Sabtu, 26 Februari 2011

NU NYALANGKRUNG DI CIBITUNG


Carpon Sarabunis Mubarok
Mun inget ka anak, geuwat interlokal, mun inget ka pamajikan mah, lokal wé.”
Ti mangkukna ieu kalimah napel na ceuli, ngélég, ngégélan haté. Komo deui peuting ieu, tara-tara ti sasari, bet hayang siduru dina seuneu asmara nu ruhay, bari diharudum ku simbut nyawaan.
Beuki peuting, panon kalah beuki curaling. Silih teuteup jeung Salma Hayek dina poster nu napel na tembok kamar kontrakan. Bet ujug-ujug ngalamun nu teu pararuguh, nyipta-nyipta manéh jadi Antonio Banderas, ngalalakon dina film Once Upon A Time In Mexico nu kungsi dilalajoan dina dividi bajakan.  Haté kalah pakojot jeung pikiran nu pabaliut. Kuring tuluy luncat tina dipan, ngajéwang jekét jeung konci skuter, rék liar peuting, ngabangbalérkeun kahayang nu kasimbeuhan ti dua poé katukang.
Peuting tinggal rarawingna, teu ilahar keur nu hayang ulin atawa leuwih ti ulin. Aya gerentes ngangajak kuring ka kuloneun Pasar Induk Cibitung. Skuter maju lalaunan, aya sabil dina haté, najan dipeper ngarah teu kapaliré.
Anjog ka nu dijugjug. Warung kopi nu dikubeng ku spanduk urut iklanobat kuat jeung mie instan. Ti jero warung ngagembréng sora musik tina radio dua band, awor jeung sora awéwé nu hahaleuangan, dibarung ku sora nu tingcikikik.
Kalakuan Si Ucing Garong
Gawéna ulin di kolong
Pependak sareng pocong
Papelong-pelong
Kuring nyéréngéh, ngadéngé nu hahaleuangan, asa rada ngised tina lagu aslina, tarling Cirebonan nukeur diputer dina radio. Sup ka warung, tuluy mesen cikopi bari ngarérét nu tingcikikik. Nu saurang ngaranna Conny, paningkahna rada jalingkak. Ngaran sabenerna mah Maskanah, ngan ganti ngaran ti saprak ngumbara ka Cibitung nuturkeun ka Bi Jumsih tukang warung, ti Cilimus, Kuningan. Demi awéwé nu saurang deui mah, kuring teu wawuh.
“Nyalira Kang? Mani ngampleng tara ka dieu.” ceuk Mas­ka­nah bari diukna ngised ngadeukeutan. Kuring mésem bari ngised ngajauhan, asa teu purun ngajawab da geus puguh datang sorangan. Maskanah rada baeud. Awéwé nu saurang deui tu­run tina bangku, tuluy muter ka tukangeun warung, clé diuk kéncaeun kuring. Bujurna diadekkeun siga nu ngahaja.
“Susi!” pokna bari ngasongkeun leungeun. Kuring neuteup bengeutna, manéhna kalah ngadilak, bet asa rada siga aktris Ladya Cherryl. Dibabadé umurna dua puluhan.
“Nono!” jawab kuring bari mapag leungeunna. Kep sasa­laman. Getih tingseleser bareng karasa leungeun hésé dilésot­keun. Ditahan ku manéhna bari ngahaja ngulinkeun heula ra­mo­na. Ngélékéték bari mépédkeun awakna kana taktak kuring.
“Ieu kopina, Jang!…, éta-éta manéh Suwarsih! Ulah mépéd teuing diukna! Jang Nono heurineun.” Bi Jumsih ngagebah, rada nyorongot ka awéwé gigireun, nu cikénéh ngakukeun ngaran Susi. Manéhna ngised saeutik bari camberut. Kuring ngan ukur balem bari ngésérkeun cikopi. Ngan haté ujug-ujug teu panuju ka­na caritaan Bi Jumsih.
Cikopi diregot. Gap kana roko, tuluy diseungeut. Kuring teu loba cacarita, ngan ngadéngékeun Bi Jumsih nu silih témpas jeung Maskanah, ngadongéngkeun ka Suwarsih, sagala kalakuan kuring nu katelah Si Nono Anting.
Lima taun katukang, kuring datang ka Cibitung. Gilig rék digawé di pabrik. Ngan meunang salapan bulan, kaburu kaluar alatan paséa jeung Si Sartimin batur sapagawéan urang Banyumas. Pasualanana mah, pédah kuring ngahéroan awéwé nu cenah geus jodokeun ku bapana jeung Si Sartimin. Ngaranna Marni, anak Mas Tarno tukang pecel lélé urang Banjarnagara, Purwokerto. Der téh aya pitenah ti nu séjén. Antukna Si Sartimin nangtang ngadu wawanén. Kuring teu keueung, lain ku bogoh-bogoh teuing ka Marni, ngan sakalian hayang mecak bebekelan ti lembur, ti tutugan Galunggung. Piraku ti bubudak wawuh jeung maénpo, kudu mopo méméh nanggung. Diladénan, najan tepi ka ngadu pakarang.
Tepi ka derna tarung. Diriung. Teu kungsi ngaliwatan opat jurus gé Si Sartimin nambru. Isukna éar sa-Cibitung. Béja pabéja-béja, antukna pasualan jadi saliru. Najan Cibitung wewengkon Bekasi, balad-balad Si Sartimin teu saeutik. Réwuan pagawé ti sawatara pabrik lolobana urang Jawa. Kagok asong kapalang ngarongkong, rék diladénan.
Tengah peuting di daérah Cibuntu, di hiji lapang saratus méter ti Jalan Raya Setu, bedog patingbelentrang. Kuring tarung diriung ku lobaan. Musuh lain bantrak-bantrakkeun. Dasar kudu meunang, pareng ngolépatna bedog musuh muru beuheung, kuring ngagiwar bari muihkeun kuda-kuda saarah jarum jam, awak kabawa dongko ka beulah kénca marengan leungeun nu rikat nyabetkeun bedog. Beletrak! Bedog nyasar bincurang. Musuh ngajengkang tuluy nambru bari awong-awongan. Oro­kaya, rob téh balad-baladna ka harareup. Kuring dikepung. Di­gu­lung ku lobaan. Tepi ka teu inget di bumi alam.
Genep poé di rumah sakit. Kuring mulang, bari awak pinuh ku perban. Sanggeus mérésan kontrakan, tuluy ka warung Mas Tarno, ngahaja ménta hampura.  Teu panggih jeung Marni, ngan kuring mihapé surat keur manéhna. Kuring balik ka Tasik, ninggalkeun carita nu beuki lila beuki loba kembangna.
Tilu taun di lembur, kungsi kuliah heula di salah sahiji pagu­ron luhur di Tasik. Ngan kuat dua seméster, teu diteruskeun kaburu meunang pamajikan. Teu kosong heula, nuluy boga budak, lalaki. Lantaran teu boga pacabakan matuh, ari hirup diudag ku kabutuh, hiji mangsa kuring mutuskeun rék ka Cibi­tung deui. Kabeneran aya pausahaan kontraktor intérior nu butuh ku tanaga kuring.
Kiwari geus ampir sataun di Cibitung. Kajadian sawatara waktu katukang aya hikmahna. Kuring jadi loba kawawuhan. Boh urang Jawa boh urang Sunda. Loba kénéh kuli-kuli pabrik di sapanjang Tambun, Cibitung, tepi ka Cikarang, nu apal ka ngaran Nono Anting. Ngan teu kungsi panggih jeung Si Sar­timin. Aya béjana sanggeus kajadian harita, Si Sartimin kawin jeung Marni, tuluy netep di Banyumas. Mun Mas Tarno, bapana Marni, cenah pindah ka Jakarta Utara, dagang pecel lélé di Sunter Podomoro.
Nu remen panggih mah jeung jelema nu kungsi disabet bin­cu­rang­na ku bedog kuring di Cibuntu. Ngaranna Samsu. Ka­sebut jéger nu dipikasérab, di sabudeureun Pasar Induk Cibitung mah. Singhoréng manéhna téh lain balad salembur Si Sartimin, kawas panyangka kuring. Aslina mah urang Péréng, Ciparay, Kabupatén Bandung. Pareng panggih deui téh di warung Bi Jum­sih, kuring miheulaan hahampuraan. Ti harita kuring nyo­bat jeung manéhna. Singhoréng, diaduna kuring jeung Si Samsu taya patula-patalina jeung Si Sartimin. Si Samsu kahasud ku bé­ja nu saliru, cenah kuring rek ngalindih weweng­kon kaka­wasaanana.
“Roko sabungkus Bi Jumsih…, aéh aya Nono geuning!” la­mun­an buyar, kagebah ku sora jalma nu asup ka warung. Ba­rang dilieuk singhoréng Si Samsu, panjang umur.
“Puguh kararesel di imah” kuring ngajawab, bari néma roko tina leungeun Bi Jumsih dibikeun ka Si Samsu.
“Aaay…, ijid aing mah, paribasa téh kesel di imah. Di dinya mah inget ka lembur meureun. Sok siah, inget ka anak? Inget ka pamajikan?” Si Samsu ngélég, ngahaja maké lentong jeung keke­capan has Péréng, Ciparay. Napel kénéh si éta mah najan geus lila di Cibitung gé.
“Heueuh, mahal kénéh mayar lokal, euy, ti batan interlokal mah!” ceuk kuring, surti kana maksud saterusna caritaan Si Samsu.
“Cingcay sajah, tinggal milih, mau ditemenin Conny atow Susi?” Si Samsu kalah ngahajakeun, sorana dihéos-héos bari ngi­­­ceupan ka Maskanah jeung Suwarsih. Kuring ukur nyé­réngéh.
“Ditemenin Susi ajah ya, Kang! biar lebih ehm..ehm.. gitu lho!” ceuk Suwarsih milu ngindonésia bari imut ogo, imut has awéwé bangor. Imut nu gelenyuna pinuh ku kapanasaran, siga nu ha­yang leuwih naranjangan rusiah Nono Anting, nu dicarita­keun ku Bi Jumsih jeung Maskanah. Kuring ujug-ujug tagiwur.
“Ulah diarélég waé, Ibi ge apal Jang Nono baheula, ulah di­sa­rua­keun atuh. Jang Nono nu ayeuna mah bageur, satia ka pama­jikan, geus tara kikituan.” Bi Jumsih mairan bari nga­leutik­an sora radio.
“Sakali-kali mah atuh teu nanaon Bi Jumsih, bisi… bisi naon téh, No, nu ceuk Si Ucok téa mah, oh heueuh, bisi… kanker pros­tat!” ceuk Si Samsu nyutat istilah ti Si Ucok, batur sapagawéan kuring.
“Conny rék ka mana?” Kuring ngésérkeun obrolan, pareng nempo Maskanah cengkat.
“Ka kalér!”
“Bisi rék dianteur?”
“Moal, pira ka warung Mas Tayo.” Pokna teugeug bari ngabalieur, tuluy ngajéngkat kaluar ninggalkeun warung Bi Jumsih. Kuring ngahuleng.
“Keun wé, Kang, teu aya Téh Conny gé, aya Susi.” ceuk Suwarsih ujug-ujug daria, bari ngised ngadeukeutan. Pagégéyé. Haté ngaguruh teu puguh. Si Samsu nyéréngéh, ngiceupan bari nyawél gado Suwarsih, tuluy ngaléos ninggalkeun warung.
Peuting beuki nyérélék maju ka subuh. Ciibun geus tatahar na dangdaunan. Angin peuting tingselesep kana sela-sela span­duk. Nu datang ka warung beuki lila beuki carang. Radio disada kénéh, laun, mirig Bi Jumsih nu keur nundutan. Tinggal kuring jeung Suwarsih. Pagégéyé. Karasa haneut. Haneutna mebes kana haté. Haneut wanoja nu keur meumeujeuhna. Mimitina mah kararagok, lila-lila kalah betah, ngimeutan biwir Suwarsih nu capétang nyaritakeun lalampahan hirupna salila dua taun katukang. Ti mimiti kabur ti kulawargana di Kalijati, Subang, ap­rak-aprakan di sawatara tempat di Karawang, tug nepi ka nyang­sang di Cibitung ti sabulan kalarung.
Rét kana arloji, geus ampir jam opat. Kuring cengkat. Tuluy ngahudangkeun Bi Jumsih. Sanggeus babayar kuring ninggal­keun warung dituturkeun ku Suwarsih.
Clak kana Skuter, diselah sababaraha kali, rada hésé hurung bubuhan motor kolot, kaluaran taun 1975. Leuwih kolot batan umur nu numpakna. Sanggeus hurung kuring nyeletingkeun  jékét. Gibeg, motor rada ngagibeg. Barang dilieuk, Suwarsih geus nyégclé dina jok tukang bari leungeunna ngarayap kana cang­kéng, tuluy nangkeup pageuh siga nu sieun lésot. Kuring kawas nu kasirep. Skuter dipajukeun lalaunan ninggalkeun warung, mawa Suwarsih nu napel tukangeun. Sajajalan jémpé, nu kadé­ngé iwal ti sora skuter nu dodorotdotan. Aya nu nyeleser haneut kana tonggong. Haneutna rembes kana haté. Haneut wanoja nu keur meumeujeuhna.
Tepi ka hareupeun kontrakan, Suwarsih turun. Sanggeus muka konci panto. Kuring nungtun skuter ka jero. Suwarsih nutur­keun milu asup, bareng jeung asupna waktu subuh, nu tinghaleuang tina spiker toa di saban masjid.
š{›
Poé Ahad nu hareudang. Kuring hudang jam sabelas beurang. Pikiran ngalayang, inget kana lalampahan peuting tadi. Inget ka Suwarsih. Kuring ngoréjat, turun tina korsi panjang, tuluy nge­teyep ka kamar. Hordéng disingkabkeun saeutik, katoong Suwarsih masih keneh tibra. Kuring teu wani ngagareuwahan. Gap kana anduk, tuluy ka cai.
Réngsé kuring mandi, kasampak Suwarsih geus diuk na korsi hareupeun kamar.
“Mun rék ka cai, andukna nu itu tuh, nu beresih. Ngan taya salin, aya ogé kaos jeung calana panjang.” ceuk kuring bari nuduhkeun anduk. Suwarsih ukur unggeuk. Teu lila tuluy ceng­kat muru jamban. Kadéngé gegejeburan, Suwarsih mandi bari haha­riringan. Hariring plésétan nu tadi peuting, Si ucing garong nu papelong-pelong jeung pocong.
Teu dinyana, kuring ujug-ujug kahébos ku seuneu birahi, bareng nempo Suwarsih kaluar ti jamban, awakna dibulen ku anduk. Awak nu keur sedeng pepel, mani sampulur dibungkus kulitna nu konéng umyang. Buukna nu galing muntang dirum­bay­keun ka hareup nutupan dadana tepi ka wates bulenan an­duk. Kuring neuteup renghap ranjug, parat tepi ka wates anduk belah handap. Aya nu ngagurilap ti satengah pingping tepi ka bi­tis Suwarsih nu baseuh. Dumadakan lini rongkah jeroeun dada.
Awak ngagedur teu puguh rasa. Suwarsih nu teu maké pupu­lasan katempo leuwih geulis tilu tikelna ti batan manéhna dangdan. Pabebeurang. Bet aya nu ngaheab leuwih ti panasna hawa Cibitung. Hawa birahi nu ngagedur dipirig ku kerepna ketug jajantung.
“Mana kaos sareng lancingan teh, Kang?” Suwarsih nyarita bari ngadeukeutan.
“Leuwih geulis teu di make up.” Kuring lain ngajawab, nga­don neuteup leuwih leleb ka Suwarsih. Suwarsih beuki ngadeu­keutan, kaangseu seungit sabun tina awakna.
“Ih, Si Akang mah, ngarayu lain wayah! Mana atuh anggoan gentos téh!.” ceuk Suwarsih tuluy camberut. Camberut ogo has wanoja umur dua puluhan. Kuring kalah ngimeutan biwir ipis­na nu baseuh. Bangun amis.
“Ééénggal..!” ceuk Suwarsih bari nyiwit. Kuring ngarénjag. Dumadakan éra parada. Tuluy ngajéngkat ka kamar mawa salin keur Suwarsih.
Reuwas kénéh. Reuwas kareureuhnakeun. Ampir rék sagab­rug-gabrugeun nempo awak Suwarsih nu baseuh dibulen anduk. Kuring istighfar, ujug-ujug inget ka anak pamajikan. Teu lila Suwarsih kaluar ti kamar make calana jeans jeung kaos oblong. Kaos bodas gambar siluétErnesto Che Guevara, meunang meuli ti outlét di jalan Caladi, Bandung. Mani mantes napel na awak Su­war­sih. Jadi cute abiz ceuk istilah barudak ayeuna mah. Sang­geus ngobrol sakeudeung, Suwarsih cengkat bari metot leungeun kuring, manéhna ngajak ulin ka Cikarang. Sakalian ka Mall, cenah, boga sésa duit rék balanja sawatara kaperluan­ana, bari sakalian rék neraktir dahar ka kuring.
Ti harita, kuring mahing diri sangkan panon teu curaling. Geus opat poé saimah jeung Suwarsih. Najan ku kuring diang­gap adi sorangan, angger wé ragab. Kuring ati-ati, bisi aya jurig nyiliwuri kawas kamari. Lian ti inget ka pamajikan di lembur, ujug-ujug inget kana kasantrian nu kungsi lila kapopohokeun, dihenteu-henteu gé kuring téh kungsi kagecek ku Ajengan Anwar Mubarok di pasantrén Sukahérang, Singaparna.
Ti poé ka poé téh Suwarsih kalah beuki betah di imah kuring. Keur mah eukeur, euweuh pangbalikan. Éra cenah, geus lila teu­ing numpang di kontrakan Maskanah. Oge cenah kakara sa­umur abur-aburan, manéhna manggih lalaki kawas kuring nu bisa ngajénan awéwé teu uni siga manéhna. Teu kawas  bapa téréna nu téga merkosa, nepi ka manéhna kapaksa kudu abur-aburan ninggalkeun lembur.
Demi kuring harita, jadi beuki teu wasa mun kudu ngusir Suwarsih. Tungtungna kuring meuli dipan jeung kasur hiji deui. Ngan kusabab taya deui tempat, kapaksa dipan anyar téh di sakamarkeun. Suwarsih surti, manéhna hideng nyieun hohor­déng­an ku samping keur hahalangna.
Aya hadéna, ti saprak cicing jeung kuring, Suwarsih geus tara liar peuting, purah maturan lalaki bari ngan dihargaan ku kencring. Kuring ogé jadi betah, aya nu manguruskeun imah, mangmasakkeun jeung mangnyeuseuhkeun. Balik gawé aya nu ngabagéakeun, aya batur dahar, batur heureuy, batur ngobrol, batur ngalamun, batur sakamar maturan Salma Hayek nu teu weléh imut dina poster nu teu dipiguraan, jeung maturan kuring saré, sakamar, ngan misah dipan.
Dasar atuh, hirup genah téh cenah kudu jeung merenah, sangkan tumaninah. Béja ngeunaan kuring saimah jeung Suwarsih teh jadi éar sapausahaan. Tuluy jadi headline di saban warung. Dihenteu-henteu ogé ngaran Nono Anting téh sohor kénéh di Cibitung mah. Béja pabéja-béja, tepi ka warung Bi Jum­sih, tepi ka Maskanah. Kuring panas ceuli, ku rupa-rupa sa­liruna béja.
š{›
Saptu tanggal ngora, anyar gajihan, digawé ngan satengah poé. Méméh balik ka kontrakan, kuring balanja heula ka toko kuéh. Inget ka Suwarsih, cenah isuk Ahad téh jejeg umurna dua puluh dua taun. Ti dinya kuring ka Wanasari, rék nepungan babaturan awéwé nu kabeneran urang Sagalahérang. Sugan daék­eun ditiitipan Suwarsih saheulaanan, pédah ka papada urang Subang.
Meneran asar kuring mulang ka kontrakan. Tara-tara ti sa­sari Suwarsih teu mapagkeun ku imutna nu matak geugeut. Pan­to teu ditulakan, kuring asup lalaunan. Tuluy nendeun kéré­sék babawaan na korsi hareupeun kamar. Kuring laha-loho ka dapur. Euweuh dahareun. Iwal sangu garing jeung cucuk lauk sésa deungeunna isuk-isuk. Kadéngé aya nu ngérécék di jamban, ditempo téh euweuh sasaha, euweuh nanaon, iwal ti cai nu ngu­­cur sagedé nyéré tina keran.
Ti kamar kadéngé sora dipan ngarekét, Suwarsih sigana keur saré. Kuring tuluy muru kamar, panasaran. Barang hordéng disingkabkeun, kuring ngagebeg, gancang ditutupkeun deui. Sako­lépat katempo Suwarsih keur nyuuh na dipan bari buligir. Kuring reuwas. Ngan asa panasaran, saliwat katempo Suwarsih siga henteu sorangan. Hordéng dibuka deui lalaunan, bareng rét ka lebah dipan hiji deui, meneran paadu teuteup jeung awéwé, nu taya lian ti Maskanah nu sarua buligir. Katempo reu­waseun pisan, manéhna geuwat nutupan awakna ku sepré bari teu puguh rampa, tuluy ngadeukeutan Suwarsih. Kuring nutupan deui hordéng. Reuwas, héran, asa teu percaya kana tetempoan sorangan. Palangsiang aya lesbian affair antara Mas­kanah jeung Suwarsih.
Kuring ngajanteng hareupan lawang kamar. Kadéngé ti jero sora Maskanah nyarita tinggerendeng silih témpas jeung Suwar­sih. Beuki lila beuki narikan, tepi ka hog-hag paréa-réa omong. Heuleut sawatara menit nu paséa jempé. Tuluy kadéngé sora Suwar­sih ceurik ngagukguk. Kuring gogodeg, nu kadéngé matak hareneg. Nyel keuheul ka Maskanah jeung Suwarsih. Kalakuan maranéhna teu jauh tina sangkaan.
“Kalaluar siah, ungkluk!” kuring nyentak, sora rada nga­geter.
Teu lila Maskanah kaluar ti kamar. Sungutna jamedud. Pa­non­na nu kahuru seuneu timburu, mureleng ka kuring nu keur ngageter nahan ambek. Tuluy ngaléngkah bari miceun beungeut, ngagedig kaluar ti imah bari ngageblugkeun panto. Suwarsih ceurik beuki tarik.
“Kaluar manéh, Suwarsih!” kuring rada ngagorowok, ngung­kulan tarikna ceurik Suwarsih. Kadéngé Suwarsih ceurikna ditahan, inghak-inghakan. Teu lila Suwarsih kaluar ti kamar. Ngeluk. Buukna kusut, papakéan padu nyangsang.
“Diuk!” Suwarsih nurut. Kuring lajag-léjég.
“Ari manéh, nu asih dipulang tai, dipikanyaah téh kalah ngalunjak! Wani-wani, ngotoran imah déwék! Mun geus mumul cicing di dieu, indit! Jung tuturkeun Si Maskanah!” Kuring nya­rita heuras. Suwarsih kalah ceurik bari ngagabrug kana suku. Tuluy nyarita pegat-pegat.
“Hapunten… Abdi… Kang..! Hapunten…!” Suwarsih teu neruskeun caritaanana, kalah ceurik beuki tarik, nyuuh kana suku kuring. Kaambek nu kakara naék teh kaburu kacéos ku cipanon. Lila-lila jadi teu wasa. Tuluy nitah cengkat ka Suwarsih.
Sanggeus rada leler, Suwarsih nyarita dumareuda. Singget ngan pajuliwet. Aya hutang budi nu teu pikahartieun, nu kudu dibayar ku Suwarsih ka Maskanah. Kuring ngahuleng. Ngabe­tem. Najan loba tanyakeuneun, teu purun rek cacarita. Nu ka­déngé ngan sésa inghak Suwarsih nu beuki carang. Sanggeus kadéngé adan magrib. Kuring ngaléos ka cai, tuluy wulu, rék salat magrib, ninggalkeun Suwarsih nu alum nguyung. Réngsé salat kadéngé sora guludug pasusul-susul, teu lila cur hujan ma­seuhan suhunan. Kuring ngerem manéh di kamar.
Cibitung malem Ahad, sora hujan ngendag-ngendag panga­cian. Sanggeus salat isa, kuring mopoék di kamar, luhureun sajadah nu remen teu kasalatan. Ti luareun kamar kadéngé sora nu mandi, awor jeung sora hujan. Kuring ngadeluk wiridan beu­ki kerep, ngawuluku sumpeg nu minuhan saban kereteg. Teu lila kadéngé Suwarsih asup ka kamar. Teu dipaliré, najan kaambeu seungit awak nu tas mandi ngendagkeun haté. Kuring peureum, neueulkeun wirid teu eureun-eureun kana mamaras nu lawas teu diropéa.
Sora hujan ngaleutikan. Ngan guludug beuki kerep pasusul-susul. Kuring beunta bari tuluy cengkat. Kamar geus caang. Barang rét ka tukangeun, katempo Suwarsih keur nyuuh. Kuring hareugeueun. Kakara, nempo Suwarsih dimukena, najan ngan ukur ku samping. Kuring mencrong rada lila ka Suwarsih nu keur nyuuh luhureun sajadah. Haté bet ujug-ujug ngaheruk. Teu wasa ngantep wanoja nu hirupna pinuh ku rupa-rupa cocoba, bari taya batur pakumaha. Tada teuing beuratna hirup nunutur indung suku. Ras inget kana kaayaan manéhna nu teu indung teu bapa. Boga gé bapa téré kalah ngadoréksakeun manéhna. Ras ingat kana kajadian tadi soré. Kuring nyarékan Suwarsih bari satengah ngusir. Asa dosa. Asa sarua jeung nga­geb­ruskeun manéhna sina leuwih cilaka. Haté ngarakacak. Aya kanyaah nu nyambuang minuhan kamar.
Suwarsih cengkat, panonna rambisak. Tuluy neuteup ka kuring nu keur ngabetem hareupeunana. Dua panon silih teuteup.***

Jumat, 18 Februari 2011

CAAH


Carpon Risnawati

Neuteup cai kiruh nu umpal-umpalan luareun jandéla,  aya nu nyérését kana haté. Si Bungsu naplok dina tangkeupan, teu kecét-kecét. Tina ketug jajantungna nu kerep, kuring bisa ngarampa rasa sieun nu pohara. Rasa sieun nu sarua nyaliara dina dada sorangan.
Cai ukur satengah méteran deui tina tungtung lisplang imah ku­ring umpak handap. Untung imah téh dua umpak. Da mé­mang di komplék kuring mah, bubuhan kasebutna komplék élit, imah téh méh kabéh dua umpak. Ngan da nyieun dua umpak sotéh lain keur tatahar bisi kacaahan, ieu mah ukur keur kamé­gah­an, keur gengsi, keur prestiseu. Palias, teu nyangka saelas, bakal kakeueum ku caah. Najan caah datang unggal taun, da biasana gé nu kakeueum téh padumukan kumuh jeung kam­pung-kampung masarakat kelas biasa, lain kelas élit modél perumah­an kuring.
Pamajikan ngaringkuk dina sofa bari ngeukeuweuk leungeun Si Cikal. Beungeutna sepa, baluas kénéh jigana. Ti barang beunta, asa can aya nu kungsi nyaoara. Iwal jerit Si Cikal isuk-isuk basa muka hordéng, basa nempo cai geus méh sahibas kenténg. Dituturkeun ku dengékna Si Bungsu, nu reuwas ngadéngé lanceukna ngajerit. Kuring luncat ngarontok Si Bungsu tuluy ditangkeup, ari indungna muru Si Cikal nu keur burial buncelik dina jandéla.
Najan geus nyaho Jakarta keur babanjiran, tapi ari ngabadé imah rék kakeueum mah nya éta teu kungsi. Kamari soré, kuring ditelepon ku pamajikan, kudu geuwat balik, lantaran perumah­an geus kakeueum samumuncangan. Ukur samumuncangan. Ceuk pikir téh moal gé katutuluyan. Tadina mah bubar kantor téh rék tuluy ka kafé, saperti biasa, ngareureuhkeun kacapé balas sapopoé nyanghareupan pagawéan. Sok jangjian jeung babaturan bisnis. Paling soré nepi ka jam sawelas di kafé lang­ganan téh. Lumayan sok loba transaksi, ti mimiti urusan bisnis nepi ka ésék-ésék. Datang ka imah biasana jam dua welas. Pamaji­kan jeung barudak sok geus talibra, nya sok tuluy wé milu tibra.
Isuk-isuk mun hudang, barudak geus ka sarakola, pamajikan geus indit ka kantorna maké mobil sorangan. Nu aya téh Bi Isah, réncang bawa ti lembur pamajikan, jeung Si Udin, alona Bi Isah. Ari pagawéanana mah supir Si Udin téh, supir barudak. Da kuring jeung pamajikan mah resep nyetir sorangan. Ngan selang-selang tina nganteur barudak manéhna sok ngurus taman di pakarangan jeung pipir imah, nu lumayan lega keur ukuran Jakarta mah. Atuh jeung anak pamajikan téh kuring mah langka te­pung keur nyaring, sok komo ngobrol mah, iwal dina telepon. Éta gé poé minggu pamajikan sok di imah. Ngan kuringna nu lang­ka aya. Mindeng dines ka luar kota, dines nu ditétéangan téa.
Ari kamari soré, pamajikan mani kring deui kring deui nelepon. Ulah balik peuting cenah, keueung di imah. Bi Isah jeung Si Udin tadi isuk mulang heula ka lembur. Teuing naon alesanana. Keueung sugan nempo berita caah nu terus-terusan ngalegaan ngeueum Jakarta.
Kapaksa mulang. Bari jeung rada jéngkél ka pamajikan basa nempo cai ukur ngérélék. Cai ngaliwat pantesna mah, lain caah. Piraku perumahan élit di wewengkon élit bisa kacaahan? Asa teu ararasup akal.
Kilang kitu, basa pamajikan mindahkeun kompor gas, kulkas nu pinuh ku dahareun meunang manéhna beurang balanja, jeung sawaréh parabot dapur ka umpak dua, kuring gé milu mantuan. Si Cikal nu geus kelas 6 SD, sina bébérés pangsaréan, da saré gé urang pindah waé ka kamar luhur cenah. Ari kamar si Cikal onaman da tadina gé geus di luhur. Parabot éléktronik gé dipindah-pindahkeun. Capéna nataku. Nepi ka kuring kutuk gendeng, malah pamajikan gé dipoyokan dasar phobia, cekéng téh. Jéngkél tuda. Jéngkél ka pamajikan nu ngadadak teu rasional jeung jéngkél ka Si Udin nu mulang. Da mun seug aya manéhna mah piraku kuring kudu bobolokot késang ngunjalan barang.
Dur magrib, lain solat, dug sek saré. Poho teu mandi-mandi acan. Tengah peuting lilir, kadéngé hujan ngagebrét. Pamajikan ngaréngkol gigireun, ngaréngkolan si Bungsu nu biasana sok saré jeung Bi Isah. Si Cikal gé milu saré di kamar kuring, nga­réngkol dina sofa di juru kamar. Kuring ukur gogodeg. Beu! Bener-bener kasieunanana téh.
Ari isuk-isuk nyaring, kahudangkeun ku jerit si cikal jeung dengék si bungsu. Geus kieu kaayaanana. Can aya nu wani ingkah ti kamar. Kabayang, kumaha kaayaan imah di umpak handap, pasti geus kakeueum ku cai!
Aya kana satengah jamna ngahuleng paheneng-heneng. Taya nu lémék. Sora dulugdugdagna jajantung gé asa atra, mirig gumuruhna sora cai luareun jandéla.
“Mah, lapar…!” sora si bungsu meupeuskeun kasimpé kamar. Manéhna ngulisik dina tangkeupan.
Indungna ngarérét, tapi jiga nu linglung. Kalah melong kosong ka kuring duaan.
“Mah, Si Adé lapareun,” cekéng téh alon, neger-neger haté.
“Kah? Oh, enya, lapar. Kumaha atuh nya?” cenah kalah malik nanya.
“Har… nya ngadamel emameun atuh…?” kuring rada keuheul.
“Ari Papah jiga nu linglung, pan dapurna gé kakeueum cai, kumaha…”
“Pan kompor sareng kulkas tos dialihkeun ka luhur….” kuring ngingetan.
“Astagfirulloh, na aya poho…. Ké nya Cu, Mamah badé ngadamel heula emameun…” pamajikan nguniang cengkat. Si Cikal masih pageuh muntangan. “Sot heula atuh, Mamah badé ngadamel sarapan…” cenah bari ngusapan sirah Si Cikal.
Bari jeung teu ngomong sakemék, Si Cikal milu cengkat. Tuluy ngingintil bujur indungna ka luar ti kamar. Ditinggalkeun duaan jeung si Bungsu nu ngarenghik waé, asa teu puguh. Tungtungna kuring gé nuturkeun ka luar.
