Senin, 21 November 2011

CIRICIT BEURIT


Carpon Toni Lesmana

Hareupeun saung. Durukan ngabebela, bangun hayang ngarérab peuting nu jempling. Hayang ngaduruk lalancip angin, jerit jangkrik, genggerong bangkong. Hayang ngaduruk pucuk-pucuk kalapa, méga jeung béntang nu gumeter. Hayang ngaduruk langit.
Sardiat teu eureun nambahan suluh. Ngagarabyag. Mabra buruan saung. Sora seuneu ngahakan dahan garing. Tingbeletok suluh awina. Silalatu nyieuh-nyieuh cika-cika, sina rabeng luhureun kotakan. Sawahna. Sawah nu keur disawang. Diimpleng jeroning mongkléng. Mongkléng peuting. Mongkléng haté.
Isuk panén! Gerentesna semu ketir. Siki-siki paré racleng dina panonna marengan serebung silalatu. Ari dina dadana, rébuan beurit ngasrék ngagares jajantung.
Sardiat haben ngalinting bako. Cacarita jeung haseup. Seuseup deui. Nyeuseup deui. Munggah kebek dadana. Bangun hayang muput nu motah dina rasa. Kalah batuk mani ngéhkéh. Lung, dipiceun. Gap deui, ngalinting. Bari malaweung kabandang koréak gagak.
Peuting, peuting geus nihtir deui. Siga saratus peuting nu ngéntép na lelembutan. Lelembutan Sardiat. Nihtir. Ricit ti saban madhab. Ti galengan ka galengan. Ricit patumpang tindih dina saban kotakan. Siga peurih saratus peuting nu kaliwat. Saratus peuting saprak ngarambét mindo. Saratus peuting nu ditahan sajeroeun tulang iga. Kiwari usik. Rampak usik. Dina tulang. Dina daging. Dina getih. Usik-usikan. Tuluy ngamalir kana saban pori-pori kulitna. Ngamalir ka saampar hawa. Kana peuting nu nihtir. Kana angin nu ricit. Kana silalatu nu merul.
Kalangkang silih kalangkangan. Kumalangkang. Rumingkang. Ringkang-ringkang. Juringkang poé pakaléng-kaléng. Kakalayangan. Jangjang hariwang.
Sardiat hayang ngarambét poé nu neba di mana-mana.
Keur kitu, sorot batré ngaburinyay dibarengan sora suku. Ngagesruk di pipir saung. Gigireun balong. Gesruk. Burinyay. Gesruk. Burinyay. Aya nu ngurunyung diharudum sarung. Ngajanteng sakedapan. Surat-sorot kana kotakan. Dipapay imeut naker. Kucrak-kecrek. Sebrot deui. Meneran pisan pupuhunan anyar nancebkeun. Sarénghapan. Disorotkeun ka jauhna. Kana tungtung amparan kotakan. Rumahuh. Tuluy dipangpéngkeun ka luhur. Ka langit. Kana béntang nu gumeleter. Lir ngintip riuk nu nyamuni satukangeun langit. Ngaharéwos sosorangan. Antara ngadunga jeung nyupata. Teu pati jéntré.
“Kadé isuk jam genep, Sujang! Kitu, cék itungan Emang!” sora beurat semu peura.
“Diutang-itung gé moal matak untung!” Sardiat némbal, les-lesan, sabot rut-rét kana sarat keur pupuhunan; kana buah kawung nu ruruntuyan, kana janur, kana duwegan, nu ngarantung na palang saung.
“Tong aral! Saréréa kapan. Mun kitu ancur sorangan!”
“Batur onaman usum kamari marucekil! Uing? Mindo dihanca si monyong! Usum kamari ngéclok ka Emang keur nyumponan nu boga sawah! Boa-boa mindo ngéclok deui!” Sardiat neuteup nu ngajanteng, ngaliwatan pucuk-pucuk seuneu. Teuteupna lir sapasang walungan és, tuluy leyur saluhureun durukan.
“Geus ti baheulana! Nu boga sawah lalolong haté! Kanyahona kintalan paré pareng panén! Teu miroséa buruh macul, harga gemuk jeung bebengok hama! Tapi, takdir kudu ditarékahan, Jang!” Mang Mahdi malik. Ngagesruk ngadeukeutan nu ngabebela. Sarungna murag kana taktak. Lalaki kolot. Kumis baplang badis ruruntuk oah. Panonna seukeut. Nengetan polah Sardiat.
Sardiat anteng nurun-nurunkeun doran nu ngagarantung dina bilik saung. Doran pacul saopat-opat diturunkeun. Hiji-hiji dibebeskeun kana seuneu.
“Nyaah, Sujang!”
“Diteundeun kalah matak heurin! Teu jadi duit!”
“Montong ngarasula! Anggur mikir pikahareupeun! Cikan ngasaan bakona! Euleuh, jadi inget ka Bapa ilaing, Si Jenat. Bako Pasigaran, lin?” diuk dina tangkal gedang nu ngajepat. Maut bako jeung pahpirna. Ari panon tuluy manco nuturkeun laku Sardiat nu laju ngasur-ngasur doran.
“Baheula. Déwék teu béda jeung silaing!” Mang Mahdi ngalungkeun suluh urut nyeungeut lintingan. “Na dikirana Jang Haji teu kejem kitu? Kejem! Kejem kacida! Teu béda ti Kuwu kiwari. Ngan déwék teu paya dikakaya! Tiap panén tekor, teu sirikna lir anjing manggih bagong! Déwék teu paya. Méméh digebrag. Ngagebrag ti heula. Hiji waktu, déwék ngamuk di imahna. Teu sangka, borangan! Berekah, bageur nepi ka ayeuna!” ditungtungan nyéréngéh, reueus kana katineung nu dipurak. Sardiat seuri leutik. Seuri nu nyiriwik kana ati.
“Paré urut kamari moal waka kagantian, Mang?”
“Keun! Nu puguh silaing kudu boga ketak! Ulah sabar teuing siga bapa ilaing! Montong daék diidek waé! Da lain taneuh!”
Sardiat jempé. Mang Mahdi teu eureun manjangkeun kalimah. Marengan létah durukan nu beuki rongkah. Tuluy manjang unggah ti kotakan ka kotakan. Kekecapan ngeteyep dina tumpukan sora-sora peuting. Ngaduruk waktu.
Anjing babaung ti jauhna. Ti luhur pasir.
Sardiat mulang ka imah. Dina korsi. Kasampak Cicih, pamajikanana. Mapatahan nulis ka Déwi, budakna nu karék kelas dua SD. Luhureun méja. Aya sangu goréng setengah piring, coét jeung gelas taya eusian. Aya baskom héjo ditutup kaén bodas. Bari kerung, ramo Sardiat mukakeun tutupna.
“Bérés geuning?”
“Ti Mang Mahdi. Magrib ka dieuna.” témbal Cicih. Pék ngusap sirah Déwi. Cengkat. Koloyong ka dapur. Teu lila kapireng sora cai nyurulung. Ngaronghéap geus mawa gelas cikopi. Sok hareupeun nu mencrong kénéh eusi baskom. Kana sarat pupuhunan. Kupat. Bubur bodas, bubur beureum. Opak. Wajit. Puncak manik. Béas samangkok jeung duit kencring. Kekembangan. Menyan. Surutu. Eunteung. Jeung étém.
“Naon hartina sugah-suguh? “ Sardiat ngicip-ngicip kopi.
“Ari taeun téh! Manjangkeun lalampahan karuhun. Émut kasauran Bapa kapungkur, ulah hilap kana akar!”
“Ongkoh badé nanggap jentréng? Resep Déwi mah, kapungkur ogé nuju aya aki. Nu ngibingna, Pa! Geuning Nini Ima mani siga nu ngapung. Siga heulang nuju muir di langit!” Déwi luncat tina korsi. Nyéta-nyéta nu ngibing jentréng. Gancang dihuit ku Cicih.
“Déwi kamari pan ngagambaran oray-orayan, nya? Enjing urang apungkeun di sawah. Ngajak A Médi, wé! Ayeuna énggal bobo! Tos wengi! Tuh, aya anjing babaung!” Sardiat ngupahan nu nagih janji.
“Alah Uhun! Asik! Warna-warni di langit! Sing luhur diapungkeunana. A Médi téa jagoan!” Déwi lunggak-linggeuk. Cumentil. Mérésan buku. Tuluy ngagusur Cicih asup ka kamar. Ngolo hayang dipangdongéngkeun. Sardiat nuturkeun ku teuteup.
“Kadé reksak! Buku éta warisan ti Uyut. Nuju Nini saageung Déwi. Kedah apik. Kamari dugi kamana?” Nu guntreng di jero kamar. Teu lila, bet kapireng sora Cicih  ngahariringkeun lalakon Déwi Rengganis. Sorana tembus ka saban rohang. Rohang tengah nu heureut. Sardiat guligah sorangan. Kurulang-kuriling. Noong nu ngadongéng. Lalajo antayan sireum dina témbok. Ngintip eusi baskom. Nénjo cakcak nu nguliwed satukangeun kalénder gambar amparan sawah nu paréna meujeuhna alaeun. Lir amparan emas handapeun langit bungur. Asa aya nu ngarabut jajantungna. Mangsa sapasang beurit. Sapasang beurit luncat kana méja, tingarajleng kana ubin. Tingciricit muru dapur. Nyeblak. Asa dibalangkeun ka jurang. Bari taya pamuntangan.
Poé isuk, kuma isuk! Cék Sardiat bari ngoloyong ka kamarna. Kekedengan. Bari tagiwur. Katingtrimkeun ku sora Cicih nu lir hiliwir malati pareng bulan samagaha. Sakedapan nyieuhkeun ricit. Ngalenyap sakedapan. Di nagri impian Sardiat nénjo rébuan beurit ngahanca pupuhunan, ngahanca sanggar jeung eusina. Merul satangtung tangkal-tangkal kalapa. Ngagares lembur. Ngagares nagara. Ngagares mangsa.
Lilir sakedapan. Hawar-hawar wawacan Rengganis bet kapireng jadi nu ngaji. Walungan ayat suci némbrés ngamalir jeung ingsreuk. Rét. Dina ubin. Saluhureun sajadah kucel. Cicih geus dimukena nyanghareupan kitab.
Isuk-isuk. Panon poé geus moncorong. Sardiat ngaléngkah bangun teu napak. Langlayangan oorayan gupay-gapuy dina tonggong Déwi. Hareupeunana. Srog ka sawah. Nu dibuat aranteng. Ngarit paré diunggal sisi. Ipis naker. Tengahna héjo cawérang. Taya alaeun.
“Ari ilaing siga lain turunan tukang tani! Langlayeuseun siga langlayangan kapakan.” Mang Mahdi nyengor.
Sardiat ancrub ka sawah. Laju milu ngalaan paré. Guntreng jeung arit. Saarit-aritna.
Hawa panén ngungun. Tarungkul jeung arit séwang-séwang. Nu réngsé, maju ngagebot. Ukur Déwi nu jigrah noongan puncak manik. Oray-orayan ngibing saluhureun pucuk kalapa rawing.
Méh saréréa ngeureuyeuh ngagebot. Sada motor digaur-gaur deukeut saung. Kuwu melak cangkéng bari ngulincer balong. Sardiat kalékéd nyampeurkeun nu bolotot ngomé huis.
“Déwék hayang nempo lauk, euy! Cing, pangbedahkeun! Ngeunah sigana mais lélé! Baradag temen!!!” pokna mapag nu moyongkod.
Nu dititah tiban mangga. Gebrus ka balong. Ngabedolkeun liang pamiceunan. Cai ngagewor ka kotakan landeuh. Kuwu jalang-jeleng. Jamotrot nénjo antayan tangkal kalapa lebah wates jeung sawah séjén. Kerung. Gogodeg.
“Teu sangka!! Lain ukur beja! Bener-bener!!! Silaing sok ngajualan kalapa ka saha?” Kuwu ujug-ujug nyeuneu.
“Teu pisan-pisan! Tara kumawantun!” Sardiat karék hanjat.
“Buktina! Tina ngaratus, ayeuna sia ngan lilikuran ngirim ka déwék. Duwegan dibajongkeun?”
“Apan tuang putra, nu bungsu, nu sering ngala duwegan mah!” Sardiat ngarénghap jero. Neureuy nu ngabagegel. Kitu buktina, kalapa mun loba diala duweganana, tangtu sok nyéot ngagoréngan.
“Wani sia nyalahkeun anak déwék!!! Teu gableg cedo! Na sia poho?!! Nyatu ti tanah aing!! Gogobrog di lahan aing!!! Padu nuduh wé, siah!!!” Kuwu tutunjuk bari tipopolotot. Bangun rék sahabek-habekkeun.
Sardiat ngeluk di sisi balong. Tipepereket nahan nu ngagedur jeroeun dada. Kuwu ngawur-ngawur supata. Sagala disabit. Jalang-jéléng. Jamotrot. Sésa durukan disépak. Mang Mahdi ngaragap arit.
Balong orot. Kari samumuncangan. Ngan ahéng. Taya nu motah. Ukur hiji dua tingkocépat. Ukur impun jeung buruy minuhan unggal juru.
Sardiat sepa. Kuwu euceuy saga. Ngagejlig muru jalan.
“Sia ditungguan ku aing engké peuting!!!” clak kana motor pulas beureum bandéra. Nyelah sababaraha kali. Teu hirup. “Teu sangka aing ngukut rinyuh!!!”
“Laukna, Pa Kuwu! Pameng tos dibedahkeun!!” Sardiat muru nu pundung.
“Lebok ku bebengok sia!! Aing melak lauk ngarebu!!” motor teu daék hirup. Guprak, digubragkeun. Sardiat  colohok mata simeuteun. Kuwu malik. Amarah nyongkab tina matana. Pédéngkréng deui waé. Saréréa cengkat tina ngagebot. Sardiat nyéréd léngkah ngajauhan sawah. Ngajauhan nu bangun rék mindo ngabeledug. Nyampoyong sapanjang ringkel galengan. Cicih curinghak.
Balong taya nu maliré.
“Rék kamana, siah? Nyingkahan aing!!! Nyanghareup ka dieu, koplok! Bapa sia teu goblog-goblog teuing! Na ari sia teu ngaragap tangtungan pisan! Ngabangsat teu kapalang! Haat ku aing ditulungan kalah curaling!” Kuwu bebeledagan. Siga gelap jeroeun hujan silantang. Meupeus keuyang.
Sardiat ngarandeg. Leungeuna muntang kana tihang pupuhunan. Nu ngagarebot mimiti ngabaredega. Mang Mahdi meuntasan kotakan.
“Sia, Mahdi! Paingan! Ngariung jeung baragajul! Garong malulu! Saéngko sia jeung Si Diat! Pantesan pakaya aing tara kahakan! Moal salah! Ku aing dilaporkeun, siah! Ngaranjah wé pagawéan téh! Dasar jalma salangsara!” Kuwu awong-awongan lebah galengan.
“Kuwu!” Mang Mahdi nyorowok ngamangkeun arit.
“Rék naon, sia? Aing nyaho sia ukur tarik gorowok! Rék ngabéla alo! Alus, deuleu! Garong ngabéla garong. Deuleu alo sia euweuh kabelul! Paré kalah diparabkeun ka beurit!!! Usum ayeuna déwék menta lima kintal!!! Teu hayang kurang sasieur!!! Dikirana mayar pajeg murah!!!” Kuwu ngacungkeun peureup mapag Mang Mahdi nu ngarengkog di tengah kotakan. Aritna masih kénéh ngacung saluhureun siah. Sardiat tipepereket nyekel tihang pupuhunan, urat-urat leungeunna ranteng. Cicih kapiuhan di juru kotakan landeuh. Nu ngabaredega cul geboteun. Mimiti ngalaléngkah. Jeung aritna séwang-séwang. Muru kotakan tengah. Handapeun pisan panon poé.
“Naha cicing Mahdi?! Aing teu tarima pakaya aing dirampog! Coba-coba kaniaya ka aing! Sia rék ngalawan?! Sia ukur gedé haok! Leutik burih! Diaaaat!!! Mana tanggung jawab silaing?!! Rék digantian ku naon lauk aing? Kalapa aing?” Kuwu mencrong ka Mang Mahdi nu bangun kasima. Siga arca. Siga bebegig ngacungkeun arit. Satengahing paré héjo tapak beurit.
Sardiat kekerot. Dua leungeunna adu regeng. Pupuhunan karabut. Eusina racleng. Sardiat ngabelesat sapanjang galengan. Pupuhunan meulah angin. Ngahiuk. Ngahanca.  Meneran pisan sirah Kuwu.
Mang Mahdi katut nu ngalaléngkah. Pirang-pirang arit. Tinggarajleng ngaboro nu ngajurahroh kana kotakan.
Harita, pirang-pirang beurit tingciricit. Réwuan. Kaluar tina saban liang. Tina saban kotakan. Mijah. Tuluy ngabring. Lir aleutan méga mendung. Muru gumplukan sawah beulah peuntas.
Panon poé katutupan méga. Oray-orayan nyangsang lebah pucuk tangkal kalapa. Rangsak.

Selasa, 15 November 2011

DI PATAMANAN


Carpon Toni Lesmana

Di patamanan. Sakatukangeun Pondok Barokah. Lampu buleud tengah palataran, tihangna ajeg dirungkup-rungkup malati, katénjo reyem-reyem. Angin seungit ngahiliwir nebakan mangpirang biwir daun. Nebakan mangpirang pucuk lilin. Kiceupna tingkalices, ari pucukna teu kendat nunjuk béntang nu tingkaretip. Lilin sawaréh rapang lebah émpang, lumaku luhureun gabus, lir layar-layar cahaya.
“Taya deui jalan, Sinta!” Rasta neureuy ciduh. Lungsé. Ngarasakeun awak balas dibeberik intél tadi soré. Bangun ngawawaas pélor rabeng pasulibreng mangsa patingberetek nembus gang kaluar gang. Sabada tempat ngariung kagerebeg, sabada bubar katawuran.
Sinta ngicip-ngicip biwir gelas. Leumpang ngadeukeutan sisi émpang. Nyawang baranang nu tingarangkleung. Nyeuseup tungtung kurudungna. Lilin aroyag.
“Harita urang kudu pada-pada ngorbankeun haté,” cék Sinta tungkul ngarasakeun nu milu oyag lebah dadana.
“Keur ngudag kabagjaan séwang-séwang, naon salahna? Kapan cék Sinta gé sagala rupana geus aya nu ngatur. Aya nu nangtukeun. Kari ngarayap nuturkeun kereteg angen, asal ulah mungpang tina ugeran. Naha kudu ringrang? Sinta teu kudu salempang mun enya kayakinan sorangan. Sedeng kuring sawajarna melang, da hirup ditangtukeun ku léngkah sorangan.” lebah tungtung kalimah Rasta ngusap beungeut hayang mupus kalangkang getih nu ngucur tina dada Marli, sobatna nu ngudupruk digusur kana mobil kijang, handapeun layung wungu.
Rasta ngaduruk congo roko kana pucuk lilin luhur méja. Lilin beureum gambar naga, nu huluna kakeclakan, lééh. Ngalembéréh. Sawaréh geus narétés kana buku sajak pulas hideung nu ngagolér taya nu maliré.
“Keur naon atuh hirup téh, Ras?” Sinta nyawang awang-awang.
“Keur hirup!” témbal Rasta tandes. Nguniang, meungkeut buukna nu gimbal. Sarérétan manéhna nénjo nu ngariung di téras loténg pondokan nu séjén, anu nampeu ka patamanan, halihitaran, tina tangga norojol nu angkaribung babawaan, sakiceup tinggareblus paheula-heula asup ka kamar, panto dijablogkeun.
“Ari cinta?” Sinta ngedalkeun kecap sanggeus ngawahan sawatara lila.
“Keur cinta.”
Sinta masrahkeun gelas nu kari setengahna, mangsa ti loténg ngabelesur lagu Selamat Ulang Tahun. Duaan pahareup-hareup. Pada-pada tanggah. Milang béntang. Milang kembang mangsa lawas. Milang raheut mangsa datang. Duanana saéstuna hayang léah silih igelan. Nu hiji bulan. Nu hiji samagaha. Nu hiji hujan. Nu hiji katiga. Ketak horéng teu sawirahma. Reundeuk jeung igel papalingpang. Pengkuh na pamadegan séwang-séwang.
“Getih geus ngamalir…,” haréwos Ratsa nunjuk salah sahiji béntang.
“Getih? Getih Marli? Getih Asep? Getih Tisna? Getih saha deui???!” Sinta ngégél biwir sorangan.
“Anak-anak nagri.”
“Buruh jeung patani?”
“Saréréa keur naratas néang muara.”
“Surga?”
“Nagrina nagri.”
“Sungapanana?”
“Nagri nu ditandasa.”
“Manusa, ti manusa, keur manusa?”
“Manusa jeung harepan. Manusa jeung késang. Manusa jeung getih. Manusa jeung kaunggulan.”
“Sajarah kungsi cumarita ngeunaan getih jeung cimata.” Sinta ngaheruk.
“Kawas nu teu nyaho. Aya nu nyipta kelemeng lebah sajarah. Sarta léngkah-léngkah maju ka hareup, lain ka tukang.”
“Révolusi, tangtuna?”
“Bongan saha nyipta jurang.”
Sinta peureum.
“Mangratus juta peureup baris jadi makuta.”
“Gusti!”
“Hiji-hijina gusti ukur perjuangan!”
“Gusti,….,” Sinta miceun beungeut. Ngalanggéor. Tungtung kulotna, pulas  kekembangan, ngagulusur ngusap jukut. Angin nu ngoréjat ti satukangeun bénténg, geus ngalantarankeun sababaraha parahu lilin kalebuh. Ngajéos. Karem.
Méh bareng miceun rénghap na beungeut émpang. Mariceun guligah kana keleter nu buburilakan. Sinta teu kaitung ngucap: Gusti!
“Hiji waktu. Hiji waktu hirup gé bakal karem. Pasti!” cék Sinta sabot Rasta nyelang nyokot lilin jeung gabus sakuriling malati. Pék sina ngeuleuyeung na beungeut émpang, sina ngangkleung ngayuman nu tadi karem, sina ngangkleung maturan nu masih tingkaliceus. Bangkarak gabus nu taya lilinan bet katémbong ngabalaan. Siga panasaran.
“Pareum. Meredong.” laju ngoéran bangkarak gabus.
“Cahaya mulang ka asalna.”
“Kutan?” Rasta ngalangeu.” Balitungan?”
“Surga atawa naraka. Batin kaadilan.”
“Utopia.”
“Aya awal tangtu aya ahir.”
“Deudeuh teuing, wayang-wayang.”
“Dalang kawasa.”
“Taya tapak nu bisa dipaké eunteung.”
“Mata batin, Rasta. Puseur kalbu tempat ngancikna.”
“Nu nyata wé atuh, Sinta. Nu nyata.”
“Nu nyata saukur berhala.”
Rasta nengetan hiji lilin. Méré isarah sangka Sinta milu niténan. Belewer dibalédog. Kecemplung. Pes. Jempling. Sajatining jempling. Simpe tina pucuk kana pucuk  lilin kaoyagkeun lambak. Émpang ngeleter. Gumeleter.
“Pati.” sora Sinta halimpu. Lir sirung lagu nu meupeuskeun simpé.
“Kakasih.” Sinta ngarambatkeun deui wirahna jeung kukupuna.
Rasta nahan ambekan. Jamparing nu dipentangkeun bet malik niruk ka sorangan. Kasima. Kagagas. Aya nu kumarayap lebah rohang-rohang dadana. Tembang nu lengas-lengis. Humarurung. Teu kawas sambuang sora Sinta. Diayap. Dina dadana. Horéng aya lewang ngarandakah.
