Sabtu, 29 Desember 2012

SI PELUNG

Ku Usép Romli HM


Sanajan geus kolot, liwat ti kolot nurutkeun ukuran kalumrahan umur hayam, Si Pelung masih kénéh jagjag waringkas. Masih kénéh mampuh némbongkeun tagog dangong jago pinilih. Masih kénéh mampuh ngelewungkeun sora ari kongkorongok janari.
Sakapeung Si Pelung sok ngarasa reueus, lamun aya nu nyarita, “Kuatan tah hayam. Nepi ka kahot kitu. Pantaranana mah geus ka marana boa.”
Tapi sok nalangsa, lamun nu nyarita cikénéh, aya nu ngéngklokan:
“Padahal lain turunan Bangkok, nya?!”
Mun bisa, hayang Si Pelung nambalang. ”Mémangna hayam pinunjul téh kudu turunan Bangkok baé? Ari turunan asli lemah cai kudu mélédré baé kitu?” Geuning ieu aing!”
Sarta mun bisa, hayang Si Pelung ngadadarkeun riwayatna ti asal mula. Ti barang dipegarkeun, terus dikukut diistiméwakeun ku Haji Basari. Nepi ka mangsa jajangkar, dijadikeun pangbéla basa anak bungsu Ki Haji, Encép Umar disunatan dina umur lima taun. Ayeuna Encép Umar geus téréh lulus és-em-a. Sababaraha kali ampir unggal lebaran atawa usum hahajatan, Ambu Haji ngusulkeun sangkan Si Pelung dipeuncit. Ki Haji teu weléh ngahalangan.
”Butuh ku gawéna, tukang ngageuingkeun janari,” cenah. ”Néangan deui baé hayam séjén. Keun Si Pelung mah, ulah diharubiru. Kadahar sukur, atuh henteu teu nanaon, ari teu kapuluk mah.
Opat taun ka tukang, Haji Basari tilar dunya. Matak kagagas ku kasoléhan jeung kahadéanana. Getén tulatén, boh ka ingon-ingon boh ka pepelakan. Bari tara tinggal ti adab kasopanan. Handap asor, lain baé ka papada jelema. Ka sato jeung ka tutuwuhan ogé sarua. Ku Si Pelung mindeng kadéngé. Ki Haji ngawurukan putra atawa réncang, sangkan ulah wani-wani nyarékan komo bari laklak dasar – ka sato ingon-ingon.
”Ulah kawas kamari, hidep nyebut bangkawarah ka hayam anu bangor asup ka dapur. Malah ditambahan ku nyupata, lebokeun tétélo, tekukeun kerud, jeung sajabana. Teu meunang étah. Diharamkeun ku agama,” cék Haji Basari ka salah saurang putrana nu istri, nu mindeng pusing ari manggihan hayam riab ka dapur. Teu kalis ku digebah sakali, brul deui brul deui. Ma’lum hayam.
Tukang ibadah Ki Haji téh. Najan lubak-libuk luhur kuta gedé dunya, teu katongklokeun ngurus harta, kawas karéréanana nu baleunghar séjén.
Ngurus sawah cukup ngandelkeun panyawah atawa anakna nu geus bisa dipacikeuhkeun. Témpo panén, ukur ngaroris geus dikaluarkeun zakatna atawa acan. Ka dituna mah kumaha Ambu Haji saparaputra baé.
Ngan kana pepelakan salian ti paré, kayaning bungbuahan, palawija, sampeu, jagong, telik pisan ngimeutan téh. Bisi pindah teu kanyahoan kana pangawasa leungeun bandar tukang kemplang, méméh kapetik hasilna kaala buahna ku sorangan.
”Tara ngandung barokah, ladang tatanén anu dijual kemplangan mah, kadéngéeun pisan ku Si Pelung ti pipir, Ki Haji cacarita ka anak bojona.di tengah imah. ”Moal samata-mata agama ngaharamkeun, lamun teu matak mudarat jeung mamala, boh ka diri pribadi, boh ka balaréa..”
Barabat Ki Haji medar pamanggih, yén ngajual barang ku cara kemplang, ngaleungitkeun sumber amal kahadéan. Témpo diala, nu boga hadas melak ukur lalajo. Meunang tekal-tekil dipupul batur. Ka tatangga, ka baraya, ka batur salembur teu bisa méré ngasaan, lantaran barang geus dibayar ti heula ku bandar. Teu saeutik kajdian nu boga pelak malik buburuh ngala ka bandar. Anu sakuduna jadi dunungan bet jadi kuli.
”Baroraah kana méré mawéh. Manéhanana sorangan apan elah-elih namprak upah ti batur. Padahal nu macul di dinya, nu melak di dinya, manéhanana sorangan. Naha éta lain mamala? Coba lamun dipertahankeun nepi ka usum ngala, tong karooh ku pangolo, meureun diala ku sorangan. Kaburu kénéh méré ngasaan ka batur. Hartina amal hadé. Sodakoh. Atuh témpo ngajual, harga bisa rebut tawar tur barangna nyata ngagelar hareupeun. Lain rebut tawar pucuk atawa kembang karék néngtét, diwangwang dilelebah, bari hargana kurang merenah. Bener, karéréaanana jual beuli jaman ayeuna maké cara kemplang. Ambéh babari, ambéh henteu réncéd. Tapi tétéla éta téh henteu nimbulkeun kauntungan. Malah wungkul karugian. Nu matak, teu anéh, kiwari réa patani kari daki, réa padagang tinggal hutang, sabab ladang gawé béak sakaligus ti heula. Komo jual beuli kemplang mah, geuning langka ku duit, tapi ku barang, radio, televisi, motor, mobil, jadi hésé ngeureut neundeun keur pimodaleun usum hareup téh. Témpo butuh unjam-injeum ka bang, hésé lain dagoaneun. Kapaksa lumpat ka tukang rénten atawa ka bandar kemplang