Ku Juni Effendi
Padahal mah dina resepsi harita teh,
urang teu kedah tepang sakantenan. Enya, padahal harita teh deuih salira ulah
neuteup cara kitu bari jeung nenggorkeun imut.
Bet naha atuh kuring ge kalah malik neuteup, tuluy sarua pada-pada nenggorkeun imut? Geuning ti harita salira kalah teras nyampeurkeun, ngasongkeun leungeun ngajak kenalan. Fendi, cenah. Naha deuih atuh kuring harita bet kalah nampanan? Malah make silitukeuran nomer handphone sagala?
Ti basa tepung di nu hajat harita tea, bet kuring kalah kaganggu ku jirim salira nu teu weleh kumolebat ngalangkangan. Peuting-peuting, geuning SMS kalah disada meuraykeun lamunan.
"Wljng wengi. Damang? Nj naon?"
Sanajan pondok, neumbragna kana hate mah geuning karasa mani sakitu rohakana. Nyeblak-nyaksrakna ge mani kabina-bina. Tangtos, wengi-wengi sapertos kitu, salira teh teu acan kulem. Sami, sapertos abdi, nu kalah teras sesah mondok. Naha sami salira ge nuju emut ka abdi, sapertos abdi nu kasiksa ku jirim salira nu teras kokolebatan taya sudana?
Emh. Panginten salira teras ngintunkeun SMS. Manakitu ge, salira nuju emut ka abdi. Sageuy teu kitu onaman. Da geuning eta SMS bangun nu palayeun diwaleran. Mangga, tangtos ku abdi diwaler ayeuna keneh.
"Alhamdulillah. Samulihna? Nembe bd mondok."
Hayang nyaho, naha SMS naon deui baris dikirimkeun ti manehna. Sok kalah tuluy nguntun kahayang, salira teras ngintunkeun deui SMS minangka ebrehan sono. Tah, upama enya kitu, rek diwalonan ku SMS nu biasa-biasa bae. Maksud teh ulah katembong teuing mun kuring ge sarua misonona. Enya bae, SMS ti salira teh geuning sumping deui.
"Geuning wengi2 kieu teu acan kulem? Di dieu mah hujan mani ngecrek ty raatna."
Tah geuning, SMS-na bangun nu hayang ngajak papanjangan ngawangkong dina SMS. Kumaha atuh ngawalonanana? Enya, upama mindahkeun jejer wangkongan kana hujan mah, da di dieu ge sarua hujan ti sore keneh mani taya reureuhna. Sok kalah ka tumaninah ngumbar jirim manehna dina mangsa hujan ngaririncik cara ayeuna. Tapi meureun taya kecap sono mun dipindahkeun jejer wangkongan kana hujan mah. Enya, kumaha atuh nya ngawalonan SMS-na? Lahlahan kuring ngirimkeun deui SMS.
"Sami. Naha palih dinya teu acan kulem?"
Kalah kuring nu eleh wowotan. Geus kajudi deui naon piwaloneun nu bakal dikirimkeun ku manehna kana SMS. Pastina ge, "Sesah mondok. Emut wae ka palih dinya."
Ari heg, "Duka. Numawi teu bae reup. Emut ka nu tadi tepang di nu hajat tea. Ah, ketang nu dipiemutna mah biheung teuing nj emuteun."
Tuh geuning! Da jeung enyana, manehna nu ngajalanan ngawangkong beuki jauh. Ku kuring dibalesan deui bari henteu neueul pisan kana kasono nu sarua pada-pada ruhay hurung. Kitu bae, manehna ge antukna mah ukur ngirimkeun SMS sabudeureun silitanya ngeunaan pribadi, naon karesep kuring, lelengohan keneh atawa geus boga ceungceuman, atawa ngajak tepung di hiji tempat dina hiji mangsa.
Ti harita, saban peuting teh sok dipapaes ku SMS asih jeung sono. Najan henteu kudu silibalakakeun, da sageuy ari hate mah kudu pada-pada mondah mun di papada kuring jeung manehna keur kaeunteupan rasa nu sarua: asih jeung sono. Dalah eta SMS teh tara peuting bae, pabeubeurang ge sok aya kalana tepi ka tilu kali manehna ngirimkeun SMS.
"Nj di mana?" cenah. Atawa, "Nj naon?". Sakapeung sok enya bangun nu ngahaja semu-semu nu hayangeun tepung, "Nj di mana? Angkat k mana bae? Nj nyalse teu?"
Kungsi ketang tepung sabada silikirimkeun SMS. Ngadon makan siang. Tapi da taya carita nanaon, atawa sugan ebrehan tina tumpukan sora asih jeung sono sakumaha nu sok ditalatahkeun dina SMS. Henteu. Tepung teh estu tepung bari ngadon balakecrakan di hiji rumah makan nu kacida tiis tingtrimna.
"Tuangeun naon nu pangdipikaresepna ku Nenden?" pokna kalah nanya ka lebah dinya. Tapi teuteupna karasa linduk.
Dijawab bae ku kuring sakur kadaharan keresep kuring.
"Etah mani aya ku sami kaseneng teh. Ari leueuteunana naon bae nu dipikaseneng ku Yeyen?" pokna deui dina teuteup nu keukeuh linduk.
Dijawab deui ku kuring sakur inumeun nu pangdipikaresepna ku kuring.
"Tuh mani aya ku sami deuih kana leueuteun ge," tembalna.
Ti dinya brasna kana obrolona ngaler-ngidul. Meh sagala ditataan sakur pangaresep. Ti dinya bras kana hal pagawean. Bras deui kana pemilihan presiden di Amerika. Dibandingkeun jeung pemilihan umum di Indonesia nu sok diembohan ku riributan. Lebah riributan dina pemilu cenah taya bedana jeung lebah riributan dina maen bal.
"Akang mah yakin maen bal di Indonesia dugi ka iraha bae ge moal majeng-majeng," cenah bari angger neuteup induk ka kuring, "Tuda lintang ti penongtonna nu teu daek diatur teh, pamaen katut ofisialna ge sok over acting. Leuheung mun sarae maenna."
Teu, basa makan siang harita tea, estuning henteu aya obrolan nu ngaharib-harib kana rasa asih atawa rasa sono sakumaha nu sok diebrehkeun dina SMS-na. Saenyana hayang pisan kuring teh diajak kana wangkongan nu deukeut-deukeut silibukakeun hate. Tuluy pada-pada silitanya, naha kuring leah nampa manehna atawa manehna daek rumangkep ka kuring. Teu, perkara nu eta mah lapur henteu kakedalkeun pisan.
Ninggang di kuring, da sidik kapan pangawak awewe, sarta umur nu beuki ngahaeub nyedek ka umur dua puluh dalapan. Atawa saluhureun tilu taun ti manehna. Enya lebah umur teh kolot kuring batan manehna. Boa enya, perkara umur nu jadi bahan pertimbangan naon sababna manehna henteu bae muka wangkongan ka lebah rusiah hate di papada kuring jeung manehna. Da bawirasa, asa henteu kudu ragab henteu kudu rea kakagok, kari betus balaka, naha urang bisa tinekanan kauntun tipung tug tepi kana wangunan hiji rumah tangga.
***
Meh sataun diganggayong ku kaayaan kawas kitu. Kuring jeung manehna pada-pada kemba. Iwal anteng dina rasa asih jeung sono nu pada-pada dikedalkeun dina SMS. Tepi ka antukna datang lalaki sejen nu ngahaja ngadeukeutan kuring. Mun kudu jujur mah, ieu hate teu pati merean kudu milu palid kana rangkulan asih eta lalaki anyar pinanggih. Tapi nu dianti-anti betus balaka mah geuning teu bae wakca.
Bet ieu umur terus bae meuntas ti dua puluh dalapan. Putusan antukna nyedek ka kuring. Najan henteu pati merean, taya deui alesan pikeun numbu-numbu waktu sina kadalon-dalon. Kuring kudu milih. Tuluy panceg ngawangun jengglengan rumah tangga. Najan enya, lain jeung manehna.
***
Fendi, isukan kuring nyanghareupan poe pangantenan. Tuh itu kapan baju pangantenna. Duka kudu bungah duku kudu peurih. Kuring sorangan teu mampuh ngajawabna. Nu sidik mah, kalangkang manehna, teu weleh kokolebatan ngalangkangan.
Padahal mah enya, dina resepsi harita teh, urang teu kedah tepang sakantenan. Enya, padahal mah deuih harita teh salira ulah neuteup cara kitu bari jeung nenggorkeun imut.
Bet naha atuh kuring ge kalah malik neuteup, tuluy sarua pada-pada nenggorkeun imut? Geuning ti harita salira kalah teras nyampeurkeun, ngasongkeun leungeun ngajak kenalan. Naha deuih atuh kuring harita bet kalah nampanan? Malah make silitukeuran nomer handphone sagala? Yeuh, kapan ieu handphone teu weleh dikeukeuweuk sugan aya iber raratan ti manehna.
"Fendi, kumaha atuh wartosna?"
****

Tidak ada komentar:
Posting Komentar