Aya maung, keur ngalungsar baé handapeun
kiara, geus teu bisa walakaya, tina kakolotan jeung gering ripuh deuih.
Beurang peuting gawéna nga humaregung,
kahujanan kapanasan téh teu bisa ingkah. Atuh da sumawonna kaduga pindah, geus
teu kuateun usik-usik acan. Ayeuna ngan empés-empés waé, sahoseun téh éstu lain
bobohongan.
Tadina mah sato-sato nu séjén téh mani gigis
sarieuneun, euweuh nu wani deukeut-deukeut acan ngadéngé gaur maung téh. Tapi
barang geus kanyarahoan mah, yén éta maung keur sakarat, rob waé padangaronom,
padanarempo, malah padanalokéran sagala.
“Euleuh kutan kitu cucungik nu sok nekuk batur
aing téh! Cik pék aing udag deuleu!” Omong peucang ditompokeun kana ceuli
maung, bari keletrak tarang maung ditéké.
“Hayoh siah, ari wani mah urang jogol jeung
aing, montong maké pepeleyéan!” ceuk munding, bari jekuk waé digadil ku
tandukna.
Rupa-rupa tingkahna sasatoan téh, pada-pada
hayang mulangkeun kanyeri, hayang némbongkeun kaceuceub ka musuhna nu geus teu
daya teu upaya. Ngan sakadang kuda anu ngahuleng baé téh. Teu lémék téu nyarék.
Gawéna ngan gogodegbaé ti kaanggangan.
“Na Sakadang Kuda ngan dikir waé, mun jeplak
waé ka dinya, sépak tah lebah iga burungna! Na teu inget baréto anak sampéan
dikerekeb ku ieu mangkluk?” ceuk peucang.
Kuda maléngos bari cumalimba, “Kadongdora wani
ogé ka nu geus taya dayana. Muga aing mah jeung saturunan aing ulah dipaparin
tékad hayang nganiaya ka nu lian. Sumawonna ka nu taya tangan pangawasa geusan
ngalawan mah!”
Tina Pangajaran Sastra Sunda,
Karya Drs. Budi Rahayu Tamsyah.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar