Carpon M. Sasmita
Poé Minggu ngajak budak ulin ka
toko buku. Éta tuda ti kamari ngaéh baé hayang buku catetan leutik pulas kayas.
Teuing keur naon, da ditanya téh ukur nyebut keur catetan. Diayunkeun wé
kahayangna téh, sakalian rék néangan buku séjénna.
Budak téh jigrah pisan. Di toko
buku taralang-tereleng ka ditu ka dieu. Rada kawalahan kudu nutur-nutur jeung
mukaan buku nu ditunjuk ku manéhna, da geuning béhna mah lain ngan néangan buku
catetan. Kalah ka néangan buku bacaan séjénna, sakitu can lancar maca téh.
Keur anteng nengetan buku,
gigireun aya nu ngajanteng. Awéwé tengah tuwuh. Cék rarasaan, éta awéwé téh rét
deui rét deui ka kuring. Teuing ngahaja, teuing ngan ukur rarasaan.
Teu kungsi lila aya nu nepak kana
taktak.
”Silang?!”
Sajongjongan kuring ngabigeu,
panon mureleng ka éta awéwé nu nepak taktak téa.
Dina haté nginget-nginget deui
kecap Silang, teu karasa kuring némbalan.
“Sigeu?!”
Manéhna seuri bari ngasongkeun
leungeun. Kuring mani kumejot, haté mah hayang ngagabrug. Ngan teu werat, apan
manéhna téh awéwé, di tempat ramé deuih.
Enya, disebut tengah tuwuh téh
asa merenah pisan. Buukna geus culcel huis, tapi dangdananana mah matak hookeun
keur awéwé saumurna mah. Geura wé, buuk najan geus culcel huis gé, tapi ari
modélna mah kaayeunakeun. Maké cindung, tapi lain jilbab, ukur disampaykeun,
malah mimindengna nyéngléd dina taktak. Bajuna gombrang, maké pantalon, kéwes
asa ningal dangdanan Indira Gandhi.
Sasalaman téh rada lila jeung
terus silih keukeuweuk.
“Keur naon di dieu?” pokna.
“Nya néangan buku atuh, maenya
néangan emih kocok di dieu…”
Manéhna nyeuleukeuteuk, enya can
poho kuring gé, kabeukina emih kocok téh.
“Jeung saha?” manéhna nanya deui.
“Jeung budak!”
“Incu ieu téh?”
Kuring teu pati némbalan, kalah
ka hayoh nitah budak ngarah munjungan.
“Tuh, salim heula ka Ua.”
“Nu bungsu ieu téh? Boga sabaraha
budak téh? Mana indungna?”
“Indungna mah di imah wé, da tadi
diajak téh mugen, majarkeun loba seuseuheun!”
Kuring jeung manéhna uplek
ngobrol bari nutur-nutur bujur budak milihan buku.
Bérés babayar, kuring, budak,
jeung manéhna, kaluar ti toko buku. Enyaan wé manéhna ngajak nyimpang ka tempat
dahar anu ngajual emih kocok.
“Can robah kabeuki téh!?” ceuk
kuring.
Manéhna ukur mésem.
Kuring rarat rérét ningalian kana
balanjaan manéhna. “Meuli buku naon tadi?”
“Teu meuli buku uing mah, meuli
ieu wé cét minyak!”
“Euh, geuning jadi pelukis?”
Manéhna seuri ngaheuheu, “Lain,
ieu mah pesenan incu!”
Resep ningali manéhna ngadahar
emih kocok anu cikruh nyuruputna, atuh teu kaliwat seuhahna.
“Na geus boga sabaraha incu téh?”
“Geus gedé, geus di SMP. Lain,
ari ieu budak téh nu bungsu?”
“Keur ayeuna mah nya cikal nya
bungsu, da kakara hiji!”
“Geuning ku irit!?”
“Lain irit, da nyieun mah geus ti
baréto mula, ngan jadina nya kakara ieu. Geu, kuring kawin téh méh dua puluh
tilu taun, kosongna méh tujuh belasan taun, ayeuna ieu budak umurna tujuh taun
jalan!”
“Mintul meureun!”
“Ah, duka teuing, sakieu gé
Alhamdulillah geus dipercaya boga budak!”
Ari budak nu diomongkeun mah
anteng wé ngahénggoy emih kocok.
“Geu, ari di dinya boga budak
sabaraha?”
“Wah, budak mah loba, ngan anu
bener mah ngan tilu, malah geus boga incu ti anu bungsu!”
“Geuning. Na aya budak nu teu
bener!”