baréto. Sasat nandonkeun hasil pepelakan anu karék rék ceb dipelak. Kitu jeung kitu terus, unggal usum migawé. Kahadé urang mah, Ujang, Nyai ulah kabawakeun. Sing tuhu kana tetekon agama nu geus dicontokeun turun tumurun, tur karasa hasilna ngandung barokah. Saeutik mahi, loba nyésa. Moal samata-mata Abah lega sawah lega kebon, anu asalna tina hasil nyawah jeung ngebon satapak peucang atawa nengah mertelu, lamun prakprakanana méngpar tina aturan hukum. Tegesna hukum agama. Ngajauhan riba, boh dina modal, boh dina ngajual pisan. Sabalikna mereketkeun manéh sangkan tuman balabah. Daék ngaluarkeun sodakoh, infak, nepi ka zakat pisan, upama geus nisab. Peupeujeuh, lamun Abah geus euweuh, kabiasn kieu téh kudu terus dipilampah. Insya Allah, lamun gugon-tuhon, anak incu turunan Abah, baris tinemu kahirupan mulya. Bagja dunya ahérat. Moal kurang sandang kurang pangan, bari aya dina karidoan Allah Subhanahuwata’ala.
Si Pelung nyakséni, keur Haji Basari jumeneng kénéh mah, éta papatah téh teurak. Atuh sataun dua taun ti sabada Ki Haji tilar dunya, aya kénéh tapakna.
Ngan pajamanan barobah teuing ku cepet. Jalma-jalma nu ngajamananana ogé gancang pisan kakeunaan ku owah gingsir. Pangaruh kaayaan, pangaruh campur gaul jeung sajabana dina kagiatan pakumbuhan, méré warna katut rupa kana sikep pasipatan jeung paripolah masing-masing. Kaasup anak-anak Haji Basari, anu ti bubudak tara petot dijejelan papatah, sakalian ditémbongan conto prakprakanana ngeunaan hadé goréng, halal haram, salah bener, dibarung ku atikan ti sakola jeung pangajian.
Karasaeun pisan ku Si Pelung. Lamun pareng manéhna disada kekerukan bari semu ngahayéyéng nandakeun manggih téténjoan ahéng di alam anu teu katembus ku panon manusa, sok dibuburak. Di antarana ku Encép Umar anu baréto dibélaan téa.
”Si, sieuh, sieuh! Babatok hayam goblog. Baku ari geus kekerukan kitu téh!” cenah bari mubat-mabit ku naon baé nu karawél.
Hiji hal anu can kungsi kaalaman jaman Haji Basari jumeneng kénéh. Ki Haji mah, mun ngdangueun Si Pelung nyoara kitu, sok rambasbas, malah mindeng sesegruk, terus dzikir jeung istigfar. Ka Si Pelung sok nyarita rintih, ”Meugeus Pelung, kami gé ngarti. Manéh keur nyaksian pangeusi alam kubur nandangan ujian anu pohara. Emh, kami ogé Pelung, isuk pagéto baris ngalaman. Malah boa leuwih rosa ti batan anu kasaksén ku manéh ayeuna.”
Atuh lamun Si Pelung kongkorongok salah mangsa, pangpangna tengah peuting tangéh kénéh ka janari, Haji Basari sok gancang ngoréjat. Cacarita ka Ambu Haji: ”Kadéngé tah, Si Pelung kongkorongok lain wayah? Kahadé anak urang, Si Ujang, Si Nyai bisi boga lampah nirca. Jeung kahadé deui, anu baroga anak parawan atawa randa, béjaan. Sing taritén kituh, ngaping ngajaring anak….”
”Lah, Kang Haji, sok nu lain-lain. Barina gé, opénan teuing ka batur. Mani kudu walihweuh, teu pira Si Pelung kongkorongok. Gundam meureun,” walon Ambu Haji.
”His, lain teu pira. Hayam kongkorongok lain mangsa, komo tengah peuting ngaweng-ngaweng kieu, cék kolot, pertanda aya nu reuneuh jadah, lain opénan nitah ngélingan téh. Kawajiban dina raraga amar ma’ruf nahyi munkar. Ngajak kana kahadéan, nyegah tina kagoréngan. Bisi urang, dulur, baraya urang, tatangga urang caliweura, teu diélingan mah urang kababawa dosa engké. Baruk kumaha akibatna, lamun urang cul amar ma’ruf nahyi munkar? Bari jeung urang mampuh migawéna? Dila’nat ku Allah, ku mangrupa siksa jeung moal dikobul du’a, Nyi Haji. Lain lalawora!”
Sok panjang cacarita Ki Haji téh. Kadangkala parat nepi ka waktu salat tahajud. Isukna, prak migawé anu geus diomongkeun ka Ambu Haji. Silaturahmi ka saban tatangga, bari ngipat-ngipatan, kudu silih riksa, silih talingakeun, bok bisi aya nu méngpar kausap sétan, ngarempak aturan hukum dina urusan sahwat birahi.
Tara aya nu wani nambalang. Sabab saréréa nyaho, saha Haji Basari. Jalma jegud, lubak-libuk, béréhan, hadé budi hadé basa, taat kana ibadah, balabah ka sasaha, teu pandang harkat teu pandang darajat. Istuning taya cawadeunana anu bisa dipaké ngahualkeun atawa malikkeun.
Anak-anak Hají Basari, henteu bisa neruskeun tapak lacak bapana kitu. Ukur bisa neruskeun kajegudanana wungkul, sabada buka waris ngarecah sawah, kebon katut pakaya séjénna.
“Lain teu hayang nurutan Bapa méré papagah ka batur, ngan kumaha atuh, da urang sorangan papagahaneun kénéh batur. Kuriak baé dianggap tukang ngélmu ajug,” kawas nu badami, anak-anak Hají Basari sapuk sapamadegan.
Jadi, Si Pelung kongkorongok lain magsa tara diperhatikeun enya-enya. Malah mindeng disaleungseurikeun disebut hayam pikun. Kajaba mun geus aya kajadian, aya awéwé melendung teu karana boga salaki, karék ribut nyaritakeun kongkorongok Si Pelung. Saminggu dua minggu, lat deui poho. Atuh nu bureuyeung ukur éra saliwat. Ka dituna mah damang baé. Teu anéh lamun terus ngarekahan. Kamari Si Itu, pagéto Si Éta, minggu hareup geus aya cadangna. Sisindiran “piring pisin diragaji, colénak dikalapaan –abdi isinku paraji, boga anak teu bapaan”, geus henteu laku.
Si Pelung gé rumasa, saenyana manéhna disada salah mangsa téh lain nyaho-nyaho teuing kana aya atawa bakal aya nu reuneuh jadah. Ukur kabeneran baé, katindih ku kari-kari, katinggang ku kanyatan. Da maksud kongkorongok téh, taya lian ngageuing manusa, sangkan ulah kajongjonan teuing ngaguher. Ngageuing sangkan manusa nyaring, ngamangpaatkeun wanci mustari, saat mustajab, anu disayagikeun ku Allah swt. pikeun munajat tur bakal dikobul. Tina sakitu taun sakitu ratus kali kongkorongok tengah peuting jeung janari, ukur sababaraha urang anu surti. Haji Basari Almarhum di antarana. Karéréaanana mah nyawang tina jihat nu lain-lain baé, kagugu ku tahayul. Haji Basari onaman, dina enyana kabawakeun kitu, henteu ngan sakadar ngaréka prasangka. Tapi dituturkeun ku sikep nu leuwih teleb, didasaran ku kasadaran ngajalankeun paréntah agama. Silih wasiatan dina jalan haq jeung kasabaran.
Antukan Si Pelung prustasi. Beuki dieu beuki kedul kongkorongok. Da kapikireun, kapeuyeuh-peuyeuh, didaréngé tara. Tong boro sora hayam kolot, panggero manusa nu ngalanglaung dispékeran gé, geus tara pati aya nu maliré. Komo sanggeus mahabu adu-aduan, manusa mabok ku bangsaning kode jeung ilapat, tur hiji mangsa sora kongkorongok Si Pelung dijarieun kode ku Encép Umar sabatur-batur, timbul niat dina haté éta hayam kolot, pikeun kemba sakuatna.
”Dianggap nguyung, teu nanaon. Ambéh dipeuncit. Geura-geura paéh, susuganan di ahérat tepung jeung Haji Basari. Rék dicaritakeun, yén anak-anakna lain salukuran kana ni’mat meunang warisan loba, tapi anggur ngalancrud,” cék pamikir Si Pelung.
Ongkoh kaayaan lingkungan imah, kiwari mah teu matak betah deui. Kandang nambahan. Lain kandang hayam jago atawa bikang, ieu mah kandang anjing. Padahal Haji Basari baréto omat-omatan, sakumaha hayang jeung resep ogé, ulah ngukut anjing.
”Kajaba keur kaperluan moro atawa ngajaga pakaya, ngukut anjing diharamkeun. Komo ukur keur kaagulan jeung cocooan nu matak nonglokeun mah.” Kitu kasauran Haji Basari basa Encép Umar mawa kicik. ”Di imah mah teu pantes diaayaan anjing. Matak disingkahan malaikat Rohmat. Ngajaga bisi aya bangsat, ku ronda gé cukup.”
Harita Encép Umar ngagugu. Kicik disingkahkeun deui. Tapi ayeuna mah taya nu ngagetrik. Bébas merdika. Nu dibawa lain kicik jeung henteu hiji. Opat sakaligus. Anjing teureuh nagri wungkul. Keur meulina, ceuk béja ngagadékeun sawah sababaladon.
Si Pelung ngangluh. Keur mah geus pada mopohokeun, turug-turug aya saingan. Pangeusi imah tamplok perhatianana kana anjing kukutan Encép Umar, anu sagala rupana dipupujuhkeun.
Ngeusian beuteung gé, Si Pelung mindeng sakasampeurna. Mindeng nyaba rada jauh sakaparan-paran. Sakapeung sok ngarep-ngarep aya lasun atawa ganggarangan nyasab, hég nekuk. Sadrah pasrah tibatan hirup pakokolot kalunta-lunta.
Ti isuk nepi ka beurang, hiji poé Si Pelung aprak-aprakan. Pucak-pacok sakapanggih-panggih. Ti lebah buruan maju ka sisi sawah, bras ka tegalan. Méngkol ka lebah nu linduk ku tatangkalan. Dina jujumplukan kirinyuh aya simeut dagé nalokom. Gancang ku Si Pelung diboro. Simeut luncat kana tangkal bakasem. Terus diobrot. Geleber ka tukangeun rungkun saliara, handapeun tangkal juar sapasang. Si Pelung mébér jangjang sieun kaleungitan udagan. Garapak, guprak ka béh ditu. Ninggang tonggong dua jalma anu keur papuket, luhureun jukut. Lalaki jeung awéwé ditataranjang.
Si Pelung reuwas kabina-bina. Gancang lumpat bari ngabarakataktak kokotak. Poho kana simeut dagé, bakating ku silo ku téténjoan. Jeung apal ka salasaurang di antarana, Encép Umar. Jeung Si Pelung apal bakal kumaha balukarna. Encép Umar, bari ulad-alid nyarékan bébéakan, terus ngabeledig. Mabuk hulu Si pelung ku dahan garing nepi ka remuk.
Pasosoré di buruan imahna, Encép Umar ngagero maréntah bujangna.
“Di kebon tonggoh, deukeut tegalan, handapeun jaar, Si pelung modar. Cokot bangkéna, geuwat. keur parab anjing!”
Tina Jiad Ajengan, Karya Usép Romli HM

Rabu, 19 Desember 2012

Free Video Cutter Joiner 9.1


Kali ini saya akan posting sebuah software video cutter (potong video) & joiner (gabung 2 video atau lebih). Software ini setelah saya coba dan bandingkan, ternyata mempunyai kelebihan dari software-software sejenis lainnya, antara lain :

1. Ukuran filenya terbilang kecil (sekitar 7,11 MB)
2. Lebih simpel, tampilan sederhana
3. Proses lebih cepat
4. Selain cutter video ternyata bisa juga untuk joiner
5. Dan yang penting free, tetapi dengan kualitas yg tak kalah dari software
    berbayar

Tampilan ss-nya












































Yang berminat silahkan Downloads Free Video Cutter Joiner 9.1

Minggu, 16 Desember 2012

ADA MAIN

Ku Darpan Ariawinamngun


Jeung saenyana lurah hasil nyundutan urang lembur. Poè èta Mang Ursin ninggalkeun heula paculeun. Ki Sarja mèrènan heula anyameun. Kang Sabri nutup heula warung. Mang Sarip ngahaja teu ngurilingkeun dagangan. Mèh kabèh lalaki urang lembur ngabring rèk ngadongdon kantor kacamatan. Mapay-mapay totoang siga keur ngajajapkeun pangantèn, jiga nu rèk seserahan.
Pucuk ti girangna mah: listrik!
Dèsa Karangsaga kaliwat teu kabagèan listrik. Padahal lembur bèh girang jeung hilireunana mah geus raang. Nu jadi ambek urang lembur, naha atuh ukur kabelna wungkul nu ngaliwat ka luhureun dèsa tèh.
“Piraku urang teu ngarasa diteungteuinganan?” ceuk Lurah, “Lain kuring kurang usaha, inget! Tapi camat anyar jiga sentimèn ka dèsa urang!” pokna deui basa rapat LKMD. “Mèmèh nepi ka dèsa hilir gè, kuduna mah kapan ka urang heula. Camat anyar jeung oknum PLN jiga ada main!”
Lurah awong-awongan. Jeung enyana, urang Karangsaga kakoèt ambekna.
Bari abring-abringan maranèhna padungdengan.
“Kumaha engkè pokpokanana ka Camat?” ceuk salahsaurang.
“Mènta kaadilan wè kituh!”
“Urang sebut, Camat teu gableg cedo!”
“Ah, kasar teuing ari kitu mah.”
“Har, naha urang ayeuna rèk popoyongkodan kitu?”
“Ari rèk kitu mah ku saurang gè mahi!”
Sarèrèa unggut-unggutan nyaluyuan.
“Maksud tèh sing wajar wè.”
“Nu wajar-wajar mah kapan enggeus ku Lurah. Urang mah kapan rèk ngalakonan nu teu wajarna.”
Sarèrèa unggut-unggutan deui.
“Moal kumaha onam kitu lamun Camat ambek?”
“Nya urang pagedè-gedè ambek wè atuh!”
Sarèrèa leuwih rosa unggut-unggutanana.
Jalan nu diliwatan, jalan dèsa nu can diaspal. Sisi-sisina sawah makplak garapeun. Manjing usum porèkat, tapi teu jadi bahan obrolan nu abring-abringan. Tukang endul ukur wasa ngajanteng di tengah jalan basa nu abring-abringan ngaliwatan dirina. Motor nu ngaliwat gè maksakeun nyisi heula.
“Kè, saha nu apal ka Camat anyar?” cèuk salahsaurang deui.
“Mun geus tepung mah engkè gè meureun ngaku sorangan.”
“Bisi wè kasamaran.”
“Saha atuh engkè nu pangheulana rèk nyarita?”
“Mending ti nu ngora heula. Jang Anèn wè tah nu ngamimitian mah!”
“Ah, ti kolot heula alusna mah,” ceuk nu ditunjuk. 
“Kumaha mun Mang Ursin?”
“Is, ulah Emang atuh. Ti iraha Emang bisa nyarita jeung Camat. Nu bedas tanagana wè heula, ti nu ngora,” Mang Ursin kèkèpèhan. Sarèrèa silih rèrèt.
“Kieu atuh. Kumaha mun babarengan. Langsung cocorowokan.”
“Tah enya, mending kitu!” ceuk sarèrèa mèh bareng.
Urang lembur beuki gancang leumpangna.
Barang srog ka hareupeun kantor kacamatan, kasampak simpè. Sarèrèa silih pelong bari nyusutan kèsang, sanggeus leumpang jauh abring-abringan.
“Anèn komandoan!” salahsaurang ngaharèwos.
Anèn luak-lieuk heula, “Ngomandoan naon?” pokna.
“Ngomandoan ngagorowok, belegug! Pokona sagala rupa nu kudu dikomandoan, komandoan ku manèh.”
“Naon nu rèk digorowokkeunana?” Anèn masih kerung.
Sarèrèa silihpelong deui. Salahsaurang mèrè bongbolongan, “Kieu wè atuh: Camaaaat, kaluaaar! Kituh!
Sarèrèa nyatujuan.
“Hijji… du…”
“ulah gancang teuing, nèn! Bisi teu bareng. Kumaha kèh nu ngagorowok ti heula nu katempuhan?”
“Ah, loba teuing aturan. Geura sok-sok ka dinya Nèn!”
Anèn malikan deui, “Hiji… dua…tiluu!”
