Ku Chyé Rétty Isnéndés
Utun, nyebut Utun baé
nya, Ambu téh. Enya utun inji. Bongan Ambu can nyaho naha hidep téh awéwé atawa
lalaki. Cenah sesebutan Utun-Inji téh pikeun hidep, pibakaleun lalaki atawa
awéwé. Sanajan kitu, Sunan Ambu mah tetep nyebut Utun ka putrana; Guru Minda nu
geus jadi bujang, tur nyebut inji ka Pohaci Purbasari putri parawan
Pasirbatang. Meusmeus Utun, meusmeus Inji, deudeuh naker sigana téh. Kitu nu
kabaca ku Ambu tina carita pantun ‘Loetoeng Kasaroeng’ kénging nyarungsum CM
Pleyte. Lamun kitu mah meureun sesebutan keur hidep –Utun Inji—téh geus aya ti
béh mula, meureun ti jaman Pajajaran kénéh. Saha nu nyaho.
Aéh, Utun, meureun ayeuna mah hidep téh geus
bisa ngarasakeun naon nu karasa ku Ambu. Geuning buktina, hidep sok
embut-embutan ayeuna mah. Usik ka ditu malik ka dieu. Sérését ka katuhu,
sérédét ka kénca. Sakapeung deui nyerendul ka luhur, najan mimindengna mah
enyut-enyutan dina parindikan Ambu. Komo lamun pareng Ambu capé pisan. Ih, ieu
mah mani ajol-ajolan kawasna téh.
Saur Bu Bidan genep bulan mah hidep téh geus
bisa ngarasakeun naon nu karasa ku Ambu. Nyeri haténa, peurih rasana, sedihna,
tunggarana, rasa senangna, bungahna, jeung bagjana. Ari ceuk Ma Paraji mah,
heueuh hidep téh geus usik malik Meureun cangkeul nya, ngeluk baé atawa
ngaréngkol baé mah. Da Ambu ogé, kolot, sok nyeri tonggong ngaréngkol waé mah,
komo hidep. Aéh, kétang kitu gé Utun, sakapeung Ambu téh sok ngarasa aral ku
ayana hidep téh. Komo waktu umur sabulan, dua bulan, tilu bulan, nepi ka opat
bulan mah. Aduuh, nyerina Ambu téh. Sagala karasa. Lain nyeri ku awak tapi
nyeri ku rasa. Gering Ambu téh, gering psikic—saur guru Ambu mah—Gering
nangtung ngalanglayung. Sangu asa catang bobo, cai asa tuak bari. Mandi kedul,
sagala rupa embung. Leuleus asa teu nangan. Taya tangan pangawasa. Kahayang téh
ngagolér baé bari neuteup lalangit kamar, ngahérang. Murel baé ongkoh,
tungtungna luga jeung luga baé, Ambu téh, nepi ka kuru aking ngajangjawing.
Enya sakapeung mah matak aral aya hidep téh.
Sakapeung hayang neundeun heula hidep di hiji tempat, nepi ka Ambu ngarasa
genah, bagja, hampang. Engké, di mana Ambu geus jagjag deui, rék disampeur
deui. Hi, hi, hi, lucu, Tun, nya?!
Ceuk Ma Paraji mah, “Wayahna, Enéng, kapan ieu
téh anugrah nu kedah ditebus ku pangorbanan hijji indung. Emh bagja temen
kagungan putra téh. Tingali Ema, geus nulung mangratus-ratus jabang, tapi nepi
ka nini-nini kieu teu saésé-ésé acan Ema mah. Teu dipaparin anak ku Nu Maha
Kawasa.” Cenah daria.
Ti dinya bari ngurut hidep nu turun baé,
gorolang Ma Paraji téh miwuruk. Cenah wayahna sagala karasa. Da mémang kitu
kuduna. Ku naon pangna dara nu kakandungan sok ripuh baé. Kapan cenah
ngamimitian sagalana. Komo sabulan, dua bulan, tilu bulan mah. Disebutna ogé
keur wayah ngahérang, cenah. Namperkeun jati tina sagala rasa. Beureumna,
bodasna, konéngna, hideungna, atawa nu disebut nu opat kalima pancer atawa ceuk
urang Jawa mah kiblat papat kalima pancer téa. Upama geus namper, mimiti cacai
téh asup kana wayah ngalénggang atawa luménggang. Kumaha wé nu midang, éta
cacai téh cenah nyedotan sagala sari tina awak urang, tina kadaharan jeung tina
rasa urang, bagja, sedih, ogé tina cahaya urang, jeung sajabana. Tah lamun geus
cukup, cacai téh asup kana wayah gumulung. Di dinya cenah sagala sari nu geus
dikumpulkeun téh dikocék, digalokeun, digumulungkeun.
“Matak luga waé, Enéng, temahna ka urang.
Meusmeus Borolo, meusmeus u-o. Tah kitu ceuk indung Ema baheula, jeung mémang
kitu ceuk pangalaman Ema nalangan nu kakandungan…” Tuluy Ma Paraji nuluykeun
papatahna. Cenah lamun geus opat bulan mah Si Utun Inji téh wayah mirupa.
Kuduna mah ngupat cenah, soalna dina wayah mirupa Si Utun téh dibéré kahirupan:
nyawana, bagjana, rejekina, jodona, jeung patina ku Pangéran.
Leres Ema. Ambu téh ngaheueuhkeun dina haté,
Utun. Da mémang kunggel dina Al Qur’an ogé. Kitu pisan teu jauh sakumaha
omongan Ma Paraji. Ngan sabab manéhna mah maké adat karuhun, jadi basa nu
kakedalkeun téh kitu unina. Utun, mun hidep apal—engké baris apal
kétang—adat-adat karuhun urang, urang Sunda, réa nu saluyu jeung ajaran agama
Islam. Komo dina palasapahna mah. Tapi lamun gelarna dina paripolah geus béda
tina palasapahna, éta mah dibeungharan baé ku maranéhna minangka insan nu
hirup jeung papadana. Minangka insan nu berbudaya téa, nu dipaparin budi akal
ku Mantenna. Enya, sakapeung mah réa nu siga papalingpang. Tah di dinya, urang
kudu atina-atina, Utun.
Utun, ayeuna hidep geus nincak wayah usik,
wayah malik. Ambu téh ngarasa eungkeut-eungkeut deui, maju ka cageur. Ambu téh
asa rada janglar deui, hudang deui, béar deui, getihan deui. Enya sok ngarasa
bagja ayeuna mah. Kieu maksud téh, Utun. Baheula ogé bagja Ambu téh, komo
sanggeus nyaho aya kahirupan dina beuteung. Tapi kabagja harita kalindih ku
‘gering’ téa. Nyiram ngéléhkeun kabagjaan Ambu. Tah, ayeuna mah Ambu téh asa
rék cageur deui. Tangtu kabagjaan Ambu manglipet-lipet deui.
***
Aéh, Utun, karasa teu ajrug-ajrugan? Ambu ogé
rada pepelengkingan, ieu téh, Ambu keur aya dina karéta ieu téh. Enya, tadina
mah hayang genah kana karéta téh, da disawang bakal ngageleser dina erélna.
Heueuh, kapan erél karéta mah moal aya garékgok nu nyababkeun ampul-ampulan
gilinding kandaraanana. Tapi buktina? Sarua baé karasana ku Ambu mah, matak
enek. Na hidep téh atuh réwél-réwél teuing? Sénsitif pisan? Geus puguhing kana
sakabéh babauan mah, ieu…kana renjulna jalan ogé. Najan leutik, tapi matakna
mawa pohara. Cing tulungan Ambu. Sing bageur, sing ngajurung kana laku, nya!
Dina karéta Ambu téh. Rék ka dayeuhkeun.
Dayeuh gedé. Kota nu pangraména di Indonesia, cenah. Ti Bandung téh subuh naker
Ambu téh. Poék kénéh, indung peuting masih ngalimpudan dayeuh Bandung. Ambu téh
ngalamun dina karéta, da neuteup kaluar meredong kénéh atuh. Lalamunan téh
kieu…kumaha lamun Ambu ngarang carita lalampahan dina karéta. Meureun resep
temen. Enya, Ambu téh sok hayang ngarang carita ngeunaan kahirupan dina karéta.
Tapi Ambu téh can apal lingkungan karéta, can apal bubuk leutikna karéta.
Kakara apal gerbong, piluit, péron, perewis, nu karitu baé. Heuheuh lucu, nya?
Naha Ambu maké hayang ngarang? Sualna, Ambu
ngarasa salila lima bulan ieu Ambu gering, teu bisa ngumbar imajinasi. Teu bisa
ngumbar angen-angen. Teu bisa ngararasakeun ni’matna hiji perjalanan. Ambu téh
asa hayang baruntak, hayang ngabudalkeun sakabéh imajinasi nu katalikung téa.
Lila Ambu ngahuleng. Horéng di luar geus rada
caang. Cahaya panonpoé paselang jeung sésa reumis nu haliber, mawa métapora nu
kacida éndahna. Borélak-borélak panonpoé nyaangan karéta. Cahayana keuna kana
beungeut Ambu. Haneut temen, Utun. Sapanjang liliwatan nu katingal téh ukur
‘bujur dayeuh’, enya pasisianana. Kapan kitu karéta mah. Tara ngaliwatan
puseurna, mipir wé, nyisir ka pasisian, ka padésaan, ka pagunungan. Meuntas sasak
beusi nu kacida panjangna. Ngaliwatan bédéng-bédéng butut, makam-makam, jarian,
leuweung leutik, kebon sampeu, sawah, jeung walungan-walungan nu geus
kalimpudan polusi.
Meureun Utun nanya, naha karéta mah jalanna ka
nu kararitu, Ambu? Heueuh, Ambu ogé teu ngarti. Ngan lamun dipatalikeun jeung
sajarah ieu nagri mah, utamana di pulo Jawa sigana aya korélasina, hubunganana.
Kapan cenah kompeni muka erél karéta téh, guna utamana mah pikeun ngangkut
palawija jeung hasil kebon (entéh, karét, kina, paré, gula, jsb) nu baris
diangkut ku lori atawa karéta basajan. Diangkut ku Si Sepak Sengok atawa ku Si
Kuik téa ngaliwatan bubulak, mipir pasir mapay jungkrang. Da kitu kapan, ari
ngaranna pakebonan mah tara aya di tengah dayeuh.
Diakutan pakaya nagri téh, Utun, teuing dibawa
ka mana, ka Batavia meureun, laju dibawa ka Sunda Kalapa, diakut ti palabuan ka
nagrina. Teungteuingeun, nya. Najan enya ayeuna aya gunana jeung mangpaatna
ogé, kasang tukang sajarah nu hideung mah, angger bakal tuluy ngahihileudan
kana jiwa rahayatna. Kitu deui kasang tukang kahirupan hiji jalma ogé, Utun.
Bakal tuluy ngahihileudan kana jiwana nu teu bisa merdéka. Muga Utun mah sing
bagja. Lamun Gusti marengkeun, Ambu jeung Ayah hayang méré kabagjaan jiwa keur
Utun Inji, sangkan jiwa hidep bébas merdéka teu katalikung ku hideungna kasang
tukang mangsa bocah.
Utun, sigana karéta geus mimiti asup ka sisi
dayeuh téa. Tuh sawahna nu makplak satungtung deuleu karonéng buahna. Téréh
panén sigana mah. Tuh, enya baé beulah ditu mah keur ngagebot sigana téh. Leuh
mani loba jalma nu mantuanana. Ti iraha maranéhna gawéna? Ti subuh mula
meureun, nya Utun. Mémang kitu patani mah. Hudang subuh balik burit. Kadang
mondok di sawah nunggu paré atawa néang cai.
Capé? Tangtu utun. Hirup mah capé. Tapi tina
capé urang bakal ngarasa bagja. Bingung, nya Utun? Tangtu bingung deuih. Da
atuh boro-boro ngarti, medal ogé acan kapan. Engké ogé, lamun Utun medal, hirup
waras, hurip walagri nepi ka wayah ngarti, sawawa, bakal surti kumaha ari hirup
saéstuna. Heueuh salah Ambu, siga ka nu hideng baé, cacarita téh. Tapi keun
baé, ieu mah itung-itung ngawahan sangkan panalar jeung pangaweruh hidep dina
waktuna jembar jeung guna pikeun manusa séjénna.
Tah Beulah dieu mah sawahna ancal-ancalan,
diwates ku bénténg. Pabrik meureun. Tuh, da enya, katingal pisan cai limbahna
dipiceun ka walungan. Emh, teungteuingeun deui baé. Paingan sawah nu deukeut
pabrik mah goréng kitu jadina. Ngaranggas, Utun. Sigana dua tilu taun nu bakal
datang mah, sisi dayeuh nu tadi ogé bakal keuna ku industrialisasi.
Naha nya, Ambu mah teu ngarti, pamaréntah
daérah kalah méré idin ka pangusaha pikeun ngadegkeun pabrikna di wewengkon nu
subur jeung léndo, cocog pikeun pasawahan pakebonan? Naha kalah méré idin téh
di tanah nu kitu. Lain di ditu…di tegalan di wewengkon nu jauh jeung daérah
agraria masarakat.
Ieu mah industrialisasi dipaksa téh saenyana.
Antukna sagala teu nincak kana lebahna. Tatanan kahirupan masarakat barobah
kapaksa. Kapan ruksakna fisik mawa akibat kana ruksakna psikis. Méntal
masarakat robah, kapaksa jeung dipaksa. Antukna Indonesia teu mangrupa da
robahna teu alamiah téa. Lamun nu hudang téa mah lain dililirkeun, diusap,
diguyah-guyah. Tapi kalah dibanjur, digebug, disentak, disépak, digentak.
Antukna sawan, ilang pangacian. Nu ngari, olohok molohok, lulungu. Ninggang di
sadar, ambek ngagugunung. Ambek nyedek tanaga midek. Lila-lila baruntak,
anarkis téa antukna.
Ah nya éta, Utun. Kudu kumaha jeung ti mana
ngamimitian deuina, sagalana geus hésé dirobahna Urang tengetan baé, bari hojah
sabisa-bisa. Da euweuh guam pisan mah, arca meureun disebutna. Kapan urang
manusa, Utun. Nu nyababkeun budaya jeung nyiptakeun budaya. Utun gé, bakal
kitu, jaga.
Aéh-aéh, geus nepi ka biwir dayeuh geuning,
Utun. Naon cing cirina? Meureun Utun pansaran. Itu tuh… tingal pagaliwota jeung
patali marga kahirupan mani paciweuh kitu. Sibuk téa. Jam sabaraha nya?
Paingan, jam satengah dalapan leuwih saeutik geuning. Keur meumeujeuhna manusa
téh ngudag pakasabanana ka unggal pongpok angin. Ciri séjénna…naon cing, Tun? Tuh…runtah
jeung limbah tingtalambru di unggal juru. Kahirupan kucel, cakueum, kusam. Béda
baé jeung di pasisian mah, nu caang, béngras, taya polusi nu ngalimpudan rohang
dada manusa-manusana.
Utun…geus karasa nya? Tangtu. Ambu ogé geus
lapar ieu téh. Ééh, peujit koréseun geuning Utun téh. Heueuh lain Utun meureun,
Ambu. Da geus nincak wayah sasarap atuh, Tun. Ceuk Wa Édi téa mah di Nagrak
Sukabumi; wanci mumuluk euy! Tutug uyah sagedé peureup kolot, dibuleud-buleud,
dibungkusna ku daun cau manggala meunang ngaleumpeuh. Di luhureun tutug,
sangray sirinding jeung sambel tarasi medok kenging Ema. Uyut nyebutna hidep
mah meureun. Haduh ni’matna, Tun. Seuhah tapi col deui col deui kana sambel.
Ngariung saanak incu Ema Taaara unggal usik mah, tapi mimindengna kitu. Kitu
Utun, Ambu mah baheula. Hareupeun hawu éta téh, saméméh miang tolab élmu ka
sakola dasar. Teu wudu hurip walagri geuning, Utun, malah ayeuna bisa
ngakandung Utun.
Ambu mah turun di setasion kahiji ieu téh.
Kapan rék ka dinya, ka Jalan Salémba. Jalan nu pinuh ku moméntum perjuangan
pisik nepi ka jaman réformasi, Utun. Loba pisan dongéng Ambu téh. Engké deui
urang guar hihi-hiji. Engké lamun utun geus jadi budak.
Jam dalapan kurang saparapat, ayeuna téh.
Piluit tanda eureun di setasion Jatinegara geus disada tah. Ké sakeudeung, Ambu
bébérés heula, bisi aya nu tinggaleun atawa mik-ap teu matut, éra temen, engké
Ambu. Geus puguheun beuteung mah mendeyang, bentelu ku Utun, atuh
beungeut-beungeut teu camérong.
Da geulis mah henteu Ambu téh, ngan manis
wungkul meureun, heuheuh. Tapi cenah Tun, manis mah sok geulis, sedeng geulis
mah can tangtu manis. Matak lain Ayah hidep wungkul baheula nu ehem téh. Ngan
nu wani jeung tanggung jawabna; wungkul manéhna. Nu séjén mah aringgiseun. Duka
ku naon. Ceuk kolot nu kungsi diwawancara disungsi élmuna ku Ambu mah kieu
omonganana téh.
“Nénéng mah beurat ajina. Pameget-pameget
sérabeun ku Nénéng. Seueur pisan nu palayeun, namung arisineun. Anu jodo sareng
Nénéng mah, waja sorotna…,” anéh nya Tun. Kapan nu nyorot mah cahaya atawa mun
nu ngaborélak téa mah inten jeung emas. Bolongkotan. Emas nu ayeuna hargana
apung-apungan, tapi da Ambu gé resep. Hé hé hé…
Ieu téh kalah ngadongéng ka mana-mana. Heup
heula, nya, Tun. Karéta geus eureun ayeuna mah. Bismillah Ambu ngucap du’a, muga
dipaparin kasalametan ku Gusti Alloh di dayeuh Jakarta. Babadagna lelembutna
Ambu jeung Utun-Inji, hayu urang turun. Amin.***
Parongpong, 13 September 2000.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar