Ku Usép Romli HM
Teu kagambarkeun rurupaan jeung adeg pangadeg sémah nu datangna
tumorojog tanpa larapan téh. Ngan ku sarérétan gé, nénjo sorot panonna, teu
meunang henteu kuring kudu nyebutkeun: pikagimireun! Mémang kitu pisan, luyu
jeung karepna pangna nepungan.
“Naha atuh bet teu ngiberan heula ti anggalna?” pok téh
maksakeun nanya.
“Wah, tong disaruakeun jeung urusan dines kantoran atuh!”
témbalna semu ngécé. “Jeung deui, ceuk saha teu ngiberan heula…!
“Sing ngarti baé lebah dinyana mah! Pan goréng-goréng ogé di
dieu téh jelema aya kasebutna!”
“Na teu cukup ku galingging jeung panas tiris téh?” Teu
dibongohan sabot leumpang gé untung, jalu!”
Padu tinggal padu omong, taya hartina deui pikeun wanci ieu mah.
Wanci pasini nu geus dipastikeun. Tur salah kuring sorangan deuih, teu engeuh
kitu kieu. Panyana harééng saeutik waé mah isuk pagéto gé cageur deui. Horéng
ieu téh totondé.
“Teu meunang témpo deui, nyah?” kuring nu nyoba-nyoba nawar.
“Teu bisa! Kami mah lain tukang dagang, lain tukang nganjuk,
lain tukang aras-urus nu waktuna bisa diulur-ulur!
“Na enya?” bari kerung
kuring nginget-nginget ngaran sémah. Asa wawuh, tapi teu wanoh. Asa inget tapi
poho pisan. Keur budak mah baheula sigana kungsi apal.
”Sok! Geus tepi kana dihin
pinasti, kudrat iradat ti ajali. Dina menit ieu anjeun kudu pasrah pikeun
dibawa mulang ka kalanggengan!”
Lek…dada ngahanju. Karasa
nyentug ngadurudud. Nyeri alah batan ti nyeri. Hayang calawak, bororaah, teu
bisa engab-engab acan. Kuring ukur bisa ngutruk teu puguh. Teu sopan! Teu
tarapti! Telenges! Kejem! Taya rasrasan!
”Uuuuuh… Huh… Huh… panas
halabhab!”
Nu ngarariung di
gigireun, di tunjangeun, kapelong kabéh carelong, carindul. Tapi kabéh gé taya
nu bisa nulungan. Taya nu bisa mantuan bangbaluh nu keur sakieu beuratna
nindihan. Taya nu kawasa méré pitulung batan sakieu diri keur diayun ambing
antara alam samar jeung alam nyata. Antara wujud jeung gaib. Kabéh ukur
ngabaretem. Kabéh ukur ngabarigeu. Taya nu lémék taya nu muni.
Lek…kerelek les.
”Emh, geus tuluy geuning
geus tuluy!” Nu midangdam tinggarauk nyeungceurikan jasad nu geus kosong.
Bugang nu geus teu daya teu upaya.
Ah, teu hayang teu sing
niténan polah jalma-jalma nu keur cuh-cih ngarasanan jasad kuring. Dititénan
kalawan imeut, nu haat ngagulang gapér téh horéng jalma-jalma nu baréto teu
pati kacorogoh, jalma-jalma nu malah réréana mah tara diropéa najan enya gé
kuring mindeng patepung, mindeng paamprok. Sedeng ari batur-batur urut
sagulung-sagalang mah kabéh ogé dariuk di luar, sawaréh ukur ting tarempo kana
beungeut kuring nu geus euweuh getihan bari jeung haténa mah ngarocoblak
ngomong, rada-rada ngagogoréng.
”Keur hirup anjeun pada
mikaajrih pada mikasérab téh! Geus kieu mah deuleu, naon hartina!”
Karék semet kitu. Komo
kaengkénakeun, biheung kumaha omong jelema téh. Jelema waktu keur hirup raket-
ruket babarengan.
Jol lalaki tegep dijas
hideung, mawa karangan kembang.
”Tawis béla sungkawa ka
almarhum!” cék éta lalaki – nu taya lian salah saurang koléha kuring nu
pangdeukeutna – ka ahli waris kuring.
”Katampi!” témbal nu
nampanan. ”Saremg mugi-mugi….”
”Mugi-mugi almarhum
kénging rahmat kubur!” Koléha kuring megat kalimah. Riuk beungeutna kateguh,
yén ngomong kituna téh tamba henteu ngomong baé. Écés sora haténa mah lain
kitu. Kadéngé pisan kawas nanya, tapi sari-sari ngahina: ”Naha perkara ngagelapkeun
duit batur téh bakal kapanggih sanggeus anjeun maot?” Tur lamun kitu, bakal
jadi dosa gedé éta téh kitu? Sing ati-ati wé ah pikeun hujahna! Kadé ulah
mawa-mawa ka sayah!”
Wungkul kamunapékan nu
puguh mah. Matak
bosen nénjokeunana.
Jol deui saurang
nyérénkeun karangan kembang. Koléha kuring kénéh dina usaha séjén, basa keur
hirup di alam dunya.
”Mugi-mugi…” kitu
ngomongna téh. Kuring geregeteun deui nénjo pepetaanana jiga nu heueuh milu
sedih ku ayaan kuring geus nepi kana wanci pasini kieu. Padahal haté leutikna
mah surak mani ngaguruh: Sukur baé anjeun indit ti heula. Pangkat anjeun,
meureun kuring nu ngagantina! Mun anjeun aya kénéh mah, cadu mungkuk haram
dempak kuring bisa ngalindih, bisa nyingkahkeun posisi anjeun. Kuring seunggah
nyanghareupan béking-béking bayaran anjeun, konéksi-konéksi anjeun jeung
sajabana pancarakén kiwari!”
Jol deui nu séjén.
”Bapa ngantunkeun.
Mugi-mugi….,” ngomongna téh bari nyurucud cipanon. Éta téh usung ésang kuring
jaman kawasa. Heueuh sedihna mah sedih ditinggalkeun ku kuring téh. Tapi lain
sedih lantaran kuring ninggalkeun, sedihna ku perkara séjén deui. Perkara
kahirupanana pikahareupeun. Lantaran manéhna sausik malikna téh éstuning
ngandelkeun kuring baé. Purah diutuh-étah dapon gedé buruh.
”Daék néangan pakta
yén Si Polan rék pura-pura jujur?”
“Sanggem! Nanging alesanana naon?”
manéhna giak pisan.
“Alesanana…ngabahayakeun
posisi urang. Manéhna teu Jujur sarua jeung urang. Ayeuna rék api-api Jujur,
kumaha?” Bérés lah buruhna mah!
“Sanggem!”
Ayeuna kuring euweuh.
Manéhna tangtu leungiteun pakasaban.
Sagala geus bérés.
Ahli waris kuring ngitung-ngitung hutang jeung pihutangeun, bisi matak beurat
engkéna
“Hutang ka Bang Jaéd
sakitu ratus réwu, ka Mas Odoh sakitu puluh réwu, jeung réa-réa deui. Ieu
tanggungan urang mayaran, méméh asup duit nu dihutangkeun ku almarhum. Di Bung
Acé sakitu puluh réwu ditambah réntenna. Di Kang Dédé saanu ratus réwu acan
kaitung réntenna…”
“Naon deui?”
“Euweuh deui!”
“Bérés?”
“Bérés!”
Jasad kuring digotong
dina pasaran. Dipayungan.
Diiringkeun ku jelema loba. Dicaleungceurikan. Didaro’akeun.
Emh, nalangsa aya ngenes
aya nyeueung pitempateun ngancik sabada raga pisah jeung nyawa. Tuman cicing di
tempat nu matak betah tumaninah, nu resik tur rapih, kari-kari ayeuna ukur
disayagikeun lahan salogak sakieu heureutna, jaba engké téh dirimbunan ku
taneuh. Diitung padung nu aya di dinya, ngan sawelas siki, kai lalawora pisan.
Kai teu boga kelas. Sakali nyégét ku rinyuh gé bakal koropok. Teu cara keur hirup, keur
kumawasa, cicing di tempat pilihan. Dahar diladénan, saré dingeunah-ngeunah.
Kasur hipu kulambu sutra. Tempat tidur ranjang beusi atawa risbang jati nomer
hiji. Na ari ayeuna, bororaah ka dianggelan dikasuran, teu ditilaman-tilaman
acan. Dogolédagkeun baé dina taneuh. Awak ukur kabulen ku boéh kaén balacu.
Kaén kelas pielapeun. Mana simbut ewol nu weuteuh kénéh? Mana batur saré nu
donto kénéh?”
Ieung, kieu geuningan!
Bru, bru taneuh beureum
saeutik-saeutik dipaké minuhan lombang. Dipaké ngaruang kuring. Kuring
disingkurkeun ka hiji lahan nu nenggang pikakeueungeun. Kuring ditunda di hiji
lahan nu werit pikaketireun.
Bérés éta disambung ku
piduta-pidato. Mun rarasaan kuring acan robah, meureun milu unggeuk-unggeukan
mairan kecap-kecap pamuji nu karareuna kana mamaras rasa, najan ari kanyatanana
mah papalingpang pisan. Geus hideng deui da sirah téh unggeuk, biwir imut mun
pareng kuring ka ditu ka dieu. Sabab geus dibiasakeun, méméh nanaon téh sok
disampakkeun pamapag mangrupa kecap-kecap nu parelem, nu ngareunah.
Tapi ayeuna mah naon
hartina? Da haté kuring geus teu beunang kaoolo geus teu beunang dipuji-puji,
dipunjung diagung-agung. Baréto keur di dunya, bisa kuring narima. Tur teu kitu
baé narima téh deuih. Aya timbal babalikna. Anu bébéakan muji, apan ku kuring
dibantu pikeun ngahontal kahayang. Hayang jeneng téa. Hayang logor usaha téa.
Hayang kitu téa, kieu téa. Kuring bisa mulang tarima.
Ayeuna mah kakobét
jero-jerona nu nyarita téh. Geura tah.
“Almarhum téh seueur
pisan kasaéanana, ageung pisan jasana…”
Heueuh gedé sotéh
jasa, loba sotéh kahadéan, meureun waé aya nu dipamrih. Kuring nyieun jasa méré
jalan ka nu hayang logor usaha, apan pamales budi téa gé ngagebro harita kénéh.
Ceuk kuring baréto:
“Hayang boga pangkat?”
“Hayang!” cék nu
hayang téh
“Saanu puluh réwu!”
Kuring ngahargakeun.
Tapi hih diaranggapna
téh kahadéan. Ku
kuring pribadi geus puguheun ku ituna mah. Tah geus pok deui:
”Anjeunna téh jalmi
sopan, ngahormat tur ngahargaan ka koléha-koléhana!”
Pikasebeleun! Pan manéhna téh nyahoeun
kumaha adat kuring nu sabenerna. Mun bisa mah hayang kuring nunjuk rorék ka nu
ayeuna araya ngariung patempatan kuring anu anyar. Kuring geus teu hayang
dicaritakeun kalawan maké basa-basi sangkan genah kadéngéna. Asa disungkun. Leuwih
hadé togmol. Mun kuring bisa, kuring rék nyarita sabalakana: ”Yeuh, anu masih
kénéh harirup, teu nyaho yén kuring téh jelema adigung? Lantaran mandang ka
sasama manusa téh diukur ku kalungguhanana, ku pangkatna, ku kabogana. Mun enya
mah handap asor, moal teuing kuring nganggap hina ka jalma-jalma masakat, ka jalma-jalma
katalangsara! Mun téa mah kuring ngahormat sasama, meureun jalma-jalma nu
harkat dunyana sahandapeun téh disambat diuah-aéh, diaku sakumaha kuring ngaku
ka jelema-jelema nu kaayaanana sapantar atawa saluhureun! Na teu nyaraho,
kuring mah hormat téh ka nu bisa méré kasenangan saharitaeun wungkul, lain ka
nu butuh ngaréwong atawa nu taya deuleueunana!”
Keun! Déngékeun deui,
tah!
”Kalakuanana saé,
pamadeganana panceg, picontoeun urang sadayana nu baris neraskeun hanca
anjeunna!”
Heuheuy deuh! Teu nyarahoeun
kitu, atawa mémangna disumputsalindungkeun? Da ati sanubari mah teu bisa
dibobodo, kalah kumaha ogé. Kalakuan kuring saé? Bisa jadi mun ukuran moral di
dunya waktu ieu geus dirobah mah! Jelema nu teu bisa hirup sosial, nu api-api
nyieun kahadéan keur balaréa, padahal kanyataanana mah ukur omong wungkul,
jelema nu resep lélétak, nu bisa ngajual kajujuran kana duit panyogok jeung
sajabana geus dianggap kalakuan hadé – saeutikna lumrah! Ari su’al pamadegan
mah, mémang kuring boga prinsip. Prinsip biluk ka nu nguntungkeun! Tur éta téh
dipageuhan pisan manrupa hiji kayakinan nu teu meunang henteu kudu
dilaksanakeun di mana perlu. Nu matak kuring mah sapanjang hirup di dunya,
beunang disebutkeun salamet can kungsi nyorang cilaka, da boga prinsip téa – prinsip
biluk ka nu nguntungkeun!
Tunjuk ti luhur kitu,
milu kitu! Ceuk
ti katuhu ka ditu, léok ka ditu! Ceuk ti kénca ka dinya, geuwat ka dinya! Ngan
paménta ti handap nu asa tara pati digugu téh!
Rupa-rupa deui
omongan-omongan téh. Réa-réa
deui kekecapan. Nepi
ka lekasanana. Nu ngariung baralik. Aya nu udud, aya nu seuseurian, aya nu
ngawangkong. Teu sakara-kara. Teu ingeteun deui ka kuring mah meureun
sangkilang mani ngaringkuk kieu dina sédong heureut. Keueung jeung ketir.
”Geus nepi ka wancina, hé
ahli kubur!” aya sora ti tukangeun. Tarik tanding gelap salésér. Kuring
ngoréjat reuwas jeung sieun. Ieu meureun nu rék nakonan téh. Ieu!
”Geus nepi kana wancina
anjeun dipariksa…” cék nu daratang téh.
Tuh da enya! Bisa kitu
mun rugal-rigel ékol kawas di dunya ari rék dipariksa pagawéan?
Atawa….ah, pan kuring teu
mawa duit sapésér-pésér acan! Jeung barina ogé nénjo keureutan parangi kitu mah
jiga moal lééh ku lambaran-lambaran héjo. Moal riuk ku pangolo.
Beuki dareukeut tah nu
daratang téh! Kuring teu kuat mencrong. Teu wani lumah-laméh méré semu nyeueung
pasemon sakitu pikagilaeunana. Nu puguh mah ngadon muriang panas tiris, awak
ngahodhod. Percumah sangkilang di dunya geus hatam gé élmu basilat, da ari srog
mah ka dieu, poho sama sakali. Teu kapikir tah carana nipu téh! Teu inget tah
kana carana ngalicikan batur téh, carana ngabobodo balaréa téh. Butek jeung
poék. Bureng teu nyaho nanaon.
”Cilaka! Cilaka!” batin
jejeritan. Beuki
tarik humalengis, beuki ngerik, beuki nalangsa.
”Geus nepi kana wancina!”
beledag deui sora tanding gelap. Kuring kapiuhan. Ngajéngjéhé taya tangan
pangawasa. Bororaah aya nu nulungan.
Sepi. Sepi. Sepi jeung
keueung cuang-cieung.
Tina Jiad Ajengan, Karya Usép Romli HM