Lir keur kampanyeu. Bari ngacung-ngacungkeun peureup tingjorowok nitah Camat kaluar. Tukang bèca nu keur nambangan ngadadak ngeureunkeun heula bècana. Si Ayu nu keur ngaladangan jajamu ngahajakeun tunga-tengo heula. Barudak SD nu karèk baralik ti sakola tinglaliud nyalampeurkeun, ngadarangong na tèmbok bèntèng.
“Camaaaaatt… kaluaaaaarrr!! Kaluaaaarr Camaaaaat!”
Karyawan kacamatan jul-jol kalaluar. Tapi sanggeus ningali nu tingjorowok mah  tingrarengkog deui. Jiga nu sadar, yèn jelas-jelas nu daratang tèh lain nu rèk nguruskeun KTP. Heuleut ti harita karèk waranieun deui nyalampeurkeun nu tinggorowok bari pacekel-cekel leungeun.
Pa Sekwilmat ngawakilan nyarita, “Tenang, tenang! Cenah, “Kè, aya naon para sadèrèk?”
“Bapa tèh Camat?” ceuk salah saurang.
“Lain kuring mah!”
“Euh, lain Camat mah ulah pipilueun atuh. Kuring mah butuh ka Camat.”
Sèkwilmat kerung, pokna, “Keur eweuh Pa Camat mah.”
“Ah, wadul. Sok daèk naon?”
Sekwilmat rurat-rèrèt heula ka stap sèjèn. Geus kitu pokna, “Daèk… medu! Euweuh Pa Camat mah!”
“Anakna atuh?” ceuk Usèn nu sapopoèna kuli macul.
“His, rèk naon mamawa anak Camat?” Nu gigireunana ngagebès.
“Enggeus kudu ka saha deui?”
“Aya ku belegug ari manèh.”
Sèkwilmat mariksa deui, “Sakali deui rèk naon para sadèrèk tèh?”
“Rèk ka Camat! Mani teu cukup ku sakali.”
“Sugan bisa diwakilan ku kuring?”
“Is teu bisa! Ceuk Lurah gè nu ada main mah Camat!” 
“Ada main?” Sèkwilmat mah kerung.
“Camaaaaat… kaluaaarr!” salahsaurang ngagorowok deui. Dituturkeun ku nu sèjèn, bari nyedek rèk asup ka jero kantor. Sèkwilmat jeung stap nu sèjèn undur-unduran. Tapi nu nyedek beuki ngangsreg. Antukna stap kacamatan tèh barirat lalumpatan.
“Camaaat… kaluaaar!”
Dor! Kadèngè sada nu ngabeledug. Nu cocorowokan ngadadak simpè. “Saha nu ulin pepetasan euy?” salahsaurang nanya.
“Pepetasan atawa pèstol?”
“Pèstol?” sarèrèa tingcuringhak.
Anèn teu kaburu ngomandoan, urang lembur kaburu buriak kabur katawuran! Tingberetek satujuanana sèwang-sewangan.
“Jangan lariii!” aya nu ngagorowok. Anèn ngalieuk, “Pulisiiii….! Bari jicir leuwih kenceng.
Dor!
Mang Ursin bèak tanaga, bru nyempod di juru imah batur bari rènghap ranjug. Ngan teu lila jol nu disaragam. Dada Mang Ursin asa ditotog halu. Tapi pulisi hareupeunana kalah ka melong
“Geuning Kang Ursin,” ceuk pulisi.
Sakedapan Mang Ursin ukur matasimeuteun. Sanggeus teges karèk bisa nyarita, “Leuh geuning manèh Kamsir. Ti iraha jadi pulisi?”
“Ssstt, Banpol kuring mah! Cenah bari luak-lieuk, Naha Akang pipilueun ka nu kieu?”
“Hih, èra atuh teu milu mah.”
“Ngarah teu kanyahoan ku pulisi enyaan, ayeuna mah lumpat wè atuh sing jauh, singtarik!” ceuk Kamsir.
“Is nanaon tèh. Kumaha mun kanyahoan di tengah jalan? Tiwas Akang”
Kamsir ngahuleng. “Atuh kumaha lamun urang ucing-ucingan. Kuring pura-pura ngudag Akang.  Mun geus euweuh sasaha, Akang gancang balik.”
“Nya teu nanaon ari kitu mah.”
Becir Mang Ursin lumpat deui, deregdeg diudag ku Kamsir. Ngan teu lila aya pulisi sèjèn nu milu ngudag. Gorowok Kamsir megatan, “Keun…keun ieu mah kuring nu nyerek. Udag wè nu sèjèn!” Pulisi nu milu ngudag nurut. Beretek mèngkol ka nu sèjèn.
Di kebon sampeu tugtung lembur, sanggeus jauh ti kantor kacamatan, Mang Ursin ngudupruk kacapèan. Teu lila Kamsir nyusul. Duanana rènghap ranjug. Sanggeus sababaraha heuleutan, Kamsir nanya, “Aya naon tadi tèh? Siga rèk ngajakan perang.”
“Puguh rèk nèangan Camat.”
“Har, piraku teu tepung jeung Camat? Kapan tadi tèh katingalina mah ka Karangsaga-keun kana motor. Ceuk dunungan kuring mah rèk ngajakan Lurah Karangsaga ka kantor PLN.”
Mang Ursin colohok, “Rèk naon Camat jeung Lurah ka kantor PLN?”
“Kapan nguruskeun listrik dèsa Karangsaga!”
“Naha? Ku naon atuh lurah ambek-ambekan?”
“Lurah?” ceuk Kamsir ditungtungan ku nyikikik.
“Kamari gè Lurah ambek-ambekan ka komandan kuring. Pèdah Camat anyar jiga ada main jeung pamajikan ngorana.”
Mang Ursin teu bisaeun milu seuri cara Kamsir.
Pok Kamsir nyarita deui, “Jung geura balik, Kang. Bisi urang disangka ada main!”***

Tina Nu Harayang Dihargaan, Karya Darpan Ariawinangun

SILANG SIGEU


Carpon M. Sasmita

Poé Minggu ngajak budak ulin ka toko buku. Éta tuda ti kamari ngaéh baé hayang buku catetan leutik pulas kayas. Teuing keur naon, da ditanya téh ukur nyebut keur catetan. Diayunkeun wé kahayangna téh, sakalian rék néangan buku séjénna.
Budak téh jigrah pisan. Di toko buku taralang-tereleng ka ditu ka dieu. Rada kawalahan kudu nutur-nutur jeung mukaan buku nu ditunjuk ku manéhna, da geuning béhna mah lain ngan néangan buku catetan. Kalah ka néangan buku bacaan séjénna, sakitu can lancar maca téh.
Keur anteng nengetan buku, gigireun aya nu ngajanteng. Awéwé tengah tuwuh. Cék rarasaan, éta awéwé téh rét deui rét deui ka kuring. Teuing ngahaja, teuing ngan ukur rarasaan.
Teu kungsi lila aya nu nepak kana taktak.
”Silang?!”
Sajongjongan kuring ngabigeu, panon mureleng ka éta awéwé nu nepak taktak téa.
Dina haté nginget-nginget deui kecap Silang, teu karasa kuring némbalan.
“Sigeu?!”
Manéhna seuri bari ngasongkeun leungeun. Kuring mani kumejot, haté mah hayang ngagabrug. Ngan teu werat, apan manéhna téh awéwé, di tempat ramé deuih.
Enya, disebut tengah tuwuh téh asa merenah pisan. Buukna geus culcel huis, tapi dangdananana mah matak hookeun keur awéwé saumurna mah. Geura wé, buuk najan geus culcel huis gé, tapi ari modélna mah kaayeunakeun. Maké cindung, tapi lain jilbab, ukur disampaykeun, malah mimindengna nyéngléd dina taktak. Bajuna gombrang, maké pantalon, kéwes asa ningal dangdanan Indira Gandhi.
Sasalaman téh rada lila jeung terus silih keukeuweuk.
“Keur naon di dieu?” pokna.
“Nya néangan buku atuh, maenya néangan emih kocok di dieu…”
Manéhna nyeuleukeuteuk, enya can poho kuring gé, kabeukina emih kocok téh.
“Jeung saha?” manéhna nanya deui.
“Jeung budak!”
“Incu ieu téh?”
Kuring teu pati némbalan, kalah ka hayoh nitah budak ngarah munjungan.
“Tuh, salim heula ka Ua.”
“Nu bungsu ieu téh? Boga sabaraha budak téh? Mana indungna?”
“Indungna mah di imah wé, da tadi diajak téh mugen, majarkeun loba seuseuheun!”
Kuring jeung manéhna uplek ngobrol bari nutur-nutur bujur budak milihan buku.
Bérés babayar, kuring, budak, jeung manéhna, kaluar ti toko buku. Enyaan wé manéhna ngajak nyimpang ka tempat dahar anu ngajual emih kocok.
“Can robah kabeuki téh!?” ceuk kuring.
Manéhna ukur mésem.
Kuring rarat rérét ningalian kana balanjaan manéhna. “Meuli buku naon tadi?”
“Teu meuli buku uing mah, meuli ieu wé cét minyak!”
“Euh, geuning jadi pelukis?”
Manéhna seuri ngaheuheu, “Lain, ieu mah pesenan incu!”
Resep ningali manéhna ngadahar emih kocok anu cikruh nyuruputna, atuh teu kaliwat seuhahna.
“Na geus boga sabaraha incu téh?”
“Geus gedé, geus di SMP. Lain, ari ieu budak téh nu bungsu?”
“Keur ayeuna mah nya cikal nya bungsu, da kakara hiji!”
“Geuning ku irit!?”
“Lain irit, da nyieun mah geus ti baréto mula, ngan jadina nya kakara ieu. Geu, kuring kawin téh méh dua puluh tilu taun, kosongna méh tujuh belasan taun, ayeuna ieu budak umurna tujuh taun jalan!”
“Mintul meureun!”
“Ah, duka teuing, sakieu gé Alhamdulillah geus dipercaya boga budak!”
Ari budak nu diomongkeun mah anteng wé ngahénggoy emih kocok.
“Geu, ari di dinya boga budak sabaraha?”
“Wah, budak mah loba, ngan anu bener mah ngan tilu, malah geus boga incu ti anu bungsu!”
“Geuning. Na aya budak nu teu bener!”
“Lain budak teu bener, maksud téh budak asuhan, nya sasieureun sabeunyeureun ngilu mantuan barudak jalanan sina sarakola!”
“Euhh, mulya kacida atuh!”
Rada lila paheneng-heneng. Kuring ngahénggoy emih kocok, sakali sakali mangnyusutkeun leungeun budak ku keretas tisu, da leungeunna baseuh, atuh manéhna gé tonggoy kana mangkok emih kocok.
“Lang, ari éta buuk téh disemir, asa angger baé siga kitu?!”
“Alhamdulillah, henteu, ieu mah asli atuh, teu wanoh kana ngaran semir buuk!”
“Éta wé asa angger kénéh siga baheula, da kuring gé apal téh éta pédah ningali modél buuk di dinya, moal poho da kungsi nenget nenget ti palebah tukang!”
“Ari uing mah enyaan kalinglap, Geu, ka di dinya téh. Mun seug di dinya teu nanya ti heula, kuring mah moal apal, da éta geuning awak téh asa beuki mébér!”
Manéhna ngaheuheu seuri.
“Sakieu mah awak téh geus rada ngorotan da opat taun kaliwat mah leuwih beurat, awak leuwih mébér. Awéwé mah kakolotnakeun téh beuki beunghar. Beunghar ku beurat awak!”
Ngobrol di warung emih kocok téh teu lila, da budak noélan baé ngajak balik. Sonona mah kacida jeung manéhna téh. Sanggeus silih béré nomer télépon jeung alamat serélék (serat éléktronik, émail téa), terus papisah. Manéhna ngadius kana taksi, ari kuring jeung budak mah kana angkot wé.
Peutingna mukaan émail. Ari muka émail ti peuting téh aya sababaraha maksud. Kahiji, ngoprék komputer teu kaganggu ku budak. Kadua, sugan wé atuh bakal leuwih cepet da ari peuting mah kapan ngaranna gé peuting euweuh deui batur nu maké. Katiluna, sugan wé mayar téléponna rada murah.
Serélék téh ngaburudul loba pisan, pangpangna mah ti milis urangsunda. Éta wé da bulan september 2003 mah nepi ka opat rébuna sabulan téh. Jeungna deui aya serélék ti panyeumpxxx@yahoo.com. Ké, ti saha nya? Sidik alamat anyar ieu mah, da teu boga babaturan alamatna siga kitu. Barang dibuka horéng ti Sigeu.
Ku kuring ngahaja di-print, dicitak sangkan tumaninah macana, komo mun bari lalangkarakan.
From : panyeumpxxx@yahoo.com
To : heuxxx@hotmail.com
Sent : 13 Okt 2003 22.43
Subject : Inget baheula.
Lang…, ilaing nyaho teu, nulis ieu émail téh uing bari bulucun. Tadi, kira-kira jam dalapan peuting, uing taranjang hareupeun eunteung satangtung. Buuk teu disisiran. Atuh beungeut gé teu dipolés ku wedak. Éstu sahinasna. Uing neuteup awak sorangan.
Lir keur maca kajujuran, unggal gurat dina awak mawa lacak tapak baheula, ti luhur tina unggal lambar buuk nepi ka tungtung kuku indung suku. Bruh bréh laku lampah ti jaman keur budak nepi ka ayeuna, lir pilem nu puter balik, aya nu gagancangan aya nu kacida launna, nepi ka témbrés kalakuan ti bubuk leutikna nepi ka nu pangbadagna. Kalan-kalan uing seuri, nyeungseurikeun kalakuan sorangan. Teuing seuri naon ngaranna, bisa jadi seuri maur.
Lebah beuteung naha jadi ngabendeléh kieu, ting berehil tapi lain sepir. Lebah pingping nu baheula luis téh ayeuna mah geus ledis, geus euweuh tapakna, nu aya nampuyakna daging nu teu puguh ujud.
Naha uing boga hak ngarasa éra pédah awak siga kieu? Naha uing kudu ngéwa ka awak sorangan pédah ramijud? Dina wujud idéntitas naon atuh ari uing?
Loba sora nu ngomong ti ditu ti dieu, pajar uing begang, pajar uing gendut. Naha nu ditempo téh bet wujudna wungkul? Naha pédah urang téh keur dikepung ku deudeuleuan dina télévisi, koran, majalah, gambar sisi jalan, dina tas, dina dompét nu ngan ukur némbongkeun awak, beungeut? Naha ngan éta anu pangsohéhna keur hiji idéntitas? Jeung deui naha pédah uing awéwé, kalan-kalan aya nu ngan ukur ngadeukeutan pédah uing awéwé, ngan ukur dijieun objék?
Meunang pan lamun uing ngabandingkeun awak jeung mangsa baheula keur meujeuhna ngora (lain, lain uing hayang ngora saumur-umur), keur jaman loba nu ngudag-ngudag boh jajaka boh duda, malah aya nu pangkatna jéndral sagala? Uing wenang milih, nu jago karaté awakna lempay ngalampanyat, atlétis, ngeusi, nu pendék béké tapi mobilna weuteuh sadua-dua, nu kakara lulus kuliah, nu boga hotél, nu boga villa di Puncak.
Teuing ku naon maranéhna ngudag-ngudag, da uing mah tara tatanya, da sigana lamun bareng indit jeung uing, maranéhna siga nu kacida bagjana, siga nu ngagandéng widadari meureun, saha nu teu nyaho ka si Non sakota kabupatén mah, si Non nu harita boga Mercy, awéwé geulis, ngora kénéh, suksés usaha.
Ningali awak dina eunteung, naha nya maké jorojoy hayang dipoto, dipoto keur bulucun. Hayang ngabandingkeun jeung awak jaman keur ngora. Hanjakal, teu boga poto jaman keur budak bari bulucun, aya gé poto keur umur tilu taun teu maké baju, asana mah karék anggeus mandi dipoto ku Bapa almarhum, éta gé bari gégéréwékan da embung mandi, dipaksa ku Mamah, ari ku Bapa kalah hayoh dioconan. Kitu dongéng Mamah, da ari uing mah tong boro inget, ningali potona gé teu béda wé jeung ningali poto séjénna jaman keur leutik.
Ieu kulit beuteung, nu kungsi luis, nu kungsi jadi paneuteup lalaki, waktu uing ngojay di Hotél tilu puluh taun kaliwat, kulit beuteung nu ieu nu kungsi mendeyang reuneuh, kulit beuteung nu ieu nu kungsi… salingkuh.
Lang, ilaing nyaho teu, waktu uing nélépon ka ilaing, supaya ilaing datang ka Hotél, basa urang rék papisah téa, naon pangna uing ngajak papanggih di Hotél, di kamar dua genep? Enya, inget kénéh da ngahaja néangan kamar nomer dua genep téh ambéh sarua jeung umur uing harita. Lanté 2 kamar nomer 6.
Ilaing keketrok kana panto, terus uluk salam, “Assalamualaikum!” Uing harita hareugeueuen, naha kudu dijawab atawa ngan ukur mukakeun panto. Uing nyaho lamun aya salam wajib dijawab, ngan asana geus lila tara ngucapkeun salam siga kitu. Harita uing ukur mukakeun panto.
Terus ilaing culang-cileung néangan korsi keur diuk, nu terusna mah ilaing diuk dina kasur. Enya, kamar hotél téh leutik. Aya éta gé korsi mah tapi harita dieusian ku tas uing, jeung sababaraha buku, buku buku carita silat Cina.
Malah harita gé uing keur ngeukeuweuk buku nu judulna Telaga Darah. Geuning ilaing nyéréngéh bari ngomong, “Kahadé buku éta mah eusina  porno.”
Uing teu némbalan harita téh. Da enya buku téh porno pas keur dibaca téh anu kituna pisan. Puguh wé rada éra, terus buku téh dialungkeun. Asana, uing terus nyicikeun cai hérang kana gelas, disodorkeun ka ilaing.
Lila ngobrol téh, méh nepi ka jam dua welas peuting. Ilaing terus amitan. Sabenerna mah ku uing téh rék diajak mondok, rék diajak saré sagebrug.
Teuing ku naon, uing gé da teu nyaho, ujug-ujug jorojoy wé aya niat kitu. Teuing pédah uing geus lila rarandaan. Dina haté uing téh rék méré kenangan ka ilaing atawa… teuing, ah, uing gé teu ngarti.
Tapi niat kitu téh teu werat diomongkeun, da ilaing hayoh wé ngajak ngobrol soal sajak jeung carita pondok nu kungsi ku uing dibacakeun waktu siaran. Ari rék maké tingkah provokatif, haté téh asa teu méréan, malah dina haté ngagerentes yén ilaing téh lalaki nu teu surti kana kahayang awéwé.
Sanggeus ilaing mulang, uing cunggelik sorangan. Maca buku jadi teu napsu. Harita uing ceurik. Henteu ari ceurik gagauran mah, ukur rambay cimata. Ceurik pédah naon, uing gé teu nyaho, ngan dina haté asa aya nu ngagerihan.
Serélék ti Sigeu mani ngagebay. Ka béh handapna eusina loba ngadadarkeun pangalaman dirina. Dina panungtungan serélékna manéhna nulis:
Uing téh ayeuna geus loba incu. Ti nu bungsu kakara borojol minggu kamari, awéwé, lucu geulis. Orok beureum kénéh, roroésan jeung ceurik. Uing gé tangtu kungsi kitu, kungsi jadi orok beureum.
Lang, sabebenerna mah anak jeung incu téh kabéh gé anak téré, jeung incu téré, da uing mah teu kungsi boga budak. Kabéh gé anak Si Jéndral almarhum, ngan pédah ku uing budakna kabéh diurus, lantaran indungna  meunang musibat waktu ngalahirkeun anu bungsu.
Geus, ah, uing geus tunduh, rék saré heula. Sono euy hayang ngobrol deui siga baheula.
Ka subuhnakeun kuring nulis émail jawaban keur Sigeu :
To : panyeumpxxx@yahoo.com
From : heuxxx@hotmail.com
Sent : 13 Okt 2003 22.43
