Selasa, 01 Maret 2011

YUS, AKANG MOAL WAKA MULANG


Carpon Senny Suzanna Alwasilah

Geus lila kuring teu mulang ka lembur. Lain teu sono kanu jadi kolot, tapi tuda teu boga keur ongkosna. Tong boro keur ongkos balik, keur dahar sapopoe oge nganjuk heula ka warung Bi Otih, da geus biasa, ke mun aya kiriman kakara dibayar. Kabeh mahasiswa anu kos di dinya mah tara aya nu teu nganjuk. Jadi teu era da geus ilahar. Papada apal.
Diitung-itung duit kiriman bulan ieu ge geus telat dua minggu. Naha Ema hilapeun kitu? Ah piraku da biasa oge unggal Apa narima pangsiun tanggal opat ti kantor pos sok langsung ngirim wesel. Weleh teu kapikir, kunaon duit kiriman can katarima padahal kuring geus nyeri beuheung sosonggeteun nungguan duit teh. Pangpangna mah era ku Bi otih, geus gede hutangna, teu ari nagih mah ngan kuringna we sok era sorangan. Atuh salian ti eta era ku Yusi geus sababaraha kali ngajak nongton jeung dikrimbat ka salon can ditedunan wae. Ari rek nyebut teu boga duit rada gengsi bubuhan kakara bubulanan jadi bebenena teh. Kamari ge ampir kaeraan basa Yusi ngajak jajan stik di kafetaria. Asa-asa rek pesen teh da rumasa dompet kosong ukur diseusi ku kartu mahasiswa jeung katepe. Jadi bebeja ka Yusi mah warareg. Tapi manehna maksa, bari hate ratug oge kuring kapaksa pesen. Keun we kumaha engke mayarna mah. Ah teu meuli stik da mahal eta we dahareun nu pangmurahna, sosis jeung kentang goreng. Tapi Yusi nyeuneu, maenya ukur dahar nu kitu, teu pantes cenah lalaki mah dahar saeutik.
“Stik dua piring. Sakantenan jus alpuketna sareng pudding dua gelas.” Cenah mani capetang.
“Mani royal Yus, da Akang mah teu lapar teusing.” Cekeng dumareuda.
“Wios atuh Kang. Pan abdi kamari kenging kintunan, Keun we abdi nu mayar ayeuna mah, ulah ti Akang wae.” Cenah ngabearkeun hate anu murengked.
“Nuhun atuh.” Cekeng euweuh piomongeun. Hate ngadadak bangblas. Emh nyaho kitu mah pesen stik dua piring tadi teh, da ti isuk can sasarap. Sapiring mah atuh ah teu kaditu teu kadieu.
Mulang ti kafetaria Yusi hayang dianteur ka toko buku. Beurat pisan rek nganteur teh atuh da geus pasti kuring anu kudu mayar ongkosna. Ari rek balaka teu boga duit, pan cek kuring ge gengsi, bisi ke manehna ngolembar boga bebene kere euweuh duitan. Tapi da teu bisa kumaha, basa Yusi nungtun, kuring nurut we bari teu loba nyarita. Ampir nepi ka tempat anu dituju, kuring rumpu rampa kana pesak calana. Kenca-katuhu.
“Kunaon Kang?” Cek Yusi bangun nu heran ningali kuring elekesekeng.
“Aduh Yus, dompet Akang kakantun.” Cekeng bari api-api ngarahrahan tas.
“Kakantun di mana? Kade bilih di kafe. Seueur artosan?” Cenah milu hariwang.
“Sigana mah kakantun di bumi, da tadi rurusuhan sieun kasiangan kuliah.” Cekeng teu euleum-euleum.
Mudah-mudahan atuh Kang aya di bumi.” Cenah bari ngodok duit tina saku bajuna. Terus dibayarkeun ka kenek. Hate bungangang bisa ngabobodo ka Yusi. Tapi dina hate nu pangjerona mah kuring ceurik balilihan, sedih lain dikieuna ngarasakeun jadi jalma tuna harta. Bapa ukur pangsiunan guru, gajih teu sabaraha bari kudu dijejewet keur kaperluan kuring jeung adi awewe nu sakola di SMP, ditambah ku waragad hirup sapopoe. Emh Ema, Apa, hapunten abdi teu acan tiasa ngabantos ka sepuh.
Sabenerna mah basa lulus SMA kuring rek niat neangan gawe, tapi Apa keukeuh hayang boga anak maju. Sanajan bari ripuh oge Apa mereketkeun supaya kuring bisa sakola ka paguron luhur. Tos biasa Apa mah nambut ka koperasi, lamun geus beak cicilannana teras nambut deui. Kitu jeung kitu we demi ngamajukeun anak teh.
Tah, ari papacangan jeung Yusi mah geus aya opat bulan leuwih saminggu. Dibuleudan ku pulpen beureum titimangsana oge dina kalender. Yusi teh istuning bebene anu munggaran pisan. Da ti baheula oge kuring mah teu wani ngadeukeutan awewe. Cek sasaha oge kuring mah cupet, kurang wawanen, kurung batok, leutik burih. Tapi basa hiji poe basa kuring ulin ka imah kos si Ahmad, sobat jaman ospek, kasampak aya wanoja. Teu nyangka sacongo buuk ge yen eta teh adina si Ahmad da mani beda rurupaannana teh. Si Ahmad mah hideung lestreng, ari ieu mani geulis camperenik jeung kulitna bodas. Basa si Ahmad pamitan heula bebeja rek moto copi makalah kuring surti manehna hayang mere waktu keur kuring supaya bisa ngobrol paduduaan. Mimitina mah kuring ngadegdeg ditinggalkeun teh, ma’lum atuh dipahing pisan ngobrol jeung wanoja paduduaan. Tapi ari ningali manehna capetang mah, wawanen ngadadak bijil. Basa kasorenakeun kuring amitan, si geulis ngajak bareng mulang, da manehna mah embung saimah kos jeung lanceukna, sok kararagok rea lalaki ngagimbung di imah, cenah. Manehna tamada menta dianteur ka tempat kosna. Bungah kacida bisa nyaho imahna. Tah ti harita, asa beuki remen panggih jeung Yusi teh. Lamun teu panggih sapoe oge hate teh sok ngarasa sono. Ari barang dibejakeun ka jinisna, cenah manehna oge sarua, sok inget wae ka kuring. Emh…bungah hate teh aya nu mikasono sok sanajan ti saprak harita mindeng karorompodan jeung duit kiriman beak saacan waktuna lantaran manehna sering meredih ngajak nongton ka bioskop, balanja ka distro, atawa facial ka salon. Tah, kusabab kitu, tisaprak boga bebene mah neangan babaturan teh selektif pisan, neangan anu kandel dompetna meh bisa diinjeuman, ari nu euweuh araheun mah rada-rada dijauhan. Penting kaciri rea duit teh keur ngawangun imej anu hade hareupeun bebene.
Sanggeus kesel nungguan kiriman anu teu embol-embol, kuring ngumaha ka Heri batur sakontrakan, nginjeum saongkoseun keur balik. Teu hese da manehna kakara meunang kiriman, biasa oge lamun kuring keur boga manehna anu nginjeum. Pabeubeurang kuring amitan ka Yusi.
“Tong lami teuing Kang di lembur teh bisi Yus aya nu ngiwat. Akang teu lebar kitu pami Yus diiwat kunu sanes?.” Cenah bari muntang jiga nu embung papisah.
“Lebar atuh” Cekeng bari ngusapan buukna.
“Tilu dinten wios nya?” Cek kuring deui.
“Ih mani lami-lami teuing. Sawengi we atuh.” Cenah bari baeud nembongkeun lelewana. Geuwat leungeunna ku kuring dijewang, terus ditangkeup deudeuh. Nyaah ka Yusi teh atuda keur geulis teh pakanyaaheun pisan.
“Tapi jangji nya pesen heula komputer ayeuna. Pan Akang sok karunya pami ningali abdi ngadeluk ngetik di rental dugi ka wengi. Akang pan tos jangji ka Yus sasih ieu bade mangmeserkeun komputer.” Cenah malik nangkeup.
“Muhun mangga. Hayu atuh urang angkat ayeuna sakantenan Akang ka terminal. Wios engke uih nyalira?” Cekeng bari nyumputkeun kareuwas. Da rarasaan mah asa teu jangji rek mangmeulikeun komputer. Ari mikarunyakeun ngetik nepi ka peuting di rental mah enya. Tapi dalah dikumaha deui, kuring embung nguciwakeun hatena. Euweuh basa teu bisa keur Yusi mah. Sieun dipangejatkeun. Meureun kuring bakal gering nangtung ngalanglayung.
Harita keneh kuring jeung Yusi nepungan Andri, babaturan anu sok ngajual komputer rakitan. Sanggeus badami kumaha cara mayarna, kuring dibere waktu tilu poe keur ngalunasannana. Teu kudu make uang muka cenah da geus percaya ka kuring. Komputer rek dianteurkeun langsung isukan ka imah kos Yusi.
Basa rek amitan pisan, Yusi nyampaan beuteung, lapar cenah hayang ngabaso heula. Atuh sanajan geus rada maju ka sore ge kapaksa nyimpang heula ka tukang baso. Ari sugan teh hayang ngabaso wungkul, apek teh cenah halabhab hayang meuli jus alpuket. Teu tatanya heula deuih mesenna teh sadua-dua. Hideng tidituna mah. Atuh da memang kuring ge keur rada lapar, habek we kana baso anu keur meujeuhna panas. Sok sanajan dina dompet ukur boga duit keur ongkos wungkul tapi kuring rada tenang da geus yakin Yusi boga duit lantaran kamari menta dianteur ka ATM. Tapi na atuh basa waktuna kudu mayar manehna kalahka jongjon we maca majalah.
“Yus, nyadak artos?” Cekeng asa-asa. Tapi manehna gogodeg. Cenah mah ngan mawa saongkoseun balik.
“Manawi teh Akang nyandak artos.” Cenah bari teu riuk-riuk reuwas.
Kuring ngahuleng, pikiran pajurawet. Wiwirang di kolong catang ieu mah. Lamun duit dibayarkeun ka tukang baso geus pasti moal bisa balik ka lembur da nginjeum ka si Heri teh ukur saongkoseun. Bari hate ratug, kuring ngabohong ka tukang baso yen dompet tinggaleun. Tadina mah manehna teh melong bari semu teu percaya, tapi basa kuring ngasongkeun kartu mahasiswa keur tandon mah, manehna teh nyaluyuan dibayar ke balik ti lembur. Bebeja ka Yusi mah geus dibayar bisi manehna ngilu kaeraan.
“Insya Allah, pami teu cape enjing Akang uih deui.” Cek kuring bari nyium tarangna basa papisah di terminal. Manehna nganteur ku paneuteup.
Nepi ka lembur can peuting teuing. Ojeg oge aya keneh. Srog ka imah geuwat munjungan ka Ema sareng ka Apa anu nuju caralik nongton tipi. Karasa aya kasono anu gede. Tapi Ema jeung Apa katingali semu alum. Kuring teu wani tunyu- tanya harita mah.
Isuk-isuk basa Ema keur mirun seuneu, kuring lahaola naros ka Ema,
“Kunaon Ma siga anu sararedih?” Cek kuring asa-asa.
“Hampura Ujang Ema can bisa ngirim duit ka maneh. Puguh ge duit pangsiun Apa kabeh leungit aya nu nyopet. Bapa maneh meh kapiuhan da kareureuwasan.” Soanten Ema dareuda.
Seak awak ngadadak panas nahan amarah ka si copet anu geus wani-wani ngagunasika duit Apa. Hajat meleg siah, sok siah lebok duit bapa aing, diduakeun maneh sing bareuh beuteung, bisul ati, terus kageleng setum. Bray narembongan piligenti beunget si Andri, si Heri, jeung tukang baso. Kuring guling gasahan di jero kamar. Wirang…wirang…siah. Era geus jangji ka maranehna isukan rek mayar hutang. Kuring adug lajer. Teu nyaho kudu kumaha nya peta.
Ti anggalna sabenerna mah geus direncanakeun kuring rek ngabohong ka Ema yen kudu mawa duit gede ka kota lantaran geus waktuna mayar kuliah, eta duit rek dipake mayaran hutang jeung ngogo Yusi, ari ieu, boro-boro duit gede, bet saongkoseun balik ka kota ge teu aya. Hate marojengja. Pikiran acak-acakan jiga runtah diawut-awut ku anjing. Kaya kieu mah paling bisa balik ka kota teh bulan hareup sanggeus Apa meunang deui pangsiun, tapi da can tangtu bisa nedunan kahayang kuring mawa duit gede, lantaran Apa tos nambut ka Juragan haji Sofyan keur ngagentian duit Apa nu leungit, cenah mah kudu dibayar awal bulan. Breh Yusi na kongkolak panon, mencrong semu nganaha-naha. Naha teu wae mulang? Naha bet sumput salindung ngaku-ngaku jalma aya? Naha teu bebeja yen tuna harta? Naha bet wani-wani mikabogoh ka Yusi? naha…naha…naha? Hate ngadadak peurih asa diturihan ku hinis anu seukeut pisan. Nyeriii kacida.
“Emh…Yus, pupujan hate Akang, nu ku Akang dipikanineung beurang jeung peuting, Hampura Akang. Akang jalir jangji ka Yusi. Jigana Akang moal waka bisa mulang dina waktu deukeut ieu nganteurkeun kasono ka Yusi. Muga-muga engke mun Akang mulang Yusi can aya nu ngiwat.***

Bandung, 30 Maret 2005