Lulurung  antara kamar kuring jeung si cikal, geus disulap jadi dapur. Mani darukdek pinuh ku parabot. Untung ‘tengah imahna’ mah rada lega, jadi teu  darukdek teuing najan pinuh ku paparabotan meunang mindahkeun kamari gé. Bari angger nanangkeup si bungsu, kuring diuk dina korsi panjang nu nyanghareup ka palebah “dapur” téa. Sidik pisan pamajikan, cakah-cikih nyieun sarapan. Si Cikal nu geus rada leler baluasna dibéré tugas pulang anting nyokotan bahan pasakeun tina kulkas.
Teu kungsi lila, dahareun geus ngajagrag dina méja pendék hareupeun. Roti bakar, dieusian ceplok endog, maké sayuran jeung mayonés. Mani seungit ngahudang lapar. Nginumna cai jeruk panas. Ditambahan wéh ku goréng sosis sapiring leutik. Teu loba carita, opatan ngariung ngosongkeun eusi piring. Barudak geus pulih deui tina kareuwasna, da dalaharna téh kaciri rewog. Ari kuring jeung pamajikan mah sarua caman-céménna, meusmeus silihpelong, silihsimbeuhkeun kabingung.
Bérés dahar si bungsu ngarenghik hayang nongton télévisi. Boro-boro bisa nyetél télévisi, puguh listrik pareum. Tungtungna dibawa ulin rorobotan ku lanceukna. Pamajikan sabada ngumbahan wadah, tuluy ngahintul dina korsi hareupeun.
“Kira-kirana cai cukup kitu?” kuring ngamimitian muka carita.
“Duka, cukup sugan dan urang mah torenna ageung,” témbalna siga teu purun.
“Lilin, sénter, aya? Éh, urang mah da gaduh lampu darurat téa, nya? Pinuh kénéh teu batuna?”
“Lilin seueur aya dua pak. Sénter batuna weuteuh. Lampu darurat sigana pinuh da can kantos dianggo. Ngan, sabaraha lami urang bakal kieu?” sorana rada ngarahuh.
Teu ieuh ditémbal, puguh kuring gé sarua tagiwur, sieun caah saendeng-endeng. Meureun kuring sakulawarga paéh langlayeuseun, taya nu geusan nulungan. Mikir ka dinya, teu karasa ngabirigidig. Ras ka Rani, sekertaris kuring, nu pasti ayeuna téh keur di kantor. Sugan bisa nulungan. Geuwat cengkat.
“Ka mana?” pamajikan siga nu sieun ditinggalkeun.
“Nyandak HP di kamar. Urang ngontak Rani, sugan bisa nulungan.”
“Keun ku abdi,” manéhna miheulaan cengkat, gidig ka kamar. Barudak nu keur anteng ngalalieuk, tuluy tingjarerit mamah-mamahan.
Kuring luncat muru budak, kitu deui pamajikan. Reuwas bisi kumaha onam.
“Ulah ditinggalkeun…” Si bungsu eueuriheun.
“Moal, Cu, moal ditinggalkeun. Hayu sareng Mamah,” indungna nangkeup budak bari diusapan sirahna. Sanggeus ditangkeup mah budak téh répéh.
Tungtungna mah leut saréréa ka kamar, da kabéh embung aya nu tinggaleun. Ceg kana HP. Ditempo téh batréna sagurat deui. Leuh, poho kamari soré  teu dicas. Tadina mah rék nelepon, ngan nempo batréna, rada ngarempod. Rét ka pamajikan, singhoréng manéhna keur sibuk nelepon maké HP-na.
“Mah, kadé batréna tong diolok-olok,” kuring ngingetan. Pamajikan katémbong unggeuk, tapi angger wé bari nyorocos kana telepon. Bari ngabeubeutkeun bujur kana kasur, kuring mimiti nulis SMS ka Rani. Heuleut samenit, Rani langsung nelepon ti kantor. Hariweusweus nanyakeun kumaha kaayaan kuring nu sabenerna, di kantor kudu kumaha, jeung réa-réa deui. Dasar nu céréwéd, nanya téh teu maké titik koma. Hésé rék motongna.
“Heup! Heup! Ieu batréna saeutik deui. Heup!… halow… halow…” ditempo HP téh geus pareum. Wassalam, batréna béak. Dirérét pamajikan masih kénéh ngabuih dina telepon. Geuwat disampeurkeun.
“Mah, tos atuh….”
“Kin sakedap, Fika naroskeun hanca damel kamari, badé diteraskeun ku…..halow…halow….”
Kuring langsung lungsé basa nempo HP pamajikan gé pareum. Jigana sarua kamari teu dicas. Sarua poho, bakating ku riweuh.
“Aduh, na aya hilap, ti kamari can dicas,” cenah bari kokoréh kana laci méja néangan casan. Teu ieuh diharu-haru, dipelong wé bakat ku jéngkél. Manéhna nyecebkeun casan kana saklar.
“Geuning teu hurung?” cenah bari kerung. “Astagfirulloh, ari banjir mah meureun listrik pareum? Ya Alloh, kumaha…” manéhna neuteup ka kuring. Barang disampakkeun ulat teu riuk-riuk, manéhna gé meubeutkeun bujur kana korsi hiasna. Ngarahuh semu kaduhung. Atuh huleng deui saréréa mikiran kabingung. Di luar séahna cai asa beuki tarik baé. Tapi taya saurang gé nu wani nyampeurkeun jandéla.
Si bungsu mimiti ngarenghik deui. Biasa wayah kieu téh geus anteng di play grup, ayeuna mococo kénéh di kamar. Puguh ku kuring gé karasana matak kaluman. Rét kana tas kantor. Inget aya laptop. Geuwat dikaluarkeun. Lumayan keur ngabébénjo­keun si bungsu bisa maén game. Tiluan ngariung laptop. Pama­jikan mah ngahuleng kénéh bari nangkeup tuur luhur kasur. Asa watir nempona. Tadi mah basa ngobrolkeun pagawéan jeung babaturanana, romanna rada cahayaan. Jalma tukang ga­wé, teu resep cicing, kari-kari ayeuna dunyana diwatesanan ku témbok heureut. Teu ieuh diganggu, keun sina pulih heula pangacianana, sina sadar sapinuhna kana kaayaan nu keur karandapan.
“Téh, mending bantuan Mamah masak yu,” teu kanyahoan manéhna geus ngajengjen gigireun.
“Masak naon?” si cikal jiga nu wegah. Atuda iraha teuing si cikal diajar masak, sagala kumaha pembantu. Tapi maksud pamajikan kaharti, néangan kagiatan keur ngeusian waktu.
“Naon wé, kanggo emam siang. Urang ngalodéh, ngagoréng témpé, naon wé nu aya na kulkas. Da sayuran mah jigana moal kiat lami. Yu, baturan Mamah, resep geura,” manéhna imut manis, tapi karasa dipaksakeunana.
Bari jeung semu wegah nakeran, si cikal cengkat nuturkeun indungna ka ‘dapur.’ Teu lila kadéngé uplek duaan. Sora si cikal nu galécok sagala ditanyakeun ka indungna atra pisan ka jero kamar. Sora indungna mah ukur sakapeung-kapeungeun.
Basa nempo batré laptop dua garis deui, kuring mimiti keueung deui. Mun batréna béak, geus kacipta hiburan nu ngan hiji-hijina deui téh bakal musna pisan.
“Dé, urang ngiring masak yu sareng Mamah sareng Tétéh…”
Untung budak mani haget ngahayukeunana téh. Tungtung­na récok saréréa di dapur. Lila-lila saréréa jiga nu poho kana kaayaan sabenerna. Ribut heureuy gogonjakan. Kuring jeung pamajikan mani cirambay nyeungseurikeun polah si bungsu. Teu sangka budak téh geus loba pisan kamonésanana, padahal can jejeg tilu taun. Saumur boga si bungsu, asa kakara ayeuna kuring bisa nanggap paripolahna bareng jeung pamajikan. Aya nu nodél kana mamaras rasa. Duka rasa naon. Ngan nu sidik kuring ujug-ujug ngarasa ahéng kabina-bina; nempo budak némbongkeun momonésna, nempo si cikal ngaheureuyan adina, nempo pamajikan cakah-cikih masak, kuring asa aya di alam mana boa. Alam nu salila ieu leungit tina kahirupan kuring, ayeu­na ngadadak narémbongan deui.
Nempo pamajikan jongjon ngeureutan sayur lodéheun, sayur karesep kuring, asa inget deui ka usum papangantén. Baheula manéhna can boga gawé, can jadi désainer sohor jiga ayeuna nu sapopoéna gulet jeung artis atawa istri pajabat. Atuh kuring can jadi ménéjer di pausahaan gedé deuih. Can loba gaul jeung kalangan pangusaha, can kakolomkeun kana éksekutip muda. Can wawuh kana kafé, bar, diskotik, atawa vila-vila di puncak nu dieusian ku mojang-mojang rancunit. Hirup basajan dina talaga kabagjaan, nganyam sagala impian babarengan. Enya baheula, teuing jaman mana, mun isuk-isuk manéhna riweuh di dapur nyadiakeun sarapan méméh kuring indit gawé. Tuluy ngeluk nyemir sapatu bari ngadagoan  kuring rérés mandi. Pasosoré balik gawé, manéhna geus siap mapag ku imut bari mukakeun turub méja nu pinuh ku asakan beunangna. Manéhna cakah-cikih nyokot cai hérang, tuluy ngeusian alas kuring ku sangu haneut anu pulen, beunangna. Tuluy diuk maturan kuring ngahuap, bari ngabandungan sakur omongan nu kaluar tina sungut kuring. Paromanna teu weléh manis kareueut, panonna teu weléh hurung cahayaan. Mun poé minggu, kuring sok ngahaja mantuan manéhna cakah-cikih di dapur. Masak dibarung ku otél. Karasa pisan nimatna ngahuap babarengan ladang bobolokot duaan. Beurang peuting haté kuring teu weléh kebek kabagja. Nepi ka si cikal lahir, nepi ka pangabutuh hirup tuluy undak teu kaladangan. Nepi ka manéhna mutuskeun mantuan néangan duit, nepi ka karir kuring jeung manéhna nérékél ngaluhuran. Nepi ka antukna sagala robah; pangasilan, tempat dumuk, gaya hirup, jeung cara mikir kuring duaan.
Enya, geus lila éta usum ngaliwatna. Anéhna, salila ieu kuring teu ngarasa kaleungitan. Teu sadar, kuring geus ngaliwat­keun hiji usum nu pinuh ku madu pikeun hiji kahirup­an nu pinuh ku samar-samar. Jeung jigana nepi ka iraha gé kuring moal sadar mun seug teu nempo manéhna ayeuna, dikongko­yang celemék, cakah-cikih nyayur lodéh bari riweuh ngajawab pananya si cikal. Gustiiiii…. lila temen haté kuring jauh ti maranéhna! Karék ayeuna kuring sadar, ngan maranéhna banda kuring nu saéstuna téh.
Rérés dahar beurang nu pinuh ku kanimatan, barudak talibra. Kuring pahuleng-huleng duaan. Najan beuteung seubeuh, anéh pitunduheun téh asa ngajauhan. Teluh kéjo téh teu matih keur kieu mah. Teuing saha nu ngamimitian, ujug-ujug kuring duaan uplek ngobrol. Mimitina ngeunaan musibah nu karandapan, apesna pamaréntahan ayeuna nu ti mimiti jeneng teu weléh dikukuntit ku musibah galedé, bras kana urusan kantor, nu kakara téa silidongéngkeun kaayaan pagawéan séwang-séwangan téh. Bras deui kana lalakon nu geus kaliwat. Tuluy mundur kana mangsa-mangsa éndah nu kungsi karandapan. Asa jongjon, taya telepon nu krang-kring, taya sémah nu datang, taya jangji lunch nu kudu dilakonan. Poé ieu, dunya asa nu kuring duaan. Haté kuring mimiti deui ngarasakeun geter-geter kanimatan nu lawas kapopohokeun.
Pasosoré, barudak nyaring. Kuring jeung pamajikan paheula-heula muru Si Bungsu. Manéhna ngamandian, kuring nungguan dina lawang kamar mandi bari nyenyekel anduk. Tuluy duaan ngadangdanan budak nu hantem ngélég teterejelan. Si Cikal nu tos mandi di kamarna, nyampeurkeun milu ngélég Si Bungsu. Atuh nu rék dibajuan téh beuki leueur baé. Antukna saréréa ager-ageran seuseurian.
Kabungah kuring saréréa, kapegat ku sora nu gogorowokan ti luar. Atuh paheula-heula tingberetek muru jandéla. Ningali ka luar, geuning cai téh geus rada ngorotan, teu léb-léban teuing jiga isuk-isuk. Ti palebah ‘buruan’, aya parahu karét nu dieusian ku tentara duaan. Gogorowokan maké megaphone ngabéjaan yén manéhna rék nulungan. Kabéh dititah némbongan tina jandéla. Ti jandéla imah hareupeun nu sarua diloténg katémbong ronghok, tinggorowok, tinggarupay. Tentara téa ngabéjaan rék ngaévakuasi masarakat ka tempat anyar. Kadéngé nu tingcorowok ti unggal jandéla loténg, marénta diheulakeun.
Kuring silihpelong jeung pamajikan. Rét kana parahu karét tentara, rét ka imah-imah tatangga.
“Keun sina batur heula, urang mah persediaan seueur kénéh, pan?” cekéng téh ka pamajikan.
“Muhun, keun nu sanés heula. Urang mah teu darurat teuing,” pamajikan nyatujuan.
Nepi ka Magrib, parahu karét tentara paciweuh ngakutan korban caah. Kuring jeung pamajikan ngahurung-hurungkeun lilin téh di luar paciweuh kénéh. Kulawarga kuring mah geus dijangjian ku tentara rék diakut isukan.
Peuting dina remeng-remengna cahaya lilin jeung séahna cai caah, asa karasa romantisna. Geus lila tara babarengan jeung pamajikan dina kaayaan nu sakieu salséna. Kuring asa dibawa napak tilas ka mangsa lawas. Nataran deui geter-geter rasa nu lawas katunda dina gumuruhna Kota Jakarta. Poé ieu peuting ieu, poé jeung peuting nu pinuh ku kaajaiban. Kuring teu ngarasa keur meunang musibah gedé nu bisa waé ngancam pati. Kuring teu ngarasa hiji ménéjer di pausahaan gedé nu boga pamajikan ka désainer sohor. Tapi kuring, pamuda Cianjur nu boga pamajikan ka urang Sukabumi, nu keur ngararasakeun éndahna rumah tangga. Raga kuring rasa kuring, karasa deukeutna jeung maranéhna, banda kuring nu salila ieu dimomorékeun. Ras ka Rani, sékertaris geulis nu daék dikumaha baé, ras ka waiters-waiters geulis nu sok léléndéan di bar jeung diskotik, ras ka mojang-mojang lenjang nu sok maturan di vila-vila, asa taya nu sabanding jeung nu ayeuna nyanding gigireun. Najan itu leuwih ngora leuwih geulis, tapi haté kuring tara milu bahé ka maranéhna. Aya rasa kaduhung nu ngagugunung, naha panon batin téh bet telat beuntana.
Keur ukuran nu meunang musibah, saré téh asa tibra teuing. Mun pamajikan teu ngaguyah-guyah mah biheung jam sabaraha hudang téh.
“Urang subuh berjamaah,” cenah haréwosna kana ceuli.
Subuh berjamaah? Geus sabaraha taun éta kabiasaan katunda dina hirup kuring? Basa ngoréjat hudang, kuring asa lahir deui dina haréwos asihna Mimih nu sok ngahudangkeun unggal subuh. Baheula basa di lembur, basa Apa sok ngadagoan dina panto ngajak bareng ka masigit. Naha kuring bet ngalaman poho ka Mimih ka Apa nu teu weléh amanat sangkan kuring teu ninggalkeun solat? Naha kuring bet ngalaman poho kana nimatna solat Subuh berjamaah?
Basa isukna kuring sakulawarga diangkut kana parahu karét, haté bet asa tinggaleun. Lain melang lain lebar ku imah méwah, tapi ngait kana kaajaiban nu karandapan salila sapoé sapeuting di jerona. Asa wegah ka luar ti dinya, balik deui ka alam mangkukna nu pinuh ku galura kota Jakarta. Naha bisa kuring balik deui jadi ménéjer pausahaan gedé nu boga pamajikan ka desainer sohor langganan paraartis? Basa neuteup roman pamajikan nu pinuh ku sorot bungah pédah rék leupas tina kepungan caah, haté bet rada ngareunteut. Naha bisa manéhna salawasna ukur jadi mojang Sukabumi nu boga salaki ka pamuda Cianjur?

Selasa, 15 Februari 2011

RIRIWA ASMARA


Carita Pondok Waliyunu Heriman

Hade jigana lamum pangalaman ieu dijadikeun bahan carpon. Sugan bae kapake ku redaktur, terus dimuat. Tah ku kaaosna carios sim kuring engke mugia pamiarsa pulih kasadaran, waspada, leuwih ti kitu taki-taki kana sagala kamungkinan timbulna masalah. Tina naon? Tina alatan reana tetempoan nu dibengbrengkeun telepisi, pangpangna tetempoan ieu— hiji tetempoan nu geus ngabalukarkeun timbulna masalah dina rumah tangga kuring. Aeh, naha geuning-naha geuning, naha bet katetelasan ngumbar obsesi? Hanteu ketah. Hanteu perlu kuring ngagantelkeun obsesi kitu kana tulisan. Hapunten! Ieu mah sakadar tulisan. Carita. Dongeng. Aos mah aos bae. Mung, teu kedah diemutanlah. Anu penting diemutan ku urang mah di antawisna; iraha korupsi bade liren, iraha hog-hag parebut jatah teu kapireng deui, iraha urang sadaya tengtrem-rengrem teu seueur kasieun, karisi, sareng kahariwang boh alatan musibah ti Pangeran atanapi musibah ti sasama. Ti sim kuring minangka juru catur, anggap bae ieu mah landong nyeri waos, kanu nuju humaregung ngusapan baham bareuh. Atanapi anggap bae rencang ngawangkong ka nu nuju kasepian. Atuh kanu nuju handeueul pedah BBM naek, sing enggal behbar. Anu nuju emosi alatan kasus Ambalat, kenoran heula emosina. Kanggo Bapak-bapak anggota dewan di Betakow, nyanggakeun ieu carios, kahade, ah, teu kenging seueur ocon.
Duka kumaha, kuring sok jol-jol ngarasa teu genah hate, kaganggu pikir lamun geus ngabandungan pamajikan jeung anak, nu keur nanjak parawan, pogot nonton acara Sang Lelaki dina tipi. Asa aya ririwa kokolebatan. Ririwa nu ngabalukarkeun kuring saharita dirurub kasieun. Tapi anyar-anyar mah—ku kasadaran yen naon nu jadi pikir kuring harita (mangsa ngabandungan pamajikan jeung anak) ngan saukur kacurigaan jeung katimburubutaan kuring—naon nu jadi ririwa eta teu haben dipikasalempang. Ngan orokaya, lila ku lila mah kasadaran kuring lebur. Antukna nu timbul gerah hate, bayeungyang pikir.
“Kasebelan!” geremet kuring peuting harita, mangsa di luareun kamar gawe kareungeu presenter Sang Lelaki muka acara. Kabayang pamajikan jeung anak giak, museurkeun pikir jeung konsentrasi kana sagala rupa pamandangan nu rabul nembongan. Kabayang saratus wanoja, harade wanda jeung rupa, ting jarerit, ting kaleprok basa sapuluh urang lalaki pilihan dipanggil asup ka panggung.
“Haramjadol!”
Konsentrasi bubar. Kuring ngahuleng hareupeun monitor. Sababaraha menit. Reup komputer pareum. Monitor ngagebleg hideung. Kurunyung ti beulah katuhu tulisan beureum mucunghul: SEKALI BERARTI SETELAH ITU MATI! Heab hawa panas ngagedurkeun deui sumanget nulis. Tugas kuring nu penting ayeuna lain mikiran masalah tadi, tapi nulis. Enya, nuliskeun masalah tadi jadi hiji carita. Gap moust dicagap. Terus diusik-usikeun. Bray layar hurung deui, nembongkeun lay out kertas nu geus kaeusian tilu parapat ketikan.
Leng kuring ngahuleng basa parat anggeus maca deui carita nu tadi dijieun. Panyakit nulis datang. Magol lamun kosnsentrasi kapegat. Sagala rupa bahan carita nu geus ngagolontor ngadadak racleng. Antukna cos deui pikiran antel kana masalah tadi.
Heueuh, abong zaman ngulik. Jalma teh jadi krareatif. Sagala rupa diulik.Nyieun itu nyieun ieu. Geus jadi breh dipintonkeun ka balarea; kuis, sinetron, reality show, jeung rupa-rupa kaunikan pasesedek jeung iklan. Ana dipikir, geuning dunya teh bet kawadahan ku barang sagede kardus. Euh, Gusti! Jeung eta deui make aya acara model kitu. Naon maksudna? Hiburan? Heueuh ari hiburana mah. Ngan, eta nu nyieuna teu mikir kitu nepi ka lebah dieu? Yen, naon nu dijieun ku manehna teh baris ngabalukarkeun timbulna masalah pikeun nu nempo, samodel kuring ayeuna. Piraku hanteu? Tapi…? Mereun heueuh, maranehna moal narima disalahkeun. Paling-paling malik nyegag: Naha? Sampean we pangna kitu oge nu boga pikiran goreng, teu beres, kacau! Nu matak sing sehat boga otak teh! Ulah sok dirobeda ku pikiran goreng! Bari komo neumbleuhkeun kasalahan ka leungeun batur. Kuring mah pilakadar nyieun media keur ngahibur batur. Tuh tingali buktina! Na, ari ditempo teh bet geuning bener. Eta bae tingal di studio. Puluhan wanoja; parawan, jeung (mereun) randa—da piraku nu boga salaki mah—meuni reuteum pikeun meunteun saurang lalaki nu paling super. Lalaki nu sagala rupana masagi, tagog jeung pangabisana. Tah, lalaki model kitu nu ahirna baris nyongcolak dina lolongkrang pikir jeung kongkolak panon para wanoja tadi. Di studio pon kitu di luar studio. Kaasup dina pikir jeung mata pamajikan sarta anak kuring. Mupus-nyingkahkeun gambaran lalaki sejen, atawa lalaki anu salila ieu geus maturan hirupna. Gebeg hate kuring ngagebeg. Gusti! Leng ngahuleng. Teu lila korejat kasadaran malikeun alam pikir kana perkara nu titadi keur disanghareupan. SEKALI BERARTI SETELAH ITU MATI! Moust kukuring diusikkeun. Layar muka terektek kuring ngetik.
Hiji mangsa salah sahiji di antara maranehna baris ngajanggelek jadi hiji ririwa. Ngan hanjakala lain ririwa Dasamuka tapi ririwa Arjuna. Ngaran-ngaran Arjuna, sok sanajan wujudna ririwa moal hanteu pada muja, pada micinta para wanoja kaasup pamajikan jeung anak kuring. Naon buktina? Nepi ka wates ieu kuring ngahuleng deui. Memang, lamun disedekkeun kana pananya eta mah kuring kaboler alesan. Euweuh. Euweuh alesan nu kuat pikeun ngadakwa yen pamajikan geus kareundeupan ririwa eta. Kulantaran kitu kuring teu bisa majar kumaha. Kuring teu bisa nyarek komo ngaharamkeun pamajikan nongton acara eta mah.
Tepi kalebah dinya reg deui kuring eureun mencetan huruf. Renghap narik napas panjang. Asa seuseut angin nu disedot teh. Untung rokok jeung kopi masih weuteuh. Suruput kopi diuyup. Kopi Medan pamere babaturan mangsa kuring masih kuliah baheula. Hawa haneut nyaliara dina tikoro. Nyot rokok disunut. Haseup ngelun, ngageol kawas birit biduan nu keur joged luhur panggung, ngimbangan pamikir kuring nu ras inget ka eta nu mere kopi. Nyeh seuri sorangan. Emh, si jeket biru. Jadol, finishing goreng. Kacerek batur ahirna. Da eta tuda biwir jeung letah sok ngadadak peluh ari mangsana tugas teh. Jadi we…! Ah, keun we da geus seubeuh bareng, ubrang-abreng ulin kaditu-kadieu. Nu penting mah persahabatana langgeng nepi kaayeuna. Silih kirim tulisan, boh artikel, essei, atawa sajak. Babakuna kopi nu pasti hadir unggal manehna tas mulang kampung ka Medan. Ah, biru…, jigana moal kasampeur deui peuting-peuting duaan dipanggungan galindengna Norah Jones!
Duka teuing geus sabaraha lila, teuing geus sabaraha urang lalaki super macho nu geus kapilih jadi favourit maranehna kaasup pamajikan kuring. Nu jelas, hiji, dua, atawa tilu urang di antara nu kapilih eta teu bisa ditolak geus jadi ririwa nu salilana ngongkolak dina heherang panon pamajikan kuring.
“Kadal siah!”
Kabayang panon pamajikan nu teu ngiceup basa nempo eta ririwa tandang. Katempo urat pipina nu ngadadak hirup basa nempo rupa jeung dedeg eta ririwa. Amarah lir seuni nu ngahuru jarami gering na jero dada. “Kurang ajar!” Ras inget kana pangalaman nu geus karandapan dina salila waktu katukang. Paingan. Paingan pamajikan ngadadak beda lamun ngalayanan kahayang kuring. Aya gairah nu lain ti sasari, nu ngahuru napsuna lamun tea mah pareng keur gawe saranjang jeung kuring. Beda jeung nu enggeus-enggeus! Heueuh meureun kitu. Eta, da nu aya dina jero pikir manehna lain kuring tapi lalaki lain nu salila eta ngaririwaan pikiranna. Lalaki pilihan. Lalaki super macho. Lalaki unggulan para wanoja kabeh. “Bangsat!”
Amarah beuki nguntab. Kuring ngahegak. Memang kuring meunang kasugemaan waktu harita. Tapi naon hartina kasugemaan eta dibandingkeun jeung penghianatan. Nincak hulu! Teu bisa! Euweuh, euweuh hampuraeun pikeun kuring. Teu ngeunah. Saha nu daek dipalsuan. Jiga nu enya diri berkuasa dan berdaya mangsa harita. Tapi buktina, di hareupeun mata pamajikan nu berkuasa dan berdaya teh lalaki sejen. Najis! Fuck!
Peletak! Teu karasa roko nu tadi dikenyot geus ngalentab pelat pabrikna. Kuring ngagurubug. Ngusap biwir nu karasa panas kapetelan ruhak lantaran kuring ngenyot rokok tarik pisan awahing kaberung napsu. “Jadol!” kuring ngeseken kuntung kana asbak, bari ngabayangkeun nu digesekeun teh hulu si ririwa. “Rasain! Mampus luh!” Regot nguyup kopi. Dada karasa muka.
“Pemirsa di studio, sekarang giliran anda untuk menentukan siapa tiga lelaki yang berhak lolos untuk ikut dalam babak selanjutnya!” bentes sora presenter
Luk saratus wanoja tarungkul, ngumbar leungeun nu pakupek ngetik ngaran lalaki nu jadi idola atawa pilihana dina hp masing-masing. Teu kungsi samenit saratus sms geus racleng, asup kana layar komputer nu aya hareupeun algojo—sapuluh wanoja gareulis, para model kondang, nu garumpay kawas lauk emas.
“Oke, sekarang tiba saatnya kita menyaksikan siapa yang terpilih menjadi sang lelaki kali ini!” jempe sakeudeung. “My angle’s!” gorowokna, nitah para algojo kaluar. Sora musik kadenge marengan ting langgeorna para model nu sakeudeung deui baris jadi algojo pikeun lalaki sial peuting harita. Sora keprok kereungeu. Dua menit beak. Sora tinggujubar kadenge dibarung ku jerit histeris para wanoja nu handeueul lalaki pilihanna cundang.
“Rena!” batin kuring. Kabayang jago nu dipilih ku pamajikan tikerelep dikusrukeun ka jero cai. Kerelep teu tembong. Pucunghul, muncul ka luhur bari sirah rancucut kawas cucurut kabancuh hujan. “Puas!” batin kuring surak. “Kurang kumaha kuring? Kurang naon kuring?”
Tapi dalah dikumaha. Gagal milih nu eta masih keneh aya nu ieu. Lalaki-lalaki sejen nu leuwih berbobot. Teng, pamajikan kuring anteng musatkeun deui konsentrasi pikeun milih lalaki sejen nu baris jadi ceungceuman batin. Kuring ngahuleng basa lalaki nu jadi pilihan pamajikan unggul. “Bangsat!” kuniang amarah nguntab deui. Komo basa nempo pamajikan ngengklak bakat ku suka. Kabayang si kasebelan leumpang dangah, ngaliwat ka hareupeun irung kuring. Seuri sinis bari ngarindatkeun juru mata. Ngaleos bari ngaleng pamajikan. Saterusna, kawas dina India, maranehna silih cacapkeun kasuka. Pakaleng-kaleng. Diuk gegenjangan dina luhur korsi empuk. Kuring boro-boro ditolih. Ibarat panganten anyar atawa sapasang kekasih nu teu patepung maranehna ting kedekes numplakeun kasono. “Satu hari tak bertemu, hati rasa syahdu. Bila kamu di sisiku, hati rasa syahdu. Kuyakin ini semua, perasaan cinta…” Beu, jeung eta lagu deui make nambah mapanas.
“Setan!”
“Ku naon Kang?” tanya panajikan kerung. Matana mencrong kuring nu geus meh parat muka kancing kameja. Kuring reuwas oge. “Teu, teu aya nanaon.” Jawab kuring gugup. “Ieu kancing make ngait sagala. Atuh ngunyed.” Sambung kuring ngadalih.
“Numawi santey geura, Kang. Da moal kusaha atuh.” Walon pamajikan bari ngagelenyu imut. Dibere imut harita kuring boro-boro sadar. Nu jelas hate kalah beuki ngaheab.
“Akang mah kawas nembean bae nanaon teh.” Ceuk pamajikan bari terus ngalangkarak, nalenkeun sirah kana dua dampal leungeun. Suku ngengkang bari tuur rada ditekuk ka luhur. Seblak hate nyeblak. Geus tinggal gepruk lamun hayam diadu mah. Ngan, harita aya popongkol nu gancang nunjel dada. Naha bener nu ditangtang ku pamajikan teh kuring? Atawa si kasebelan nu tadi kapilih jadi lalaki super macho? Serr, getih asa dikompa kana embun-embun basa pikir yakin yen nu ditangtang ku pamajikan harita si ririwa.
Sajongjongan kuring ngahuleng. Lamun kitu carana kudu adil. Dada panas. Pon kitu pengpelangan. Setan bungah meureun nempo kaayaan kitu. Teu lila kurunyung datang nuyun lima urang wanoja. Gebeg rada reuwas oge kuring nempo Lena, Siska, Ratih, Linda, jeung Jaenar geus ajeg hareupeun dina dangdanan siap tempur habis-habisan. Mangga pilih bade nu mana. Kadenge sora setan ngaharewos. Nyeh kuring seuri. Lakadalah geuning ahirna kuring bisa nyacapkeun kasono jeung maranehna nu salila ieu sok rabul ngaleketek mata jeung hate kuring. Heug siah!
“Der-lah!” kuring ngalacat unggah ka luhur ranjang, nemonan hajat pamajikan.
“Pek we rek si Gody, Tomi, Pablo, atawa si Hawi oge. Pek, pek teh teuing da kuring oge boga. Boga deuleu. Yap, kadieu Siska!”
Peuting terus ngarayap. Simpe anteng ngeueum kuring nu ti hothat meruhkeun tanaga Siska. Pamajikan kuring meureundeuy ngarasakeun kanikmatan tina tanaga nu di kaluarkeun Godi. Ranjang ngageret, ngahudangkeun deui sapasang cakcak nu tadi ngarayap, ting sulusup nyamuni. Teuing. Teuing saha nu katempo ku maranehna. Teuing kuring jeung pamajikan kuring, teuing pamajikan jeung Gody, teuing kuring jeung Siska.
“Tos beres damel teh Kang?” pamajikan nanya bari ngelol tina sela panto. Kuring ngarenjag. Malik nempo kalebah manehna.
“Acan, saparapat halaman deui meureun.”
“Tos wengi, Kang!” sora pamajikan ngageter.
“Enya!”
“Pan ayeuna wengi Jumaah. Sunah!”
Kuring ngahuleng. Ngalieuk deui ka lebah manehna. Katempo mata pamajikan ceuleuyeu. Ngajak! Imut manis pisan. Ngiceup ngajak kuring ka luar. Kuring ngarenghap. Kuring moal eleh! Jung cengkat sanggeus mareuman komputer.

Majalengka, 20 Maret 2005