Selasa, 03 April 2012

Aya Carita di Terminal


Ku Dian Ratnaningsih

Ti sanggeus narima beja yen indung gering, kuring teu genah hate. Sabenerna mah mun harita bisa hiber jigana geus hayang ngawang-ngawang ngabelesat ka lembur tapi dalah dikumaha kaayaan teu merean. Komo kitu harita di sakola keur meujeuhna loba pagawean, katambah deuih Si Cikal keur ngahareupan USBN, asa teu tega ninggalkeunana oge.

"Kumaha, Bu janten teu ka lembur teh?" cek salaki, bari melong ka kuring.
"Kumaha tauh, Pa...?" walon teh, ret ka salaki bangun anu hayang manggih kakuatan.
"Har ari Ibu, sok araraneh atuh, kieu bae cek Bapa mah jig bae Ibu jeung Eneng ka lembur keun Aa mah dihareupan ku Bapa, pan poe saptu kabeneran saur Ibu teu aya jam ngajar, jadi ka lembur teh bisa jumaah pabeubeurang ngadagoan Eneng ti sakola, kumaha...?" tembal salaki, kawas nu apal kana kaayaan hate kuring harita.

Sakedapan kuring ngahuleng, kawas nu nimbang-nimbang pamadegan salaki, "Leres atuh kitu bae, pami Bapa ngawidian mah."

"Nya pek geura beberes pakean Eneng anu kira-kira diperlukeun mah, tong poho bawaeun keur ka Mamih, lah ketang eta mah leuwih apal Ibu." Tembalna, bari leos bae manehna mah ka luar.

Peutingna kuring beberes keur bawaeun ka lembur pangpangna mah baju budak keur salin da di lembur teh kira-kira rek dua peutingeun. Teu pati loba babawaan teh, ukur kantong baju jeung dus nu eusina gorengan katambah apel beureum eta oge ukur sakilo satengah keur Mimih pedah cenah diabetes, kuring kungsi maca apel beureum bisa jadi ubar keur panyakit diabet. Ketang ari Mimih mah tara ieuh ngarep-ngarep babawaan tapi ku geus bisa panggihna oge sok katingali marahmay, komo kitu apan kanyaah kolot mah asa moal bisa kagantian komo ukur ku sakilo satengah apel mah.

"Naon deui babawaan teh, Bu?" cek salaki, bari gog nagog hareupeun kuring nu keur nutupkeun seleting kantong.
"Ah, mung sakieu." tembal teh bari cengkat.
"Keun ku Bapa urang talian dusna, cikan Aa pangnyandakkeun rapia dina laci meja tukang!" cek salaki, bari ngareret ka Si Cikal nu keur lalangkarakan bari maca buku.
"Mah, engke pami sareng Ua Oni salam tempel kanggo Aa kitu," ceuk Si Cikal bari song ngasongkeun rapia ka bapana.
"Moal ah, moal diwartoskeun ka Uana oge yey," tembal Si Bungsu, mari terus nyumput tukangeun kuring.
"Ih..., Eneng mah licik, apan Aa mah moal ngiring, muhun lah engke ku Mamah diwartoskeun ka Ua Oni." tembal teh.

Barudak jarempe, tapi keukeuh bae masih keneh silih jebian.

Bada jumaah nu geus dibadamikeun, kuring jeung Si Bungsu geus anjeucleu dina beus DAMRI jurusan Bandung-Kuningan. Alhamdulillah teu pati lila ngetemna, ukur dua puluh menitan oge geus ka luar ti terminal, ongkoh geus pinuh penumpangna oge. Poe nu kacida panasna teu matak pugag lalampahan wuwuhan dina beus teh genaheun teu karasa hareudang, eta bae kakara tepi ka Jatinangor Si Bungsu mah geus kerek sirahna ngagoloyoh na lahunan kuring ari sukuna ngalonjor. Sigana mah budak teh capeeun balik sakola langsung dahar terus mangkat deui, asa diayun-ayun sigana teh.

Lila-lila mah kuring oge lelenggutan sakadang pitunduheun mimiti tingkuniang, ngan bae asa teu tenang rek reup teh malaur budak tigejut kana beusi tatahanan korsi. Antukna mata teh dibelel-belelkeun sina tetep molotot, untung tadi Si Bungsu mekel sukro, lumayan tamba nungdutan.

Lebah jalan cagak Majalengka-Cirebon mobil teh eureun sabab aya sababaraha pulisi anu keur ngawal lajuna rombongan bupati jeung stafna, apanan teu beunang aya nu ngahalangan estuning jalan teh kudu ngabulungbung. Teu wudu lila oge nungguan teh.

"Mah, tos dugi?" cek budak anu harita kakara nyaring, sigana mah kagandengan ku serine.
"Teu acan, tebih keneh." walon teh bari ngusap tarang budak nu renung ku kesang.
"Macet, Mah...?" kituna teh bari nangtung na jok terus nempoan jalan.
"Eneng lapar...?" kuring neuteup budak nu keur nangtung.
"Muhun, hoyong roti ah...," tembalna bari ngalieuk ka kuring. Kuring gura-giru muka kantong terus nyokot roti, song dibikeun ka budak.

Teu lila ti harita beus teh geleser deui maju mimitina mah lalaunan terus ngagancangan. Kuring ngareret kana jam nu aya hareupeun supir euleuh geus satengah tilu, mudah-mudahan teu sore teuing nepi ka terminal Cirendang teh, sabab ti dinya kudu naek angkot deui anu ka jurusan jalan Pramuka.

"Bu, Angsulanana nu tadi, mana karcisna?" cek kenek.
"Mangga, ieu..." walon kuring bari song mikeun karcis. Tadi teu kaburu di pulangan lantaran can aya receh.

Jatiwangi jeung Bongas geus liwat, kitu deui Kedawung jeung Plered. Beus teh teu liwat terminal Cirebon tapi laju ka jalan tol, lumayan rada gancang tepina ka daerah beber teh. Ti dinya nyemprung ka terminal Cirendang.

Jam satengah genep kuring tepi ka Cirendang jrut turun, tapi teu gancang naek angkot sabab Si Bungsu hayang ka cai heula. Harita di terminal geus rada sepi maklum kudu dibawa asup da moal lila ieuh. Gusti dasar keur tiis diri barang ka luar ti WC geuning geus euweuh dus teh, sakedapan kuring olohok terus kokotetengan neangan dus bisi poho neundeun tapi sisid hareupeun panto.

"Punten Bapa manawi ningali dus di dieu?" cek kuring ka saurang lalaki anu keur nagog teu pati jauh ti WC.
"Henteu, Ibu nuduh ka kuring...?" tembalna tipupuncereng.
"Eh, aduh ampun paralun teuing teu maksad kitu, nanging...," teu kebat kuring teh rada ngarengkor ningali pangawakan anu gede tur perenges sarta sorot panonna anu beureum bangun nu keur teler. Hate beuki ratug basa manehna ngadeukeutan bari melong, Si Bungsu tipepereket nyumput tukangeun kuring, tapi kuring nyoba neger-neger maneh sangkan tong kaciri sieun ku manehna.
"Punten atuh, Pa." cek kuring.
"Aya naon ieu, Gani...?" cek hiji sora ti tukangeun kuring. Barang direret teh, "Komara... ieu teh Komara... leres Komara...?" cek kuring melong eta lalaki.

Nu dipelong sakedapan ngahuleng, terus neuteup kuring bangun nyidik-nyidik. Ret ka luhur ret deui ka handap terus nyureng "Ke...ke...saha tea nya...Asih...bener...Asih...Kinasih," walonna semu nu asa-asa.

"Leres Kinasih, aduh Komara... ieu teh?" kuring ngayakinkeun.

Najan ayeuna geus aya nu robah tapi kuring teu kapalingan ku sorot panonna, sorot panon anu seukeut tapi kiwari bangun anu ngemu hiji rusiah.

Manehna unggeuk terus melong ka Si Bungsu, aya cimata nu meh rag-rag, gog nagog panonna terus neuteup Si Bungsu. Budak beuki murungkut lantaran teu kenaleun, ret ka kuring rada tanggah.

"Asih, ieu saha? Pastina batina jeung Heri nya...?" walonna, bari noel pipi Si Bungsu.
"His..., lain jeung Heri eta mah masa lalu atuh, ke...ke asa teu pantes ngobrol hareupeun WC..." cek kuring.
"Aeh kelanan, ari tadi ku naon bet parea-rea omong jeung Gani?" ceuk Komara, bari nunjuk ka Gani.
"Nya eta kurang ajar Si Ibu bet nuduh ka kuring maok dus babawaanana pedah kuring aya di deukeut panto WC." tembal Gani poporongos.
"Bener kitu, Sih...?" tembal Komara ngareret ka kuring.
"Ah, teu nuduh ngan naroskeun." cek kuring.

Sakedapan Komara ngahuleng terus metot leungeun Gani dibawa rada anggang ti kuring, teuing ngomong naon da teu pati jelas gandeng ku sora mobil, ngan nu kaciri ku kuring mah. Komara bangun nu ambek, teu lila Gani ngaleos.

"Kumaha atuh Sih, dus tea... oleh-oleh sigana mah." ceuk Komara.
"Lah...lain milik meureun, Komara kenal jeung lalaki tadi?" tembal teh, bari melong ka nu ngaleos.
"Oh, kenah...kenal..., biasa jalma keur mabok sigana mah, aeh Sih... cenah di Bandung nya, ka urang mana atuh ari lain jeung Heri mah?" cek Komara.
"Muhun di Bandung, ari bapana budak mah urang Ciamis, panggih harita keur kuliah bae, tapi lain ti UPI baheula mah IKIP ketang, kumaha wartosna Nanih, Mar?" tembal kuring.

Nu ditanya ukur mesem bari ngulinkeun roko.

"Nanih, Nanih mah damang, sabaraha taun nya teu pendak, terahir basa reuni di Palutungan taun 1993, Asih mah tos senang nya... ari Komara kieu bae... geuning," kituna teh bari luk tungkul nyumputkeun paromanna.

Komara teh sobat kuring keur di SMA. Ketang lain ukur Komara tapi aya limaan nyaeta Sri, Nanang, Lasmi, jeung Heri. Lulus ti SMA taun 1990 kuring jeung Sri mah neruskeun ka IKIP, Nanang mah ka UNDIP, ari Heri manehna mah milu test ka bintara terus ayeuna tugasna di Surabaya. Lasmi neruskeun di Jakarta ka sakola perawat, sedengkeun Komara harita teh milu UMPTN ka UNPAD ngan teu lulus, lain pedah teu mampuh nu puguh mah can keuna kana milikna lantaran di antara nu limaan Komara teh pangpinterna. Ti kelas hiji nepi ka lulusna kaasup siswa pinunjul. Ti harita kuring jeung ki sobat nu tilu teh ukur bisa silih suratan. Ari jeung Sri mah mindeng panggih lantaran sa-Fakultas ukur beda jurusan, kuring di Basa Sunda manehna di Basa Inggris.

Taun 1993 kuring, Sri, Nanang, Lasmi, jeung Komara ngayakeun reunian, tapi Heri mah teu bisa datang sabab katalian ku dines. Harita kuring kakara apal yen Komara teh diteruskeun di STAIN Cirebon malah nya harita pisan panggih jeung Nanih teh. Reuni di Palutungan kacida gumbirana silih tukeur pamanggih bari silih guar pangalaman, ti harita pleng bae teu aya beja teu aya carita ngeunaan Komara mah duka ka mana, surat-surat ti kuring oge tara dibales. Unggal kuring balik ka Kuningan beja ngeunaan Komara lebeng teu kapanggih. Panggih deui teh meureun ayeuna di terminal, tapi tangtungan Komara bet beda kacida. Papakean nu kucel pangaliwota jeung tato na awakna, bet jauh tina tangtungan Komara bentang kelas sobat kuring, harita hate kuring kebek ku rupaning panasaran ngan hanjakal poe geus reup-reupan.

"Aduh... tos sonten geuning Mar, sono...sono kacida Asih teh." cek kuring bari ngasongkeun leungeun ka manehna. Komara ukur neuteup kuring.
"Sih, ayeuna ka bumi Mimih?" tembalna, bari ngusapan buuk Si bungsu nu harita diuk gigireun kuring.
"Muhun... aya keneh angkot kitu, Mar?" walon kuring lantaran harita geus reup-reupan.
"Aya, ke urang megatna beh ditu bae, lantaran sok langsung tara ngetem heula mun tos sonten mah," Tembalna bari nunjuk ka beh wetan. Kuring nuturkeun Komara, teu lila jol angkot jurusan Pramuka.
"Hey..., geuning maneh Kom, jeung saha euy, asa karek panggih sayah mah... kenalkeun atuh, nu anyar...?" cek supir angkot bari ngareret ka kuring.
"Geus tong loba omong, barina oge tong sangeunahna nyarita teh, cicing teu apal mah bisi jadi pidorakaeun." tembal Komara bari semu nu kaeraan.

Kuring ukur seuri, tapi hate mah keukeuh kebek ku kapanasaran ningali polah Komara harita.

"Sih, sok geura naek tos magrib." cek Komara.

Kuring jeung Si Bungsu diuk di hareup, lantaran di tukang geus rada pinuh, jeungna deui meh tenang teu pasesedek.

"Rud, titipnya nepi ka pengkolan Sarmadi rek terus ka Sidapurna," tembal Komara bari seuri, song manehna ngasongkeun leungeun ka kuring, "Sih, tong dipikiran dus mah sugan aya milik engke dianteurkeun ku Komara," Cek manehna.
"Keun bae Mar, nuhun nya... mun aya waktu ka Sidapurna atuh apal keneh lain, ka bumi Mimih, sono hoyong ngobrol sakantenan sareng Nanih ajakan geura teu burung rame sigana teh" cek kuring.

Komara ukur mesem, paromanna semu nu alum, sareretan aya cimata nu nyalangkrung dina juru panonna, teu pati sidik lantaran manehna kaburu ngabalieur.

Geus kitu mah geleser angkot teh maju.

Hawa kota Kuningan mimiti karasa nyecep wantu harita geus magrib, najan kitu nyecepna kota Kuningan karasa seger beda jeung nyecepna kota Bandung nu geus beurateun ku haseup kandaraan.

"Punten Bu, tepang sareng Komara?" cek supir semu nu asa-asa.

Sakedapan kuring melong ka supir, kunaon bet tumanya kitu, "Muhun aya naon kitu, Kang?"

"Rerencangan atanapi calon...." cek supir, teu kebat.
"Calon..., calon naon Kang, abdi sareng Komara teh rerencangan nuju di SMA." walon teh, bari seuri.
"Oh, manawi teh calon istrina." tembal supir.
"Har, apanan Komara mah tos nikah sareng Nanih sakaterang abdi mah," kapanasaran kuring beuki nambahan.
"Eh..., manawi teh Ibu terang, apan Nanih mah parantos maot opat taun ka pengker, waktos aya kahuruan di Pasar Baru tea...."
"Ke...ke...ke...leres eta teh Kang, Innalillahiwainnaillaihi rojiun?" karewas, kasedih, kapanasaran nyelek na angen.
"Muhun Bu," tembal supir, bari ngalieuk ka kuring.
"Ke..., pami teu lepat mah kapungkur Komara teh damel di Pemda bagian naon nya hilap deui, tapi geuning tadi...." kuring teu kebat kalah ka melong supir.
"Muhun, nyaeta ti barang Nanih maot tea, Komara janten stres kenging sataun teu tiasa diajak nyariosna oge, damang-damang soteh saentos tatamba ka Jawa Timur, ka Pasantren naon lah...," cek supir, bangun nu apal pisan ka Komara teh.
"Sakedap, pami Akang rerencanganana?" cek kuring.
"Abdi mah tatanggana pisan, malah nya rerencangan nuju di SD mula." kitu cek Supir teh.

Leng, kuring ngahuleng rasa nu teu percaya pagaliwota jeung kanyataan anu tadi katingali jeung kadenge.

"Kang pami putrana sareng saha atuh, ayeuna?" cek kuring.
"Putra saha?" supir teh bet malik nanya.
"Muhun putra Komara?" Walon teh.
"Har..., apanan sami maot, harita teh Arif sareng Nanih nuju di kios waktos aya kahuruan tea, duanana teu kabujeng disalametkeun." tembal supir.

Ya Alloh kutan kitu carita hirup Komara.

***

Karang Pasundan V, Pebruari 2009

Tidak ada komentar:

Posting Komentar