Carpon Toni Lesmana
Di patamanan. Sakatukangeun
Pondok Barokah. Lampu buleud tengah palataran, tihangna ajeg dirungkup-rungkup
malati, katénjo reyem-reyem. Angin seungit ngahiliwir nebakan mangpirang biwir
daun. Nebakan mangpirang pucuk lilin. Kiceupna tingkalices, ari pucukna teu
kendat nunjuk béntang nu tingkaretip. Lilin sawaréh rapang lebah émpang, lumaku
luhureun gabus, lir layar-layar cahaya.
“Taya deui jalan, Sinta!” Rasta
neureuy ciduh. Lungsé. Ngarasakeun awak balas dibeberik intél tadi soré. Bangun
ngawawaas pélor rabeng pasulibreng mangsa patingberetek nembus gang kaluar
gang. Sabada tempat ngariung kagerebeg, sabada bubar katawuran.
Sinta ngicip-ngicip biwir gelas.
Leumpang ngadeukeutan sisi émpang. Nyawang baranang nu tingarangkleung.
Nyeuseup tungtung kurudungna. Lilin aroyag.
“Harita urang kudu pada-pada
ngorbankeun haté,” cék Sinta tungkul ngarasakeun nu milu oyag lebah dadana.
“Keur ngudag kabagjaan
séwang-séwang, naon salahna? Kapan cék Sinta gé sagala rupana geus aya nu
ngatur. Aya nu nangtukeun. Kari ngarayap nuturkeun kereteg angen, asal ulah
mungpang tina ugeran. Naha kudu ringrang? Sinta teu kudu salempang mun enya
kayakinan sorangan. Sedeng kuring sawajarna melang, da hirup ditangtukeun ku
léngkah sorangan.” lebah tungtung kalimah Rasta ngusap beungeut hayang mupus
kalangkang getih nu ngucur tina dada Marli, sobatna nu ngudupruk digusur kana
mobil kijang, handapeun layung wungu.
Rasta ngaduruk congo roko kana
pucuk lilin luhur méja. Lilin beureum gambar naga, nu huluna kakeclakan, lééh.
Ngalembéréh. Sawaréh geus narétés kana buku sajak pulas hideung nu ngagolér
taya nu maliré.
“Keur naon atuh hirup téh, Ras?”
Sinta nyawang awang-awang.
“Keur hirup!” témbal Rasta
tandes. Nguniang, meungkeut buukna nu gimbal. Sarérétan manéhna nénjo nu
ngariung di téras loténg pondokan nu séjén, anu nampeu ka patamanan,
halihitaran, tina tangga norojol nu angkaribung babawaan, sakiceup tinggareblus
paheula-heula asup ka kamar, panto dijablogkeun.
“Ari cinta?” Sinta ngedalkeun
kecap sanggeus ngawahan sawatara lila.
“Keur cinta.”
Sinta masrahkeun gelas nu kari
setengahna, mangsa ti loténg ngabelesur lagu Selamat Ulang Tahun. Duaan
pahareup-hareup. Pada-pada tanggah. Milang béntang. Milang kembang mangsa
lawas. Milang raheut mangsa datang. Duanana saéstuna hayang léah silih igelan.
Nu hiji bulan. Nu hiji samagaha. Nu hiji hujan. Nu hiji katiga. Ketak horéng
teu sawirahma. Reundeuk jeung igel papalingpang. Pengkuh na pamadegan
séwang-séwang.
“Getih geus ngamalir…,” haréwos
Ratsa nunjuk salah sahiji béntang.
“Getih? Getih Marli? Getih Asep?
Getih Tisna? Getih saha deui???!” Sinta ngégél biwir sorangan.
“Anak-anak nagri.”
“Buruh jeung patani?”
“Saréréa keur naratas néang
muara.”
“Surga?”
“Nagrina nagri.”
“Sungapanana?”
“Nagri nu ditandasa.”
“Manusa, ti manusa, keur manusa?”
“Manusa jeung harepan. Manusa
jeung késang. Manusa jeung getih. Manusa jeung kaunggulan.”
“Sajarah kungsi cumarita ngeunaan
getih jeung cimata.” Sinta ngaheruk.
“Kawas nu teu nyaho. Aya nu
nyipta kelemeng lebah sajarah. Sarta léngkah-léngkah maju ka hareup, lain ka
tukang.”
“Révolusi, tangtuna?”
“Bongan saha nyipta jurang.”
Sinta peureum.
“Mangratus juta peureup baris
jadi makuta.”
“Gusti!”
“Hiji-hijina gusti ukur
perjuangan!”
“Gusti,….,” Sinta miceun
beungeut. Ngalanggéor. Tungtung kulotna, pulas
kekembangan, ngagulusur ngusap jukut. Angin nu ngoréjat ti satukangeun
bénténg, geus ngalantarankeun sababaraha parahu lilin kalebuh. Ngajéos. Karem.
Méh bareng miceun rénghap na
beungeut émpang. Mariceun guligah kana keleter nu buburilakan. Sinta teu
kaitung ngucap: Gusti!
“Hiji waktu. Hiji waktu hirup gé
bakal karem. Pasti!” cék Sinta sabot Rasta nyelang nyokot lilin jeung gabus
sakuriling malati. Pék sina ngeuleuyeung na beungeut émpang, sina ngangkleung
ngayuman nu tadi karem, sina ngangkleung maturan nu masih tingkaliceus.
Bangkarak gabus nu taya lilinan bet katémbong ngabalaan. Siga panasaran.
“Pareum. Meredong.” laju ngoéran
bangkarak gabus.
“Cahaya mulang ka asalna.”
“Kutan?” Rasta ngalangeu.”
Balitungan?”
“Surga atawa naraka. Batin
kaadilan.”
“Utopia.”
“Aya awal tangtu aya ahir.”
“Deudeuh teuing, wayang-wayang.”
“Dalang kawasa.”
“Taya tapak nu bisa dipaké
eunteung.”
“Mata batin, Rasta. Puseur kalbu
tempat ngancikna.”
“Nu nyata wé atuh, Sinta. Nu
nyata.”
“Nu nyata saukur berhala.”
Rasta nengetan hiji lilin. Méré
isarah sangka Sinta milu niténan. Belewer dibalédog. Kecemplung. Pes. Jempling.
Sajatining jempling. Simpe tina pucuk kana pucuk lilin kaoyagkeun lambak. Émpang ngeleter.
Gumeleter.
“Pati.” sora Sinta halimpu. Lir
sirung lagu nu meupeuskeun simpé.
“Kakasih.” Sinta ngarambatkeun
deui wirahna jeung kukupuna.
Rasta nahan ambekan. Jamparing nu
dipentangkeun bet malik niruk ka sorangan. Kasima. Kagagas. Aya nu kumarayap
lebah rohang-rohang dadana. Tembang nu lengas-lengis. Humarurung. Teu kawas
sambuang sora Sinta. Diayap. Dina dadana. Horéng aya lewang ngarandakah.
Gentak nyingkahan émpang. Nyician
gelas. Regot.
“Na aya sabaraha hiji ari cinta?”
gerentes Sinta teu maliré nu samar polah.
“Hiji.” cék Rasta awor jeung
jentring zipo. Haseup ngabrul. Kumalayang. Muputkeun ngungun ka alak paul.
“Buktina. Cinta urang pada
nogéncang.”
“Cinta salawasna cinta. Nu séjénna getih kawajiban.”
“Cinta téh rénghap.”
“Satuju. Cinta ibarat langit.
Getihna matapoé jeung méga mendung.”
“Matapoé jeung girimis mun tepung
nyiptakeun katumbiri.”
“Saha matapoé? Saha girimis?”
“Nya urang katumbirina.”
“Kaéndahan sajorélatan! Matapoé
jeung girimis surti kana kawajiban séwang-séwangan.”
“Teu béda ti urang.”
“Kanyataan ngaenyakeun.”
“Hakékatna ti langit nu hiji.
Pada-pada miasih bumi.”
“Naha los-los ka dinya?”
“Salah?”
“Ukur katineung nu baris
katumbirian…,”
“Mumpung can jadi katineung. Siga
Marli. Barina ogé tangtu salawasna lamun amprok lebah dada. Ngelewung dina
kalbu. Warna-warni lebah sukma.”
“Karang hamo leyur ku sajuta
ombak.”
“Saha atuh nu pangkawasana?”
teuteup Sinta liuh norobos lilin.
Rasta ngarasa kekecapan nyugak na
genggerong. Rangseb. Kari-kari nu tingkarayap tina dada geuning geus nyampay na
elak-elakan. Kecap saha nu usik-usikan hayang milu palid jeung kamalir kalimah
Sinta. Teu wararawuh. Teu katalungtik ngan burialna tina dada lebah mana.
“Saha atuh nu pangkawasana?”
Sinta imut pinuh lolongkrang.
“Cinta.” Rasta rumegag.
“Aya sabaraha hiji ari cinta?”
“Hiji.”
“Nu saha?”
“Nu urang!” hégak Rasta, hégak nu
tas manggih tanjakan.
“Langit nu hiji….,” Sinta
gegerendeng sorangan, ngahaja ditebar ka mana-mana. Awor jeung seungit malati
nu humariring. Ngadalingding. Ngayun
ngambing.
Rasta tiban hareugeueun. Dina
dadana. Kiwari nyiriwik réwuan balati.
Nurih bari nyisit. Bangun hayang ngajemprungkeun tarali nu tuluy usik-usikan.
Tarali batin nu hésé dikadalian.
Haseup roko nyalabarkeun guligah.
Ka saha. Da, taya sasaha di alak paul. Kapan saukur mongkléng pangimpian. Tapi.
Aya.
Aya. Aya nu keur ngangon béntang.
Jauh kacida. Jauh kacida. Hémeng, tarali nu tuluy nyirung bet cacap nembus ka
palebah dinya. Madu nu lawas teu kasuruput. Sora saha.
“Langit nu hiji, Rasta. Moal
matak meunggaskeun cinta. Moal matak mugagkeun lalampahan cita-cita. Tangtu
asal bajuangna batin teu kaluli-luli.” Sinta
muru méja. Rasta deui-deui ngarénjag.
“Sumanget meureun hamo
ngagalura.” sora leuseuh ngarangkul Sinta nu mimiti mukaan lambaran buku.
“Kuma paniatan.” Sinta masang
kacamata.
Kayakinan nu hiji. Getih jeung
madu sina gumulung. Rasta humandeuar. Halon Sinta ngaderes sajak.
Ti palebah loténg. Panto nu tadi
ngajablog ngadak ngageblang. Kapireng campuh sora cakakak. Gelas peupeus. Hitar
gumrang-gumréng. Lagu sabulangbéntor. Bob Marley. Campur Sari. PHB. Zamrud .
Indonesai Raya. Gorowok tingrampéol. Aya botol ngabelewer ngaluncatan balkon.
Ngagejebur luhur empang. Karem sakabéh layar cahaya. Samagaha ragrag di
sagara.***
Jatinangor, 2002
Tidak ada komentar:
Posting Komentar