Sabtu, 24 Desember 2011

Talang Jeung Ungkut-Ungkut


Ku Ihung

Nurustunjung, Pamarentah teh. Ari nu beunghar hayoh wae diberean, ari aing teu dideleh-deleh acan. Naon maksudna? Pedah aing mah euweuh irongeunna, kitu? Pedah sik teu bisa mayarna? Ulah kena ka jalma sangsara terus sangeunahna nganggap belegug, atuh. Aing ge da nyaho. Da cek sasaha ge, duit Pamarentah mah nu rahayat keneh. Wajar we atuh dilebok sakitu wae mah ku aing.

Lah, eta mah akon-akon Si Lurah we. Abong kena boga kawasa. Meh duit bisa dilegleg ku sorangan. Meh duit teu ka mana-mana. Sok we cirian. Tuh buktina: si Arnas ge geuning teu kabagean. Pan sarua ngawarung. Naon bedana? Naha ari ka dulur-dulurna mah? KKN si anjing mah!

“Ieu mah lain mere, Mang Oji. Tapi dana pinjaman! Tiap bulanna kudu dibalikkeun deui.”
“Nya sarua we atuh, kuring ge rek nginjem. Sapira butuh keur pabiniheun.”
“Eh, pan tadi geus disebutkeun; ieu mah keur modal usaha. Siga keur nu ngawalarung, nu baroga toko, nu kararitu.”
“Ari tani lain usaha kitu?”
“Cih lain kitu Mang! Tapi da geus aya bagean-bageanna. Geus diancokeun kitu ku Pamarentahna!”
“Pamarentah ta jieunan si Lurah ieu teh?”

Nu ngawarung, nu noko mah jalma-jalma garableg. Teu dibantuan ku nagara ge moal susaheun. Erek ge pentaan ku nagara! Da kanyataanna mah pan nu karitu patut nu harawek teh. Tah siga si Jang Kimin. Abong kena minantuna si Lurah—pan sakitu panghawekna kana cai. Teu sirikna kabeh dipontengkeun ka sawahna. Ari aing nu ngan sacangkewok, mani dijatah kabina-bina. Teu kaop maling cai leuwih ti misti, apan digelendengna beak karep—siga ka bangsat hayam wae. Terus mun enya ge duit teh keur nu ngawalarung wungkul, naha atuh bet teu kabeh kabagean. Lain si Arnas wungkul ketah nu teu kabagean teh, si Munah ge hanteu, si Rasidin…

Geura ari Si Darta mah. Enya we da anakna. Si Encu, da adi beuteungna. Si Ali, da dulurna keneh. Si Rustam, si Wawat, si Amang—lah tuda masih sabondoroyotna, eta mah. Paling nu baturna mah ukur Haji Odik, Jang Majid, Jang Sartibi. Enya we da si Lurahna ge sieuneun ku nu baleunghar mah. Sieun dilaporkeun!

***
“Keur naon, Mang? Ngalamun wae! Geus tong dipikiran tarang botak mah, engke ge asak sorangan.”
“Goblog siah, Hansip. Ngareureuwas!”
“Kumaha yeuh jangji teh? Kalah kuring nu dicarekanna—disangka we dipake heula ku kuring.”
“Cicing atuh Hansip! Bejakeun we ka si Lurah, moal mayar kituh aing mah. Barina ge teu sapira pajeg sawah sacangkewok mah. Tuh nu beunghar pentaan mah.”
“His ulah kitu, Mang. Da pajeg mah kawajiban sarerea. Kabeh ge dipenta. Lain ukur Mamang wungkul.”
“Heueuh ari pajeg mah kabeh ge dipentaan ngan palebah Pamarentah mere duit naha make diwilah-wilah? Kudu adil atuh. Ulah hayang ngeunah sorangan. Moal.

Moal mere aing mah. Komo sakieu keur lalieur teh.”

“Adil kumaha ari Mang Oji? Ngomong teh sok ka mana karep.”
“Ulah sok saruana, Hansip. Ta pedah Dinya mah kabagean meureun nya?”
“Naon tea? Sok teu puguh jujutanna.”
“Heueuh duit nu ti Pamarentah. Nu majar injeuman keur nu ngawarung wungkul. Bejakeun ka si Lurah, tong pilih-kasih kituh. Sik meleg na tikoro!”
“Oh… Memang keur nu ngawarung eta mah, Mang. Keur modal usaha.”
“Modal usaha-modal usaha tujuh mulud! Geus puguh pangna ngawarung ge geus boga usaha. Yeuh erek ge mere modal mah ka nu susah. Siga ka kami deuleu. Lain sabalikna!”
“Lah teuing atuh, Mang. Kalah lieur ngomongkeunna ge. Nyarita we langsung atuh ka ditu. Geus lah. Jadi kumaha yeuh? Mana nya catetanna. Tah, tujuh rebueun.

Ditambah keur jalan ka makam tea. Jadi kabehna dua welas rebu!”

“Gede-gede teuing! Teu gableg teuing duit sakitu! Euweuh. Dina ayana ge teu hayang mikeunna. Tuh, budak mah rek meuli obat ge teu kabual. Meunggeus ah, da moal dibere nepi ka kadal jangjangan ge!”
“Jih kumaha ieu teh! Rek jadi warga teu baleg wae?!”
“Kumaha Dinya we lah. Barina ge tanah Pangeran naha kudu dipajegan? Pangeran ge nu geus puguh nu bogana, tara ieuh nananyakeun!”
“Atuh ulah jig-jig ka Pangeran Mang, da ieu mah urusan nagara! Lamun can boga keur mayar pajeg, atuh ieu keur ngaspal tea.”
“Sarua lah. Barina ge ka makam-makam wae kudu diaspal. Sagalarupa teuing. Rek diaspal rek dikarpetan ge, nu modar mah moal hirup deui.”
“Cih da ngaspal jalan mah lain keur nu paeh. Keur nu hirup!”
“Enya ari nu hirupna embungeun!”
“Mang Oji we eta mah da teu guyub jeung batur.”
“Mun heueuh, kumaha?”
“Nya karep we ari paeh embung dikubur mah!”
“Kajeun teuing aing mah teu dikalubur ge. Ari teu barau onaman mah!”

***

Nyaho pikieueun mah, cadu baheula milih manehna. Enya. Teu siga keur butuhna, mani ngadadak bageur ka sarerea ge. Ngadadak sok tunyu-tanya: butuh naon-butuh naon? Enya, da baheula mah hayang kapilih. Hayang didukung ku balarea. Jadah teh. Sebel aing mah. Dasar Lurah gejul. Geus prak mah jadi Lurah, bororaah inget ka nu leutik mah. Hanjakal teu milih Jang Kosim we baheula. Puguh-puguh manehna mah…

Ayeuna ge ka aing geus nulungan. Geus mere nginjeum duit keur nyuntik budak. Jaba isuk nitah ngagalengan di sawahna. Ah mun engke Jang Kosim nyalonkeun deui mah, rek milih manehna we nu jadi lurah teh.

Dipikir-pikir, bet heueuh oge omongan Jang Kosim. Kaharti. Bener. Nya ti mana atuh si Lurah bet bisa, bru di juru bro di panto? Apan ngandelkeun bengkok mah moal ge bet sabaraha. Jaba bengkokna ge geus susud ayeuna mah da dijararualan wae ku lurah-lurah memehna. Enya, nya ti mana atuh ari lain ngaleglegan duit rahayat mah. Tah siga ayeuna, ngahenggoy sorangan duit Pamarentah. Goblog. Sik geura modar we Lurah atah adol teh. Kawalat ti jalma-jalma leutik siah. Moal manpaat, deuleu!

***

Euweuh nu sahulueun kabeh ge. Teu Lurahna teu Hansipna. Sarua gejulna. Sarua lebokeun tetelo. Kadua-dua boga kanyaah, eh ieu mah kalah nyisit kudis ka nu leutik teh. Kadua-dua mere tulung kalah hayoh merejelkeun. Cek aing mah naon hesena pangngomongkeun ka nagara: rahayat teh keur salangsara, kituh—boro-boro mayaran pajeg, sakalieun keur barang-dahar ge seuseut liatna. Teu baroga cedo pisan pamingpin teh. Naraon wae atuh gawena? Teu siga mangsa keur hahaokna. Teu siga mun keur aya pamenta: Ngored jalan tea, nyieun kamalir tea, nitah ngangkutan kenteng keur Bale tea. Apan ari eta mah diumumkeunna ge teu sirikna na unggal jumaahan. Diembar-embarkeunna ge make sapeker.

Enya, teu garableg polo Pamarentah teh. Sakieu hirup keur werit teh. Sakieu hulu keur lalieur teh. Nya budak geus dua poe, nyebret wae. Rek disuntik ka Puskesmas ge tacan aya wae duitna. Tacan deui mikiran pabinihan. Maenya we atuh tandur kapandeurian deui mah. Sok lapur ku Piit ari panen panyocok teh… Jeung teu ku hanteu deui, der indung budak ngadon labuh di pancuran. Atuh jadi misalah leungeunna. Kudu neang Aki Ocim meureun keur ngurutna. Tuh, sahenteuna, roko-roko wae mah.

Duh, nya ka mana atuh neangan duit? Maenya kudu lumpat deui ka Haji Odik mah; makumaha deui ka manehna. Tapi ah moal pibenereun—babakuna nyeri hate ku awewena. Siga mangkukna, enya ge masih keneh mere nganjuk beas, tapi mani dibarengan sindir sampir sagala. “Ah sok we inget-inget ku Mang Oji, geus rieut ngitung hutangna ge...” inget keneh tah kana omonganna. Asa nyeri hate dikitu-kitukeun teuing mah.

Oh… Ah rek nyobaan we ka Jang Kosim. Maenya sugan, nu pamajikanna karek datang ti Saudi, mun teu bisa nginjeumkeun duit saeutik-eutik acan mah. Bari sakalian rek nanyakeun: Enya kitu omongan si Lurah teh? Mun enya teh si Lurah bohong, keun kasina diontrog ku manehna. Meh dipaseaan, sugan.

Enya ah!

***

Sore teh pinuh ku layung ari dada geus lugina mah. Dina saku geus indehoy duit dua puluh rebu—cukup meureun keur isuk meuli pabinihan jeung mawa budak ka Puskesmas mah. Jaba na sungut nyerebung roko bodas—nu asa nyaah dikenyotna ge, nyaah ku ngeunahna. Can deui aya keneh nyelap dua batang na kopeahna, da basa rek undur ti bumi Jang Kosim teh ngadudut heula tina bungkusna.

Leumpang, keupat ngalongkewang. Bungangang. Kaulu huat-heot sagala. Jajalaneun katempona ngabulungbung. Jalan mabra na implenganna bet jadi asa nyata bangblas ka buruan imahna.

Beak tanjakan, leok manehna mah mengkol ngenca. Nyokot jalan satapak—hiji-hijina jalan nu misahkeun imahna ti jalan gede. Enya, apan imah Mang Oji mah rada nyingkur. Kapisahkeun kebon sampeu Lurah Amar. Imah Mang Oji mah nyengceling, sorangan.

Keur tonggoy ngagandeuang na ari serenteng teh aya Careuh ka hareupeunna. Nurustunjung, cek Mang Oji, bari rengrap-ranjug tayohna asa kagebah mamarasna. Tuluy manehna luak-lieuk neangan tinggangeun. Taya nanaon. Teu eleh-geleng, beletok we motongkeun tangkal sampeu. Belewer, eta tangkal sampeu teh tuluy dipake malengpeng Careuh. Orokaya, da Careuh geus teuing ka mana, paninggangna ukur nyamos ngareureuwas kararas. Atuh Mang Oji bati bisa kukulutus.
Enya, sore teh umyang ku layung. Geus tilu poe, karek ayeuna deui aya sinangling ngahibaran eusining lamping. Piresepeun oge sore teh na mangsa kieu mah. Dina mangsa beungeutna geus marahmay deui mah.

Tapi teuing ketah keur Si Lurah mah! Duka jadi asa dicoo gado. Duka jadi asa dioles ku taleus ateul. Da eta tuda… Aya sireum bet wani jumawa. Wantun ngunghak ka Lodaya. Apan euweuh tina sajarahna sato lemet wani calutak ka tuan raja. Ari ieu?

Mimitina mah da teu kapikiran—lamun indung-sukuna teu tipagut mah. “Jadah siah!” cek kowowongna bari muringis. Ti dinya, nya manehna jadi ngeuh kana talang paralon nu ngabugigak na tincakeun. Talang nu ngembat ti girang, nu engkena ngagolontor ka balongna si Lurah Amar. Antukna, nyel we manehna teh ambek kudua-kutilu. Nya ambek dumeh tijetruk, nya ras oge ka nu boga talangna.

Kukabeneran deuih ti lebah lamping, ungkut-ungkut jol padungdung—asa ngahaja madungdengkeun sagala kaijid manehna ka Lurah Amar. Siga sahate jeung ungkut-ungkut, sirah Mang Oji ge pipilueun unggut-unggutan.

Naon nu diunggutkeun ku Mang Oji, uing mah apal! Da memeh nyaritakeun ieu ka Baraya, apan ku uing mah ditanyakeun heula ka jinisna. Centeh, “Mang, ari basa kamari, basa memeh ngajejekan talangna si Lurah, naon nu diunggut-unggutkeun ku Mamang?”

“Keun kasina karasaeun ku tulang beuheungna. Meh malodar anak kancrana!” Cenah bari bangun nu bagja kacida

***

Bandung, Maret-Mei 2009

 *) Pangarang nu boga kahayang: isuk-geto jadi Lurah di lemburna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar