungan
aya nu gagarayaman,
kana suku jeung ngégélan!
Cek lanceukna ti luhur tangkal loa:

“Usap baé Nyai, meureun sireum!”
Budak awéwé ngawih deui, tapi soranan beuki laun, malah les pisan:

Kang tulungan, Kang tulungan,
aya nu gagarayaman, kana…
Lanceukna turun, pohara kagéteunana, lantaran adina euweuh dina tempatna. Eurih urut diuk adina busik. Nu barusik téh ngabulungbung manjang, ku lanceukna tuluy dipapay. Dina tungtungna nu busik téa, katingal ku manéhna, oray sanca sagedé gulungan kasur…nangkarak beungkang paéh, beuteungna bungkiang. Sigana paéh kamerekaan. Keur kitu kadéngé ku éta budak lalaki, sora manuk di luhur kiara, “Cukrih, cukrih, turih ku pucuk eurih. Cukrih, cukrih, turih ku pucuk eurih!”
Ti dinya lanceukna téh niruk pucuk eurih nu garing, nu seukeut, tuluy beuteung oray téh diturih. …Ana boréngkal téh adina, hirup teu sakara-kara. Regeyeng nu lalaki manggul beungkeutan pangpung, ngiringkeun adina, baralik bari ngadalaharan buah loa anu arasak.
Dua taun ti harita.
Dina musim katiga, cai walungan tiba ngérélék. Hiji mangsa ménak-ménak ti dayeuh ngersakeun munday di Leuwi Sipatahunan.
Dina waktuna, barudak pahatu ogé milu tarurun ka leuwi. Mimitina mah nu lalaki nyairan beunteur jeung hurang nu marabok, adina nu ngundangan. Lila-lia budak lalaki téh kabitaeun ku palika nu teuleum mareunang lauk galedé. Manéhna milu teuleum. Enya baé, manéhna ogé meunang nilem. Sumangetna beuki gedé, tuluy teuleum ka nu jero. Tapi aya jamna manéhna teu mumbul-mumbul. Adina jejeritan ménta tulung. Teu lila hiji palika mumbul bari nangkeup Si Ujang pahatu geus…maot. Adina ceurik auk-aukan, akang-akangan.
Ku palika duaan, mayit téh dianteurkeun ka imahna, digolérkeun dina babaléan, diruruban ku samak butut. Cék salah saurang nu nganteurkeun, “Dikuburna mah isukan. Ayeuna mah kapalang, kami keur munday,” tuluy maranéhna ka leuwi deui.
Budak awéwé ingeteun kana omongan indungan basa rék maot. Kieu, “Ieu jimat ti karuhun, simpen sugan aya maunatna.” Nu disebut jimat téh mangrupa hihid. Ku budak awéwé harita dicokot, tuluy dipaké ngageberan mayit lanceukna bari ngawih, kieu:

Geber-geber hihid aing,
hihid aing kabuyutan,
warisan ti nini aki,
pangusir bibit kasakit,
panawa anu cilaka.

Anéh mayit téh ngerenyed.

Ngawih kadua kali:

Geber-geber hihid aing,
hihid aing kabuyutan,
warisan ti nini aki,
pangusir bibit kasakit
panawa anu cilaka.

Mayit téh beunta, panonna gular-giler.

Ngawih katilu kali:

Geber-geber hihid aing,
hihid aing kabuyutan,
warisan ti nini aki,
pangusir bibit kasakit,
panawa anu cilaka.
Jarangkang lanceukna hudang, waluya teu sakara-kara.
Kacaritakeun raja di éta nagara kagungan putra hiji-hijina pameget, nunggal. Éta putra ku ibu ramana pohara didama-damana. Keur kasép jeung calakan téh, handap asor jeung hadé basa deuih.
Hiji mangsa éta kakasih ibu ramana téh teu damang wales. Dukun lepus dikelun, paraji sakti dikerid; tapi saurang ogé boh jampéna boh ubarna taya nu mental. Nu teu damang dengdeng baé, malah wuwuh répot. Cindekna, dukun lepus ilang lepusna; paraji sakti leungit saktina. Nu nyoba ngalandongan munggah ka ngantay. Tapi teu aya nu hasil.
Kangjeng Raja jeung praméswari siang wengi teu tebih ti pajuaran nu teu damang. Pamaréntahan mah kumaha Patih baé.
Di imah barudak pahatu. Nu lalaki ka adina nyaritakeun putra Raja nu teu damang wales, teu aya nu bisa ngalandongan, “Kumaha upami Nyai nyobaan ngageberan ku hihid jimat?”
“Asal diidinan asup ka karaton,” témbalna.
Lanceukna ngadeuheus ka Juragan Patih, neda widi yén adina badé nyobi ngalandongan nu teu damang.
“Saha baé boh kolot boh ngora, boh lalaki boh awéwé, meunang nyobaan. Ngantay baé!”
Isukna dianteur ku lanceukna, Si Nyai milu ngantay ngalandongan. Gancangna bagéan Si Nyai asup. Kusiwel tina jero bajuna, Si Nyai ngaluarkeun hihid jimatna, tuluy ngageberan nu teu damang bari ngawih:

Geber-geber hihid aing,
hihid aing kabuyutan,
warisan ti nini aki,
pangusir bibit kasakit,
panawa anu cilaka.

Nu teu damang, anu tadina peureum baé téh bray beunta.

Ngawih kadua kali:

Geber-geber hihid aing,
hihid aing kabuyutan,
warisanti nini aki,
pangusir bibit kasakit,
panawa anu cilaka.

Nu teu damang socana gular-giler, rurat-rérét ka ibu ramana, nyéh imut.

Ngawih katilu kalina:

Geber-geber hihid aing,
hihid aing kabuyutan,
warisan ti nini aki,
pangusir bibit kasakit,
panawa anu cilaka.
Jarangkang nu teu damang téh gugah. Sang Raja ngarangkul putrana. Ari praméswari ngarangkul Si Nyai, digaléntor diciuman. Boh Sang Raja boh Praméswari rarambay socana. Cisoca kabingah.
Ti harita Si Nyai teu meunang balik deui, kudu tetep di karaton, diasih pisan ku Praméswari jeung ku Sang Raja. Beuki lila beuki geulis, beuki apal tata-titi kaménakan.
Barang Pangéran jeung Si Nyai pada sawawa, tuluy ku Sang Raja ditikahkeun. Péstana ramé pisan. Lanceuk Si Nyai diangkat jadi mantri.***


(Tina Utara Utari, karya Ki Umbara)

Senin, 21 Januari 2013

Ki Dipa Dibegal


Jaman baheula aya saudagar beunghar, boga bujang ngaranna Ki Dipa. Ki Dipa téh jelema teuneung taya kasieun. Hiji mangsa isuk-isuk Ki Sudagar nyarita ka Ki Dipa, pokna, “Manéh ogé nyaho imah Ki Armasik di dayeuh, nu biasa ngayuh barang ka urang téa, lin?”
“Terang,” jawab Ki Dipa.
“Poé ieu manéhna geus jangji, rék naur hutangna saratus ringgit. Tapi ku sabab déwék gering kénéh, wayahna manéh baé ka ditu, mawa surat ti déwék.”
“Mangga, ari Juragan percanten mah ka kuring.”
“Balik ti ditu engké ulah burit teuing, bisi poékeun di jalan. Ati-ati mawa duit, bisi kumaonam. Tah, ieu suratna.
“Nyuhunkeun pidu’ana baé. Mugi-mugi ulah aya halangan-harungan di jalan,” témbal Ki Dipa bari nampanan surat.
“Heueuh, jung sing salamet!”
Sanggeus saged, bari teu poho nyoréndang koja eusi timbel, jeung nyorén bedog, clak Ki Dipa tumpak kuda. Kuda digedig…berengbeng lumpat.
Kira-kira jam satu Ki Dipa geus nepi ka nu dijugjug. Ngan hanjakal Ki Armasik teu nyampak.
Cék pamajikan Ki Armasik ka Ki Dipa, “Tadi basa rék indit, aya talatah ka kami. Cenah mun aya Ki Sudagar atawa titahanana, dagoan baé da moal lila. Kumaha rék didagoan?”
”Rupina badé baé,” walon Ki Dipa.
“Heug atuh, itung-itung reureuh ongkoh. Tacan dahar meureun nya?””
“Parantos tadi di jalan, murak timbel.”
“Bisi tacan mah, jung ménta baé ka Si Inem!”
“Leres parantos. Upami diwidian mah, badé ngiring maraban kuda di istal.”
“Jung baé, da loba jukut mah. Enya karunya, capéeun!”
Jam tilu Ki Armasik karék datang.
Jam satengah opat Ki Dipa balik, bari mawa rajut duit eusi saratus ringgit.
Clak Ki Dipa tumpak kuda, berengbeng kuda lumpat bari teu eureun-eureun digedigan, da sieun poékeun di jalan.
Beuki jauh jalan téh beuki sepi, malah tungtungna mah teu ningal deui aya jelema ngulampreng di jalan. Bus jalan téh abus ka leuweung. Di jalan rendang monyét tarurun tina luhur kai panonobanana, tayohna megat nu ngaraliwat nu sok ngalawur sangray suuk atawa kulubna. Tapi narénjo kuda nu lumpat mengpengan mah, monyét-monyét téh nyingray nyarisi.
Ti kajauhan Ki Dipa nénjo aya awi malang di jajalaneun, kawas nu ngahaja ngahalangan nu lalar liwat. Kudana dipengkek sina ngendoran lumpatna, malah geus deukeut mah sina eureun. Jut Ki Dipa turun tina kudana, rék nyingkahkeun awi nu ngahalangan téa.
Sabot kitu jlang-jleng jelema dicarérong, laluncatan ti kénca saurang ti katuhu saurang. Nu saurang nyekel kadali kuda Ki Dipa, nu saurang deui nodong ku bedil, bari pok ngomong songong, “Angkat tangan! Mending paéh, mending hirup? Mun hayang hirup, ka dieukeun éta duit kabéh!” Tayohna nyahoeun Ki Dipa mawa duit loba.
Sajongjongan mah Ki Dipa teu bisa ngomong, ngan leungeunna baé duanana diangkat ka luhur, ranggah.
Sanggeus kumpul pangacianana, kakara manéhna nyarita leuleuy, “Hadé, ieu duit anu lobana saratus ringgit, ku kaula rék dipasrahkeun kabéh ka andika duaan, asal kaula dihirupan. Tapi…
“Tapi naon, hah?”ceuk bégal nu nodong téh.
“Tapi kieu,” ceuk Ki Dipa. “Lantaran ieu duit anu dunungan, supaya dunungan percayaeun yén kaula geus aya nu ngabégal, nya kudu aya tanda-tandana.”
“Gampang, pikeun tandana mah, suku manéh baé ku aing rék dibedil!”
“Atuh nyeri meureun, sing hawatos baé ka kaula.”
”Ari geus kudu kumaha?”
”Ieu baé baju kaula sampaykeun tuh dina dahan kai, tuluy bedilan ku andika sing nepi ka karancang,” ceuk Ki Dipa, bari ngalaan bajuna.
“Mun ningal baju kaula karancang ku pélor mah, tangtu dunungan téh percayaeun.”
“Hadé, jung sampaykeun ku sorangan!”
Sanggeus disampaykeun, tuluy baju téh ku Ki Bégal dibedilan, nepi ka pélorna béak.
Barang Ki Dipa nyahoeun yén pélorna geus béak, ngan sérépét baé manéhna mesat bedog. Bari ngabar bedog, manéhna cocorowokan nangtang. “Sok, ayeuna mah ka dieu duanana, urang gelut!”
Bégal nu nyekelan kadali kuda, sot kadali…berebet lumpat mungguh tipaparétot. Nu nodong ku bedil nurutan baturna….ngacir.
Bari seuri sorangan Ki Dipa nyokot bajuna anu geus karancang téa, rap dipaké. Tuluy nyampeurkeun kudana, clak tumpak. Kuda digedig, berengbeng lumpat.

(Tina Dongéng-dongéng Nini, Karya Ki Umbara)

Kamis, 10 Januari 2013

Wawales Kanu Telenges


Di hiji leuweung, aya bagong anakan. Éta bagong téh keur huleng jentul waé bangun ngemu kabingung. Pangna kitu lantaran poé éta manéhna kudu nedunan jangji ka Sakadang Maung, nya éta masrahkeun anakna.
Hiji waktu manéhna kungsi dikerekeb ku Sakadang Maung. Harita Sakadang Bagong ceurik. “Sing karunya baé ka kuring, Sakadang Maung! Kuring téh geus kolot, dagingna ogé tangtu nya liat nya kelang. Kieu baé, engké lamun anak kuring geus lahir, ku kuring rék dibikeun ka andika. Tangtu dagingna empuk tur pelem.”
Ngadéngé caritaan Sakadang Bagong kitu, Sakadang maung téh teu tulus ngerekeb. Hiji waktu manéhna rék datang deui, nagih jangji.
Nya harita, waktu Sakadang Bagong geus anakan, manéhna kudu nyumponan jangjina. Tapi piraku aing rék téga mikeun anak ka Sakadang Maung? Kumaha akalna sangkan anak aing teu tulus dihakan? Sakadang Bagong terus uleng mikir, néangan piakaleun.
Keur kitu aya Sakadang Peucang nyampeurkeun.
“Ku naon andika bet kawas nu keur bingung kacida, Sakadang Bagong?” Sakadang Peucang nanya. Gorolang Sakadang Bagong nyaritakeun ku naon pangna manéhna baluweng poék pipikiran.
Sakadang Peucang ngahuleng sakedapan. Teu lila pok nyarita: “Euh gampang atuh ari kitu mah. Andika ulah hariwang, keun kumaha kuring baé. Urang néangan akal sangkan anak Ki Silah salamet tina panandasa Sakadang Maung. Dagoan heula di dieu, kuring rék néangan Sakadang Landak!”
Sakadang Peucang ngaléos. Teu lila ogé geus ngurunyung deui dibarengan ku Sakadang Landak. Manéhna terus ngajak indit ka hiji guha.
Tepi ka guha nu dituju, sakadang Peucang metakeun akalna. Sakadang Landak kudu asup ka jero guha, ngaringkuk di nu rada poék. Buluna anu kawas cucuk téh kudu dipuridingkeun. Sakadang Bagong kudu cicing di lawang guha, ngabagéakeun Sakadang Maung lamun engké ngurunyung. Ari manéhna kadua anak Sakadang Bagong rék nyarumput di nu buni.
Teu lila Sakadang Maung geus rentang-rentang datang. Ti kajauhan ogé geus ngagerem, nyingsieunan Sakadang Bagong. “Mana anak sampean téh, Sakadang Bagong?” cék Sakadang Maung bari jungang-jéngong.
Sakadang Bagong antaré némbalan: “Tuh, di jero guha. Tah geuning katénjo ti dieu ogé, ngaringkuk di juru. Pék ayeuna kuring masrahkeun, nedunan jangji ka andika. Didaharna ulah dilila-lila, teureuy baé sakaligus, sing ulah kadéngé ceurikna. Jig geura sampeurkeun, kuring rék indit heula, teu kaduga nénjona.”
Sakadang Maung nénjo rarat-rérét ka jero guha. Enya baé katénjoeun aya nu ngaringkuk di juru. Awahing ku atoh bari teu kuat hayang geura ngerekeb, gabrug baé nu ngaringkuk téh dirontok, disamualkeun. Puguh baé cucuk landak téh rungseb manggang sungutna. Sakadang Maung gegerungan, sungutna baloboran getih. Diutah-utah ogé landak téh teu daékeun kaluar, da cucukna naranceb pageuh pisan. Antukna Sakadang Maung téh paéh. Sakadang Landak ngurumuy kaluar tina sungutna.
Sakadang Bagong kacida bungaheunana. Anakna salamet. Manéhna nganuhunkeun pisan ka Sakadang Peucang anu geus méré pitulung ka dirina. Kitu deui ku Sakadang Landak ogé manéhna kahutangan budi.
Sakadang Peucang jeung Sakadang Landak tuluy arindit deui ninggalkeun Sakadang Bagong.

