Rabu, 09 Mei 2012

Ki Lurah


Ku Ena RS.


Barang anjog ka sisi kebon, kadenge sora jalma keur ngawakwak, sada nu keur nyarekan pinuh ku kakeuheul. Kuring ngarandeg, ngadedengekeun. Na saha nu ngawakwak isuk-isuk kieu? Saha deuih nu keur dicarekanana? Sorana teu pati jelas lantaran awor jeung sora cai walungan.
Memang, kebon teh pernahna aya di deukeut walungan Cibuyut. Malah aya balongan di panglandeuhna mah. Puguh sasat kagencet ketang, sakurilingna ngawates jeung tanah Ki Lurah. Di tonggoh jeung sawahna. Ari di beulah kaler jeung kebonna. Di beulah kidul jeung, deui-deui, sawah Ki Lurah. Iwal beulah kulon nu diwatesanan ku walungan Cibuyut tea…
Barang diteges-teges… geuning sora nu ngawakwak teh sada Ema. Na nyarekan saha atuh Ema teh? Pedah naon deuih?
“Kena-kena ka jalma teu gableg ka aing teh… Mani sangeunahna pisan. Teu ngahargaan saeutik-eutik acan!” Cenah.
Tapi teu kadenge nu nembalan. Kuring panasaran. Tuluy leumpang ka beulah tonggoh, ka palebah datangna sora. Barang gok, enya we Ema. Keur nangtung sisi kebon. Kaciri pinuh ku amarah.
“Aya naon, Ma?” Cek kuring nanya.
“Tah, tempo ku maneh. Tangkal sampeu karek jaradi mani rebah kitu…” Cek Ema ku sora nu teugeug. Tayohna mah Ema teh ngawakwak sorangan, nyarekan jalma nu euweu.
Enya, katempo tangkal sampeu mani rebah. Jaba daunna jiga urut nu ngahakanan sato.
“Na ku naon ieu teh, Ma?” cek kuring rada heran.
“Pan meureun ku munding…”
Karek kaharti ayeuna mah. Eta tapak munding ge mani ledug kitu. Meureun kebon teh diranjah ku munding nu Ki Lurah. Da enya sok ngangon di kebonna nu ngawates kebon Ema.
“Enyaan nya jalma teh mani euweuh kahideng pisan…” cek kuring milu keuheul. Kahayang teh sing tartib, ulah sina ngaranjah ka kebon batur. Bari jeung euweuh pisan sasadu jalma teh. Kena-kena jadi golongan. Kena-kena ka Ema nu pantar awewe bari rangda.
Tangkal sampeu nu rarebah teh diomekeun deui. Sugan kituna ge, hade jadi deui kalayan bener. Sabot kitu Ema mah ngutupluk we, can leler kakeuheulna. Da mun aya Ki Lurahna mah meureun mantak jadi pasea rongkah…
Ngan enya, boga kebon ngawates jeung tanah nu Ki Lurah teh, diinget-inget mani asa mantak rujit. Sok tara kira-kira. Lain sakali dua kali Ema ngawakwak lantaran talajak Ki Lurah ka kebon kuring.
Bareto, kungsi meh pasea. Ari alatanana mah Ki Lurah nyieun corowokan ti sawahna ka kebon Ema. Pas harita teh hujan gede naker. Cai ti sawah Ki Lurah bahe ka kebon, tuluy mapay ka landeuh. Asup ka balong nepika laukna kaburialkeun. Inget harita Ema nyarekan Ki Lurah.
“Na teu hideng pisan nyieun corowokan ka kebon batur. Rek nyieun corowokan mah ke kebon dewek we. Atawa ka ditu ka solokan nu beulah ditu. Ambeh urug ka kebon aing!” cek Ema ka Ki Lurah.
Untungna teh Ki Lurahna ngarumasakeun salah. Manehna menta dihampura. Malah basa Ema ngadengda lantaran laukna di balong kaburialkeun, Ki Lurah teu baha. Mun teu salah mah ngagantian tilu puluh kilona lauk teh…
Beh dieu, kuring teh melak jati. Cek rarasaan mah da teu deukeut-deukeut teuing kana sawah Ki Lurah teh. Da kuring ge boga pikiran, bisi mantak hieum kana pare Ki Lurah. Tapi teuing kumaha, aya nu bebeja ka kuring, cenah nganyahoankeun Ki Lurah ngabanjur tangkal jati eta ku minyak tanah. Teu lila si tangkal jati perang, paeh we…
Teu dikukumaha. Bati keuheul na hate we. bareng jati jadina mani alus. Ngan enya, bisi cek kuring moal mantak ngahieuman soteh. Cek manehna mah ngahieuman…
Meureun ngarasa aman, tangkal nangka nu deukeut sawah Ki Lurah ge paeh deui wae. Palebah akarna buruk. Moal salah, eta mah lantaran dibanjur ku minyak tanah deui wae. Da kuring ge apal atuh, najan taya nu nyaksian, sok buruk heula lamun dibanjur ku minyak tanah mah…
Harita ge bati keuheul dina hate. Ngageremet. Na jalma teh mani asa sawenang-wenang pisan kana panaboga batur teh. Mun tatangga mah Ki Lurah teh tatangga nu jahat ieu mah…
Harianeun ari wates. Cek panempo ge geus kateguh, jiga nu hayuh disesedek. Kebon kuring mah asa beuki ngariut. Tapi nu Ki Lurah mah asa beuki meber wae. Heueuh, rek digeunggeureuhkeun sarwa bingung. Hoream kudu pasea pasal wates mah. Ngerakeun. Kungsi eta ge Ema ngomong. Cenah, wates teh ulah hayuh disesedek wae, bisi doraka… Hih, da teu kireum-kireum atuh Ki Lurah teh…
Teuing pedah ngarasa manehna jadi Lurah. Teuing pedah nempo Ema, pantar awewe dilawan ge pasti eleh ieuh. Moal aya nu melaan. Teuing pedah bakat ngadagleg we eta mah, tukang nyeser wates.
Horeng lain kuring jeung Ema wungkul nu ngarasa keuheul ka Ki Lurah teh. Meh kabeh jalma nu boga taneuh ngawates jeung Ki Lurah, boga masalah nu sarua. Wates kebonna hayuh diseser. Pan kungsi rek galungan jeung Mang Darka mun teu pada marisat mah.
Pasalna mah pedah tangkal mahoni pelak Mang Darka dina watesna dirabutan. Cenah, melakna dina tanah nu Ki Lurah. Tur padahal pan wates kebon teh puguh. Memang enya harita Mang Darka karek meuli kebon nu ngawates jeung kebon Ki Lurah. Disangkana meureun moal apaleun kana wates. Padahal ku nu ngajualna oge geus dituduhkeun wates-watesna. Nepika direngsekeun ku Kuwu pan masalahna oge. Da pada-pada neungtreung. Mang Darka neungtreung. Ki Lurah neungtreung. Tapi ari geus didatangkeun saksi ti pihak nu ngajual taneuh ka Mang Darka, antukna Ki Lurah teh eleh oge.
Hiji waktu mah, pareng kuring nyalse di saung kebon. Jol Ki Lurah nyampeurkeun.
“Jang, jual wae atuh kebon teh. Kagok geus kagencet ku kebon jeung sawah kuring…” Pokna teh ujug-ujug kitu.
Ngaheab tah hate. Mun teu nempo yen Ki Lurah teh kolot da moal asa-asa digablog.
“Lah, tuda ieu mah tanah titinggal Bapa, Ki Lurah,” cek kuring. “Peupeuriheun jalmana geus euweuh. Ongkoh da ieu mah nu Ema, lain nu kuring. Nyaritana kudu ka Ema…”
Teu nyarita deui dikitukeun mah Ki Lurah teh.
Meureun kahayangna mah ieu kebon teh dijual amber lelewek dieu jadi milik manehna. Ambeh tambah lega. Da memang tanah Ki Lurah mah lega. Jadi teh dina hate, atuh sugan manehna nyieun kalakuan kana kebon ieu nu mantak rujit teh sangkan Ema ngajual ieu kebon ka manehna. Boa enya kitu…
Mun tea panyangka eta teu nyalahan, bisa disebutkeun tarekahna hasil oge. Heuleut saminggu saentas Ema ngawakwak lantaran pelak sampeuna rebah diranjah munding Ki Lurah, Ema bebeja ka kuring. Cenah, kebon teh rek dijual bae. Rek ditukeurkeun. Rujit cenah boga kebon deukeut nu Ki Lurah mah.
Kuring teu bisa kukumaha. Tanah, tanah nu Ema. Makarep teuing. Dua bulan ditatawarkeun. Jol Ki Lurah, nawar eta kebon. Tapi Ema teu mikeun. Najan hantem nawae oge, Ema pengkuh. Ngahaja hargana oge dimahalkeun.
“Teu hayang teuing ngajual ka manehna…” Cek Ema basa Ki Lurah geus undur. “Najan ditawar saratus juta oge, moal. Kajeun teu payu batan dijual ka manehna mah…” Kaciri Ema mah neuteulina teh.
Jol Wa Haji Karyo, nawar eta kebon. Rebut tawar, ahirna dibikeun. Hargana nu jadi teh sahandapeun panawar Ki Lurah. Teu ieuh Ema ngarasa rugi. Bakat ku rujit meureun boga kebon ngawates jeung nu Ki Lurah. Ngan teu sudi ari kudu ngajual ka manehna mah. Keur Ema mah meureun lamun beunang ku Ki Lurah teh sarua jeung eleh harga diri. Ari ka Wa Haji Karyokeun mah asa perasaan meunang dina hate Ema teh. kitu deui na hate kuring.
Ngan dina hiji poe mah datang Ki Lurah ka imah.
“Ari maneh, Jah, ning kebon kalah dijual ka Haji Karyo bari murah deuih. Kapan ku aing ge ditawar mahal. Geuleuh naon maneh ka aing?” cek Ki Lurah. Kaciri ambek. Handeueuleun teu beunang ku manehna kebon teh.
“Lain sual geuleuh, Ki Lurah. Kuring ridona ngajual ka Haji Karyo, lain ka Ki Lurah!” cek Ema rada teugeug. “Barina ge rek dijual ka saha wae oge, kumaha kuring teuing… Mun keukeuh hayang eta kebon, jung we beuli deui ka Haji Karyo. Kuring mah geus teu urusan…”
Ah, Ema, najan awewe, kuring panuju pisan kana sikepna. Enya, meureun mertahankeun harga diri. Pan tanah teh keur urang lembur mah kaasup harga diri. Dina dijualna oge, ari ka jalma samodel Ki Lurah mah, nu tadina ngagampangkeun kana kebon Ema, nu sarua jeung ngalelece harga diri Ema, ke heula. Meureun mun beunang ku Ki Lurah teh, harga diri oge musnah pisan. Ari ka Wa Haji Karyokeun mah, salian ti bisa ngamaenkeun kahayang Ki Lurah, itung-itung males kana karujitan ti manehna salila miboga eta kebon, harga diri Ema nu meunang. Najan pantar awewe nu hirup sorangan, teu serah bongkokan dina mertahankeun harga diri.
Kabayang we kumaha hanjeluna hate Ki Lurah.
***
Lembur Simpe, November 08.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar