Sabtu, 18 Februari 2012

Buah Kadongdong


Ku: Yat Hidayatullah

Bray panto lomari muka, sajongjongan kuring neuteup entepan baju dina undakan katilu jeung panghandapna.

Bari masih keneh dimukena, kuring diuk nyanghareupan lomari, baju-baju nu geus lawas tara dipake dikaluarkeun hiji-hiji, breh kabaya panjang pulas coklat ngora, dipapaes bordel daun jeung kembang malati. Kabaya nu bareto dibeuli waktu jalan jeung Kang Idang, tilu poe saencan kuring dirapalan jeung manehna. Kabaya nu mindeng dipake dina taun-taun munggaran kuring lalayaran dina sagara rumah tangga.

Di luar hujan ngagebret, sawaktu-waktu kadenge jelebetna sora gelap matak keueung, matak paur.

Baju kabaya teh lalaunan dicokot, terus diteueulkeun kana dada, hate tingseredet, peurih, jeung teu pupuguh jadi nalangsa, rus-ras kana skenario kahirupan nu dialaman dua puluh taun ka tukang.

Inget keneh dina poe eta teh kuring kasemahan ku Hesti, sobat dalit jaman kuring keur sakola di Sukabumi. Cenah bisa nyaho alamat imah kuring teh pedah wae meunang beja ti babaturan salakina, nu kabeneran gawe di perusahaan nu sarua di Cimahi, waktu ditanya saha-sahana, horeng babaturan salakina teh Jang Ismet, anak cikal uwa Arman nu salila ieu nganjrek di Batujajar.

Waktu Hesti datang ka imah, aya dua hal nu jadi bahan obrolan harita, nu kahiji kuring cacarita ngeunaan musibah nu kaalaman ku salaki, nyaeta waktu duit lima juta dibawa kabur ku babaturan bisnisna, mangkaning eta duit teh titipan ti dununganana. Bahan obrolan nu kadua nyaeta ngeunaan sikep salaki, pedah kuring encan wae boga budak, padahal rumah tangga teh geus cukup lila.

Ngadenge dua masalah nu diobrolkeun tadi, Hesti milu prihatin, terus manehna mere saran sangkan kuring datang silaturahmi ka Ibu Tatik, nu imahna kabeneran cenah teu pati jauh ti imah manehna.

"Saha Bu Tatik teh..." tanya kuring panasaran.
"Bu Tatik teh nu sok ngubaran rupa-rupa panyakit, sugan wae diijabah ku gusti." cek Hesti, ngajelaskeun.

Cek Hesti keneh, Bu Tatik teh cenah, geus dipikawanoh tukang tutulung ka saha wae nu boga masalah, semah nu ngadon tatamba, lain wae masarakat nu aya di sabudeureun Cipasung, tapi loba oge pasen nu daratang ti luar kota.

Sanggeus meunang ijin ti salaki, dina hiji poe Hesti nganteur kuring indit ka Cipasung. Kabeneran atuh waktu kuring nepi ka imahna, Bu Tatik keur nyalse pisan, padahal biasana mah cenah ti isuk nepika sore teh tara suwung ku semah, atuh ngobrol teh tumaninah masalah-masalah nu keur disanghareupan ku kuring imeut dicaritakeun ka Bu Tatik.

Rengse ngobrol pasualan poko, Bu Tatik nyaritakeun soal pribadi katut kulawargana, teuing ku naon dungang-dongeng teh ujug-ujug nyambung, akrab, padahal wawuh ka manehna teh apanan kakara harita. Tina obrolan manehna, kuring jadi nyaho geuning Bu Tatik teh aslina mah ti Cikatomas, matuh di lembur eta mah dumeh wae cenah dibawa ku salakina nu geus maot sawatara taun ka tukang, balukar ragrag ti lante tujuh, waktu manehna milu gawe di proyek pangwangunan hotel. Lian ti someah, Bu Tatik teh geulis, pangawakanana jangkung leutik teu beda jeung dedegan kuring, umurna, kaasup ngora keneh, kakara tilu puluh genep taun, tujuh taun leuwih kolot ti umur kuring mangsa harita.

Kumaha hasil ihtiar kuring ka Bu Tatik? Alhamdulillah diijabah ku Alloh, duit nu kungsi dibawa kabur teh bisa kapimilik deui, sok sanajan mulangkeunana dicicil ku lanceukna nepi ka lunas.

Ti waktu harita hubungan kuring jeung Bu Tatik karasa leuwih deukeut, hubungan lain sakadar pasen jeung nu ngubaran, tapi asa leuwih ti kitu, asa ka lanceuk sorangan, komo waktu manehna tulaten mangnyieunkeun ramuan sangkan bisa boga turunan, perhatian jeung bantuanana karasa pisan. Sabada tilu bulan kuring ngonsumsi ubar buatan manehna, alhamdulillah kuring kakandungan, bawaning ku atoh salaki gura-giru ka toko meuli kueh jeung apel dua kilo, kuring mah milihan baju lalayusekar nu wedel keneh, nu alus tur pantes keneh dipake, sabrugbrugan baju nu geus lila tara dipake teh dibungkus ku koran, rek dianteurkeun ka Bu Tatik, sina dibagikeun ka tatanggana atawa ka saha wae nu ngabutuhkeun, nganteurkeun kueh teh bari rek sakalian laporan jeung nganuhunkeun ka Bu Tatik, kuring laksana rek boga budak.

Waktu umur kakandungan geus tujuh bulan, kuring dibonceng ku salaki ka pasar, balik ti pasar rebo ku balanjaan, di antara baskom plastik, karanjang baju plastik, jeung barang-barang sejenna nu bakal diperelukeun ku ibu rumah tangga nu rek boga orok.

Motor ngadius cepet ngidul, lebah pengkolan kawasna jalan teh anyar diomean, dina aspal weuteuh masih loba keusikan, motor mengkol disakalikeun, lantaran nincak keusik atuh sorolok motor teh nyeureuleu gubrag tiguling ka katuhu, kuring tijengkang ngagorentel dina aspal, salaki katingali suku katuhuna katindihan motor, balanjaan nu dicekel ku kuring racleng, untung baskom plastik henteu beulah.

Ningali motor nu ditumpakan ku kuring tiguling, Si Emang tukang tambal ban lumpat muru salaki nu teu bisa hudang, motor ditangtungkeun tuluy didorong dikasisikeun, salaki leumpang ingkud-ingkudan muru emper warung, ari kuring ditulungan teh ku ibu-ibu nu kabeneran keur araya hareupeun warung, kuring dihudangkeun ku duaan, kuring nangtung bari nyekel beuteung, mimitina mah kuring bisa ngalengkah, tapi basa keur dibeyeng ningali jalan asa muter, tungtungna les teu inget nanaon.

Eling-eling kuring geus ngagoler dina ranjang di puskesmas, cek dokter kandungan nu mariksa kuring harita, balukar labuh tina motor kuring kaguguran, atuh harepan rek boga orok teh sirna, hanas rupa-rupa nu diperlukeun geus dibeuli, ari heug teu tulus boga orok.

Sawatara bulan sanggeus cilaka tina motor, salaki jadi mindeng manggihan Bu Tatik, harepanana sugan bae cenah bisnisna leuwih maju. Memang kuring oge nyaho, lian gawe di perusahaan swasta salaki teh wawuh jeung salah saurang pangusaha di Jakarta, cenah mah eta pangusaha teh sok meulian keusik nu ngandung kadar beusina loba, pikeun dikirim jeung diolah di nagri deungeun. Dina bisnis sarupa kitu, salaki dibere tugas pikeun ngadatangan sentra-sentra pamayang nu pakasabanana lian ngala lauk di laut, oge dina waktu-waktu nyalse sok ngarumpulkeun keusik nu ngandung kadar beusi tea, mingkin loba kadar beusina, mingkin mahal cenah dibeulina.

Nu matak lamun salaki indit poe Saptu, terus kakara balik poe Minggu pasosore, kuring mah geus tara tatanya, lantaran ditanya oge, jawabanana teh kitu keneh-kitu keneh, geus ti basisir Cidaun, atawa ti Cisolok, malah kala-kalana mah sok bebeja tos ti basisir Cipatujah cenah, di pakidulan Tasikmalaya.

Kadieunakeun kuring ningali polah salaki jadi beda ti sasari, lamun pareng keur aya di imah, mindeng manehna kaperego keur ngalamun, sakalieun diajak dahar bareng, jawabna teh encan lapar cenah, atuh tipeuting dimana geus waktuna sare, batan daek sare bareng di kamar, kajeun ngagoler dina korsi panjang, atawa ngarengkol dina karpet hareupeun TV bari tara disimbut-simbut acan.

Robahna sikep salaki, tetela gede pisan pangaruhna kana atmosfir rumah tangga kuring, ongkoh boga salaki tapi di imah kawas rangda, mindeng sorangan. Ongkoh cicing teh saimah jeung salaki, tapi ari sare, atawa ari dahar, sorangan bae tara aya nu ngabaturan, deuh... teu ngeunah rumah tangga teh, datar, hambar, lamun ibarat sayur mah meureun camplang, cawerang, tiis teu karasa nanaon.

Ras inget kana nasehat Apa mangsa jumeneng keneh.

"Nyai..." cenah, bari neuteup kuring, "Nyorang rumah tangga teh enteng bangga, keun entengna mah teu perlu dibahas, nu perlu waspada teh dimana hidep nyorang kahirupan anu rujit anu rumpil." Saur Apa daria, "Nyai... ukur muntang kana kakawasaan tur kaagungan Alloh urang bakal salamet mangsa nyorang ujian hirup, omat Nyai sing bisa sabar di mana meunang musibah, ulah bosen ngadu'a ulah eureun ihtiar, eta cenah aya jelema jahat, jelema dolim, nu teu reureuh-reureuh hayang ngaruksak, hayang ngaruag urang, keun wae antep, pasrahkeun we ka Gusti, ke oge maranehna bakal panen tina pepelakannana. Nyai sing yakin Alloh mah moal pahili meunteun." sasauran kituna teh apa keur opnameu di rumah sakit, opat bulan saencan anjeunna mulih ka gusti, mulang ka alam kalanggengan, mugia Apa sing dirohmat ku Alloh, dicaangkeun di alam kuburna.

Pasosore, waktu kuring keur nyebor kekembangan di buruan, Hesti datang bari nungtun budakna nu bungsu, memeh ditanya manehna miheulaan nyarita,

"Sono, tos lami teu ngendong." cenah, nyaritana teh bari unggah kana teras, ngadenge omongan manehna kitu kuring mah atoh we, di imah jadi aya batur, da salaki mah encan balik ti kamari teuing keur di mana.

Jam salapan peuting, sanggeus nyarekeun anakna di kamar tamu, Hesti nyampeurkeun, aya piomongeun ka kuring cenah.

"Aya naon Ti..." tanya kuring, manehna diuk gigireun.
"Rin..." cenah, Hesti ngamimitian nyarita. "Ari Kang Idang lamun nganjang ka Ibu Tatik sok bebeja tara." tuluyna deui.
"Osok, kumaha kitu." geus nembal, terus nanya.
"Hampura nya, Hesti mah lain rek ngadukeun, tapi mangteungeunahkeun waktu ningali Bu Tatik paduduaan di ramayana, teuing keur balanja naon." pokna.

Aya nu ngajeduk kana hate.

"Ah titingalian Hesti meureun salah." omong kuring teu percaya.
"Enya, mudah-mudahan wae titingalian Hesti salah." cenah, sakedapan manehna cicing, tapi teu lila pok deui nyarita, "Tapi Si Cikal bebeja, cenah mindeng ningali motor Kang Idang parkir di teras imah Bu Tatik." Hesti nambahkeun info anyar kawas nu hayang ngayakinkeun kuring.

Obrolan teu papanjangan, api-api geus tunduh, kuring mareuman TV leos ka kamar, Hesti oge kareret nangtung tina diukna terus asup ka kamar, maturan anakna.

Sawatara poe sanggeus meunang beja soal salaki jeung Bu Tatik, kuring dahar paduduaan jeung manehna, tapi teu diuk ngarendeng kawas biasa, diuk teh pahareup-hareup, antara kuring jeung salaki kahalangan ku meja makan.

"Kang, ari dinten saptu tipayun, ka Cisolok teh cios?" tanya kuring.
"Henteu..." cenah.
"Ka mana atuh geuning mulih mah minggu sonten." kuring neuteup manehna.
"Ka Ibu Tatik.." cenah jujur.

Nyel sebel, mun kongang mah hayang ngambek, tapi sakuat tanaga ditahan.

"Kulem di Ibu Tatik?" tanya kuring deui, sora teh rada ngageter.
"Muhun, margi Bu Tatik tos ditikah ku Akang." omongna datar tanpa beban.

Asa aya ruhak dina dada, hayang ngambek tapi kalah leuleus, cimata nu ngembeng dina kongkolak bedah, dina tikoro nyelek piceurikeun, kuniang nangtung tina korsi, gidig ka kamar, manehna nuturkeun, tapi panto kamar buru-buru ditutupkeun, jepret dikonci ti jero. Salaki gegedor menta panto dibuka, tapi teu digugu, soloyong kana risbang.

Jelebet sora gelap di luar meupeuskeun panineungan, kabaya panjang pulas coklat masih dicecekel.

Matak tos solat isa kuring muka lomari teh, ti sore mula geus aya niat rek nganteurkeun kabaya ka Bu Tatik, sina dirawatan, sina dipupusti, lantaran jelema nu mikaresepna, aya di imah manehna.

Jelebet deui sora gelap mingkin tarik, pes listrik pareum, bari pageuh nyenyekel kabaya kuring ngarayap unggah kana kasur, goledag ngagoler, sorangan mopoek sapeupeuting di jero kamar. ***

Keur Mamah jeung barudak,
sing salabar jeung kudu bisa
sukur ka gusti nu maha suci.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar