Senin, 18 April 2011

DI TAMPIAN


Carpon Supriatna

Bedug asar geus titadi, tapi jelema di tampian pagegelek kénéh baé. Nu mandi, nu ngamandian budak, nu gégéroh, nu ngarala cai mani ngantay. Léos saurang, torojol saurang, teu kaur lowong. Cacakan pancuran aya limana.
Sora turaés séah dina tangkal mindri ti mumunggang tonggoheunana. Angin mangkat katiga nebak ti kidul-wétan, angin garing ngandung kasakit,matak keusrak kana kulit.
Mu’in cinutrung kénéh dina batu gedé tonggoheun tampian, ngadago lowong. Panon melong kosong semu jauh panineungan. Lemburna nu baréto mah tara kurang cai, ayeuna mah katiga karék sabulan ge, cai geus susah. Balong gararing, sumur taluhur, susukan ngolétrak, sawah bareulah tarelaan.
Puncengis Samsu. Dikokolor, dikakaos sangsang, dikongkoyang anduk, ngajingjing émbér leutik wadah sabun-odol. Nénjo jelema réa kénéh, koloyong nyampeurkeun nu keur cinutrung.
“Ngagelek kénéh baé wayah kieu.” Pokna bari ngalieuk ka lebak.
“Heueuh, emang gé geus lila.” walon Mu’in, “Keur gawé di mana Cu?”
“Di mantri Ojon, nyieun dapur…Beuki réa waé nu ngaradon ngala cai téh.” ceuk Samsu.
“Cikénéh gé Haji Dadi, sakol buntung, dreum pelastik galedé wungkul.”
“Sakitu boga sumur kompa, éta haji Dadi?” ceuk Samsu.
“Yéh, teu jero-jero pisan mah sumur kompa gé ayaan ti mana, da puguh jero taneuhna geus taya cai.”
“Padahal can babangetna katiga téh, nya?”
“Babangetna naon, dang-dang-rat kénéh sasatna, karék Juli lin ayeuna téh?”
“Enya, tanggal dua”
“Béak ku sumur tarésis meureun cai di jero taneuh téh”
“Artésis meureun Mang, lain tarésis!” témpas Samsu bari nyéréngéh
“Heueuh meureun…..mangkaning lain hiji-dua pabrik nu nyieun sumur kitu téh. Jaba mani patinggelenggeng cenah, sagedé-gedé bedug kaluarna téh.”
“Wah sagedé bedug onam piraku Mang, kaeléb meureun pabrikna gé!”
“Heueuh ceuk nu nyararita! Jaba cenah sapabrik téh teu ngan hiji séwang.”
“Acan golf, acan perguruan tinggi, hotél, pangindekosan, supermarkét…..” Samsu ngahaminan.
“Tuh, cekéng gé! Mana lapur balaréa mah kabagéan sarakahna wé! Tuh sumur Pa Bahim…apal manéh Acu, sumur Pa Bahim? Iraha teuing saat baheula mah, kapan ayeuna mah…..”
“Naon, da geus disaeur!”
“Hah, disaeur….?”
“Abdi, duaan jeung Si Dasmo nu nyaeurna gé, minggu itu. Barangkal, keusik pangayakan, bangsa belang-beling, bres-bres wé ka dinya. Geus kari dua metér, rup wéh ku beton, dijieun cubluk ngarah teu mubah teuing.”
“Disaeur mah, kumaha atuh Pa Bahim ka caina?”
“Nyieun sumur bor, jero, sabaraha lénte mah.”
“Beu……nepi ka hanteuna éta sumur. Gedé riwayatna sumur éta téh, Acu. Nu nyieunna téh nyao uyut, nyao baona Pa Bahim, emang gé teu pati teges, angot manéh, di mana kénéh mah! Ngan kacipta sarusaheunana urang dinya, kapan salelewek éta mah ka caraina téh ka sumur éta, bubuhan diopenbarkeun.”
“Nya bur-ber wé meureun. Nu ka Cisiuk, nu ka Cilanggeng, nu ka Cipaséh, nu ka dieu waé atuh réa, tuh geuning Kang Tamim, Bi Anah, Si Uhi…..” Samsu mapaykeun paneuteupna ka nu ngagimbung di lebak.
“Deuh éta nu ka Cipaséh, kacipta ngempladna! Indit nurugtug, balik ngarekéh. Ngarah saémbér-dua émbér téh kudu ngoprot heula késang”
“Dikumaha deui meureun Mang, da butuh!”
“Leuheung nu jaragjag, Acu, kumaha temen bangsa nini-nini – aki-aki?”
“Pan enya…….….Nini Murni gé kamari nangkarak-bengkang, tiseureuleu cenah, turta ditungtun ku incuna éta téh, teu disina kakarayapan sorangan.”
“Tuh cekéng gé….heueuh kumaha waé atuh lembur urang téh. Ray usum-ray usum téh cai beuki werit, taneuh beuki tuhur, sawah beuki angar.”
“Pantes atuh Mang, jiwa nu makéna ngarekahan, ari paneundeunan cai laleungitan. Da leuweung, kebon, dibarukbak, sirahcai disalaeur, diparaké adegan, buruan ditarémbok.”
“Béh ditu-béh ditu mah teu sangka lembur urang baris kieu.”
“Mecak ramé, nya Mang.”
“Heueuh ramé, harénghéng!”
“Pabrik jeung perguruan tinggi nu mawa ramé téh.”
“Lain Acu……tadi ngadéngé téh duaan jeung Si Dasmo - duaan jeung Si Dasmo kitu nyaeur sumur Pa Bahim téh? Na si éta maké nyagap gawé abragan? Ari kiosna saha nu tunggu……Pamajikanana? Ngalagu kitu jelema kemba ngaladénan nu barangbeuli?”
“Naon emang téh, da geus teu ngios ayeuna mah Si Dasmo téh, aya meureun sabulan. Geus dijual kiosna gé.”
“Naaaha……rék pindah mangkal?”
“Teu pindah, eureun wé, teu dagang deui”
“Itu geura Si Dasmo, dilelebar……..”
“Lebar sotéh mun kaharti meureun Mang, da kadieunakeun mah ukur ngalelengkur wé cenah sapoé-sapoéna téh. Ladangna nungtut kacéot ku resiko. Atuh eusi kios téh batan ngabeukahan mah kalah ngariut. Antukna nangkub. Kiosna dijual, dagangna eureun. Ari tiheula panggih jeung abdi di Nangkod, bawa euy déwék digawé cenah. Gawé naon ari silaing, ceuk abdi téh. Heueuh ngaladén-ngaladén atuh, cenah. Ari kios kumaha, ceuk abdi. Nya carita-carita, ari taeun nyakitu téa cenah lalakonna téh.” Samsu ngajéntrékeun bubukanana.
“Kagét. Sakanyaho emang mah meujeuhna wé najan teu kasebut kajojo gé kiosna téh”
“Enya tiheula-tiheula mah, tapi saprak aya supermarkét gigireunana nu bararangbeuli téh maruru ka dinya waé. Bangsa kios jeung warung laleutik mah dilaliwat wé. Ngenes, nyeri haté, cenah sajaba ti teu meunang duit téh. Keun ku nu teu warawuh mah, éta nu biasa ngalalanggan gé kalalar-kalalar wé ka supermarkét!”
“Supermarket nu deukeut Pondok Gadis téa?”
“Tah éta, kaléreun jajaran kios jeung warung laleutik téa wé geuning!”
“Kungsi ti heula dibawa ka nu kitu téh di Bandung, ku Pa Jaya. Mecak geuning maké tétécéan nu maju sorangan téa, lip nahaon ngaranna téh”
“Ngajaran nyah emang?”
“Nya ngajaran,lewang-lewang gé,tamba kawaranan teuing wé atuh, Acu!”
“Tuh geuning, emang gé resep!” Samsu ngéyéhkeun.
“Hih, da aya nu mawa emang mah. Sosoranganan mah, ambuing, asupna gé cumaripcip. Jeung deuk meuli nanahaon ka toko kitu!”
“Naha da rék roko, rék bako gé aya, panékér naon! Susu, gula, kopi, ka uyah-uyah aya. Indung si Kardan gé paparahna téh hayang ka dinya wé, pilakadar meuli kopi sabungkus gé”
“Resep gegeleseran dina tétécéanana, moal salah”
“Sugan……”
“Karunya wé nya padagang leutik pantar Si Dasmo mah!”
“Narangkub kabéh gé, Mang, nu asal sakitu ngajajarna téh!” ceuk Samsu.
“Deuh……”
“Ngalanto geura emang soré-soré, ngagelek di supermarkét wé jelema téh, marukankeun!”
“Padahal marahal meureun nya di toko agréng kitu mah?”
“Hih, malah murah emang téh! Roko Beureum gé di warung Amin mah lima dua lima pan, di dinya mah ngan opat tujuh lima!”
“Geuning étah?”
“Pan harga isét, da langsung ti pabrikna, teu paciwit-ciwit jeung agén!”
“Meujeuhna atuh kitu mah!”
“Enya, ngan orokoya padagang leutik……” Ceuk Samsu, sorana ngalakay.
“Lain seug arusul atuh, tong caricing waé!”
“Éta gé pan ku mahasiswa didémo basa deuk degna téh!”
“Geuning atuh jadi waé?”
“Yéh, anjing ngagogogan kalong! Anjing haben gagaikan, kalong anteng gagayabagan, harideung!”
“Heueuh nyakitu, nu leutik mah purah tarima nasib wé, teu meunang ngasupkeun omong! Nam ah Acu, geus rada lowong tuh!” ceuk Mu’in bari ngajurungkunung. Terus tuturubun ka tampian patutur-tutur jeung Samsu.***

Bumi Kinanti, Désémber 2005

Tidak ada komentar:

Posting Komentar