Ku Ino Misno
AYA uleman tausiah ti babaturan
sapagawean, tasyakur anakna dumeh kabiruyungan meunang beasiswa nuluykeun
kuliah di Kairo. Bagja, boga anak motekar. Cenah cita-citana oge hayang
ngadegkeun sakolaan make metoda pondok pasantren moderen nu husus nampung
barudak yatim piatu katut duafa, anak jalanan nu kalantar, ti tingkat diniyah
tepi ka tingkat aliyah, kalayan dibebaskeun tina waragad pendidikan. Cita-cita
nu kacida mulyana. Geus meunang gelar doktor arek nyoba ngajukeun proposal
pikeun menta bantuan waragad ka pamarentah Kairo. Lahan mah geus aya meh dua
hektar. Perenahna di sisi kota. Sakulawarga geus mupakat milu ngarojong.
Meh parat sapeuting, hujan ngecrek. Tapi
kaluar ti masjid geus sholat subuh berjamaah mah, langit lenglang, loba bentang
tingkareclak. Pamajikan aya ku titen, gamis setelan katut gamis manehna geus
dicawiskeun dina gantungan ngagantel dina kastop di kamar, mani bodas nyacas.
Indit teh teu make motor, geus hujan tea
sok becek ku cileuncang. Ongkoh da teu pati jauh. Mending tumpak beca, ambeh
teu naek turun kendaraan. Sabab upama tumpak angkot, turun teh kudu naek beca
deui. Ongkoh deukeut, tapi jiga jauh, ti Babakan Sari ka Suka Bakti teh,
sawewengkon Kecamatan Kiaracondong keneh. Mun boga mobil pribadi mah moal
inggis kabancuh hujan.
Hayang boga anak teh maraju sakolana.
Tapi jaman kiwari mah beurat jeung eungap ku waragadna. Hayang cacap perguruan
tinggi teh, budak tilu naha kahontal atawa? Pikiraneun beurang jeung peuting.
Mangkaning si cikal hayang jadi dosen, nu panengah hayang jadi dokter spesialis
anak, nu bungsu hayang jadi pengacara. Mani sakitu laluhur cita-citana mah.
Saha kolotna nu teu hayang ngamajukeun anak. Mending ngawariskeun elmu ka
turunan mah, katimbang ngawariskeun harta mah bisa keuna ku beak. Ari elmu mah
moal beurat mamawana, gede gunana pikeun diamalkeun. Tampolana sok ngarasa
leutik hate, naha mampuh kitu kuring nganteur ngarawel cita-cita nu jadi anak?
Cacak waragad pikeun di lanjutan atas oge mani geus riweuh ngaturna. Duit gajih
pabenyeng-benyeng jeung kabutuhan sakola budak.
Sok karunya ka pamajikan sakapeung sok
luhlah. Teu ngabibisani kituna mah, kaharti ku logika. Ngajeujeuhkeun duit
gajih, ku ijiran mah moal matak picukupeun, tapi awewe mah bisa
ngatur-ngaturna. Kuring boga pamadegan, peupeuriheun kuring mah ngan saukur
ngantongan ijasah lanjutan atas, barudak mah kudu saluhureun. Tah ieu teh, ulah
jadi pamohalan, mungguhing ceuk kahayang mah.
"Aka jaga teh hoyong nyenangkeun
Bapa katut Mamah. Tangtos kedah ku bekel elmu," ceuk nu cikal pamikiranana
geus cukup sawawa.
"Ika mah hoyong ngiring nyehatkeun
bangsa ngalangkungan elmu kadokteran," ceuk nu panengah.
"Oka oge hoyong janten penegak
hukum nu jujur," ceuk nu bungsu.
Reueus. Tapi keueung ku waragadna.
Pamuga Allah marengkeun.
Sabeca jeung pamajikan, diuk bet teu
tumaninah. Diuk dina jok teh rada beh hareup, bujur teh nember rada nyangigir.
Ti mimiti gek oge geus teu ngeunah, cangkeng karasana nilep, tuda tempat diuk
teh meh beak. Ari kudu masing-masing kana beca, pulang-pergi teh meureun
ongkosna jadi gede, sarua jeung ongkos ka lembur soranganeun. Ari teu
ngahadiran piraku, pasti dipangloh.
"Diit geura Mah," cekeng teh
ka pamajikan bari rada nyengkatkeun bujur, bitis katuhu karasa singsireumeun,
pingping kenca rada baal.
"Bapa oge pan salira teh
ngaageungan."
Serepet mobil dituturkeun ku motor mani
mangprung.
"Ngagedean oge bapa mah ka hareup.
Kana padaharan jadi bucitreuk. Ari Mamah mah kana imbit. Akibatna nya kitu, ari
sakalieun tumpak beca bareng teh, marepotkeun."
Anjog ka jalan Ibrahim Adji teh,
kendaraan mani ngantay. Di pertelon pakiweuh ku angkot nu arek ka sisi ngakut
muatan. Tingserebet jiga teu paur ku picilakaeun. Aya nu kutuk gendeng oge nu
make motor jigana teh teu ieuh didenge. Dapon meunang muatan. Nu tumpak pinuh. Ngudag
setoran. Maremana isuk-isuk jeung sora dina mangsa jalma baralik digawe. angkot
beuki loba, beuki heurin usik, neang muatan teh nyasatna mani paboro-boro, teu
nolih picilakaeun. Kuduna mah Pamarentah Daerah teh ngayakeun tarekah, sangkan
nyengker panambahan angkot ku jalan teu ngaluarkeun ijin trayek. Ijin trayek
anyar dikaluarkeun, tapi pikeun tukeur angkot nu geus kolot umurna, diganti ku
mobil anyar. Trayek mobil kolot dicabut, sugan mah bakal bisa ngungkulan
masalah angkutan umum nu beuki padet. Ieu mah ceuk kuring, salaku warga kota
Bandung nu kotana hayang tetep asri ulah bermasalah. Kuring nineung ku Bandung
baheula, keur jaman kuring leutik, angkutan teh basajan, cator, delman, beca,
sapedah lolobana mah, ari isuk-isuk teh mani ngabring. Motor oge ukur Ducati
jeung meteor, motor gede masih tacan loba nu boga. Tumaninah di jalan raya teh,
tara ngarasa inggis, tara ngarasa paur. Ari ayeuna, mun urang tutumpakan
balangah teh bisa dihakan ku nu sologoto. Angot angkot mah geus loba
kacaritakeunana.
Liwat pintu kareta api teh macet total,
padahal poe Saptu. Kendaraan teu bisa ngarayap-ngarayap acan. Sora motor
tingberebet nyelendep nyokot jalan sisi ngacretkeun cileuncang nu geus guley
jeung runtah pasar. Heuh... leungeun baju kakecretan, warna bodas tea mani
babarian. Beca nu ditumpakan teu bisa maju, arek nyokot jalan nyisi heurin ku
beus angkutan karyawan nu dipaehan heula mesinna. Angger Kiaracondong mah,
sangkilang geus aya jalan layang.
"Na supir teu boga pikiran, bet
nutup jalan. Mobil gede deuih. Piraku teu nyaho, keur mobil teh pan
sajalur."
Kadenge tukang beca kutuk gendeng.
Haseup mimiti mulek. Naha atuh ari sebrot teh cai ti luhur mani meneran kana
beca nu ditumpakan. Tayohna mah cai nu nguyumbang di jalan layang kageleng ku
mobil. Korban. Pakean kuring jeung pamajikan nu sarwa bodas teh kasimbeuh.
Pamajikan gegeremean. Kuring ngusap cai dina beungeut.
"Ti luhur Bu. Abdi oge
jibrug," ceuk tukang beca.
Jrut kuring turun heula, suku ingkud
pegel jeung singsireumeun. Gamis bodas geus teu nyacas deui.
Aya naon atuh nya kendaraan teh bet
macet kieu, cekeng teh dina hate. Sora mesin kendaraan jadi teu puguh
dengekeunana, bau haseup knalpot nu beuki mulek maseuk irung. Kacipta lamun
mawa nu arek saborosoteun ngajuru, pastina ge bakal jebrol manten.
"Moal isin kitu Pa, gamis janten
kotor," ceuk pamajikan bari ngepruk-ngepruk gamis nu kabancuh.
"Piraku kudu wangsul deui mah.
Gentos deui anggoan. Mundur oge beca moal tiasa. Keun bae lah," walon teh
kapegat ku sora klakson angkot gigireun beca.
"Maju atuh euy!!" gorowok
supir angkot.
Ditempas ku klakson mobil sejen, bakat
ku ngarasa kesel. Jadi patembalan teu puguh dengekeunana.
"Treuk runtah mogok malang
ngahalangan jalan!" ceuk supir angkot ti jalur beh ditu.
Pantes atuh ceuk gerentes teh bari
ngarenghap.
"Kumaha atuh Pa?" tanya
pamajikan.
"Nya sabar bae. Pastina oge treukna
keur pada ngadorong," walon teh bari nempo arloji, "Aya keneh waktos.
Tos lancar deui mah kendaraan, paling sapuluh menit ka tempat teh."
"Dugi ka dieu we atuh tumpak becana.
Ti dieu ka pengkolan urang mapah. Naek beca deui." Jiga rada jamotrot.
"Sabar Mah. Karunya ka Si Emang
atuh," walon teh bari ret ka tukang beca nu semu keom. Sora kasilep.
"Bilih ngabujeng waktos mah, nya
mangga bae bade dugi ka dieu. Mangga teu nanaon Bu Haji," ceuk tukang beca
ka pamajikan. Amin, disebut Bu Haji. Pedah kuring duaan make saragem gamis
meureun.
"Ah sawios pameng, Mang. Aya keneh
waktos..." sora kapotong ku beus hareupeun. Angkot geus mimiti aya nu maju
lalaunan. Bareng jeung kuring arek naek deui kana beca, gerung beus rada tarik
sorana, peledug haseup hideung mani mulek. Haseup solar. Beuki mulek. Jadi
poek. Puguh dina beca teh jadi kasebrot ku haseup.
"Aduh!... aduh... Bapa... kumaha
ieu teh!" ceuk pamajikan bari kapas-kepes. Kuring jadi bingung. Kadenge
gasna teh kalah beuki digerung-gerung tapi bari tacan bisa maju, da maling
jalan ka sisi. Atuh haseup teh beuki mulek hideung.
"Goblog siah! Mulek euy!..."
gorowok tukang beca.
"Enya... kumaha atuh ieu teh
Emaaaang..." kituna teh pamajikan bari arek turun tina beca.
Ku kuring ditahan.
"Tah geuning beus karyawan mimiti
maju," ceuk kuring jadi kaweur.
Gamis nu cikeneh kabancuh cileuncang,
nyasatna mah tuluy dipuput ku haseup solar nu mulek hideung, jadi teu puguh
rupa. Heug gamis anyar dipake. Beungeut pamajikan pinuh ku mehong, jigana
kuring oge moal beda ti kitu. Beu! Damang atuh ieu mah.
"Hayu mulih deui Pa..." ceuk
pamajikan. Karunya. Keur kakara teh diajak ngaluuhan tausiah.
Kuring ngahuleng heula bari neuteup
pamajikan nu gamisna lamedong, beungeutna mehong. Lalaunan diajak turun. Beca
nyisi. Nu lalar liwat geus teu dipalire. Beungeut pamajikan diusap ku
saputangan.
Geus teu kudu dipikir deui, piraku kudu
dituluykeun mah ka tempat uleman, kuriak disarebut jalma owah.
Tukang beca oge sarua, ngelapan
beungeutna ku anduk leutik nu katempona geus ledrek.
"Hayu Mang ah, balik deui. Sok Bu
naek deui," ajak kuring, sora karasa heumpeung. Teu daulat ieu mah.
Tepi ka imah, di teras keneh kalah
diseungseurikeun ku Si Ika. Mani ngehkey, jiga manggih kalucu.
"Ku naon ari Bapa sareng Mamah? Sae
ceramahna? Na geuning sakedap?" tanya Si Ika mani murubut.
Teu diwalon. Komo bari jeung kudu
ngeceskeun.
Abong budak can dewasa, kalah cakakak
deui.
"Tos ah Ika," ceuk kuring
halon.
Si Ika kalah beuki nyakakak. ***
Ranggon Paniisan Babakan Sumedang.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar