Jumat, 17 Februari 2012

Lalangse Hate


Ku Deni Hadiansah

Ti tadi ge geus curiga. Nempo rengkakna siga aya nu rek dikedalkeun.
"Aya naon? Aya masalah? Pok caritakeun ulah asa-asa!" ngahaja ditangtang. Padahal jajantung mah miheulaan ratug tutunggulan, inggis nu kedal tina biwirna teh matak teu pikangeunaheun.
"Tapi, naha Bapa moal bendu?" angger bangun asa-asa.
"Naha pernah Sinta ku Bapa diambek alatan boga pamenta?" satengah ditompokeun. Manehna gideug, terus narik napas bangun seunggah.
"Perkawis urang... ieu mah saur abdi Pa, naha urang kikieuan teh lepat?" nyaritana haroshos, bangun eungap.
Rahuh manehna ngarahuh. Giliran kuring ayeuna mah ngahuleng sakedapan. Neger-neger maneh. Bongan asa kabur pangacian dikitukeun ku manehna teh.
"Kikieuan kumaha?" tembal teh hayang yakin.
"Muhun, sapertos ayeuna, sasarengan paduduaan, bari urang teh sanes sakali dua kali" renghap deui.
"Ari ceuk Sinta, naha salah?" kagok dikitukeun.
Manehna kalah cicing, ngaheneng sawatara lila. Geus kitu luk tungkul bangun bingung.
"Bapa moal ngajawab, salagi Sinta teu miheulaan ngomentar kana pananya Bapa."
"Emutan abdi mah, urang teh lepat."
"Naha?" kuring gentak nembal.
"Margi urang teh benten..."
"Palebah mana bedana...?"
"Abdi mah saukur murid, Bapa mah guru, enya guru abdi di sakola. Oge langkung ti eta, Bapa kagungan istri nu sakitu nyaahna ka Bapa."
"Sin...!" satengah nyorowok.
Teu nyangka manehna bakal nyarita kitu. Ngabudalkeun unek-unek nu mungkin salila ieu dikemu dina batinna.
"Ti bareto ceuk Bapa ulah nyabit-nyabit sual darajat urang antara guru jeung murid, mana komo ngalibetkeun pamajikan Bapa mah."
"Tapi Pa...?" manehna motong kalimah, "Sok sanaos teu dibolekerkeun, nanging apan eta buktosna, moal tiasa disumput-sumput, sagalana tos nembrak."
"Memang Bapa oge teu niat nyumput-nyumput, lain lumpat tina kanyataan, tapi naha atuh Sinta daek dibabawa ku Bapa. Unggal balik sakola daek diajak ulin ku Bapa, dalah teu cukup ku kitu, urang teh sok dahar bareng, malah sare ge..."
"Cekap Pa...!" manehna satengah nyorowok motong kalimah. Ngagebes kuring.
Luk tungkul, katara aya nu ngembang tina panonna. Beueus, lir beueusna kikisik nu ti tadi diletakan ombak.
Rada dareuda, pok manehna nyarita, "Pa, abdi mah kersa soteh diajak, margi ngahargaan ka Bapa salaku guru abdi. Sanes abdi, sanes abdi... cinta," pokna pondok, polos, nyugak. Jelegur ombak tarik naker. Digdayana laut kidul marengan hanaangna hate. Siriwik sesa ombak ngalemetan kikisik, ngabudah bodas neumbrak kana mumuncangan.
"Sin... naha euweuh deui alesan sejen?"
Dikitukeun angger ngabetem, nu tungkul teh teu cengkat-cengkat. Clak, aya nu haneut, herang rag-rag kana pigeulang leungeun nu ti tadi nampeu dina lahunanana. Ngaborelak katojo panonpoe. Cimata nu geus lila teu budal, salila manehna ku kuring sok diajak ulin babarengan, bari nyumput-nyumput ti pamajikan.
Teu lila cengkat, tanggah. Seuseukeut teuteupna melong ka jauhna, ka peuntas laut beh ditu teuing ka mana. Ka mayakpakna laut Cipatujah. Kuring ge siga nu kahipnotis, tuluy nurutan, bari ngarenghap jero. Satekah polah hayang nyingraykeun lalangse nu ngabangbaluhan hate. Tapi keukeuh teu daek dibangbalerkeun ukur ku nempo mayakpakna laut. Keukeuh hate teh asa diganjel ku halu, nyugak kana tikoro.
Lalaunan maling neuteup ka manehna nu tonggoy neuteup endahna sagara. Hayang ngajugjugan kumaha eusi hatena. Naha enya, pangna salila ieu manehna daek diajak ulin teh saukur ngahargaan ka nu jadi guruna, atawa sarua bae jeung kuring katalimbeng ku asih tresna. Enya, cinta nu seukeut lir hinis awi. Bisa dimangpaatkeun jadi tali, atawa ngan saukur ngagerihan kana hate. Padahal mun ngarah dititenan rengkak paripolahna, salian ti di kelas (sakola) kitu deui ari seug dibabawa ulin, manehna teh siga nu merean. Upama seug dibawa ulin ka hiji tempat, tong boro dicium, apan diajak sare bareng ge daekeun. Kuring yakin, manehna sarua butuhna, boh butuh ku asih panyalindungan boh butuh ku materi. Lebah dinyana mah kaharti, manehna teh nunggelis, sasat bisa sakola diasupkeun ku Bibina. Minangka ti saprak sok diajak ulin ku kuring, unggal bulan sok dipangmeulikeun buku atawa LKS, kalan-kalan keur jajan mah tara elat. Maksakeun nyoceng gajih bawaeun keur nu di imah.
Manehna ngan saukur wanoja wewelasan taun, ABG kagok tea ceuk basa ayeuna mah. Dina sual kahirupan jeung sual cinta teh tangtu can loba luang. Matak pantes, saupama poe harita manehna ngedalkeun unek-unek batinna. Mudalkeun kahenegna, lir jelegurna ombak Cipatujah. Pangpangna mah, kalakuanana sieuneun katohyan ku pamajikan kuring, Aisah.
Hiliwirna angin basisir kidul, harita mah teu ieuh matak nyingraykeun lalangse, nu salila ieu moekan kana hate. Padahal lain sakali dua kali kuring ngajak manehna ulin ka dinya teh. Susulumputan balik ti sakola, tangtuna ge salingkuh ka Aisah di imah. Biasana mah ngararasakeun hiliwirna angin laut teh sok matak tentrem kana batin. Kalan-kalan sok aya rasa hayang nepi ka rumah tangga jeung maneh, teu inget ka nu di imah. Keun bae di sakola arapaleun kabeh, bae barudak ngagosipkeun kuring. Ah, kapalang nya rame, kapalang nya bogoh ka manehna. Kitu nu kapikir unggal bareng jeung manehna teh.
Tapi poe harita, ngadak-ngadak angin basisir nu ngahiliwir teh lir nojosan kana hate. Matak bayeungyang kana awak, padahal mah hawa sore sisi laut. Kuduna mah geus maju ka tiris. Dihenteu-henteu oge naon nu bieu dikedalkeun ku manehna teh geus ngaraheutan hate. Mangaruhan kana pikiran kuring salila ieu, jorojoy inget ka Aisah di imah. Bapa nu geus taya dikieuna ngadak-ngadak ngalangkang, Astagfirullohaladzim... kuring ngusap beungeut.
Tapi keukeuh, ti beh ditu keneh hate teu daek ngaku kana bebeneran. Embung ngaku, sok sanajan manehna teh murid, kuring teh guru. Tapi apan kuring teh lalaki, normal sarua jeung batur. Manehna wanoja sumedeng mangkak, geulis, pulas beungeut nu polos beresih matak ngagedurkeun hate. Saha wae oge rek jajaka rek duda nempo pameunteuna teh pasti leah. Kuring ge nya kitu, kanormalan lalaki bedah saupama nempo manehna heug kuring patuyun-tuyun balik ti sakola ngadon susulumputan jalan-jalan, nyangkana teh pasti sapasang rumaja sumedeng dirungrum bagja. Moal aya nu nyangka kuring geus boga pamajikan, komo nyangka yen kuring teh guru manehna.
Naha enya, salila ieu teh manehna teu neundeun rasa nyaah ka kuring. Bener, pangna salila ieu daek diajak jalan-jalan atawa ulin ka Cipatujah, Pangandaran, Singaparna teh saukur ngahargaan pangajak nu jadi guruna. Atawa mungkin wae saukur ngala duit ti kuring, ngamangpaatkeun kaayaan. Da nga-Bapa-keun soteh poe harita, minangka pormalitas ngomong. Ari unggal diajak ulin poe kamari jeung satukangeunana mah sok nyebut Yayang atawa Akang. Teu, kuring teu yakin kana omongan nu bieu dikedalkeun ngadak-ngadak ku manehna. Can, yakin saratus persen. Boa ngaheureuyan atawa nguji nepi ka mana kanyaah kuring ka manehna. Enya, sigana mah rek nguji. Hate terus noroweco.
Ranjug teh, teu wae nepi ka tiguling tina pangdiukan. HP disada, nada deringna mah aya SMS. Giak dibuka, horeng enya SMS ti Aisah, "Pa, ayeuna di mana? Kumaha engke wengi janten ka Manonjaya?"
Leng ngahuleng, enya ayeuna mah inget. Peuting engke teh boga jangji jeung Aisah, rek ka Manonjaya, ka kolotna. Ka mitoha, pibasaeun kuring mah. Rey, ngadak-ngadak aya nu ngarey kana urat suku. Hate nu tadina bayeungyang ngadak-ngadak reup-reupan sadrah, hiliwir angin beuki nyadarkeun hate, antara hoream balik jeung inget kana jangji ka pamajikan, Aisah...
Ret kana arloji, horeng geus jam lima. Gebeg, boa kapeutingan di jalan. geus waktuna mulang, sakumaha geugeut keneh babarengan jeung manehna. Tapi, peuting ayeuna mah memeh Magrib kudu geus tepi ka imah. Bisi Aisah curigaeun, pangpangna mah geus ngajangjian rek nganteurkeun manehna ka Manonjaya. Geus lila hayang papanggih jeung indungna.
"Ayeuna, Pa?" manehna surti miheulaan ngajak balik. Gebeg, geuwat kuring micen semu.
"Enya, yu atuh..." jung cengkat meh bareng.
"Mangga Bapa ti payun...!" manehna meped mere lolongkrang keur leumpang. Nu sasarina mah miheulaan diiringkeun ku kuring, atawa mun seug tea mah keur geugeut sok muranteng kana peupeuteuyan.
"Hayu bareng!" teu asa-asa, gap cangkengna dikaleng, satengah dipaksa. Manehna teu ieuh merod, meureun ngarti minangka poe harita bakal dikaleng deui ku kuring, ku guruna. Nu boa dina hate leutikna mah aya rasa beh ditueun nganggap guru, asih, tresna nu hese dikolongan semu. Atawa mungkin wae rasa sebel, geuleuh, jeung ijid.
Leumpang pakaleng-kaleng, semu nu euweuh kajadian nanaon, kumaha we sasarina ulin. Pakaleng-kaleng otel silih ciwit, silihsimbeuh ku kadeudeuh. Leumpang muru mobil nu diparkir rada jauh ti sisi basisir Cipatujah. Angin beuki ngagelebug, ombak mingkin motah, nyaksian dua insan nu boga lampah sasar, guru salingkuh jeung murid.
Nepi ka diukna na mobil, taya nu ngomong sakemek-kemek acan. Kuring ge teu ieuh waka ngahirupkeun mesin, anggur kalah nyangheuykeun leungeun kana setir. Manehna teu ieuh nyarek, kalah ngalieuk ka luareun kaca, neuteup bangun jauh panineungan.
"Ngawitan enjing, urang teu tiasa jalan-jalan deui, di sakola oge kedah kumaha saena antara guru sareng murid, sateuacana mugi dihapunten bilih salami ieu aya kalepatan." Nepi ka dinya, nyelang ngarenghap badag. Bangun seunggah, bangun beurat. Kuring neuteup ceuleumeut.
"Ti semet ayeuna, diantara urang teu aya nanaon, abdi bade husu sakola, atuh Bapa oge kedah husu ngajar sareng miheman Ibu di bumi..." manehna nandeskeun. Lir guru nu mapatahan muridna.
Sentug! Renjag! Dug... dug! Mun seug ngalaman mah, asa kaurugan gunung bitu. Suku ngadak-ngadak ngeleper, ngadegdeg lilinieun. Sigana mun keur nangtung mah moal boa ngagubrag kana lemah.
"Sin, naha geuning?" ukur sakitu nu bisa kedal. Biwir asa hese pisan eungab, asa dirapet. Nu sasarina di kelas sok ngablamblam nerangkeun tiori, harita mah ngadak-ngadak ngabigeu.
"Ah... tos waktosna urang kedah papisah, Pa!"
Tapi sorana datar. Haroshos aya geter nu beda. Meh teu kadenge, mun teu padeukeut mah, iwal kuring nu geus lila babarengan nu apal kana sorana. Teu kahaja, paadu teuteup, manehna ge teu ieuh ngabalieur. Teu karasa, tina pipi aya nu ngalembereh. Teu kuat, harita mah jajaten kalalakian kuring ngadadak sirna, kaelehkeun ku digdayana tresna.
"Pa! Ku naon?" manehna semu reuwaseun.
Teu dititah, gura-giru manehna nyokot tisu tina kotak nu disadiakeun dina dasbor mobil. Song diasongkeun, kuring gideug. Leungeunna dikepeskeun. Gantina kuring lalaunan ngusap pipi ku tonggong leungeun.
"Bisi perlu keur mayar SPP, bebeja ka Bapa!" maksakeun nyarita, itung-itung miceun rasa nu keukeuh teu daekeun teger.
Manehna imut, siga nu kagugu ku caritaan kuring. Kuring ge rada ngelemes era. Maksakeun ngaheheh miceun kaera.
"Sinta... tega kitu kudu papisah jeung Bapa?"
Teu kaampeuh, kasedih beuki nyelek kana tikoro. Hayang mah ngagukguk ceurik, tapi kaburu inget kuring teh lalaki, bari di mata manehna teh kuring lain wae lalaki, tapi guru. Guruna! Maenya guru bari jeung lalaki kudu ceurik ku sual cinta, nu ceuk batur mah sual teu pira.
Lalaunan leungeunna ngaramesan ramo kuring. Tuluy nyangheuykeun sirahna kana dada, kaangseu seungitna buuk nu ngarumbay panjang. Kuring malik ngarangkul, sapada harita asih jeung kanyaah teh beuki lebleban. Meh poho deui kuring teh guruna, kuring teh geus boga pamajikan, Aisah nu boa keseleun nungguan di imah.
Awakna tipepereket ditangkeup, manehna ge malik ngarangkul, bangun surti kana kaayaan batin kuring harita.
"Abdi nyaah ka Bapa, nanging... aya nu langkung nyaah deui, nya eta Ibu di bumi..." sorana halon. Ah... Sinta, naha anjeun nyebut kitu. Kuring ngarahuh. Ari betus mah henteu, ukur dikemu na hate nu pangjerona.
Geuning teu ngarti anjeun mah. Sanggeus kuring sababaraha kali ngadongengkeun kaayaan rumah tangga di imah, keukeuh manehna mah teu ngartieun. Enya, Aisah teh bageur dina sual kanyaah mah, tapi manehna mah teu apaleun. Aisah teh boros, boros kana duit, geunig gajih sabulan teh bisa beak ku saminggu. Karesepna balanja nu teu perlu. Dititah ditabung sugan aya keur ongkos naek haji, kalah dibeulikeun kana pigura jeung lukisan. Lebah dinyana mah teu salah, da eta oge keur interior imah, tapi apan salian ti eta teh pangrasa aya nu leuwih penting.
Aya rejeki, upamana wae tina sesa gajih, dikirimkeun ka kolotna nu di Manonjaya. Lain salah nu ieu oge, tapi Indung kuring oge perlu kabagean. Komo deui Indung teh geus nyameulah, sanggeus sataun katukang ditinggalkeun ku Bapa. Sedeng kolotna mah masih keneh kumplit, duanana aya keneh dikieuna. Kudu adil atuh Aisah. Adil. Adil!
Beuki lila beuki karasa karudet hate, beuki teu betah cicing di imah. Komo saupama tanggal ngora, Aisah sok geus ngarenghik menta jalan-jalan balanja ka supermarket.
"Hayu, tos sonten!" sorana halon, ngan angger ngagebah lamunan. Satengah nyurungkeun manehna ngaleupaskeun rangkulan. Geuwat memener awakna, tuluy manco ka hareupeun kaca mobil jiga nu jauh panineungan.
Teu baha, kuring ge tuluy memener diuk, mesin geuwat dihirupan. Geuleuyeung lalaunan mobil teh maju. Aya nu nyereset na jero hate, lalangse kahirupan mangsa lawas ngalangkangan. Sakola, murid, Sinta, Aisah, mitoha, jeung kolot sorangan ngalangkangan siga nu ngabegegan.
Manehna salila ieu geus mukakeun mangsa lawas, mangsa rumaja keur lalagasan. Aya nu beda dina diri manehna teh, beda jeung Aisah. Manehna mah bisa ngahudangkeun runtuyan carita lawas mangsa rumaha, mangsa endah keur lalagasan.
Taun-taun munggaran rumah tangga jeung Aisah, bagja nu aya. Teu ieuh nembongan bakal aya sari-sari teu pibenereun. Nincak taun katilu, katara sipat aslina Aisah, resep balanja, resep ririungan jeung tatangga bari ngucah-ngaceh beja. Paling keuheul saupama bulan ngora, geuwat namprakeun leungeun menta gajih, isukna dipake balanja jeung babaturan awewena, boa jeung lalaki.
Beuki lila antukna beuki karasa karudet hate. Beuki teu betah cicing di imah. Kalan-kalan sok ngadon cicing heula di kantor, balik ngajar teh teu ieuh waka balik ka imah. Nya, nepi ka hiji poe di sakolana, diwalikelasan ku kuring.
"Di payun, Pa" sorana halon ngagebah lamunan.
"Tos dugi, Pa" banget ku anteng ngalamun, asa karek bieu cicing dihareupeun sisi basisir Cipatujah. Geuning geus anjog ka hareupeun imahna.
Reg mobil dieureunkeun. Dierem satengah disakalikeun.
"Bilih teu kantos sasarengan deui, hapunten abdi bilih salami ieu aya kalepatan."
Simpe. Teu ieuh ditembalan.
"Hatur nuhun kana kasaeanana" manehna ngasongkeun leungeun. Tel, dua leungeun patarema. Celengok manehna miheulaan nyium tonggong leungeun kuring. Banget ku kanyaah nu beuki lebleban, celengok embun-embunana dicium.
Sanggeus nutupkeun panto mobil, geuleuyeung mobil teh maju deui. Beuki lila beuki tarik, mangprung muru ka kalerkeun.
Wanci Isa anjog ka imah. Mobil teu ieuh langsung diasupkeun ka garasi, ngahaja da angkeuhan teh rek dipake deui ka Manonjaya jeung Aisah. Rurusuhan leumpang muru panto hareup. Keketrok aya kana tilu kalina. Kulutrak, bray panto dibuka. Lol, aya nu ngelol, horeng Bi Salmi. Biasa paromanna hegar ngabageakeun dunungan, bangun taya kasusah. Matak, kalan-kalan sok sirik ka manehna teh, unggal poe bangun taya kasusah, cacak gawena purah nyeuseuh jeung nyadiakeun dahareun keur kuring jeung Aisah.
"Ka mana Ibu, Bi?" kuring miheulaan nanya.
"Har, panyangka Bibi mah sareng Bapa. Tadi memeh Asar dijemputna teh dina mobil Kijang" tembal Bi Salmi teu riuk-riuk.
"Aya nu ngajemput? Saha Bi?"
"Justru eta, Bibi oge kirang terang." Tembalna lempeng.
"Lalaki, awewe?" kuring ngayakinkeun.
"Pameget." Tembal Bi Salmi bari ngaleos asup deui ka jero imah.
Teu eungeuh ka kuring nu ngaheheneng, hareugeueun ngadenge beja ti manehna nu salila ieu jadi lalangse hate. Cag! ***

Komunitas Wisesa, April 2003-2004

Tidak ada komentar:

Posting Komentar