Ku Darpan Ariawinamngun
Jeung saenyana lurah hasil nyundutan urang
lembur. Poè èta Mang Ursin ninggalkeun heula paculeun. Ki Sarja mèrènan heula
anyameun. Kang Sabri nutup heula warung. Mang Sarip ngahaja teu ngurilingkeun
dagangan. Mèh kabèh lalaki urang lembur ngabring rèk ngadongdon kantor kacamatan.
Mapay-mapay totoang siga keur ngajajapkeun pangantèn, jiga nu rèk seserahan.
Pucuk ti girangna mah: listrik!
Dèsa Karangsaga kaliwat teu kabagèan listrik.
Padahal lembur bèh girang jeung hilireunana mah geus raang. Nu jadi ambek urang
lembur, naha atuh ukur kabelna wungkul nu ngaliwat ka luhureun dèsa tèh.
“Piraku urang teu ngarasa diteungteuinganan?”
ceuk Lurah, “Lain kuring kurang usaha, inget! Tapi camat anyar jiga sentimèn ka
dèsa urang!” pokna deui basa rapat LKMD. “Mèmèh nepi ka dèsa hilir gè, kuduna
mah kapan ka urang heula. Camat anyar jeung oknum PLN jiga ada main!”
Lurah awong-awongan. Jeung enyana, urang
Karangsaga kakoèt ambekna.
Bari abring-abringan maranèhna padungdengan.
“Kumaha engkè pokpokanana ka Camat?” ceuk
salahsaurang.
“Mènta kaadilan wè kituh!”
“Urang sebut, Camat teu gableg cedo!”
“Ah, kasar teuing ari kitu mah.”
“Har, naha urang ayeuna rèk popoyongkodan
kitu?”
“Ari rèk kitu mah ku saurang gè mahi!”
Sarèrèa unggut-unggutan nyaluyuan.
“Maksud tèh sing wajar wè.”
“Nu wajar-wajar mah kapan enggeus ku Lurah.
Urang mah kapan rèk ngalakonan nu teu wajarna.”
Sarèrèa unggut-unggutan deui.
“Moal kumaha onam kitu lamun Camat ambek?”
“Nya urang pagedè-gedè ambek wè atuh!”
Sarèrèa leuwih rosa unggut-unggutanana.
Jalan nu diliwatan, jalan dèsa nu can diaspal.
Sisi-sisina sawah makplak garapeun. Manjing usum porèkat, tapi teu jadi bahan
obrolan nu abring-abringan. Tukang endul ukur wasa ngajanteng di tengah jalan
basa nu abring-abringan ngaliwatan dirina. Motor nu ngaliwat gè maksakeun nyisi
heula.
“Kè, saha nu apal ka Camat anyar?” cèuk
salahsaurang deui.
“Mun geus tepung mah engkè gè meureun ngaku
sorangan.”
“Bisi wè kasamaran.”
“Saha atuh engkè nu pangheulana rèk nyarita?”
“Mending ti nu ngora heula. Jang Anèn wè tah
nu ngamimitian mah!”
“Ah, ti kolot heula alusna mah,” ceuk nu
ditunjuk.
“Kumaha mun Mang Ursin?”
“Is, ulah Emang atuh. Ti iraha Emang bisa
nyarita jeung Camat. Nu bedas tanagana wè heula, ti nu ngora,” Mang Ursin
kèkèpèhan. Sarèrèa silih rèrèt.
“Kieu atuh. Kumaha mun babarengan. Langsung
cocorowokan.”
“Tah enya, mending kitu!” ceuk sarèrèa mèh
bareng.
Urang lembur beuki gancang leumpangna.
Barang srog ka hareupeun kantor kacamatan,
kasampak simpè. Sarèrèa silih pelong bari nyusutan kèsang, sanggeus leumpang
jauh abring-abringan.
“Anèn komandoan!” salahsaurang ngaharèwos.
Anèn luak-lieuk heula, “Ngomandoan naon?”
pokna.
“Ngomandoan ngagorowok, belegug! Pokona sagala
rupa nu kudu dikomandoan, komandoan ku manèh.”
“Naon nu rèk digorowokkeunana?” Anèn masih
kerung.
Sarèrèa silihpelong deui. Salahsaurang mèrè
bongbolongan, “Kieu wè atuh: Camaaaat, kaluaaar! Kituh!
Sarèrèa nyatujuan.
“Hijji… du…”
“ulah gancang teuing, nèn! Bisi teu bareng.
Kumaha kèh nu ngagorowok ti heula nu katempuhan?”
“Ah, loba teuing aturan. Geura sok-sok ka
dinya Nèn!”
Anèn malikan deui, “Hiji… dua…tiluu!”
Lir keur kampanyeu. Bari ngacung-ngacungkeun
peureup tingjorowok nitah Camat kaluar. Tukang bèca nu keur nambangan ngadadak
ngeureunkeun heula bècana. Si Ayu nu keur ngaladangan jajamu ngahajakeun
tunga-tengo heula. Barudak SD nu karèk baralik ti sakola tinglaliud
nyalampeurkeun, ngadarangong na tèmbok bèntèng.
“Camaaaaatt… kaluaaaaarrr!! Kaluaaaarr
Camaaaaat!”
Karyawan kacamatan jul-jol kalaluar. Tapi
sanggeus ningali nu tingjorowok mah tingrarengkog deui. Jiga nu sadar,
yèn jelas-jelas nu daratang tèh lain nu rèk nguruskeun KTP. Heuleut ti harita
karèk waranieun deui nyalampeurkeun nu tinggorowok bari pacekel-cekel leungeun.
Pa Sekwilmat ngawakilan nyarita, “Tenang,
tenang! Cenah, “Kè, aya naon para sadèrèk?”
“Bapa tèh Camat?” ceuk salah saurang.
“Lain kuring mah!”
“Euh, lain Camat mah ulah pipilueun atuh.
Kuring mah butuh ka Camat.”
Sèkwilmat kerung, pokna, “Keur eweuh Pa Camat
mah.”
“Ah, wadul. Sok daèk naon?”
Sekwilmat rurat-rèrèt heula ka stap sèjèn.
Geus kitu pokna, “Daèk… medu! Euweuh Pa Camat mah!”
“Anakna atuh?” ceuk Usèn nu sapopoèna kuli
macul.
“His, rèk naon mamawa anak Camat?” Nu
gigireunana ngagebès.
“Enggeus kudu ka saha deui?”
“Aya ku belegug ari manèh.”
Sèkwilmat mariksa deui, “Sakali deui rèk naon
para sadèrèk tèh?”
“Rèk ka Camat! Mani teu cukup ku sakali.”
“Sugan bisa diwakilan ku kuring?”
“Is teu bisa! Ceuk Lurah gè nu ada main mah
Camat!”
“Ada main?” Sèkwilmat mah kerung.
“Camaaaaat… kaluaaarr!” salahsaurang
ngagorowok deui. Dituturkeun ku nu sèjèn, bari nyedek rèk asup ka jero kantor.
Sèkwilmat jeung stap nu sèjèn undur-unduran. Tapi nu nyedek beuki ngangsreg.
Antukna stap kacamatan tèh barirat lalumpatan.
“Camaaat… kaluaaar!”
Dor! Kadèngè sada nu ngabeledug. Nu
cocorowokan ngadadak simpè. “Saha nu ulin pepetasan euy?” salahsaurang nanya.
“Pepetasan atawa pèstol?”
“Pèstol?” sarèrèa tingcuringhak.
Anèn teu kaburu ngomandoan, urang lembur
kaburu buriak kabur katawuran! Tingberetek satujuanana sèwang-sewangan.
“Jangan lariii!” aya nu ngagorowok. Anèn
ngalieuk, “Pulisiiii….! Bari jicir leuwih kenceng.
Dor!
Mang Ursin bèak tanaga, bru nyempod di juru
imah batur bari rènghap ranjug. Ngan teu lila jol nu disaragam. Dada Mang Ursin
asa ditotog halu. Tapi pulisi hareupeunana kalah ka melong
“Geuning Kang Ursin,” ceuk pulisi.
Sakedapan Mang Ursin ukur matasimeuteun.
Sanggeus teges karèk bisa nyarita, “Leuh geuning manèh Kamsir. Ti iraha jadi
pulisi?”
“Ssstt, Banpol kuring mah! Cenah bari
luak-lieuk, Naha Akang pipilueun ka nu kieu?”
“Hih, èra atuh teu milu mah.”
“Ngarah teu kanyahoan ku pulisi enyaan, ayeuna
mah lumpat wè atuh sing jauh, singtarik!” ceuk Kamsir.
“Is nanaon tèh. Kumaha mun kanyahoan di tengah
jalan? Tiwas Akang”
Kamsir ngahuleng. “Atuh kumaha lamun urang
ucing-ucingan. Kuring pura-pura ngudag Akang. Mun geus euweuh sasaha,
Akang gancang balik.”
“Nya teu nanaon ari kitu mah.”
Becir Mang Ursin lumpat deui, deregdeg diudag
ku Kamsir. Ngan teu lila aya pulisi sèjèn nu milu ngudag. Gorowok Kamsir
megatan, “Keun…keun ieu mah kuring nu nyerek. Udag wè nu sèjèn!” Pulisi nu milu
ngudag nurut. Beretek mèngkol ka nu sèjèn.
Di kebon sampeu tugtung lembur, sanggeus jauh
ti kantor kacamatan, Mang Ursin ngudupruk kacapèan. Teu lila Kamsir nyusul.
Duanana rènghap ranjug. Sanggeus sababaraha heuleutan, Kamsir nanya, “Aya naon
tadi tèh? Siga rèk ngajakan perang.”
“Puguh rèk nèangan Camat.”
“Har, piraku teu tepung jeung Camat? Kapan
tadi tèh katingalina mah ka Karangsaga-keun kana motor. Ceuk dunungan kuring
mah rèk ngajakan Lurah Karangsaga ka kantor PLN.”
Mang Ursin colohok, “Rèk naon Camat jeung
Lurah ka kantor PLN?”
“Kapan nguruskeun listrik dèsa Karangsaga!”
“Naha? Ku naon atuh lurah ambek-ambekan?”
“Lurah?” ceuk Kamsir ditungtungan ku nyikikik.
“Kamari gè Lurah ambek-ambekan ka komandan
kuring. Pèdah Camat anyar jiga ada main jeung pamajikan ngorana.”
Mang Ursin teu bisaeun milu seuri cara Kamsir.
Pok Kamsir nyarita deui, “Jung geura balik,
Kang. Bisi urang disangka ada main!”***
Tina Nu Harayang Dihargaan, Karya
Darpan Ariawinangun
Tidak ada komentar:
Posting Komentar