Gentak nyingkahan émpang. Nyician gelas. Regot.
“Na aya sabaraha hiji ari cinta?” gerentes Sinta teu maliré nu samar polah.
“Hiji.” cék Rasta awor jeung jentring zipo. Haseup ngabrul. Kumalayang. Muputkeun ngungun ka alak paul.
“Buktina. Cinta urang pada nogéncang.”
“Cinta salawasna  cinta. Nu séjénna getih kawajiban.”
“Cinta téh rénghap.”
“Satuju. Cinta ibarat langit. Getihna matapoé jeung méga mendung.”
“Matapoé jeung girimis mun tepung nyiptakeun katumbiri.”
“Saha matapoé? Saha girimis?”
“Nya urang katumbirina.”
“Kaéndahan sajorélatan! Matapoé jeung girimis surti kana kawajiban séwang-séwangan.”
“Teu béda ti urang.”
“Kanyataan ngaenyakeun.”
“Hakékatna ti langit nu hiji. Pada-pada miasih bumi.”
“Naha los-los ka dinya?”
“Salah?”
“Ukur katineung nu baris katumbirian…,”
“Mumpung can jadi katineung. Siga Marli. Barina ogé tangtu salawasna lamun amprok lebah dada. Ngelewung dina kalbu. Warna-warni lebah sukma.”
“Karang hamo leyur ku sajuta ombak.”
“Saha atuh nu pangkawasana?” teuteup Sinta liuh norobos lilin.
Rasta ngarasa kekecapan nyugak na genggerong. Rangseb. Kari-kari nu tingkarayap tina dada geuning geus nyampay na elak-elakan. Kecap saha nu usik-usikan hayang milu palid jeung kamalir kalimah Sinta. Teu wararawuh. Teu katalungtik ngan burialna tina dada lebah mana.
“Saha atuh nu pangkawasana?” Sinta imut pinuh lolongkrang.
“Cinta.” Rasta rumegag.
“Aya sabaraha hiji ari cinta?”
“Hiji.”
“Nu saha?”
“Nu urang!” hégak Rasta, hégak nu tas manggih tanjakan.
“Langit nu hiji….,” Sinta gegerendeng sorangan, ngahaja ditebar ka mana-mana. Awor jeung seungit malati nu humariring. Ngadalingding. Ngayun  ngambing.
Rasta tiban hareugeueun. Dina dadana.  Kiwari nyiriwik réwuan balati. Nurih bari nyisit. Bangun hayang ngajemprungkeun tarali nu tuluy usik-usikan. Tarali batin nu hésé dikadalian.
Haseup roko nyalabarkeun guligah. Ka saha. Da, taya sasaha di alak paul. Kapan saukur mongkléng pangimpian. Tapi. Aya.
Aya. Aya nu keur ngangon béntang. Jauh kacida. Jauh kacida. Hémeng, tarali nu tuluy nyirung bet cacap nembus ka palebah dinya. Madu nu lawas teu kasuruput. Sora saha.
“Langit nu hiji, Rasta. Moal matak meunggaskeun cinta. Moal matak mugagkeun lalampahan cita-cita. Tangtu asal bajuangna batin teu kaluli-luli.” Sinta  muru méja. Rasta deui-deui ngarénjag.
“Sumanget meureun hamo ngagalura.” sora leuseuh ngarangkul Sinta nu mimiti mukaan lambaran buku.
“Kuma paniatan.” Sinta masang kacamata.
Kayakinan nu hiji. Getih jeung madu sina gumulung. Rasta humandeuar. Halon Sinta ngaderes sajak.
Ti palebah loténg. Panto nu tadi ngajablog ngadak ngageblang. Kapireng campuh sora cakakak. Gelas peupeus. Hitar gumrang-gumréng. Lagu sabulangbéntor. Bob Marley. Campur Sari. PHB. Zamrud . Indonesai Raya. Gorowok tingrampéol. Aya botol ngabelewer ngaluncatan balkon. Ngagejebur luhur empang. Karem sakabéh layar cahaya. Samagaha ragrag di sagara.***

Jatinangor, 2002