Subject : Re:Inget baheula.
Geu, geus dikonci pantona?
Alusna mah saméméh bulucun téh dikonci heula pantona, bisi ujug ujug aya ucing jalu asup. Kapan matak barabé akibatna. Ucing jalu téa sok kumahkar. Aéh, nu kumahkar mah hayam rék ngéndog nya. Ucing jalu mah bisi ngarontok, nyakar. Kapan aya sayang beurit lin?!.
(heureuy ah…)
Mun teu salah aya nu kungsi nulis majarkeun “awak téh panjara”. Teuing panjara naon. Aya deuih nu nyebutkeun yén awak téh mesin hasrat jeung aya deuih nu nyebut diri……baé lah uing mah moal pipilueun, ah, kana palebah awak mah. Uing gé ayeuna kieu buktina, teuing boga awak téh naha goréng naha alus, nu leuwih penting mah asal séhat, kapan ceuk paribasa gé banda tatalang raga, raga tatalang nyawa.
Geu, nyaho teu (nurutan di dinya), saméméh nulis ieu serélék téh uing ngambah heula dina internét, néangan gambar awéwé nu umurna lima puluh genep taun bari.…bulucun…! Na ari burudul téh geuning loba pisan nya. Malah aya nu umurna geus dalapan puluh taun sagala. Ambuing éta sayang beurit dina kélékna…geus huisan!
Kabina-bina nya, bet aya nu daék némbongkeun awak bari bulucun dina umur anu sakitu geus cueutna. Enyaan dina internét mah sagala gé aya, abong kéna disebut dunya maya, dunya virtual, dunya kabébasan. Anu alus saalus-alusna aya, nu goréng sagoréng-goréngna gé aya.
(Hampura, Geu, nya uing geus nyipta-nyipta awak di dinya. Ah, teu jauh ti modél nu ieu lah hé hé. Aya huisan. Uing nelek-nelek gambar hiji awéwé nu geus kolot tur keur bulucun!!)
Saméméh poé kamari, uing sakapeung sok ngawawaas jaman baheula. Nu kaimpleng téh, hih, angger wé di dinya téh awéwé geulis, ngora, lincah jeung pinter. Implengan téh kakara robah poé kamari saprak panggih téa. Enya, asa ngagebeg geuning. Geus kolot nya umur téh. Urang teu panggih téh aya kana tilu puluh taunna. Lain waktu nu sakeudeung tah. Urang geus jadi aki-aki jeung nini-nini. (Geu, ari incu nyebutna naon? Nini, Ené, Éyang atawa Oma? Ah, ma enya nyebut Oma, kapan Oma mah tina basa Walanda lin?)
Uing mah bulucun téh lamun keur mandi wé. Éta gé tara nelek-nelek awak sorangan. Gebrus wé mandi, lantaran lamun ditelek-telek sok manggih nu matak kukurayeun (moal dijéntrékeun naon nu matak kukurayeun téh bisi disebut buntut Oa.)
Geus, ah, lila-lila mah bisi jadi cawokah. Sarua sono, Geu!
Si Belang téa.
Ti harita, pleng teu nampa deui serélék ti manéhna.
1972
Unggal malem Saptu, bari lalangkarakan di tempat indekos, bari ngareureuhkeun kacapé, sok mindeng ngadéngékeun radio. Sok ngahaja néangan sora penyiar awéwé. Nya manggih sora awéwé. Harita téh keur maca sajak. Sanggeus bérés macana terus ngagalantang nyaritakeun eusina éta sajak. Sajakna lolobana sajak rumaja nu idek liher dina dunya cinta.
Hiji waktu kuring ngawanikeun manéh nélépon ka penyiarna, nyaritakeun sajak nu kungsi dibacakeun ku manéhna. Nélépon téh lain waktu manéhna keur ngajomantara. Nélépon kitu wé. Atuh sakalian kuring ngawanohkeun diri bari nyebutkeun hayang panggih, hayang kenalan.
Nya ti harita kuring wawawuhan jeung manéhna. Kuring nanya, saha ngaranna nu sabenerna. Manéhna téh teu ngajawab kalawan sacéréwéléna. Atuh kuring gé teu méré ngaran nu sabenerna. Lantaran mimiti panggih téh kuring maké kaos belang, manéhna ngalandi kuring Si Belang. Teuing meureun asa kurang merenah tungtungna, lamun ngageroan téh sok nyebut Silang. Atuh kuring ngalandi manéhna Si Geulis, nu sok terus disebut Sigeu.
Geulis, enya da geulis atuh manéhna téh. Geura wé awak jangkung, ukur béda tilu sénti ti kuring gé. Ngeusi, begang henteu, montok henteu. Donto meureun babasaanana mah. Ari beuebeungeutan rada siga béntang pilem, saha nya poho deui ngaranna. Ngan ieu mah beungeut Sunda. Geulis Sunda.
Mun aya nu nyebut Silang ka kuring pasti manéhna. Kitu deui lamun aya nu nyebut Sigeu ka manéhna bisa dipastikeun kuring.
Dina ngabasakeun téh sok teu puguh sakapeung kuring, uing, di dinya, ilaing kalan-kalan ana jeung énté. Sok sanajan umur kuring leuwih ngora, manéhna teu nganggap dirina leuwih kolot tur kudu dihormat. Umur kuring 23 taun, ari manéhna geus nincak 26 taun.
Lila wawawuhan téh, sataun leuwih.
Papisah sotéh pédah kuring kudu miang ka luar Jawa, pindah dines. Nya peuting harita kuring nepungan manéhna di kamar 26 di hiji hotél téh. Keur kenang-kenangan, manéhna méré pulpén. Ceuk manéhna, “Mun nulis surat keur uing kudu maké pulpen ieu. Ieu pulpén mangsina boga ciri husus, béda ti nu séjénna. Nu nyaho cirina ngan uing. Mun teu maké pulpen ieu mah uing moal ngabales.”
Kangaranan pulpén, kakara gé sababaraha poé geus leungit. Teuing ka mana. Atuh kuring nulis surat ka manéhna maké pulpén séjén. Enyaan lebeng euweuh balesan.
2004
Kuring narima deui serélék ti manéhna. Eusina teu panjang: “Lang, uing rék jarah, rék munggah haji, du’akeun nya. Hampura bisi aya dosa, boh nu karasa boh nu teu karasa. Ari énté geus ka haji? Mun encan mah sok wé kukumpul keur ongksona ti ayeuna. Aéh, uing gé ongkosna lain meunang kukumpul, tapi paméré ti anak téré nu panggedéna.”
Kuring maca serélékna téh sababaraha balikan. Dina haté ngucap sukur jeung ngadu’akeun sangkan inyana salamet, jeung jadi hajjah anu mabrurroh.
Teuing, tah, lamun geus balik ti Mekah, naha maké tiung wungkul atawa ganti jadi maké jilbab, atawa naha bakal eureun buukna maké semir.
Serélék ti manéhna ku kuring teu dibales. Angkanan téh engké wé satutas manéhna munggah haji rék manggihan, rék didatangan, bari jeung rék aya nu ditanyakeun sabab dina serélékna nyebutkeun kungsi ngandeg, tapi dina serélék éta kénéh nyebutkeun teu boga budak.***

Ciléngkrang, Désémber 2004