Aya ékék nu hirup di hiji leuweung. Matuhna
dina parungpung kai anu kacida gedéna. Unggal poé éta ékék téh sok nyiar
hakaneun, pangpangna siki jagong, di leuweung sabudeureunana. Lamun manggih
kebon jagong, manéhna gumbira pisan, nya bisa ngadahar saseubeuhna, nya bisa
mawa siki jagong kana sayangna. Dibélaan pulang anting ti sayang ka kebon.
Maksudna taya lian rék nyéngcéléngan siki jagong keur sasadiaan dina usum
paceklik.
Bakat ku leukeun, lila-lila parungpung téh pinuh ku siki jagong. Nénjo siki jagong sakitu réana, ékék téh gedé haté. Teu hariwang najan nyanghareupan usum paceklik ogé, da boga sasadiaan dahareun.
Nya nepi ka mangsana paceklik. Harita téh usum katiga entak-entakan. Hawa pohara panasna, tatangkalan réa nu kalémpohan, jukut gararing di mana-mana.
Dina kaayaan kitu, ékék téh pohara apikna kana dahareun. Jagong simpenan téh diawét-awét sangkan mahi nepi ka usum ceuyah deui.
Dina hiji poé, jol aya jelema, ngadon ngiuhan handapeun tangkal nu dipaké pamatuhan ku ékék téa. Lungsé pisan bangunna éta jelema téh, da leumpangna ogé semu rarampéolan. “Duh, mani capé-capé teuing. Jaba ieu beuteung geus sababaraha poé teu kaasupan dahareun,” ceuk éta jelema ngomong sorangan.
Ngadéngé kitu ékék téh karunyaeun, hayang nulungan ka éta jalma nu kalaparan. Geleber kana parungpungna, cok macok siki jagong. Tuluy dipuragkeun ka lebah jelema nu keur nyarandé. Éta jelema téh curinghak reuwaseun duméh aya siki jagong murag tina tangkal kai. Ceuk pikirna, meureun bawa manuk. Bakat ku lapar, siki jagong téh dicokot, dihuapkeun. Dicapék, diteureuy harita kénéh.
Nempo polah jelema kitu, ékék téh beuki karunyaeun baé. Clik muragkeun deui sasiki. Kop dicokot deui, am dihuapkeun. Ngan kitu jeung kitu baé, clik…kop…am, clik…kop…am.
Saréana gé simpenan ékék. Saleutikna gé beuteung jelema. Antukna simpenan ékék téh béak pisan. Ari jelema téa jadi jagjag sarta kuat nuluykeun lalampahanana.
Saléosna jelema, ékék téh jadi bingung pédah manéhna ayeuna teu bogaeun dahareun. Tapi teu lila bingungna téh. Malah tuluyna mah ngarasa bungah duméh bisa nulungan jelema nu sasatna rék maot sahoseun.
Sakali mangsa, leuweung pamatuhan ékék téh kahuruan. Usum halodo kitu, seuneu téh babari pisan ngagedéanana. Kacida legana leuweung nu kahuruan téh. Tatangkalan tarutung, sasatoan loba nu paraéh.
Ari ékék kabeneran keur nyaba jauh harita téh. Balik ti panyabaan pohara kagétna nénjo leuweung bungbang, ngan kari tunggul galituk. Harideung sésa kahuru. Tapi anéh pisan, ari tangkal kai pamatuhan ékék téa mah teu nanaon. Angger baé kitu, daunna ogé teu pérang-pérang acan.
Bari pohara kagétna, ékék téh asup kana parungpung pamatuhanana. Tétéla imahna beleger, teu kahuru kawas nu séjén. Padahal tatangkalan kénca katuhueunana mah ledis ku seuneu.
Salila-lila ékék téh ngahuleng, tumarima kana kamurahan Pangéran. Tapi manéhna ngarakacak, rus-ras ka tatanggana anu meunang musibat sakitu peuheurna.

Tina Mahér Basa, Karya Drs. Ahmad
Hadi Spk.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar