Minggu, 11 Desember 2011

Beuteung Bureuyeung, Salaki Dipateni

Tina Katurug Katutuh Majalah Mangle


Najan bobogohan geus tilu belas taunna ge, kawin mah kakara sataun jalan. Sabab loba halanganana. Utamana mah, bapa teu doaeun, lantaran pisalakieun teh beda agama. Teu sapaham jeung kulawarga kuring. Dikawinkeun teh, pedah salaki daek asup agama nu diagem ku kuring. Duka teuing bener henteuna mah. Ngan kuring sah ditikah ku manehna, nepi kakandungan lima bulan jalan.

Dasar nasib goreng pisan, keur sono bogoh, salaki maot ngadadak, ngagantung maneh di imah kontrakanana. Matak sedih jeung nalangsa. Sabab, budak dina kandungan, moal nyahoeun di rupa bapa.
***
Teu nyangka saeutik-eutik acan puguh ge. Salaki nu teu kungsi gering galingging panas tiris heula teh, bet maot ngadadak di imah kontrakanana. Asa dibentar gelap tengah poe ereng-erengan. Matak ngajenghok, matak teu percaya ge. Samemehna teh teu meunang pirasat naon-naon. Malah kamari sore teh, salaki nepungan kuring ka imah. Henteu sare di imah, lantaran aya perlu ka lanceukna heula. Kuring ge teu boga sangkaan gerong, yen patepung jeung manehna teh, mangrupa patepung nu patungtungan. Lantaran manehna moal papanggih deui jeung kuring.

Nurutkeun beja ti tatangga mah, maotna ge, matak ear sajagat, ngageunjleungkeun tatangga nu dareukeut. Sabab maotna teh, ngagantung maneh. Duka teuing bener henteuna mah. Naha bener-bener ngagantung maneh, atawa aya nu mateni? Sabab kuring teu nyaksian, nyahona sanggeus aya kana tilu poena. Kuring meunang beja ti tatangga nu deukeut. Malah tatanggana mah, teu nyahoeun, yen kuring teh pamajikanana. Sabab, ceuk tatangga deukeutna mah, salaki teh masih bujangan, lelengohan keneh. Beu, matak sedih puguh. Salaki teh, geuningan teu bebeja geus kawin. Hayang bujangan saumur-umur. Duka teuing ku naon.

Lantaran maotna teh araraneh, matak nyurigakeun. Nepi ka kiwari masih keneh ditalungtik ku pihak berwajib. Lamun enya maot ngagantung maneh, piraku deuih ngagantungna teh, teu pati luhur. Estu handap pisan. Jeung nu matak helok teh, ceuk tatangga nu nyaraksian mah, dina awakna aya raca tapak neunggeulan. Boa, samemeh maot, salaki teh dirogahala heula atawa galungan heula jeung nu maehanana. Tapi saha jalmana nu maehan salaki teh. Da, sidik, ceuk tatangga sejenna mah, basa salaki ngagantung maneh, pantona dikonci di jero. Bingung puguh. Tapi ketang, pikeun pulisi mah teu putus harepan kitu. Boa, loba carana pikeun nalungtik rajapati ieu teh.

Nu matak sedih iwal ti kuring sorangan. Kakara kawin, can sataun-taun acan. Salaki kalah ka maot ngadadak, teu kabejakeun gering heula. Meureun budak nu dikandung teh, moal nyaho kana rupa bapa. Padahal bapa hidep teh, kasep. Jangkung gede. Wah, matak loba wanoja nu kairut weh. Malah kuring ge, bobogohan teh, aya kana dua belas taunna. Karek nincak ka tilu belas jalan, kakara kolot satujueun.

Lain kuring henteu hayang buru-buru kawin. Tapi kolot teu panujueun. Ari nu jadi sababna mah, lantaran manehna jeung kuring beda agama. Ieu pisan, nu ngalantarankeun kuring jeung manehna teu bisa buru-buru ngahiji. Malah bapa kuring ge geus sumpah, moal rek ngawinkeun kuring, lamun pisalakieun henteu daek pindah agama, ku bapa teh moal rek dikawinkeun. Beu, cilaka we.

Aya kana dua belas taun bobogohan tea. Matak era, matak wirang, lamun henteu ngahiji, henteu tuluy kawin, ngawangun rumah tangga mah. Era ku tatangga, era ku sobat-sobat. Hanas teu kawin ka batur, ka manehna ngan saukur bobogohan wungkul. Boa batur mah, boga sangkaan goreng ka kuring teh. Dua belas taun bobogohan kitu, geus lideug pisan, lamun imah mah. Geus kari hampasna. Geus lain parawan deui, cenah.

Manusa tea, keuna ku owah gingsir. Komo salaki teh pinter ngarayuna. Pinter pisan, ngolo-ngolona, nepi ka kuring ge bobor karahayuan. Serah bongkokan ka manehna. Kuring daek dikukumaha, daek digulanggaper ku manehna, lantaran jangji isuk atawa pageto ge rek ngawin kuring, pokna teh.

Rumasa kuring ge bogoh pisan. Bogoh kabina-bina. Kawas euweuh deui kabogoh nu bisa nandingan manehna. Sabab, manehna teh kasep, gagah. Loba kaom wanoja nu bogoheun. Malah, basa keur bobogohan jeung kuring ge, loba kaom wanoja nu kapelet, kapentang asmara ku manehna. Lamun kuring teu bisa buru-buru kawin jeung manehna, bisa cilaka tilu belas. Bisa manehna diiwat ku awewe sejen. Ti batan, ku batur, leuwih hade dipiheulaan ku kuring.

Pindah Atawa Kapaksa?

Rumasa kuring teh ipis iman, daek dibobodo ku manehna. Rumasa deuih, kuring bogoh pisan, teu bisa dihalang-halang deui. Kuring teh teu daek dijodokeun ku kolot. Sabab hate tetep manteng ka manehna. Hate ngarasa bungah teh, manehna jangji rek pindah agama, rek ngangem agama Islam. Ngarah bisa buru-buru ngahiji jeung kuring, ngawangun rumah tangga nu Sakinah.

Lantaran manehna jangji rek pindah agama tea, kuring ge daek dipihukum ku manehna. Kolot nu tadina teu satujueun, ahirna mah jadi leah, satujueun. Sabab, manehna geus pindah agama. Kuring ge ngarasa atoh kabina-bina, sabab, manehna moal lila deui bakal jadi salaki kuring. Salaki nu dipicangcam beurang kalawan peuting.

Kawin jeung manehna, teu direnceng-renceng. Estu basajan pisan. Nu penting mah, asal salamet. Tatangga, dulur jeung sobat-sobat deukeut wungkul nu diarondang mah. Ngan henteu kabeh. Ti pihak salaki mah, teu aya pisan nu datang. Lantaran indung bapana di Jawa Tengah. Teu kaburu dibejaan, pokna teh. Ngan sobat-sobat batur sapagaweanana aya nu datang teh. Teu diarondang kabeh.

Ngan nu ngarasa heran teh. Masing kuring geus kawin ge, manehna tara unggal peuting sare di imah. Remen balik ka tempat kontrakanana. Duka teuing ku naon, kuring ge teu ngarti. Basa kuring hayang mondok di tempat kontrakanana teh, kalah dicaram ku salaki. Padahal kuring teh, pamajikanana, lain deungeun-deungeun atawa kabogohna. Wajar bae lamun mondok saimah bareng teh. Sabab kuring jeung manehna teh geus sah jadi salaki jeung pamajikan, lain deungeun-deungeun. Ngan salaki kawas nu teu panujueun. Kuring he ahirna teu bisa maksa, bisi tuluy jadi papaseaan.

Kuring ayeuna mah kakara sadar, boa manehna pindah agama teh kapaksa, lantaran hayang ngawin kuring wungkul. Pedah manehna jeung kuring teh geus aya kana tilu belas taunna bobogohan. Lamun henteu tulus dikawin, ngarasa karunyaeun ka kuring, bisa jadi wirang. Bisi jadi goreng. Geus kawin mah, boa manehna teh balik deui ngagem agama manehna.

Loba Kabogohna

Teu nyaho bener atawa henteuna mah, sabab kuring sorangan can kungsi manggihan salaki reureujeungan jeung awewe sejen. Nyaho teh, ngan saukur ceuk beja wungkul. Beja ti babaturana jeung tatanggana. Ceuk batur mah, salaki teh remen reureujeungan jeung awewe sejen. Remen salingkuh jeung awewe nu geus rumah tangga. Di tempat kontrakanana mah, ngakuna teh masih bujangan.Masih lelengohan keneh. Padahal, nu sabenerna manehna teh resmi geus kawin jeung kuring. Tapi duka teuing ku naon, manehna mah kalah ka tetep mungkir.

Naha gengsi kitu manehna kawin jeung kuring teh? Atawa manehna mah hayang tetep mertahankeun status jajaka kasep nu can kawin, ngarah loba wanoja nu kabandang ku manehna. Sabab, lamun manehna geus kawin mah, moal bisa bebas jeung laluasa bobogohan deui ka awewe batur. Bakal jadi pamaeh. Duka tah, lamun hayang kitu mah. Kuring can kungsi ngobrol panjang lebar jeung manehna, lantaran manehna kaburu maot manten.

Malah nurutkeun tatangga nu dareukeut mah, unggal poe Minggu, manehna teh remen ka Gereja, lain ka Masjid. Padahal basa kawin ka kuring teh, manehna geus pindah agama. Geus ngagem agama Islam. Tapi kunaon bet tetep bae indit ka Gereja? Kuring ge teu ngarti. Bener ari kitu mah. Manehna pindah agama teh, lain kereteg hate sorangan, tapi kapaksa hayang ngawin kuring wungkul. Kawin ka kuring ge, meureunan kapaksa. Sabab, di tempat kontrakanana mah, manehna teh tetep ngaku masih bujangan keneh.

Malah ceuk tatangga nu dareukeut sejen mah, salaki teh loba kabogohna. Loba kaom wanoja nu ngahaja daratang ka imahna. Hayang indehoy, ngobrol lila bari nyalse di imahna. Ngobrol paduduaan nu lain muhrimna tea, masing teu ngalakukeun pagawean nirca oge, tetep bae bakal goreng kasebutna.

Nu ngahaja daratang ka imahna teh, lain bae kaom wanoja nu lelengohan wungkul, tapi aya oge kaom wanoja nu geus rumah tangga. Salaki teh loba kabejakeun sok resep ngaheroan pamajikan batur. Ngaheroan pamajikan tatangga nu dareukeut, cenah. Duka teuing bener henteuna mah. Kuring masih keneh can percaya. Lolobana kabogohna teh kaom wanoja nu geus aya umuran.

Beu, beu, boa salaki teh boga kasakit aneh. Resep ka wanoja nu geus umuran jeung boga salaki. Padahal manehna teh, geus boga pamajikan. Naha teu wareug kitu boga pamajikan hiji teh? Hayang boga sabaraha hiji kitu? Matak keuheul jeung sedih. Tapi teu bisa kabudalkeun. Sabab salaki geus maot.

Nurutkeun beja mah, samemeh salaki maot ngagantung maneh teh, kungsi parea-rea omong jeung tatangga heula. Pedah, salaki kanyahoan salingkuh jeung pamajikan tatanggana, kapergo ku salakina. Tuluy rame parea-rea omong, pasea. Nu ahirna salaki ngagantung maneh di imah kontrakanana. Bener henteuna mah, duka teh teuing? Sabab kuring mah teu nyaho mimitina. Nyaho-nyaho, salaki ngagantung maneh we.

Meureun mana kieu ge, geus nasib kuring. Lamun enya, salaki maot ngagantung maneh, muga-muga bae sing dihampura dosa-dosana. Lamun, salaki bener aya nu maehan, sing kapanggih nu maehanna. Sing bisa dijagragkeun ka pangadilan, saluyu jeung amal perbuatanna. Keun, kuring mah rek ngadoakeun ti kaanggangan bae. Moal rek pipiluaeun deui.
***
(Sakumaha nu dicaritakeun ku Ibu Wiwit ka Wanem/02)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar