Lila Kardi ngajengjen, nungguan kasempetan anu
hadé. Najan kudu pasesedek jeung batur, kapaksa nagen. Karasa, hawa di dinya
rada nyongkab. Tapi Kardi maphum, lantaran lalaki-lalaki nu ngariung
sabudeureun kalang, sumedeng disundutan birahina. Ngentab-ngentab dina dadana,
di saawak-awakna.
Tapi tukang kendang, tukang kecrék, jeung
tukang goong mah kawas teu kabawakeun. Beungeutna angger carakueum, taya
parobahan. Kitu deui sindén—awéwé geus tengah tuwuh—udat-udat péot kulit
beungeutna, némbongkeun kawas nu tunduh; kawas bosen ningali adegan
hareupeunana.
Sabudeureun kalang, hareupeun lélang, rada
paroék. Ukur kacaangan ku patromak nu digantungkeun na tihang awi di tengah
kalang, jeung ku lampu-lampu cempor tukang kacang, és, jeung tukang kuclak.
Tatabeuhan geus teu pati motah cara mimiti.
Ayeuna mah dirincikkeun, diantarékeun. Kawasna mah tadi téh natalu. Atuh
awéwé-awéwé nu karandel ku wedak, geus loba nu larbus kaluar asup kalang.
Ditoél ku lalaki, indit, sarta teu lila bus deui ka kalang, bari buuk, wedak,
jeung lipen katara kusut jeung daradas. Sok, nyimpen duit kana kotak nu geus
dibagi-bagi dinomeran, nu ditungguan ku lalaki tengah tuwuh, sarta dina
beuheungna nyampay anduk leutik.
Geus nyimpen duit dina kotak, luyu jeung
nomer-nomerna mah, awéwé-awéwé téh nyalisiran deui, dilipen deui,
ngarampayak deui, sarta nungguan aya nu noél deui.
Awéwé nu rarampayakan téh, kaitung ngarora
kénéh. Malah aya nu budak kénéh pisan, kira umur lima belas taunan. Nu kaitung
kolot mah meureun ngan nu itu wungkul, nu dikaos konéng jeung dianderok
hideung, sarta nu buukna keriting. Mun diiker-iker, pantes mun geus boga anak
opat téh.
“Ikah, Kang Andung hayang deui cenah. Tapi
geus teu boga keur bayareun, ngan kari sarung jeung calana!” ceuk salasaurang
nu lalajo, disambung ku nu saleuseurian. Nu disebut Ikah, ukur ngadilak bari
tuluy ngarampayak.
Kardi wuwuh ngentab dadana, ningal Ikah laris
pada noélan ku lalaki, sarta tuluy dibawa nyalingker ka nu poék. Najan enya ku
manéhna teu katénjo keur kumaha Ikah jeung lalaki nu mawana, tapi écés kagambar
dina wangwanganana.
Mémang, sakuduna manéhna euweuh hak deui keur
milu ngurus kalakuan Ikah. Tapi dina hal ieu, dihenteu-henteu ogé, kapan
saméméhna boga tatali batin. Jeung nu leuwih penting ti éta, aya urusan nu aya
patalina jeung kahormatan, nu kudu diréngsékeun jeung Ikah, popotonganana.
Hiji mangsa, Ikah geus norojol deui ti nu
poék. Sakumaha biasa, ledak deui diwedak gigireun tukang kendang. Dilipen jeung
nyisiran, jung nangtung, réngkénék ngarampayak deui. Milu ngurilingan kalang
jeung batur-baturna, kawas barudak nu keur ulin oray-orayan. Némbongkeun
beungeut, nawarkeun kasempetan ka lalaki nu keur ngagimbung ngalalajoan. Keur
kitu pisan, Kardi bus ka kalang, tuluy noél Ikah.
Ikah ngalieuk. Katingal pisan parobahan riuk
beungeutna, tina imut leutik rey-reyan jadi colohok barung ceuceub. Rék engab
pisan pok, kaburu peupeuteuyananana dikenyang ku Kardi kaluar ti kalang.
Teu bisa majar kumaha. Ari kudu ngadon cékcok
di kalang mah piraku, meureun pada ngalalajoanan ku nu lian.
Sanggeus anjog ka nu rada singkur jeung poék,
“Nanaonan sia téh?” Aing mah embung ngalayanan sia. Leupaskeun! Teu sudi aing
mah. Kajeun teuing milih nu bohak batan jeung sia mah!” Ikah kukulutus bari
teterejelan.
“Ngajedog, aing rék ngomong!” Témbal Kardi
teugeug.
“Urusan naon deui? Kumawani teuing sia mamaksa
aing. Manasina aing jadi pamajikan sia kénéh.”
“Jempé!’
“Percumah, ngabébéak waktu usaha aing baé!
Halik leupaskeun, aing keur néangan duit keur setor ka Si Abang.”
“Mun perlu ku aing dibayar,” Kardi embung
éléh.
“Sabaraha sia rék mayar aing?” Ikah ketus, “Na
teu seubeuh sia nyiksa aing ti keur reureujeungan kénéh?”
Keur silih tempas kitu, lar aya nu ngaliwat,
“Ulah loba teuing ngomong euy, bisi lipen kaburu basi” cenah, ditungtungan ku
nu saleuseurian. Kardi jeung Ikah silih rérét. Nu ngaliwat téh tangtu nyarita
ka maranéhna.
“Ulah di dieu, tuturkeun aing! Ceuk Kardi bari
ngenyang deui leungeun Ikah. Ikah teterejelan, tapi leungeun Kardi beuki pageuh
ngeukeuweuk leungeunna. Teu lila duanana anjog ka basisir nu rada anggang ti
imah-imah pamayang. Di dinya, di sisi muara, ukur aya sababaraha parahu nu
peuting éta teu diiangkeun ka laut, jeung tunggul-tunggul kalapa nu tumpur ku
ombak. Sora ombak teu pati séah, da laut maju ka pasang, dibarung ku sora
kélébét bandéra parahu, nu ramé tingbérébét katebak ku angin darat.
Ti dinya mah sora tatabeuhan téh méh teu
kadéngé. Ikah didiukkeun dina biwir parahu, satengah disuntrungkeun. Kardi
rénghap ranjug. “Rék dikumahakeun aing téh, Kardi?” ceuk Ikah.
“Déngékeun ku sia. Salelembur, jelema kabéh
ngaromongkeun sia,” ceuk Kardi napsu.
“Naha maké milu teuing urusan? Aing, aing.
Batur, batur. Euweuh gantar kakaitan. Kitu deui jeung sia. Urusan aing mah
kumaha aing, keun baé diomongkeun ku batur ogé. Sia mah kalah milu riweuh
kana urusan batur!” Ikah nambalang mani capétang.
“Éra aing téh Ikah, éra ku bapa aing!” Kardi
kekerot, “Omongan jelema salembur téh, kabéh bahé ka kulawarga aing!”
“Mun aing jadi pamajikan sia kénéh mah pantes
rék éra ogé!”
“Dasar dombrét!”
Ikah jebi, pokna, “Pan sia ogé nyaho, aing téh
dombrét. Aing lain pamajikan sia, Kardi. Lantaran kitu, ceuk aing ogé sia teu
kudu milu kana urusan aing. Naon-naon anu dilakonan ku aing, éta hak aing!”
“Bapa aing kabalérang, Ikah. Rék dikamanakeun
beungeut bapa aing!” Kardi embung éléh.
‘Ooh, dititah Bapa nyah! Témbal Ikah bari
angger jebi. “Ku naon cenah Haji Somad? Éra boga urut minantu jadi dombrét?
Matak naon béjakeun ku sia, yén Si Ikah téh geus lain minantuna. Mun masih
minantuna kénéh mah pantes rék éra ogé. Kapan aing mah Si Ikah, randa urut
pamajikan Si Kardi anak Haji Somad. Randa, sing inget. Teu boga salaki teu boga
mitoha. Aing bébas sakahayang!” Ikah beuki nyongsrong.
“Dasar jelema teu gableg kaéra!” Kardi
kukulutus.
Ikah embung éléh, pok némbalan deui, “Pék baé
rék nyebut naon ogé!”
“Cing atuh rék ngadombrét mah ulah di lembur
ieu. Di lembur sia kéh di ditu! Ngéra-ngéra baé kulawarga aing,” ceuk Kardi bari
tutunjuk.
Ikah molotot, jung nangtung, pokna bari males
tutunjuk, “Teu euih-euih sia mah Kardi, ngahina aing téh. Na sia teu rumasa
mawa aing kabur ti lembur? Kumaha harita wirangna kolot aing nyaho anak
parawanna dibawa kabur ku lalaki? Boa wirangna kulawarga aing harita, leuwih
parna batan wirangna kulawarga sia ayeuna. Nepi ka ayeuna kapan aing teu bisa
balik deui ka kolot. Ku indung bapa dimusuhan. Kari-kari sia ayeuna nitah aing
ngadombrét di lembur sorangan. Rék dikamanakeun deui beungeut kolot-kolot aing,
beungeut kulawarga aing?”
Kardi ukur jamotrot.
“Duh nasiiib!” ceuk Ikah. Napsuna ngahégak
siga nu capé. Gék deui dina biwir parahu, satengah gabeubeutkeun manéh. Teu
sawatara lila pok deui rada leuleuy semu dareuda. “Kudu kumaha aing téh atuh, Kardi?”
Ku kolot sorangan diusir, ku salaki dinyenyeri. Ku mitoha dijejeléh. Ayeuna
aing geus diserahkeun ku sia, masih hayoh disieuh-sieuh. Teu meunang aing
hirup, nangtukeun kahayang sorangan?”
Kardi angger teu némbalan. Sajongjongan mah
duanana jarempé. Sora tatabeuhan ukur kadéngé hawar-hawar. Leplepan kabawa
angin. Sedeng sora kélébét bandéra jeung ombak leutik nu tingsiriwik di
basisir, beuki atra kadéngéna ku maranéhna.
Kardi malik nukangan Ikah, nulak cangkéng
nyanghareupan laut. Sedeng Ikah ngadon nyuuh dina biwir parahu. Pokna deui,
sorana beurat dareuda, “Salila ieu aing ukur meunang pangakuan anu hina.
Parawan aing dirampas ku sia. Asih indung bapa aing dipegatkeun ku sia. Salila
jadi pamajikan sia, teu euih-euih aing dicacampah. Dituding teu bisa ngurus
salaki, teu bisa ngigelan kahayang mitoha, teu bisa ngurus rumah tangga, teu
bisa imah-imah. Rumasa aing bodo, taya kabecus, tapi ari tuluy-tuluyan
dicacampah mah aing ogé boga rasa, lain bangké. Salila ieu kabéh nuding aing nu
boga salah. Mun ayeuna Haji Somad nitah aing ulah ngadombrét, lantaran ieu
pagawéan téh matak ngaruksak kahormatanana, nuding pagawéan aing téh salah,
naha manéhna ogé henteu salah boga anak tukang ngagadabah anak batur? Naha sia
ogé henteu salah deuih…”
“Jempé! Loba bacot!” Kardi némpas ku sentak.
“Aing kudu jempé nyah?” témbal Ikah, sorana
angger beurat dareuda. “Sedeng sia bisa bébas sakaceplakna nyacampah aing. Hmh,
lalaki. Ingetkeun ku sia, Si Ikah ayeuna mah moal rék ngadéngé omongan batur!
Aing geus teu sudi dijejeléh. Hirup aing seubeuh teuing dihina ku batur. Aing
ogé boga harga kénéh, najan harga aing ukur saharga runtah di jarian…”
“Mémang pantes!” témbal Kardi.
Ikah males némpas. Ambekanana rénghap ranjug.
Ger pacéntal-céntal deui, silih témpas papada embung éléh. Silihsentak,
silihtunjuk. Barung jeung sora ombak, jeung sora kélébét bandéra. Nepi ka hiji
waktu kadéngé aya sora nu gegeroan.
“Kah… Ikah…?” Di sisi tunggul kalapa, kiduleun
Ikah jeung Kardi, remeng-remeng katingali aya nu ngabedega hideung. Katémbong
luak-lieuk.
“Halik Si Abang nénéangan. Euweuh hartina aing
ngadu bacot jeung sia! Ceuk Ikah, bari rék ngejat indit ti dinya. Tapi teu
kebat, lantaran peupeuteuyanana dikenyang ku Kardi.
“Ikah, ning ngendi sira?” ceuk nu
ngabedega.
“Di dieu, Bang!” témbal Ikah.
“Karo sapa sira ning kono?”
“Jeung kuring. Tenang, dibayar!” Kardi nu
némbalan téh, miheulaan Ikah nu rék pok pisan.
“ooo, ya wis, ora apa-apa? Adoh-adoh temen
sih?”
Ikah rék némbalan, tapi Kardi miheulaan deui,
“Ulah melang, engké gé balik deui!”
“Gelis balik maning ya. Aja gawé melang
inyong!”
Geus kitu mah, anu néangan Ikah téh balik
deui. Ku Kardi katingal ngiles kahalangan ku tunggul-tunggul kalapa nu
ngabelegbeg. Ikah bati jamotrot, “Rék sabaraha sia mayar aing?” pokna.
“Saharga dombrét! Témbal Kardi semu ngunghak.
Aya nu nenggel kana angen Ikah, tapi tuluy pok, “Ayeuna sia nyaho, yén aing
bisa kénéh dihargaan. Teu cara Si Ikah pamajikan sia baheula, nu ukur dibayar
panyacampah, dihina-hina. “ Ikah neleg ciduh, pokna deui, “Ulah nyangka aing
teu nyaho modal sia Kardi. Mawa aing kabur téh horéng ukur keur kaulinan. Nu
euweuh hargaan, mun geus seubeuh diulinkeun tuluy dibalangkeun. Aing karék
sadar mun salila ieu aing ukur diulinkeun. Ngawin aing téh lain keur pamajikan
sia mah. Tapi keur bujang piaraan, sina iceus sina nurut sakahayang sia. Témpo
aing boga kahayang sorangan ku sia dicarékan.”
Sakedapan jempé.
Pok Ikah nuluykeun caritana, “Sakuduna mah
aing nu kudu nuding ka cucungur sia, yén aing jadi kieu téh lantaran sia,
Kardi!”
“Aing teu nitah sia jadi dombrét,” Kardi
geuwat némpas.
“Naon bédana jadi pamajikan sia jeung jadi
dombrét?” témbal Ikah, kecrot nyiduh. “Mending jadi dombrét, najan dihina-hina
ku batur tapi aing masih dihargaan kénéh najan sarébu dua rébu pérak. Jadi
pamajikan sia? Hmh, aing ukur jadi kuda tumpakan.”
“Dasar awéwé burung!”
“Pék baé rék nyebut naon ogé ceuk aing gé,
lantaran aing nyaho, sia leuwih burung batan aing. Saburung-burungna diri aing
ayeuna, aing nyaho kénéh harga diri aing. Sedeng sia, tong boroning ngahargaan
batur, ka diri sorangan ogé geus teu bisa ngarampa. Mana Si Kardi anak Haji
Somad, nu kuduna ngawarisan adat bapa? Sia mah bisa nyebutkeun rék dikamanakeun
kahormatan kulawarga sia ka aing, sedeng sia sorangan teu bisa ngajaga
kahormatan kulawarga. Ulah nyangka aing teu nyaho sia sok madon, sok maén,
ngadu.
“Nitah wé ka batur sina ngajaga kahormatan,
sedeng sia sorangan teu becus. Pédah sia mah bisa susulumputan, sedeng aing
némbrak? Cuh, naon bédana, Kardi? Aing mah kikieuan téh usaha, mun teu kieu
aing moal bisa dahar. Ari sia?”
Kardi ngaburileng, ngan teu kebat némbalan,
kaburu Ikah pok deui, “Aing hayang hirup kénéh, Kardi, najan hirup tina dosa.
Ulah dikait-kaitkeun usaha aing jeung kahormatan kulawarga sia. Aing geus
seubeuh teuing nandangan peurih. Ayeuna antepkeun aing hirup nangtukeun jalan
sorangan. Keur aing, kahormatan kulawarga sia asa euweuh bédana mun aing teu
ngadombrét ogé, lantaran aing apal kana kalakuan sia!”
Hah, mangsa bodo kana bacot sia, Ikah. Pokona
aing teu hayang dicarékan ku Bapa. Beungeut bapa aing teu kamérongan ku sia?”
Kardi teu éléh géléng, “Dihenteu-henteu ogé, aing milu éra. Jeung matak ngeunah
kitu, lamun aing nempo sia keur diciuman ku lalaki?”
“Heuheuy deuh!” Ikah kalah seuri ngunghak,
“Yeuh, Kardi, béjakeun ka Haji Somad, méméh nitah aing indit, bébérés heula
kalakuan anakna kituh. Nurustunjung jelema téh. “Tikotok nu jauh sina dilebuan,
na irung sorangan diantepkeun!”
“Ceuk aing gé, mun rék ngadombrét ulah di
dieu!”
Kardi beuki sengit, nyarita tipépédéngkréng.
“Non bédana jeung sia, ma’siat di mana-mana!”
Ikah embung éléh, males bari tutunjuk.
Der silih témpas deui. Papada hayang meunang
sorangan. Beuki lila beuki ragot, beuki ngagugudug napsuna. Ombak nu
tingsiriwik di basisir, jeung nu tingkarupyak neumbag awak parahu di muara,
sarta angin nu ngélébétkeun bandéra, geus teu bisa asup kana dédéngéanana. Hawa
peuting di basisir, karasa rada bayeungyang. Komo keur nu pacéntal-céntal mah.
Jeprot Ikah ditampiling satakerna. Ikah
ngagoak, ngadayagdag, bru nalungkup kana biwir parahu. Jarigjeug nangtung,
jeprot males nampiling beungeut Kardi, bari pok, “Wawanianan siah nampiling
aing!”
Kardi beuki napsu. Jeprot-jeprot nampilingan
Ikah. Dijenggut ditalapung, ku sataker tanaga. Unggal tas diteunggeul, Ikah
sabisa-bisa males ngalawan.
Di kalang, di hareupeun lélang, kendang
dombrét tuluy baé dirincikkeun, mirig sindén nu kawas beuki tunduh. Nu ngariung
angger ngagarimbung. Haliwu, saleuseurian, susuitan, sakapeung cocorowokan.
Si Abang, salila nyanghareupan kotak duit, teu
weléh luak-lieuk. Geus liwat satengah jam, Ikah can lol baé, gerentesna. Karék
ogé rék nitah tukang kecrék sina nyusulan, Ikah ngaronghéap jumarigjeung.
Beungeutna geuneuk barengep. Buuk jeung papakéanana karusut.
Saréréa carolohok. Ikah teu miduli, pluk
ngalungkeun duit sapuluh rébuan kana kotak.
“Ikah kenangapa sira?” Si Abang
hariweusweus.
Teu didéngé ku Ikah. Lédak diwedak, léak
dilipen. Jung nangtung deui jumarigjeug, tuluy ngarampayak. Padahal kendang
jeung tatabeuhan séjénna geus lila jempé, sanggeus ningali warugana nu ruksak.
Tapi Ikah tuluy baé ngarampayak, dilalajoanan
ku Si Abang, ku batur-baturna, jeung ku nu ngagarimbung bari colohok. Nepi ka
Ikah ngagubrag kapaéhan,***