Jumat, 13 Juli 2012

Bugang Bagong


Ku Djadjas Djasepudin Stadja


"Wilujeng Sumping di Kampung Bantar Hurang". Tulisanana dirugal-rigel. Ngajeblag na kaca-kaca Desa, sesa-sesa Agustusan taun kamari. Warna dasar jeung aksarana geus teu kaciri deui, semu hideung belewuk kotor ku kekebul. Divariasikeun ti dituna mah ngarah nu ngaliwat kataji, anyaran ngajeblag mah pada ngabageakeun. Kabehdieunakeun kalah ngajebian. Pada moyokan.
Kampung Bantar Hurang pernahna teu jauh ti Gunung Gadung. Estu Kampung Bantar Hurang mah jadi pangjugjugan jalma-jalma keur karaharjaan dirina. Ti suklakna ti siklukna, ti nanggerang lila beurang ti nanggorek lila poek, daratang numplek blek ngabelaan pasesedek di kampung nu ngan sacangkewok. Pantes da Kampung Bantar Hurang mah kaceluk ka saban lembur, kawentar ka unggal kota, kakoncara ka mancanagara. Dek teu mashur kumaha, alamna subur makmur, gemah ripah loh jinawi, reumbeuy beuweungan rambay alaeun. Lubak-libuk loba lebokeun.
Disebut Kampung Bantar Hurang pedah di walungan Cikoroppak rea laukna jeung baradag deuih, ti mimiti tawes, jaer, beunteur, puguhing ari hurang mah, ku rea-reana hurang tong boroning disair dalah nyomotan ku rame ge moal burung teu beubeunangan, da hurang teh naramplok na jukut-jukut, cadas, jeung na runtah-runtah.
Ku rea-reana jeung ku baradagna hurang di walungan Cikoroppak, Kepala Perikanan Ir. Soros kungsi nyarita yen warga Bantar Hurang mah moal ngalaman kalaparan, peupeujeuh alamna subur makmur katurug-turug walungan Cikoroppak rea laukna, nepi ka Ir. Soros nyindekkeun, hurang Cikoroppak mah moal beak didahar ku anak-incu nepi ka tujuh turunan, ceuk Ir. Soros basa ngahadiran pesta panen raya nu direuah-reuah ku Goyang Dangdut Dombret, dipuseurkeun di tambakna Mas Domo urang Wetan nu geus lila matuh di Kampung Bantar Hurang.
Meunang beja kitu, pangeusi Kampung Bantar Hurang kuduna mah tambah segut digawe, tapi kalah ka hare-hare, asa dipepende, kena-kena keur buncir leuit loba duit, pesta panen teh saendeng-endeng teu mikirkeun mangsa ka hareupna, pajarkeun keur naon cape-cape digawe, moal ngalaman kalaparan ieuh, da Kampung Bantar Hurang mah subur makmur, kitu ceuk sabagean warga basa keur jarudi gapleh di warung Bi Omoh.
Kalangenan urang Bantar Hurang nyaeta Ma-Lima tea ceuk Dadang Hawari mah, tapi nu pangdipikaresepna mah maen, enya judi tea. Naon nu sakirana narik ati maranehanana nya dijudikeun wae. Teu awewe teu lalaki sarua resep judi, teu kolot teu budak sarua resep masang, teu rahayat teu pajabat sarua resep maksiat. Padahal masjid di tengah-tengah lembur kacida agrengna, ngan teuing ari datang waktu salat ukur saurang dua urang nu ngadekul salat.
Kolot-kolot urang Bantar Hurang karesepna teh kana ngadu bagong. Ngadu muncang mah kaulinan barudak, cenah. Tuh pan barudak Kampung Bantar Hurang mah ti laleutik keneh geus diatik kana ngadu teh. Malah dijurung pisan ku kolot-kolotna, ngarah gaul, teu kuuleun, cenah.
Dina adu bagong teu salilana bagong layanna bagong deui, sakapeung layan bagong teh domba, munding, anjing, malah kungsi bagong galungan jeung manusa sagala, nu dipake tumpanganana duit, sawah, imah, malah tepi ka anak jeung pamajikan ditandonkeun keur judi adu bagong, ana teu kabayar nya nyawa nu judi tarohanana, matak tong heran di Kampung Bantar Hurang loba randa ngora jeung budak pahatu lalis.
Nu ngelingan kalakuan goreng kitu teh lain euweuh, malah mindeng pisan, tapi kabeh ge taraluk, boa naon nu nambleg nyangkaruk na kalbu maranehanana, nepi ka nu ngelingan teh disarebutna ge kuno, kampungan, hirup di dunya ngan sakali, kitu pokna. Basa Ajengan Rais ti Pasantren Nurul Hidayah, Kampung Cisompet, ajengan karismatik nu pada dipikaajrih di lingkungan para ulama, ngelingan nu keur ngaradu bagong, lain didarenge, sumawonna diturut papatahna, ieu mah kalah dibageakeun ku bagong nu ngahaja sina neumbrag Ajengan Rais. Nempo ajengan beberebetan lumpat, kasieunan, nu ngaradu bagong mah kalah ka akey-akeyan nyeungseurikeun, nimat naker.
Meureun kacida nyeri hatena Ajengan Rais teh, nyeri hate ngawakolan unggal jalma nu kungsi ngelingan urang kampung Bantar Hurang sangkan balik deui kana jalan kahadean.
Teu lila ti saprak Ajengan Rais dibuburak ku sakadang bagong, ngadak-ngadak langit ceudeum-ceukreum, angkeub siga nu keur baeud, angin ngagelebug, di luhur awan hideung ngaburayot seja nyicikeun cihujanna, wanci geus ngagayuh ka magrib, breg weh hujan ngagebret, walungan Cikoroppak caah, sawah jeung kebon kabanjiran, kajanarikeun hujan kakara raat, euweuh saurang ge nu ngulampreng kaluar, teu cara ti sasari jarudi teh teu inget ka wanci, tapi harita mah enya-enya tiiseun, simpe combrek. Isukna ibur salembur, ngadak-ngadak aya bugang-bagong ngajolopong na iuh-iuh hanjuang. Bagong teh bau kabina-bina, tina unggal liang bagong kaluar nanah koneng semu coklat, bugang bagong teh dirariung ku bilatung, cacing-cacing ngeunag caricing, ari rambetuk jeung laleur reang ngagembrong. Teuing ti mana sakadang bagong mucunghulna, basa ditanyakeun ka nu ngaringu bagong kabeh ge gideug, rumasa teu ngingu bugang bagong nu ngajolopong na iuh-iuh hanjuang. Kabeh euweuh nu wani ngadeukeutan, komo nyingkahkeun mah, pangna mah ku geuleuh jeung bauna matak ongkek, pikagilaeun.
Tisaprak ngajolopongna bugang bagong aheng, sakabeh ingon-ingon pangeusi urang lembur ngadak-ngadak garering, paraeh, rupa-rupa kasakit masarakat mahabu, teuing panyakit nanahaon, da dokter nu ngahaja mere bantuan ge lainna nyageurkeun, kalah keuna ku panyakit anyar. Kajadian kitu ibur ka unggal lembur, ear ka saban kota, ari bugang bagong nu ngajolopong geus aya kana samingguna teu leungit-leungit, kalah beuki ngabadagan, beuki ngabauan, aheng deui wae, bauna ngan sakulibek kampung Bantar Hurang wungkul.
Basa kaahengan-kaahengan nu karandapan ku urang Bantar Hurang ditanyakeun ka Ajengan Rais, ajengan ukur nyerengeh, seuri koneng, teu kurang teu leuwih. ***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar