Carpon Tien Kustini Maskar
Dianjangan teh kasampak Kang Usep
keur sila tutug. Ti kajauhan katenjo nyerengeh. Kumisna nu kandel nyingsat.
Sanggeus deukeut ompongna kaciri. Unggal papanggih huntuna beuki ngurangan.
Kang Usep ngiap-hiap. Sanggeus sasalaman gek diuk gigireunana. Bangku nu
heureut teh ngan cukup dipake diuk duaan, pagegeye kawas keur ocon. Rek diuk di
handap asa ngewa kawas keur ngadeuheus ka raja.
“Hayu atauh di jero, aceukna keur
di cai… nyeuseuhan…” pokna bari nepak tuur kuring.
“Lah di dieu we hareudang…”
“Tas ti mana atuh, ngahaja bae ka
dieu?”
“Ah nuturkeun indung suku we,
sukur ari sehat mah Akang.”
“Ih, cageur, pan kamari kakara
mulang ti Jakarta…” leungeunna kadak-kodok kana pesak kaos oblong nu warnana
kiruh bals dipake ka sawah. Roko nu kari dua batang dipaut.
“Ti Kang Umar?” kuring nanya.
“Enya, ka saha deui,” angger
nyerengeh.
“Yeh, bisi perlu ka Akang?!” Kang
Usep nanya.
“Ah ngalongok we, eta sakalian
tas ti Jang Elan, nempoan tangkal alba, majar rek dijual, butuh keur usuk.”
“Butuh sabaraha tangkal? Atuh itu
we nu Akang ge rea nu geus manjing dituar, sagede nu itu tuh!” curukna nunjuk
ka palebah tangkal alba nu pernahna teu jauh ti dinya.
“Sabaraha satangkalna?”
“Lah kumaha umumna bae, atuh
kamahalan lain jeung sasaha ieuh, kari ilikan ka ditu taneuhna rek dijual, bisi
rek dipikiran ku adi?” Leungeunna mautan jangot nu ngan sababaraha lambar. Make
ngingu jangot leuheung mun pantes, cek hate.
“Duit ti mendi Kang, sakieu keur
parait teh.”
“Ih, bisi butuh memeh di ka
baturkeun.”
“Paling ge kaina kitu moal loba
pira ge saimaheun.”
“Ilikan bae heula.”
“Eh, Kang! Majar Kang Umar
ngawayuh ka Ceuk Odah?” Kuring tetelepek.
“Enya. Lah keun bae, malah
dirojong ku Akang mah. Kahiji manehna mampuh rek boga panajikan salosin ge moal
teu kaparaban. Kaduana, cua akang mah ka ngaran Ceuk Munah teh. Nyeri atuh da
ngingetkeun kumaha sikepna ka kulawarga urang mah, ka kabeh oge lain dingeng,
nganggap badega. Boh ucap boh sikep geus pada ngarasakeun. Pek tanyakeun ka
sakur nu geus nganjang ka ditu, teu cara ka dulur jeung barayana ti pihak
manehna. Pagawe hotel jeung rumah sakit sasat dulurna wungkul.”
“Enya bejana mah disakolakeun
nepi ka paguron luhur kabeh oge.”
“Bener Adi, Ceuk Munah sorangan
anu nyaritakeun eta teh. Sedengkeun Si Dani mah anak akang katut ka sikat gigi
oge ti Akang. Di ditu mah saukur milu cicing. Akang oge mimiti mah teu percaya.
Basa Danni keur di ditu ari mulang teh reumbay bae, ari sugan pedah pajauh
jeung kolot. Balaka soteh sanggeus manehna tamat sakolana sarta geus digawe.
Paingan manehna kekepehan embung digawe jeung Uana. Padahal rumah salit swasta
bari mewah, pasilitasna alus. Nyakitu deui hotel kari milih rek di kota mana.
Na ari pok ngawalon, ayeuna mah pangarti
boga, digawe mah di mana we dapon ngeunah hate, hoream jadi kekesed saumur-umur
mah. Tuluy balaka yen sabot di imah Uana dikekeyek alah batan ka rencang. Tapi
ari ka dulur ti pihak Ceuk Munah mah henteu kitu. Maranehna malah sok wani
nitah ka Dani teh. Komo mun sagala nurut. Ieu mah kadaharan ti dieu diangkutan,
nya beasna nya laukna.”
“Enya nya Kang, apan Kang Umar
bisa jadi kitu teh mimitina mah jasa Akang ngorbankeun takajar ti Ua Hasan
nya.”
“Lah, heueuh, matak oge mun
ngarah ungka-ungkalan mah. Tapi Akang mah teu kitu. Manehna oge manusa tangtu
boga rasa rumasa, paling henteu dina hatena.”
“Naha Kang Umar kitu nya?”
“Lain Kang Umarna, tapi Ceuk
Munah nu goreng adat mah. Sabaraha kali Kang Umar ngahiyap sangkan milu deui di
pausahaan, teu hayang lah Adi, nyeri hate ari dipitnah teh.” Kuring nyaho
caritana yen kang Usep disangka korupsi. Tapi sanggeus kanyahoan nu boga
dosana, Kang Usep kalah pundung.”
“Kang Jaja oge kanyenyerian pan…”
“Eh, enya kumaha eta, bejana Yati
kalah pindah?” Kang Usep nanya.
“Pan kieu eta teh, Kang Jaja
ngalongok Yati, ari budakna kuliah nepi ka burit. Eta ti isuk, diuk di luar teu
aya anu ngahayap, boro-boro mun disuguhan, dahar oge di warung.”
“Ari ceuk Munahna aya eta teh?”
“Aya, tapi sanggeus nyebutkeun
Yati keur kuliah terus indit kana mobil. Teu mikirkeun jelema datang ti jauhna.
Cindekul we di luar. Tuluy cacaduan moal hayang deui nganjang deui ka imah Kang
Umar. Nu matak kadelasan teu nincak deui nepi ka maot oge.”
“Kaayeunakeun mah ari nganjang
teh sok ka kantor Kang Umar. Hiji waktu kungsi ngagorowok, naha nganjang teh ka
darieu bae, pan dewek teh boga imah cenah.”
“Pan hoream nempo paroman Ceuk
Munah kawas nu curiga rek barang penta.”
Keur kitu jol Ecin ngelek
seuseuhan balik ti tampian. Solongkrong sasalaman.
Basa pangaosan di kaum pendak
jeung nyi Nining teh,” Ceuk Ecin nyaritakeun pamajikan.
“Muhun pun bojo oge nyarioskeun.”
“Naon atuh suguhna, yu atuh sina
di lebet bapana, tuh Aceuk gaduh pindang lauk.”
“Ih, ti tadi oge diajakan,” cek
Kang Usep.
“Ngiring jajap seserahan, Jang
Dadang?” Ceuk Ecin nanya. “Kumaha Ceuk?”
“Eta henteu ngiring jajap
seserahan Kang Umar?”
“Euh, henteu, aya wartosna mah.”
Kuring nyerengeh. Kabayangkeun mun panganten aki-aki diabringkeun. “Abong-abong
lalaki nya, teu kaop di bere senang gancang nyandung.” ceuk Ceu Ecin bari
meureut samping, tuluy disampaykeun dina tambang nepi ka rantuy di buruan teh.
“Teu senang oge ari niat mah,”
ceuk Kang Usep. Ceuk Ecin ngadelekan.
“Atuh sering ka dieu ayeuna mah
Kang Umar.”
“Nya sering ari kilir. Tapi da tara
kaburueun ka dieu mah, enya oge kaliwatan.”
“Harianeun atuh.”
“Eta pan keur rarepot ngawangun
hotel mewah di Pangandaran.”
“Beuki seueur bae atuh, ampir
diunggal kota.”
“Bejana mah…”
“Kasieunan, Jang Dadang,” Ceuk
Ecin mairan.
“Ah kasieunan pedah naon, ari
urusan barangbere mah ari niat, da batur teh moal kadak-kodok kana pesakna, ari
teu bro mere mah, lain kitu Jang Dadang?” Kang Usep nyeungeut deui roko .
“Sumuhun, sugan ka Akang mah
geten pedah ka dulur pet ku hinis. Ka abdi onaman tara nganjang oge pantes
saukur supat-sipat keur mah teu aya
tempoeunana,” ceuk kuring.
“Sarua bae ka dieu oge. Enya ari
ma’lumeunana mah jalma sibuk ku pagawean, lebah urangna nu sarua delitan.” Kang
Usep ngabela dulurna.
“Ngeunah we nya, Ceuk Odah mah,
kawas kawin ka jin, jol jleg gedongna, geuleuyeung mewah, perhiasan
hurung-herang,” Ceuk Ecin kawas nu kabita. Abong awewe sok panasbaran.
“Heueuh, komo mun kawin ka jin
mah geura…”
Kang Usep ngareret ka
pamajikanana.
Wanci lohor kakara pamitan.
Nyimpang heula ka balong bisi caina saat aran usum halodo. Sakalian solat di
bale kambang. Sajajalan rurat-reret sihoreng lelegana mah tanah Kang Umar. Atuh
da unggal nu ngajual pasti dibeuli. Saharita mah asa katulungan. Antukna patani
leutik mah beuki ripuh sabab jadi henteu boga tanah garapan. Ari taneuhna teu
digarap rea nu digamblungkeun.
Heuleut dua bulan ti harita
tepung deui jeung Kang Usep teh di Bale desa
basa upacara ngaresmikeun gedong olah raga. Harita Kang Umar ge aya
jeung Ceuk Odah. Meunangkeun randa ge teu rugi da geulis Ceuk Odah mah.
Ngaranda soteh ditinggalkeun maot alatan cilaka.
Turun tina mobil mewah Kang Umar
dipapag ku inohong ti kacamatan jeung Pa Kuwu. Basa Kang Usep datang mah da ka
dinyana kana motor bebek, padahal adi lanceuk tapi ka kang Usep mah arapi lain.
Kuring jeung Kang Usep oge nyampurkeun Kang Umar. Sasalaman. Saukur imut
sarenyu da kaburu dikaleng ku Pa Kuwu. Kang Umar jeung Ceuk Odah diuk di
jajaran hareup ngarendeng jeung Pa Camat.
Basa Pa Kuwu biantara langsung
nganuhunkeun ka Kang Umar anu jadi donatur panggedena nepi ka bisa ngawujud
gedong olah raga.
“Kang, tuh geuning sakitu uduhna
Kang Umar teh disangka rek nyumbang sajuta malah jadi tilupuluh juta rupia,”
cek kuring.
“Ih, ari Jang Dadang ari mere ka
dulur mah moal diumumkeun kawas bieu, moal nyahoeun batur, mubah!” pokna bari
seuri.
Kang Umar pamitan ka sararea.
“Moal ka ditu heula, Kang?” Kang
Usep nanya.
“Engke deui lah, tos sonten.”
Pokna bari ngasngkeun leungeun sasalaman. Karasa aya nu nyangked dina dampal
leungeun.
“Lumayan keur roko,” saur Kang
Umar bari ngusap tonggong. Kuring nganuhunkeun.
Muka leungeun rerencepan meh
bareng jeung Kang Usep. Sarua saratus rebuan salambar.
“Alhamdulillah,” meh bareng deui
bae.
“Yu ah mulang, mahi yeuh dua
poeeun, ti mana we milik mah.” Kang Usep ngacungkeun duit nu ti Kang Umar.
Tuluy ngahirupkeun motor bebek nu geus capeeun mamawa Kang Usep. Ti bareto can
ganti-ganti padahal merk motor loba nu anyar. Kawas teu kabitaeun.
Asa enya boga dulur jeung Kang
Usep mah, bisa dipake batur pakumaha. Najan sakapeung mah kawas pajengut-jengut
jeung nu gundul.***
Ciamis, Januari 2006
Tidak ada komentar:
Posting Komentar