(Tina “Dongeng-dongeng Nini”, Karya Ki Umbara)

Rabu, 02 Januari 2013

Jelema Sabenerna


Aya hiji jelema teuing ku malarat. Cek babasan téa mah nyatu soré henteu isuk. Kahirupanana tina ngala kai. Ku walurat-waluratna, parabot usahana ogé ngan baliung baé sahiji. Dina hiji poé manéhna nuar kai di jero leuweung, sisi talaga nu jero pisan, caina ngajumbleng pikakeueungeun. Dasar tariking cilaka, barang baliungna diheumbatkeun kana tangkal kai téa, polonyon baé locot tina perahna, kecemplung ragrag kana talaga. Manéhna rampohpoy bawaning ku handeueul. Brek diuk bari ngahuleng semu bingung, mencrong kana lebah muragna baliung téa. Rék diteuleuman, lain teuleum-teuleumaneun, kawantu talaga sakitu jerona. Curudcud cipanonna bijil, ku tina teu kuat nahan kasedih. Sabot keur kitu, teu kanyahoan jebul baé aya aki-aki nyampeurkeun. Janggotna bodas ngeplak kawas kapas, pipina kemong, sarta kulitna beresih. Aki-aki téh pok nanya, “Ku naon manéh bet ceurik, kawas anu susah-susah teuing?” Barabat ku tukang ngala kai dicaritakeun satarabasna yén manéhna keur sedih lantaran baliungna murag kana talaga, mangkaning teu boga deui parabot séjénna. Ceuk aki-aki, “Sing sabar tawekal baé atuh, ulah aral ku sakitu. Pamali! Keun ku aki dipangneuleumankeun!”Sanggeus ngomong kitu aki-aki téh tuluy ancrub, lep teuleum. Teu lila ronghéap deui hanjat bari ngajingjing baliung pérak. Tuluy diasongkeun ka tukang ngala kai, bari ngomong, “Ieu baliung Ujang téh?” Walon tukang ngala kai, “Euleuh geuning ieu mah baliung pérak! Sanés Aki, nu kuring mah sanés ieu. Éta mah duka baliung saha. Moal enya jelema malarat gaduh baliung pérak!”
Ku aki-aki teu dijawab, anggur lep teuleum deui. Si Aki mucunghul deui baringacungkeun baliung emas. “Sanés, Aki! Éta mah sanés baliung nu kuring. Duka nu saha.” Aki-aki téh lep deui teuleum cara tadi. Ngendék sajongjongan geus pucunghul deui bari ngacungkeun baliung biasa, rompang-rompang acan.“Ieu kitu baliung Ujang mah?” “Leres éta, Aki!” Ceuk tukang ngala kai téh. Leungeunna ngadégdég bari nampanan baliung rompang, bakating ku atoh.“Nuhun Aki, nuhun parantos mangneuleumankeun talaga nepi ka baliung kuring kapimilik deui. Aki téh sasat parantos numbu umur kuring. Naon atuh pamulang tarima kuring ka aki? Da puguh kuring mah apan sakieu buktina. Muga-muga baé Gusti Alloh ngaganjar kana kasaéan Aki!” Walon aki-aki, “Aki bungah nu taya hinggana ngadéngé omongan Ujang bieu. Ari mungguh Aki mah leuwih bungah narimakeun ku basa nu utama, tinimbang dipulang ku dunya barana. Ieu baliung pérak jeung emas kop méré, ganjaran keur jelema anu sabenerna, anu suci bersih, cadu ngaku barang batur, tara ngagasab banda nu lian. Jeung éta téh pikeun tanda yén Aki bungah duméh geus bisa nulungan papada kaula.” Sajongjongan mah tukang ngala kai téh teu wanieun nampanan, olohok baé kawas nu kasima, ku tina atoh-atohna. Lila-lila baliung emas jeung pérak téh ditampanan bari ngadégdég. Segruk ceurik bari nyuuh ku gedé-gedéna kabungah.Barang manéhna cengkat rék nganuhunkeun kadua kalian, aki-aki téh geus euweuh mantén, geus leungit tanpa lebih ilang tanpa karana.

(Tina “Dongeng-dongeng Nini”, karya Ki Umbara)

Sabtu, 15 Desember 2012

Satria


Aya maung, keur ngalungsar baé handapeun kiara, geus teu bisa walakaya, tina kakolotan jeung gering ripuh deuih.
Beurang peuting gawéna nga humaregung, kahujanan kapanasan téh teu bisa ingkah. Atuh da sumawonna kaduga pindah, geus teu kuateun usik-usik acan. Ayeuna ngan empés-empés waé, sahoseun téh éstu lain bobohongan.
Tadina mah sato-sato nu séjén téh mani gigis sarieuneun, euweuh nu wani deukeut-deukeut acan ngadéngé gaur maung téh. Tapi barang geus kanyarahoan mah, yén éta maung keur sakarat, rob waé padangaronom, padanarempo, malah padanalokéran sagala.
“Euleuh kutan kitu cucungik nu sok nekuk batur aing téh! Cik pék aing udag deuleu!” Omong peucang ditompokeun kana ceuli maung, bari keletrak tarang maung ditéké.
“Hayoh siah, ari wani mah urang jogol jeung aing, montong maké pepeleyéan!” ceuk munding, bari jekuk waé digadil ku tandukna.
Rupa-rupa tingkahna sasatoan téh, pada-pada hayang mulangkeun kanyeri, hayang némbongkeun kaceuceub ka musuhna nu geus teu daya teu upaya. Ngan sakadang kuda anu ngahuleng baé téh. Teu lémék téu nyarék. Gawéna ngan gogodegbaé ti kaanggangan.
“Na Sakadang Kuda ngan dikir waé, mun jeplak waé ka dinya, sépak tah lebah iga burungna! Na teu inget baréto anak sampéan dikerekeb ku ieu mangkluk?” ceuk peucang.
Kuda maléngos bari cumalimba, “Kadongdora wani ogé ka nu geus taya dayana. Muga aing mah jeung saturunan aing ulah dipaparin tékad hayang nganiaya ka nu lian. Sumawonna ka nu taya tangan pangawasa geusan ngalawan mah!”

Tina Pangajaran Sastra Sunda, Karya Drs. Budi Rahayu Tamsyah.

Rabu, 05 Desember 2012

Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet Maling Cabé


Isuk-isuk sakadang kuya moyan di sisi leuwi. Keur kitu torojol sobatna nya éta Sakadang Monyét.
“Sakadang Kuya!” Sakadang Monyét ngageroan.
“Kuk!” Témbal Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya!”
“Kuk!”
Sakadang Monyét nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.
“Keur naon Sakadang Kuya?”
“Ah keur kieu wé, keur moyan.”
“Ti batan cicing kitu mah mending ngala cabé, yu!”
“Di mana?”
“Di kebon Patani, mangka cabéna geus bareureum.”
“Embung, ah. Sakadang monyét mah sok gandéng.”
“Moal, moal gandéng ayeuna mah.”
“Nyaan moal gandéng?”
“Moal, nyaan moal gandéng.”
“Hayu atuh ari moal gandéng mah.”
Bring atuh Sakadang Monyét jeung Sakadang Kuya téh indit ka kebon patani. Barang tepi ka kebon, katémbong cabé pelak patani geus arasak mani bareureum euceuy. Sup duanana ka kebon. Sakadang Kuya moncor kana pager, ari Sakadang Monyét ngaluncatan pager. Terus baé ngaralaan cabé, didalahar di dinya kénéh.
Sakadang Kuya mani seuhah-seuhah baé ladaeun. Kitu deui sakadang monyét. Keur kitu, ana gorowok téh Sakadang Monyét ngagorowok.
“Seuhah lata-lata!” Maksudna mah “seuhah lada-lada”.
“Ssst, Sakadang Monyét, ulah gandéng atuh!”
Sakadang Monyét henteu ngawaro.
“Seuhah lata-lata!”
“Sakadang Monyét! Bisi kadéngéeun ku Bapa Tani.”
Tapi Sakadang Monyét api-api teu ngadéngé. Gorowok deui baé.
“Seuhah lata-lata!”
Kahariwang Sakadang Kuya kabuktian. Sora Sakadang Monyét anu tarik kadéngéeun ku Bapa Tani ti imahna, anu teu jauh ti kebonna. Bapa Tani gura-giru lumpat ka kebon. Barang nepi ka kebon, katémbong aya monyét jeung kuya keur ngaweswes bari seuhah ngadaharan cabé.
“Beunang siah nu sok malingan cabé téh!” Bapa Tani ngagorowok bari lumpat muru ka nu keur ngahakanan cabé.
Ngadéngé aya nu ngagebah, gajleng baé Sakadang Monyét ngejat, térékél kana tangkal kai.
“Sakadang Monyét, dagoan!” Sakadang Kuya ngagorowok ménta tulung. Tapi Sakadang Monyét teu maliré, teu ngalieuk-ngalieuk acan, terus lumpat gagalacangan dina tangkal kai. Ari Sakadang Kuya, puguh da teu bisa lumpat, leumpang ngadédod baé. Kerewek baé ditéwak ku Bapa Tani.
“Beunang ayeuna mah nu sok malingan cabé aing téh. Ku aing dipeuncit!” Ceuk Bapa Tani.
Kuya dibawa ka imahna, tuluy dikurungan ku kurung hayam. Angkanan Pa Tani, isukan kuya rék dipeuncit.
Peutingna, sakadang Monyét rerencepan ngadeukeutan Sakadang Kuya, nu keur cendekul dina jero kurung.
“Ssst, Sakadang Kuya, keur naon?” Sakadang Monyét nanya.
“Éh, geuning Sakadang Monyét, Puguh kuring téh keur ngararasakeun kabungah.”
“Kabungah naon Sakadang Kuya?”
“Nya éta, kuring téh rék dikawinkeun ka anak Bapa Tani.”
“Dikawinkeun ka anak Bapa Tani?”
“Enya.”
”Nu bener Sakadang Kuya?”
“Piraku atuh kuring ngabohong ka sobat.”
“Ngadéngé omongan Sakadang Kuya kitu, Sakadang Monyét ngahuleng sajongjongan.
“Kieu, Sakadang Kuya, kumaha lamun urang tukeur tempat?” ceuk Sakadang Monyét.
“Tukeur tempat kumaha?”
“Enya tukeur tempat. Sakadang kuya kaluar, kajeun kuring atuh cicing di jero kurung.”
“Ah, embung.”
“Kuring mah karunya wé ka Sakadang Kuya, sapeupeuting dikurungan.”
“Atuh meureun moal jadi dikawinkeun ka anak Bapa Tani téh.”
Sakadang monyet keukeuh maksa, supaya tukeur tempat. Antukna sakadang kuya téh éléh déét.
“Heug baé tukeur tempat, tapi aya saratna,” ceuk Sakadang Kuya.
“Naon saratna?”
“Saratna mah gampang. Saméméh anjeun asup kana kurung, kuring kudu di alungkeun heula ka leuwi.”
“Enya, énténg atuh kitu mah.”
Heunteu talangké, Sakadang Monyét ngaluarkeun Sakadang Kuya tina kurung hayam, tuluy dibawa kasisi leuwi. Lung baé Sakadang Kuya téh dialungkeun ka leuwi. Sakadang Monyét buru-buru balik deui ka imah Bapa Tani. Sup baé ngurungan manéh ku kurung hayam. Ngadedempés ngadago-dago beurang, hayang geura buru-buru dikawinkeun ka anak Bapa Tani.
Kocapkeun isukna.
“Manéhna, ka mana bedog téh? Urang asah,” ceuk Bapa Tani ka pamajikanana.
“Rék naon Bapana isuk-isuk geus ngasah bedog?”
“Itu urang meuncit kuya di pipir.”
Paguneman Bapa Tani jeung pamajikanana téh kadéngéeun ku Sakadang Monyét. Manéhna ngagebeg. Lakadalah, geuning aing téh rék dipeuncit, lain rék dikawinkeun jeung anak Bapa Tani. Rék kabur, geus kagok. Kaburu aya anak Bapa Tani nyampeurkeun. Gancang baé atuh Sakadang Monyét téh papaéhan, ngabugigag kawas bangké.
Barang srog ka dinya, anak Bapa Tani gegeroan ka bapana.
“Bapa! Bapa!”
“Aya naon, Nyai?”
“Ieu geuning nu dina kurung téh lain kuya.”
“Naon Nyai?”
“Monyét, jeung siga nu geus paéh deuih!”
Bapa Tani nu keur ngasah bedog cengkat, tuluy nyampeurkeun ka anakna. Enya baé geuning dina kurung téh aya monyét ngabugigag, lain kuya nu kamari. Kurung dibukakeun, monyét dialak-ilik.
“Naha bet jadi monyét? Jeung paéh deuih.”
“Enya, éta mani geus jeger kitu,” ceuk pamajikanana mairan.
Monyét téh dicokot ku Bapa Tani, lung baé dialungkeun jauh pisan. Barang gubrag kana taneuh, koréjat monyét téh hudang, berebet lumpat, kalacat baé naék kana tangkal kai.


(Tina Pangajaran Sastra Sunda, Karya Drs. Budi Rahayu Tamsah, spk.)

Kamis, 27 September 2012

Peucang Keuna Ku Leugeut


Kacaritakeun aya hiji patani, cicingna di hiji leuweung. Ayeuna manéhna téh keur melak palawija, kayaning bonténg, térong, jeung sajabana. Pepelakanana aralus tur marulus, kawantu hadé oména. Ngan hanjakal geus sababaraha poé pepelakanana téh raruksak, pangpangna mah pelak bonténgna. Patani ogé nyahoeun yén anu ngaruksak jeung ngaranjah kebonna téh nya éta peucang, sabab kunsi kanyahoan ku manéhna.
Patani téh néangan akal sangkan kebonna henteu diranjah baé ku peucang. Terus baé atuh manéhna téh nyieun bebegig. Lebah aawakanana ditapelan ku leugeut teureup. Éta bebegig téh ditunda di tengah-tengah kebon.
Pasosoré, saperti biasa, peucang téh datang deui ka kebon patani téa. Maksudna rék ngala bonténg. Barang srog ka kebon, manéhna teu buru-buru asup, lantaran aya nu ngajanteng di tengah-tengah kebon. Peucang téh nyalingker kana pager. Nyerangkeun nu ngajanteng bari ditelek-telek.Éh, geuning teu obah-obah? Ku peucang digeroan, nu di tengah kebon angger ngajanteng. Jelema lain éta téh? Geuning maké baju? Maké dudukuy deuih. Tapi teu obah-obah?
Lalauna peucang téh kalur tina panyumputanana. Terus ngeteyep ngadeukeutan nu ngajanteng téa. Barang geus deukeut tur awas ka nu ngajanteng téa, barakatak téh peucang seuri.
Pokna, “Na sia téh nyingsieunan ka aing! Sugan téh manusa, boro aing nyumput, nanaonan manéh ngajanteng di dieu? Dicabok siah ku aing!” Ngomong kituna téh bari gaplok baé bebegig téh dicabok ku suku hareupna nu katuhu. Ari gaplok, ari pel baé sukuna napel kana bebegig téa, kawantu bebegig téh maké leugeut teureup.
“Éh siah, maké jeung néwak sagala! Hayang dicabok deui ku aing?” Gaplok deui bebegig dicabok ku suku hareupna anu kénca. Pel deui napel kana bebegig.
“Itu geura, nanaonan ari sia! Ieu kalah néwak kana suku. Hayang ditajong ku aing? Nyaan ieu téh, nyaan, hayang ditajong? Lesotkeun atuh, da tadi mah kuring téh banyol. Sot, lésotkeun! Bisi ditajong! Éh , nyaan meureun manéh mah hayang ditajong!” peucang ngawahan, gaplok deui bebegig téh ditajong sataker tanaga. Ari jebrod, ari pel baé napel kana leugeut teureup rapet pisan. Peucang gogorowokan jeung tulung-tulungan.
Teu lila torojol patani.
“Beunang ayeuna mah nu sok malingan bonténg téh,” ceuk patani. Kerewek peucang téh ditéwak, terus diringkus. Rigidig baé dipanggul. Peucang téh dibawa ka imah patani, rék dipeuncit.

Tina Pangajaran Sastra Sunda, Karya Budi Rahayu Tamsyah