Carpon Darpan
Weléh jadi pikiran manéhna, boa
pamajikanana téh jodo nu salah dirangkepkeun ka manéhna. Ari awéwé nu kuduna
jadi jodo manéhna, jeung kuduna bagja ngarangkep jeung dirina, ayeuna sarua
keur sangsara dikakaya ku salakina.
“Teu kudu panjang dipikiran.
Bongan manéh mah siga resep ngajomblo. Kurang kumaha pantesna Si Iis. Pék sing
runtut raut. Ku Ema didu’akeun. Sing adoh balai parek rejeki,” ceuk indungna
basa ngajujurung kawin.
“Tapi pan kudu bogoh, Ma!”
témbalna.
“Bogoh? Tai pedut!” ceuk
indungna, tiis alahbatan és.
Bogoh, cinta, boa enya tai pedut.
Buktina geuning si kuya, adina, anu saméméhna bobogohan jangkep méh opat taun,
ari geus pruk kawin mah kalah hayoh gor-gar paséa. Can jangkep tilu bulan
kawin, kalah tuluy ngalabring ka KUA deui.
Iis, pamajikanana, ngageubra ti
isuk-isuk kénéh. Ku manéhna teu diganggu ieuh, da apal sok kumaha nyégagna.
Sapopoéna gé kitu apan. Sok saré ti soré kénéh. Kabiasaanana nu maranti.
Paribasa capé tas digawé ti isuk jedur nepi ka soré jedér. Tanaga kabéh kakuras
di pagawéan. Salaki ukur mamanis, ukur jadi rurumbé.
“Cing atuh, da salaki téh boga
kahayang. Hayang pamajikan satia, satuhu, bakti ka salaki…,” ceuk manéhna hiji
mangsa, bakat ku keuheul nempo pamajikan unggal-unggal nyapirakeun.
“Ari Aang sorangan geus jadi
salaki? Kumaha bisana lamun keur dahar sapopoé baé Iis kudu milu banting
tulang? Kudu satia, satuhu? Kos jelema jejeg baé!” témbal pamajikanana.
Bep!
Nu tuluy ngalangkang dina
pikiranana, kantorna nu mecat manéhna. Kalangkang batur sanasibna nu sok
ruang-riung di pangkalan ojég bari murukusunu nyumpahan pagawéan nu hésé
disiar.
Tapi tara-tara ti sasari,
pamajikanana poé ieu mah kalah ngageubra ti isuk-isuk kénéh. Keur peré kitu?
Cuti boa. Ah, meureun enya keur boga waktu nyalsé ti pagawéan. Diteuteup ku
manéhna mani imeut nu nangkuban dina ranjang téh. Ukur didaster ipis.
Beungeutna ayem pisan dina tibra, teu karuruban ku buukna nu ngahaja
dibuntut-kudakeun. Birahi jaluna ujug-ujug nguniang.
Awak sampulur. Najan umurna ampir
jejeg tilu puluh taun, tapi lebah dieu mah pamajikanana kaitung bisa ngajaga
awak. Turug-turug teu kabiruyungan boga anak. Teu kungsi nyusuan atawa ripuh
ngurus budak. Teuing saha nu gabug, da boh manéhna boh Iis papada embung
dipariksakeun tiheula. Kaharti mun awak seseg kénéh téh, boh nu pangtukangna
boh nu panghareupna.
Beungeut, nya teu
nyungsang-nyungsang teuing sakitu mah, jajar pasar baé. Bener ceuk indungna,
pamajikanana téh mun ditelek-telek mah aya sarina ogé. Jaba bisa dangdan, bisa
nuturkeun gaya. Manéhna mésem, bari ti tatadi teu incah tina lawang panto
kamar, siga style director keur ngimeutan modélna. Bet aya kereteg dina haté
leutikna, kuduna mah sukuran boga pamajikan ….
“Keur naon?” ujug-ujug nanya kitu
pamajikanana téh, panonna mélétét. Bet teu kaciri waktu beuntana. “Hayang
numpakan mah ka dieu wé, teu kudu nungguan dititah,” pokna deui saguluyurna.
Manéhna rampang-reumpeung. “Peré?
Sisinarieun teu gawé!” pokna.
Tapi pamajikanana kalah malik
nanya, “Tadi peuting ka mana?”
“Di Ema, maturan. Karunya, Apa
keur ka Indramayu,” témbalna.
“Paingan. Iis mah ngalembur di
kantor, nepi ka subuh!”
“Nya aya pagawéan naon?” manéhna
ngadeukeutan ranjang.
“Teu digawé. Ukur maturan si bos
bagadang.”
Manéhna ngarandeg. Rey ulatna
robah. Gilek balik kanan. Gejlig kaluar ti imah. Sigana téh keur manéhna mah
mending adu hareupan jeung bagong.
Ti harita, tilu minggu manéhna
teu balik ka imah. Mun teu di imah indungna, ngulayab teu puguh laku, bari
kakapeungan ngagawéan pagawéan nu kapanggih sakasampeurna, nu bisa ngaganjel-ganjel
kabutuhan hirupna sapopoé. Aya nu nitah nyupiran. Sakali mangsa aya nu nitah
mangoméankeun pager imah nu ruag kadupak. Kungsi malah aya nu nitah mantuan
nyieun buku kas, keur laporan réhab sakola ka kantor dinas. Miminengna mah
hual-hiul di warung Unah nu jadi pangkalan ojég.
Indungna sok nanya, cara hiji
mangsa waktu manéhna keur gigitaran di tepas imah, “Kunaon ari manéh? Kumaha Si
Iis?”
“Ah, tai pedut,” témbalna.
Gembréng kana gitar.
Nepi ka antukna hiji poé manéhna
tepung jeung awéwé nu sakarat, nu beungeutna siga kapas, kawas tas disedot
getih, di jajalaneun nu rada hara-haraeun. Rék ka imah Haji Kodir manéhna téh
tadina mah, katalatahan ku Néng Imas, anakna si haji. Nitah mangjualkeun VCD
player cenah, da boga gantina nu anyar, DVD player lengkep jeung home
theater-na. Mun payu, pék baé cenah satengah-satengah. Soal harga kumaha
manéhna. Bakat ku hayang ngésér nu heubeul kawasna.
Ti kajauhan ogé, éta awéwé téh
leumpangna kaciri jajarigjeugan, siga nu tas mabok baé. Tapi sidik siga keur
gering.
“Kunaon enéng téh?” pokna nanya,
hariwang bari ngadeukeutan. Manéhna luak-lieuk, sugan aya nu séjén nu bisa
kakolomkeun jadi batur éta awéwé indit-inditan.
Tapi éta si beungeut kapas téh
teu ngajawab. Tina biwirna nu matak pikaresepeun lalaki, ukur embut, rada
muringis. Ditanya mindo, éta awéwé téh angger teu miduli. Ngan katara beuki
ripuh baé. Nepi ka antukna ngarumpuyuk di sisi jalan.
Geus nempo kitu mah manéhna gé
teu loba pertimbangan. Si beungeut kapas laju diboro rék ditulungan. Untung
awakna kaitung jangjing, teu matak hésé ngabopong. Tuluy diperenahkeun di
tempat nu rada iuh. Manéhna sakali deui luak-lieuk, sugan baé éta awéwé aya nu
maturan. Tapi tétéla euweuh tanda-tandana.
Sanggeus sawatara lila
ngalempréh, si beungeut kapas nyarita laun jeung pegat-pegat, “Jajapkeun ka…
jalan sakadang kuya no… nomer 32,” reup peureum deui, bangun siga kasiksa. Pias
beungeutna, kapas kulitna.
Manéhna ngaragap dompét, kusiwel,
tuluy dibuka. Duit nu nyelap di dinya ukur mahi saongkoseun béca. Ras inget rék
ka imah Haji Kodir téa. Rék ti mana ngagantianana lamun duit nu aya dipaké
heula keur nganteurkeun ka jalan sakadang kuya? Tapi éta si kulit pias siga
kapas, piraku manéhna rék téga teu mikawelas. Antukna, barang nempo aya béca
ngalalar, gancang baé dieureunkeun.
Plét tempat kos imah nomer 32
téh. Barang jol ka dinya gé, pangeusi plét tinggéréwék. Bubuhan kabéh bikang.
Si beungeut kapas digolérkeun dina matras nu teu dirajangan-ranjangan acan, di
kamarna. Asa teu merenah jadi kamar awéwé, da sakitu paburisatna. Siga kapal
pecah. Piring jeung gelas nu can kaburu dikumbahan patulayah gigireun tivi
jeung kulkas, pabaliut jeung séndok nu laledok. Papakéan seuseuheun
nambah-nambah rujit kaayaan di kamar.
Ras ka imahna sorangan, nu
sakapeung sok paburisat kawas kitu da pamajikanana sok tara kaburu bébérés. Boh
mun rék indit ka pagawéan boh mun balik ka imah. Manéhna nu sok katempuhan.
Dalah dikumaha.
Manéhna karék wani bébérés
sanggeus awéwé-awéwé pangeusi plét tingkoléséd kalaluar, siga surti sorangan.
Malah teu ieuh nungguan katerangan ti manéhna, kumaha nepi ka éta awéwé nu sepa
beungeutna dibawa ka dinya. Nya disangka sahana aing? Gerentesna. Tapi teu ieuh
loba léléwa, da puguh manéhna gé bingung, malah kabingungna téh geus aya ti
saprak manéhna manggihan éta awéwé di jalan téa apan.
Siga ragab pisan bébérésna téh,
da puguh loba barang pakéeun bikang nu ku manéhna kudu dijiwiran hiji-hiji.
Diperenah-perenahkeun ngarah kamar teu siga jarian teuing. Manéhna ogé
nyempetkeun sasapu jeung ngepél. Cangkang peremén, bungkus obat, jeung
lambaran-lambaran buuk nu rontog, nu patulayah dina kramik, dicomotan bari
sabar. Sabot baranggawé kitu téh, nu sepa mah tibra baé dina matras.
Siga nu linglung rék nyingkah ti kamar
téh. Rét kana érlojina. Manéhna garo-garo teu ateul. Brek deui sisi ranjang.
Ngawani-wani manéh ngaragap tarang nu sepa. Nyecep kawas batu kaibunan. Ari
ragamang téh, leungeun si beungeut kapas ngarayap kana pigeulangna, tuluy
tipepereket nyekel réma nu ngaragap tarangna. Panona mélétét deui semu seunggah
rék beunta. “Nuhun…,” pokna halon pisan. Reup deui. Leungeunna gé ngulapés
deui.
Beuki bingung baé manéhna téh.
Tapi lila-lila mah pok ngaharéwos, ditompokeun kana ceuli éta awéwé, “Abdi mios
heula!” Tapi teu ditémbalan. Nu sepa angger peureum, teu usik teu malik. Teuing
saré teuing kapiuhan. Jung manéhna nangtung. Léos kaluar. Ngan nyempetkeun
heula keketrok ka kamar gigireun. Lol awéwé geulis, nepi ka manéhna rada
ngalenyap. Nu ieu mah sakeureut jeung beungeut Nining Méida.
Pokna, “Punten dikantun heula.
Pangréncangankeun wé. Hariwang, bisi kuma onam.”
“Har, moal diréncangan ku nyalira
kitu?” témbal nu geulis.
Méméh ngajawab manéhna neureuy
ciduh heula. Luas-lieus. Pok deui asa-asa, “Nu mawi aya peryogi.”
“Nya wios atuh, da sadayana ogé
réréncanganana di dieu mah.”
Manéhna geuwat indit. Kapaksa
kudu badarat da eusi dompét teu nyesa kencring-kencringna acan, kabéh dipaké
mayar tukang béca nu ngajajapkeun nepi ka imah nomer 32. Mangkaning ka jalan
Satjadibrata téh kaitung jauh. Jaba beuteung mimiti nagih dieusi. Panonpoé
morérét. Lebu jalan tingsulabreng, ngalengkepan kasangsaraanana.
Sapanjang leumpang mapay-mapay
trotoar, pikiranana cus-cos ka ditu ka dieu. Ka awéwé nu beungeutna sepa, ka
kamarna, ka rupana nu teu bisa disebut goréng patut. Manis malah. Mun teu keur
sepa, wani ngadukeun jeung Jullette Binoche. Hanjakal awakna langsip pisan.
Siga béak digorogotan ku panyakit. Ras deuih ka imahna, ka pamajikanana.
Ngan ari kacipta beungeut
pamajikanana, ari rey téh sebel. Lebokkeun jurig siah! Sok kitu ngupahanana
lamun manéhna inget ka pamajikanana. Boa kawas manéhna nu teu asa kaleungitan
pamajikan, pamajikanana gé boa asa teu kaleungitan salaki. Boa keur oléng jeung
dununganana. Geus aya sataunna kikituanana téh, bari manéhna teu boga kawani
pikeun ngontrog. Boa geus teu di imah ayeuna mah. Boa geus dibawa pindah ka
imah pamajikan simpenan. Sugan aya nelepon ka imah indungna – nyarékan-nyarékan
atuh ka salaki nu bangkawarah – éh, da lebeng.
Indungna nu hiji mangsa
mariksakeun téh, ngahaja dianjangan. Tapi imahna ngonci cenah. Éta téh
ngahagalkeun nganjangna pasosoré, da diajam nu rék dilongok geus mulang ti
pagawéan. Ditungguan nepi ka isa, berekah cenah euweuh nu balik.
Antukna mah dina ingetanana
selang-seling, antara beungeut awéwé sepa jeung beungeut pamajikanana.
Sakapeung si beungeut kapas robah jadi widadari rancunit nu maké mahkota
kembang dina sirahna, ari pamajikanana robah jadi kuntilanak nu
pangpikagilaeunana.
BEREKAH, hirupna ti poé ka poé
siga euweuh robahna.
Ku indungna seubeuh dicarékan
béak lening. Majar téh kumaha bisa ngurus pamajikan mun ngurus diri sorangan gé
teu becus. Ceuk haténa, mani euweuh kabosen hayoh baé nyarékan. Mani euweuh
pariasi. Lamun téa ku indungna nepi ka diusir gé, sigana ku manéhna rék iklas
diturut.
Unggal jelema nu apal hirupna,
euweuh hiji gé nu daék ngabéla, yén ieu kaayaan téh lain saratus persen
kasalahan manéhna. Asa hayang muragkeun bom atum sakalian. Sugan aya kahirupan
anyar nu méré kasempetan manéhna bisa ngamimitian hirup nu walagri, sanajan
kudu miang tina kasangsaraan siga urang Hirosima jeung Nagasaki.
Waktu hiji mangsa ngalongok
imahna, geus aya deui baé pikakeuheuleun téh. Di panto geus ngagantung tulisan
nu teu bisa kasebut leutik. Sigana ti gang liliwatan gé bisa kabaca ku nu
ngaliwat. Tétéla tulisan pamajikanana nu teu leuwih alus batan tapak cékér
kuya. Unina, “Talak tilu sakalian!” Emh, kawas euweuh jalan deui keur
ngawiwirang salaki.
Ceuk pikirna, aing téh lalaki.
Piraku hayoh baé cicing diirik ku awéwé pantar pamajikanana. Sugan kudu
dilawanan deui ku talajak burung. Kapalang édan.
Trét nulis, dina triplék panto
baé, handapeun keretas. Siga budak sakola nu tutulisan dina WC. “Dalah mun aya
talak saparapat gé, najis aing méré!”
Gejlig, abur-aburan deui.
Dina keur ngaberung kitu,
dibéréan hayang ngalongok si beungeut sepa. Waktu keur hadé poéna, pasosoré,
ngahajakeun manéhna nganjang ka imah nomer 32 di jalan sakadang kuya. Tapi bet
combrék. Diketrok sababaraha kali taya nu muka panto. Hordéng kamarna rékép
pisan.
Nu kaluar téh kalah ‘Nining
Méida’, tatangga kamarna téa. Cenah, “Tos angkat, A. Tadi tabuh tilu. Susul wé
atuh ka ditu!”
“Kulan?” tangtu baé manéhna
rungah-ringeuh. “Kedah disusul ka mana kitu?”
Giliran Ceu ‘Nining’ nu kerung,
“Manawi téh apal. Biasa wé di Pitaloka. Da sok di dinya apan!”
Teu réa carita, gancang amitan,
bisi ditanya nu lain-lain ongkoh. Da sigana ku éta awéwé téh manéhna disangka
‘salakina’ si beungeut sepa baé. Sajajalan dikalangkangan ku pikiran-pikiran
ahéng. Pitaloka! Saha nu teu apal ka éta bar, tempat nu kungsi
ngageunjleungkeun jalma sakota. Apan di dinya walikota jeung sobatna, anggota
déwan, kungsi karajia nu anak buahna sorangan nu ngayakeun operasi yustisia.
Kaambeu ku wartawan Métro, digegedékeun. Nepi ka aya isu rék diayakeun pilkada
ulang. Tapi kasusna kaburu kasilep ku kasus korupsi Kepala Polresta nu sakompét
daun jeung koruptor Bank Binangkit, nu muncul heuleut saminggu ti saprak
walikota karajia.
Sabada tatanya, enya wé si
beungeut pias téh kapanggih keur gogoléran di kamar ganti nu teu béda jeung
gudang. Keur guntreng jeung batur-baturna nu ngagareulis dina euteung nu
tingjareblag némpél méh di sakuriling témbok. Ku satpam dijajapkeun ka dinya
téh.
“Va, Mél, kalaluar heula nya.
Hayang ngobrol jeung si Aa,” ceuk si beungeut sepa.
Babaturanana mésem bari kalaluar.
Tina dilakna kaciri teu bisa kakolomkeun awéwé nu saroléh. Tapi haténa
ngagerentes, nuhun Gusti, salira geus nyiptakeun mahluk nu sakitu gareulisna.
Sanggeus lila tingharuleng, si
beungeut sepa nu ngamimitian nyarita, “Kunaon Aa ka dieu?” beungeutna angger
sepa, kanyos, ngan keureutanana baé anu rada nyari téh. “Apal ti saha?”
Manéhna ukur imut. “Ka sakadang
kuya heula tadi téh. Dituduhkeun ka dieu. Panasaran, hayang nyusul. Tapi punten
bisi ngaganggu. Ehm… sanés, sanés badé nagih hutang!”
Si beungeut sepa bisa kénéh
nyikikik, bari neuteup anteb pisan. Siga teu inget mun manéhna keur gering.
Diukna ngésér, pagégéyé, bari teu asa-asa ngaranggeum ramo lalaki nu karék dua
kali tepung jeung harita. Sirahna antukna di sampaykeun na taktak nu
ngalongokna.
BEREKAH, teu kungsi
rambisak-rambisak acan, waktu suster ngabéjaan yén si beungeut sepa geus euweuh
dikieuna téh. Manéhna ukur tungkul nguyung. Atuh waktu jajap ka kuburan, kitu
baé, guyub jeung batur. Teu ieuh nenggangkeun manéh. Keur gé kabéh nu jajap
siga sahinasna baé. Bororaah témbong kaleleban, dalah ngarasa sungkawa gé
sigana biheung. Siga ukur hayang némbongkeun sarat kalumrahan, yén piraku nu
rék dipendem euweuh nu ngiringkeun-ngiringkeun acan. Baju hideung nu diparakéna
gé, siga sarat formal, teu béda jeung nu rék kaondangan kudu dibatik atawa
dikabaya. Ku alatan éta, mun téa manéhna ngabédakeun manéh téh, boa matak
hémeng batur. Meureun pada nanya di jero haténa, nya saha meureun manéhna téh?
Carana ngubur si jenat gé nya
kitu baé. Asal cumpon sarat jeung kawajiban nu hirup. Bérés. Euweuh nu
nyengceurikan atawa kanyenyerian. Euweuh nu jajap ku kekecapan panganggeusan.
Sanggeus ngawurkeun kekembangan, bring baé marulang. Teu nogéncang henteu
nineung.
Enya manéhna rada mandeurikeun
manéh, tapi da teu katutuluyan. Sanggeus nempo yén éta kuburan pantes disebut
kuburan jelema, manéhna gé tuluy lunta. Ngan henteu laju balik, boh ka imah
indungna, boh ka imahna sorangan, atawa ka warung Unah tempat nangkringna.
Ngaléosna ka blok séjén astana. Aya kuburan anu sok katempo agréng ti sisi
jalan, tur geus lila jadi kapanasaran manéhna mun pareng ngaliwat ka dinya, nya
kuburan saha éta.
Semet panasaran. Da teu ilahar
jelema panasaran ku kuburan tuluy ngahaja datang ngimeutan. Mun ayeuna ku
manéhna ngahaja dilongok, pédah baé kagok aya di astana, sakalian hayang anteng
ngalamun. Mun di imah indungna tangtu digambréng. Mun di warung Unah tangtu
diseungseurikeun. Ari di imahna sorangan, asa betah kénéh di kuburan.
Éta kuburan téh sigana kuburan
jelema beunghar, da marmerna sakitu gugurilapanana. Disaungan linduh pisan.
Kuburan kembar, sarua marmerna, saru wangunna, saru gedéna, ngajajar siga
meunang merenahkeun rapih pisan. Nu béda téh ngaranna. Nu hiji, H. Nugraha Alamsyah,
lahir 1924, wafat 1992. Nu kéncaeunana, Hj. Saonah Nugraha, lahir 1930, wafat
1992.
Manéhna nyureng, niténan bulan
maraotna éta dua jalma. Ukur béda sabulan horénganan. Nu lalaki Oktober, nu
awéwé Nopémber. Boa salaki pamajikan. Nilik kana ngaranna mah teu mustahil. Mun
kitu téh, salaki-pamajikan nu bagja, bisa mulang ka kalanggengan patutur-tutur.
Loba contona apan, salaki-pamajikan nu hirupna runtut raut, maotna sok
patutur-tutur, da nu hiji sok kaleleban mun pasanganana ninggal.
Teu karasa manéhna imut leutik.
Paingan mun ditingali ti sisi
jalan éta kuburan siga komaraan, da meureun nu ngeusianana gé, pantesna,
jalam-jalma nu kungsi bagja hirupna. Jeung tangtuna rundayanana gé jarugala, da
piraku nu masakat mah ngahajakeun ngawangun kuburan sakitu agréngna.
Rada lila manéhna di dinya,
ngadon kulantang-kulinting ukur niténan kuburan batur. Bari
sakapaeung-sakapeung jol timbul pikiran, lamun manéhna maot nya rék siga kumaha
kuburanana. Da geuning siga euweuh jelema nu nyaah jeung nineung ka manéhna. Dalah
indung bapana gé geus nganggap manéhna jelema sésa.
Boa nasibna bakal siga Éla,
widadari ti Pitaloka. Sanajan bisa jadi manéhna rundayan jelema aya – apan
salakina gé pagawé Pémda cenah – lebah maot mah ning cuang-cieung euweuh nu
mikatineung. Ku saréréa pada nganggap runtah nu taya hargana. Tong boro ku
salakina – nu béjana kungsi ‘dikeureut’ mindo ku Éla lantaran nyimpen nu ngora,
nepi ka bubulanan ngerem di penjara – dalah kulawargana gé embung apal kumaha
hirupna. Ukur batur-baturna di Pitaloka nu daék ngarawatan.
Peutingna manéhna huleng jentul
di kamar plét, di jalan sakadang kuya nomer 32. Ngumpul-ngumpul barang
titinggal almarhumah, da meureun kudu dibérésan. Kamarna tangtuna rék
diséwakeun deui ka nu séjén. Manéhna nu katempuhan kudu ngabérésanana. Da
geuning babaturanana siga embung riweuh, cukup masrahkeun ka manéhna nu
saenyana ukur katempuhan baé, alatan kungsi nulungan di satengahing jalan.
Leuwihna téh meureun, kungsi popoéan marengan di rumah sakit, waktu Éla
sakarat.
Bosén huleng jentul, tuluy
sabisa-bisa bébérés kamar. Ngumbahan wawadahan, mérésan papakéan, ngepél, naon
ku hanteu. Sabada nganggap euweuh deui nu bisa dipigawé, tuluy keketrok ka
kamar ‘Nining Méida’ – horéng ngaranna téh Sévi cenah – bébéja rék balik heula,
bari rék ngabéjaan yén barang-barang Éla nu bareurat mah rék isukan baé
dibawana. Nu digémbol jeung dikardusan harita mah ukur papakéan jeung
barang-barang kolontongan.
Tapi kamar tatangga siga nu
simpé. Karék sanggeus tilu kali diketrokan, nu ngeusianana ngelol dina panto.
“Punten, nuju kagok!” pokna. Témbong matana nu cureuleuk rada beueus.
“Nuju naon kitu?”
Sajongjongan mah kalah ngabetem.
Tapi teu burung ngajawab, “Diajar solat!”
Bet jorojoy aya niat mawa
barang-barang Éla ka imahna. Peuting-peuting gé ngahaja balik. Hareupeun panto
imahna manéhna ngajengjen, barang mireungeuh panto geus racét pinuh ku
cocorétan. Teu ieuh hayang macaan.
Nepi ka janari leutik mah manéhna
nyileuk baé bari melong gémbolan jeung kardus nu diringkid ti kamar Éla. Éta
babawaan téh jadi nunggelis di rohangan tengah da ampir kabéh parabot di imahna
geus teu nyésa, duka dikamanakeun ku pamajikanana. Ukur ukulélé nu senarna kari
dua, ngagolér di tengah imah. Pamajikanana siga hayang nyindiran, mun harta
hiji-hijina ti manéhna mah ukur éta barang, nu unggal waktu sok dipaké
gegembréngan.
“Lagu Él-nadom téa ning….,”
dumadakan kapireng deui haréwos Éla, waktu hiji peuting manéhna maturan si
beungeut kapas di rumah sakit. “Anak adam….!” sorana haroshos.
Ukulélé nu ngagolér di tengah
imah ku manéhna dirongkong. Senar nu dua disurup-surupkeun. Tapina, manéhna teu
laju ngalagukeun pupujian Anak Adam ti Él-nadom, da cimatana kaburu ngeclak
kana watangan.***
Gordah, 2006
Tidak ada komentar:
Posting Komentar