“Lain budak teu bener, maksud téh
budak asuhan, nya sasieureun sabeunyeureun ngilu mantuan barudak jalanan sina
sarakola!”
“Euhh, mulya kacida atuh!”
Rada lila paheneng-heneng. Kuring
ngahénggoy emih kocok, sakali sakali mangnyusutkeun leungeun budak ku keretas tisu,
da leungeunna baseuh, atuh manéhna gé tonggoy kana mangkok emih kocok.
“Lang, ari éta buuk téh disemir,
asa angger baé siga kitu?!”
“Alhamdulillah, henteu, ieu mah
asli atuh, teu wanoh kana ngaran semir buuk!”
“Éta wé asa angger kénéh siga
baheula, da kuring gé apal téh éta pédah ningali modél buuk di dinya, moal poho
da kungsi nenget nenget ti palebah tukang!”
“Ari uing mah enyaan kalinglap,
Geu, ka di dinya téh. Mun seug di dinya teu nanya ti heula, kuring mah moal
apal, da éta geuning awak téh asa beuki mébér!”
Manéhna ngaheuheu seuri.
“Sakieu mah awak téh geus rada
ngorotan da opat taun kaliwat mah leuwih beurat, awak leuwih mébér. Awéwé mah
kakolotnakeun téh beuki beunghar. Beunghar ku beurat awak!”
Ngobrol di warung emih kocok téh
teu lila, da budak noélan baé ngajak balik. Sonona mah kacida jeung manéhna
téh. Sanggeus silih béré nomer télépon jeung alamat serélék (serat éléktronik,
émail téa), terus papisah. Manéhna ngadius kana taksi, ari kuring jeung budak
mah kana angkot wé.
Peutingna mukaan émail. Ari muka
émail ti peuting téh aya sababaraha maksud. Kahiji, ngoprék komputer teu
kaganggu ku budak. Kadua, sugan wé atuh bakal leuwih cepet da ari peuting mah
kapan ngaranna gé peuting euweuh deui batur nu maké. Katiluna, sugan wé mayar
téléponna rada murah.
Serélék téh ngaburudul loba
pisan, pangpangna mah ti milis urangsunda. Éta wé da bulan september 2003 mah
nepi ka opat rébuna sabulan téh. Jeungna deui aya serélék ti
panyeumpxxx@yahoo.com. Ké, ti saha nya? Sidik alamat anyar ieu mah, da teu boga
babaturan alamatna siga kitu. Barang dibuka horéng ti Sigeu.
Ku kuring ngahaja di-print,
dicitak sangkan tumaninah macana, komo mun bari lalangkarakan.
From : panyeumpxxx@yahoo.com
To : heuxxx@hotmail.com
Sent : 13 Okt 2003 22.43
Subject : Inget baheula.
Lang…, ilaing nyaho teu, nulis
ieu émail téh uing bari bulucun. Tadi, kira-kira jam dalapan peuting, uing
taranjang hareupeun eunteung satangtung. Buuk teu disisiran. Atuh beungeut gé
teu dipolés ku wedak. Éstu sahinasna. Uing neuteup awak sorangan.
Lir keur maca kajujuran, unggal
gurat dina awak mawa lacak tapak baheula, ti luhur tina unggal lambar buuk nepi
ka tungtung kuku indung suku. Bruh bréh laku lampah ti jaman keur budak nepi ka
ayeuna, lir pilem nu puter balik, aya nu gagancangan aya nu kacida launna, nepi
ka témbrés kalakuan ti bubuk leutikna nepi ka nu pangbadagna. Kalan-kalan uing
seuri, nyeungseurikeun kalakuan sorangan. Teuing seuri naon ngaranna, bisa jadi
seuri maur.
Lebah beuteung naha jadi
ngabendeléh kieu, ting berehil tapi lain sepir. Lebah pingping nu baheula luis
téh ayeuna mah geus ledis, geus euweuh tapakna, nu aya nampuyakna daging nu teu
puguh ujud.
Naha uing boga hak ngarasa éra
pédah awak siga kieu? Naha uing kudu ngéwa ka awak sorangan pédah ramijud? Dina
wujud idéntitas naon atuh ari uing?
Loba sora nu ngomong ti ditu ti
dieu, pajar uing begang, pajar uing gendut. Naha nu ditempo téh bet wujudna
wungkul? Naha pédah urang téh keur dikepung ku deudeuleuan dina télévisi,
koran, majalah, gambar sisi jalan, dina tas, dina dompét nu ngan ukur
némbongkeun awak, beungeut? Naha ngan éta anu pangsohéhna keur hiji idéntitas?
Jeung deui naha pédah uing awéwé, kalan-kalan aya nu ngan ukur ngadeukeutan
pédah uing awéwé, ngan ukur dijieun objék?
Meunang pan lamun uing
ngabandingkeun awak jeung mangsa baheula keur meujeuhna ngora (lain, lain uing
hayang ngora saumur-umur), keur jaman loba nu ngudag-ngudag boh jajaka boh
duda, malah aya nu pangkatna jéndral sagala? Uing wenang milih, nu jago karaté
awakna lempay ngalampanyat, atlétis, ngeusi, nu pendék béké tapi mobilna
weuteuh sadua-dua, nu kakara lulus kuliah, nu boga hotél, nu boga villa di
Puncak.
Teuing ku naon maranéhna
ngudag-ngudag, da uing mah tara tatanya, da sigana lamun bareng indit jeung
uing, maranéhna siga nu kacida bagjana, siga nu ngagandéng widadari meureun,
saha nu teu nyaho ka si Non sakota kabupatén mah, si Non nu harita boga Mercy,
awéwé geulis, ngora kénéh, suksés usaha.
Ningali awak dina eunteung, naha
nya maké jorojoy hayang dipoto, dipoto keur bulucun. Hayang ngabandingkeun jeung
awak jaman keur ngora. Hanjakal, teu boga poto jaman keur budak bari bulucun,
aya gé poto keur umur tilu taun teu maké baju, asana mah karék anggeus mandi
dipoto ku Bapa almarhum, éta gé bari gégéréwékan da embung mandi, dipaksa ku
Mamah, ari ku Bapa kalah hayoh dioconan. Kitu dongéng Mamah, da ari uing mah
tong boro inget, ningali potona gé teu béda wé jeung ningali poto séjénna jaman
keur leutik.
Ieu kulit beuteung, nu kungsi
luis, nu kungsi jadi paneuteup lalaki, waktu uing ngojay di Hotél tilu puluh
taun kaliwat, kulit beuteung nu ieu nu kungsi mendeyang reuneuh, kulit beuteung
nu ieu nu kungsi… salingkuh.
Lang, ilaing nyaho teu, waktu
uing nélépon ka ilaing, supaya ilaing datang ka Hotél, basa urang rék papisah
téa, naon pangna uing ngajak papanggih di Hotél, di kamar dua genep? Enya,
inget kénéh da ngahaja néangan kamar nomer dua genep téh ambéh sarua jeung umur
uing harita. Lanté 2 kamar nomer 6.
Ilaing keketrok kana panto, terus
uluk salam, “Assalamualaikum!” Uing harita hareugeueuen, naha kudu dijawab
atawa ngan ukur mukakeun panto. Uing nyaho lamun aya salam wajib dijawab, ngan
asana geus lila tara ngucapkeun salam siga kitu. Harita uing ukur mukakeun
panto.
Terus ilaing culang-cileung
néangan korsi keur diuk, nu terusna mah ilaing diuk dina kasur. Enya, kamar
hotél téh leutik. Aya éta gé korsi mah tapi harita dieusian ku tas uing, jeung
sababaraha buku, buku buku carita silat Cina.
Malah harita gé uing keur
ngeukeuweuk buku nu judulna Telaga Darah. Geuning ilaing nyéréngéh bari
ngomong, “Kahadé buku éta mah eusina
porno.”
Uing teu némbalan harita téh. Da
enya buku téh porno pas keur dibaca téh anu kituna pisan. Puguh wé rada éra,
terus buku téh dialungkeun. Asana, uing terus nyicikeun cai hérang kana gelas,
disodorkeun ka ilaing.
Lila ngobrol téh, méh nepi ka jam
dua welas peuting. Ilaing terus amitan. Sabenerna mah ku uing téh rék diajak
mondok, rék diajak saré sagebrug.
Teuing ku naon, uing gé da teu
nyaho, ujug-ujug jorojoy wé aya niat kitu. Teuing pédah uing geus lila
rarandaan. Dina haté uing téh rék méré kenangan ka ilaing atawa… teuing, ah,
uing gé teu ngarti.
Tapi niat kitu téh teu werat
diomongkeun, da ilaing hayoh wé ngajak ngobrol soal sajak jeung carita pondok
nu kungsi ku uing dibacakeun waktu siaran. Ari rék maké tingkah provokatif,
haté téh asa teu méréan, malah dina haté ngagerentes yén ilaing téh lalaki nu
teu surti kana kahayang awéwé.
Sanggeus ilaing mulang, uing
cunggelik sorangan. Maca buku jadi teu napsu. Harita uing ceurik. Henteu ari
ceurik gagauran mah, ukur rambay cimata. Ceurik pédah naon, uing gé teu nyaho,
ngan dina haté asa aya nu ngagerihan.
Serélék ti Sigeu mani ngagebay.
Ka béh handapna eusina loba ngadadarkeun pangalaman dirina. Dina panungtungan
serélékna manéhna nulis:
Uing téh ayeuna geus loba incu.
Ti nu bungsu kakara borojol minggu kamari, awéwé, lucu geulis. Orok beureum
kénéh, roroésan jeung ceurik. Uing gé tangtu kungsi kitu, kungsi jadi orok
beureum.
Lang, sabebenerna mah anak jeung
incu téh kabéh gé anak téré, jeung incu téré, da uing mah teu kungsi boga budak.
Kabéh gé anak Si Jéndral almarhum, ngan pédah ku uing budakna kabéh diurus,
lantaran indungna meunang musibat waktu
ngalahirkeun anu bungsu.
Geus, ah, uing geus tunduh, rék
saré heula. Sono euy hayang ngobrol deui siga baheula.
Ka subuhnakeun kuring nulis émail
jawaban keur Sigeu :
To : panyeumpxxx@yahoo.com
From : heuxxx@hotmail.com
Sent : 13 Okt 2003 22.43
Subject : Re:Inget baheula.
Geu, geus dikonci pantona?
Alusna mah saméméh bulucun téh
dikonci heula pantona, bisi ujug ujug aya ucing jalu asup. Kapan matak barabé
akibatna. Ucing jalu téa sok kumahkar. Aéh, nu kumahkar mah hayam rék ngéndog
nya. Ucing jalu mah bisi ngarontok, nyakar. Kapan aya sayang beurit lin?!.
(heureuy ah…)
Mun teu salah aya nu kungsi nulis
majarkeun “awak téh panjara”. Teuing panjara naon. Aya deuih nu nyebutkeun yén
awak téh mesin hasrat jeung aya deuih nu nyebut diri……baé lah uing mah moal
pipilueun, ah, kana palebah awak mah. Uing gé ayeuna kieu buktina, teuing boga
awak téh naha goréng naha alus, nu leuwih penting mah asal séhat, kapan ceuk
paribasa gé banda tatalang raga, raga tatalang nyawa.
Geu, nyaho teu (nurutan di
dinya), saméméh nulis ieu serélék téh uing ngambah heula dina internét, néangan
gambar awéwé nu umurna lima puluh genep taun bari.…bulucun…! Na ari burudul téh
geuning loba pisan nya. Malah aya nu umurna geus dalapan puluh taun sagala.
Ambuing éta sayang beurit dina kélékna…geus huisan!
Kabina-bina nya, bet aya nu daék
némbongkeun awak bari bulucun dina umur anu sakitu geus cueutna. Enyaan dina
internét mah sagala gé aya, abong kéna disebut dunya maya, dunya virtual, dunya
kabébasan. Anu alus saalus-alusna aya, nu goréng sagoréng-goréngna gé aya.
(Hampura, Geu, nya uing geus
nyipta-nyipta awak di dinya. Ah, teu jauh ti modél nu ieu lah hé hé. Aya
huisan. Uing nelek-nelek gambar hiji awéwé nu geus kolot tur keur bulucun!!)
Saméméh poé kamari, uing
sakapeung sok ngawawaas jaman baheula. Nu kaimpleng téh, hih, angger wé di
dinya téh awéwé geulis, ngora, lincah jeung pinter. Implengan téh kakara robah
poé kamari saprak panggih téa. Enya, asa ngagebeg geuning. Geus kolot nya umur
téh. Urang teu panggih téh aya kana tilu puluh taunna. Lain waktu nu sakeudeung
tah. Urang geus jadi aki-aki jeung nini-nini. (Geu, ari incu nyebutna naon?
Nini, Ené, Éyang atawa Oma? Ah, ma enya nyebut Oma, kapan Oma mah tina basa
Walanda lin?)
Uing mah bulucun téh lamun keur
mandi wé. Éta gé tara nelek-nelek awak sorangan. Gebrus wé mandi, lantaran
lamun ditelek-telek sok manggih nu matak kukurayeun (moal dijéntrékeun naon nu
matak kukurayeun téh bisi disebut buntut Oa.)
Geus, ah, lila-lila mah bisi jadi
cawokah. Sarua sono, Geu!
Si Belang téa.
Ti harita, pleng teu nampa deui
serélék ti manéhna.
1972
Unggal malem Saptu, bari lalangkarakan
di tempat indekos, bari ngareureuhkeun kacapé, sok mindeng ngadéngékeun radio.
Sok ngahaja néangan sora penyiar awéwé. Nya manggih sora awéwé. Harita téh keur
maca sajak. Sanggeus bérés macana terus ngagalantang nyaritakeun eusina éta
sajak. Sajakna lolobana sajak rumaja nu idek liher dina dunya cinta.
Hiji waktu kuring ngawanikeun
manéh nélépon ka penyiarna, nyaritakeun sajak nu kungsi dibacakeun ku manéhna.
Nélépon téh lain waktu manéhna keur ngajomantara. Nélépon kitu wé. Atuh
sakalian kuring ngawanohkeun diri bari nyebutkeun hayang panggih, hayang
kenalan.
Nya ti harita kuring wawawuhan
jeung manéhna. Kuring nanya, saha ngaranna nu sabenerna. Manéhna téh teu
ngajawab kalawan sacéréwéléna. Atuh kuring gé teu méré ngaran nu sabenerna.
Lantaran mimiti panggih téh kuring maké kaos belang, manéhna ngalandi kuring Si
Belang. Teuing meureun asa kurang merenah tungtungna, lamun ngageroan téh sok
nyebut Silang. Atuh kuring ngalandi manéhna Si Geulis, nu sok terus disebut
Sigeu.
Geulis, enya da geulis atuh manéhna
téh. Geura wé awak jangkung, ukur béda tilu sénti ti kuring gé. Ngeusi, begang
henteu, montok henteu. Donto meureun babasaanana mah. Ari beuebeungeutan rada
siga béntang pilem, saha nya poho deui ngaranna. Ngan ieu mah beungeut Sunda.
Geulis Sunda.
Mun aya nu nyebut Silang ka
kuring pasti manéhna. Kitu deui lamun aya nu nyebut Sigeu ka manéhna bisa
dipastikeun kuring.
Dina ngabasakeun téh sok teu
puguh sakapeung kuring, uing, di dinya, ilaing kalan-kalan ana jeung énté. Sok
sanajan umur kuring leuwih ngora, manéhna teu nganggap dirina leuwih kolot tur
kudu dihormat. Umur kuring 23 taun, ari manéhna geus nincak 26 taun.
Lila wawawuhan téh, sataun
leuwih.
Papisah sotéh pédah kuring kudu
miang ka luar Jawa, pindah dines. Nya peuting harita kuring nepungan manéhna di
kamar 26 di hiji hotél téh. Keur kenang-kenangan, manéhna méré pulpén. Ceuk
manéhna, “Mun nulis surat keur uing kudu maké pulpen ieu. Ieu pulpén mangsina
boga ciri husus, béda ti nu séjénna. Nu nyaho cirina ngan uing. Mun teu maké
pulpen ieu mah uing moal ngabales.”
Kangaranan pulpén, kakara gé
sababaraha poé geus leungit. Teuing ka mana. Atuh kuring nulis surat ka manéhna
maké pulpén séjén. Enyaan lebeng euweuh balesan.
2004
Kuring narima deui serélék ti
manéhna. Eusina teu panjang: “Lang, uing rék jarah, rék munggah haji, du’akeun
nya. Hampura bisi aya dosa, boh nu karasa boh nu teu karasa. Ari énté geus ka
haji? Mun encan mah sok wé kukumpul keur ongksona ti ayeuna. Aéh, uing gé
ongkosna lain meunang kukumpul, tapi paméré ti anak téré nu panggedéna.”
Kuring maca serélékna téh
sababaraha balikan. Dina haté ngucap sukur jeung ngadu’akeun sangkan inyana
salamet, jeung jadi hajjah anu mabrurroh.
Teuing, tah, lamun geus balik ti
Mekah, naha maké tiung wungkul atawa ganti jadi maké jilbab, atawa naha bakal
eureun buukna maké semir.
Serélék ti manéhna ku kuring teu
dibales. Angkanan téh engké wé satutas manéhna munggah haji rék manggihan, rék
didatangan, bari jeung rék aya nu ditanyakeun sabab dina serélékna nyebutkeun
kungsi ngandeg, tapi dina serélék éta kénéh nyebutkeun teu boga budak.***
Ciléngkrang, Désémber 2004
Tidak ada komentar:
Posting Komentar