Minggu, 28 Oktober 2012

Kembang Ngalindur


Ku Ihung


Bener, jodo mah rusiah Pangeran. Teu bisa dihayang-hayang, teu bisa dihalang-halang. Loba contona. Tuh siga si Bardin, si Kodim jeung si Ikin. Ketah, karandapan oge ku kuring sorangan.
Palebah dieu... Matak rumasa ukur aktor mah, tong loba ngalawan ka sutradara. Urang mah wayang. Nu ngusik-malik, nu nyieun jejer carita mah, pan dalang. Aya Pangeran nu ngaguratkeun jalan hirup mah.
Dua welas taun, si Bardin bobogohan jeung Maemunah. Ti masih SMP nepi ka tamat kuliah. Tapi da lain jodo! Kurang kumaha, ngukur tina waktu mah? Kolot, geus pada sapuk. Kulawarga, ngadarukung. Babaturan, nyakitu oge. Tinggal nunggu waktu-pedah maranehna hayang naramatkeun heula kuliah. Geus kitu mah rek diprungkeun. Balandongan geus moal ka mana. Ngan nyaeta tea, meureun Gurat Pangeran, lain kitu. Giclek we-teuing kasindeuhan jurig naon-si Bardin ngadon digerebeg hansip di Ciburang.
"Mialoh, dijebak aing mah!"
Ah teu kudu dipanjang-lebar, kunaha-kunahana mah, da lain rek nyaritakeun manehna. Ngan nu jelas... tah siga kitu. Halodo sataun lantis ku hujan sapoe. Kisah cinta dua welas taun elehna tibang ku sa-janari, di imah randa anak dua.
Lain deui carita si Kodim jeung si Ikin mah...
Nu sok nganganteur nganjang teh pan si Kodim-comblangna tea mun cek barudak ayeuna mah. Nu boga tugas nyatpam-an, mun si Ikin pareng keur di panyabaan. Maksudna nyatpam-an teh, nyaeta ngajagaan si Rukoyah tina panghero pamuda-pamuda nu lian. Geuning harita waktu Sindanghurip garelut jeung Sindanglaya, pan gara-gara si Kodim neunggeulan budak Sindanglaya. Pedah budakna katempo ngabobonceng si Rukoyah. Dasar nu garelo-sagala rupa teh maen jelebet wae. Tea mah wajar jalmana teu narima ge... Tuda sasat keur ngojeg, hayoh ngadon disangka ngiwat kabogoh batur.
Enya, nu ngabogohanna mah si Ikin. Si Kodim mah ukur comblangna; atuh saleuwihna nya jadi satpamna tea. Pan mun keur nganteur nganjang teh, gawe si Kodim mah ukur tukang meakkeun susuguh. Nu dipercaya keur ngalayanan ngobrol indung-bapana Rukoyah. Atawa dimana geus nepi kana mangsana, nya si Kodim nu boga tanggung jawab teh: nu kudu mere tangara, naha kaayaan, aman-da indung-bapana Rukoyah mah geus talibra sare-atawa si Ikin kudu sagancangna luncat ti kamerna Rukoyah.
(Inget ka si Ikin-nyakitu umur ge sarua, rusiah Pangeran-saha nu nyangka manehna bakal miheulaan. Ginggiapeunna mah sabab paehna, operdosis ku topi miring... Paeh buncelik bari na sungutna pinuh ku budah)
Nya singketna, penerus si Ikin teh, si Kodim sorangan. Nu kitu meureun nu disebut sahabat setia teh-nu daek neruskeun cita-cita babaturan. Satengah taun ti saprak si Ikin dikurebkeun, apan si Kodim ka bale-nyungcung jeung Rukoyah. Malah kaitung rongkah hajatna ge da nepi ka ngondang ajengan cilik sagala...
Tah, kitu cek kuring oge! Kitu jodo mah. Jorok. Absurd. Lieur. Teu bisa diukur ku kahayang manusa. Teu bisa diraba-raba. Kumaha we cintana, ketah. Apan cinta ge kitu, cek penyanyi dangdut tea mah, sanes ketok mejik. Tanpa logika, mun cek Agnes Monica mah.
Cinta kuring ge kitu baheula mah...
Nu aranna ngudag-ngudag Sarah Azhari, lain ukur tamba rahul. Bogoh kabina-bina. Gunung naon nu panggedena? Tangkuban Parahu mah ukur sakutil, dibanding cinta kuring ka manehna. Taya poe nu kaliwat keur mikiran manehna. Taya minggu nu kakantun-nu dilamun ukur kumaha langlayeuseunna ieu hirup mun teu ngadahup jeung si jungjunan. Harita nu kacipta, kajeun paeh katabrak kareta daripada teu meunangkeun cintana. Kajeun hirup digantung na tangkal kawung mun jodo kuring lain dirina.
Ukur Sarah beubeureuh manah. Cipati ati. Panglipur lara-tunggara. Sarah Azhari nu geulis kawanti-wanti. Nu imutna lir gelap saleser. Nu kempotna matak jantung asa coplok. Nu huntuna ngaderes bodas siga bentang nu baranang. Sarah, nu matak hirup kuring harita terus kakalayangan di jomantara. Sosoloyongan meulahan mega katresna. Kulayaban dina gurat-gurat duriat.
Sarah mah teu apal... Kabeh bilik kamer kuring mah raca ku aran manehna. Unggal poe kuring malingan buku adi, demi hayang nulis surat keur panutan jiwa. Tujuh poe tujuh peuting kuring mah ngalaman mati geni da hayang bisa melet anjeun tea (ngan pedah teu tamat we da loba pisan gogodana.) Enya, Sarah mah teu apal... Yeuh ari kudu dibejakeun mah; demi naon atuh kuring nepi ka kudu maling hayam pelungna, Mang Jaja? Keur anjeun geulis! Demi hayang mere ali ka anjeun! Demi hayang ngabuktikeun ieu cinta. Eh, nu geuning ali teh kalah dibalikeun deui ku anjeun. Bari anjeun banget popolotot pedah kuring ninggangan jandelana tengah peuting.
Ti harita kuring apan tuluy ngiles. Indit ka Bandung bari jeung teu boga tujuan. Niat ukur hayang ngawur-ngawur kuciwa. Meupeuskeun raheut nu ngadilen dina dada. Sataun leuwih kuring teu balik-balik ka lembur. Sataun kuring ngeueum bohakna cinta. Ah, mun mah harita kaparengkeun urang kawenehan... Apan ukur lagu-lagu nalangsa nu ku kuring dilengiskeun ka tiap-tiap kaca mobil jeung angkot. Komo basa meunang beja yen anjeun geus tunangan mah! Asana moal manggih deui rasa vodka nu pangpeuheurna. Peuheur kacida...
Ngadenge anjeun geus tunangan, dunya asa jungkir balik. Langit dengdek. Bumi inggeung. Tetempoan ukur ruhak nu ngabarak sapanjang renghap. Kiamat. Hirup teh tamat. Mun harita taya Eva nu ngagabrug, boa umur uing mah geus lekasan, digiles ambulans nu keur meumeujeuhna nyemprung-mangprung.
Eva ieu, Sarah! Nu ayeuna keur tibra sare. Tah na ramona... ali nu harita ditampik ku anjeun, ayeuna dipake ku manehna. Kanyaah kuring geus tamplok ka manehna! Manehna geus jadi hirup kuring; sagala-rupana. Geus tujuh bulan, Sarah-Eva keur ngandung buah-getih kacinta kuring.
Duh, Sarah... Naha bet deui-deui, anjeun nu ngusik hirup teh? Naha bet karek ayeuna atuh anjeun percaya kana cinta kuring teh? Sms-sms anjeun peuting ieu, nyuaykeun deui pepedut nu geus mangtaun dihandeuleum sieumkeun. Ngagulidagkeun deui ombak nu geus dipeper di dasar samudra. Tobat, Sarah... Naha bet jadi hayang panggih jeung anjeun? Naha ieu kasono bet tingkaretip deui?
Di luar, hujan masih kadenge ngecrek. Jam 11 leuwih... Dua cakcak silih udag-teuing keur pasea teuing nu disebut ocon cinta tea. Jadi hayang seuri maur, Sarah! Inget kana jalan hirup urang, bet dioconan oge ku rusiah cinta. Basa kuring keur meumeuejuhna diberung ku cinta ka anjeun, naha anjeun kalah nolak sapajodogan. Ari ayeuna, mangsa kuring geus milih jalan nu anyar, naha ujug-ujug anjeun ngirimkeun harepan nu baheula dipicangcam? Ah, manakitu ge lain jodo meureun, Rah. Lain kahayangna pangeran!
Dina enyana, mun tea mah ieu rasa ka anjeun masih nyangkaruk na tungtung jantung tapi maenya ari kudu maut kabagjaan tina rumah-tangga nu keur satengah-jalan disorang mah. Naon kasebutna mun kuring wani nyebitkeun hinis kana batin pamajikan nu geus kabukti kanyaah jeung kacintana. Nu geus ngajait diri tina sedong-sedong dunya jalanan. Nu geus meta-metakeun jalan kabagjaan. Nu geus ngabulungbungkeun jalan impian ka hareupna. Maenya, Rah?
Memeh sms-sms anjeun nyababkeun uing ayeuna guling gasahan, teu kurah-karuh, Eva teh ngalindur. Enya, dina salila sataun leuwih kuring ngambah hirup babarengan, karek peuting ieu ngawenehkeun manehna ngalindur siga kitu. Gogorowok ngageroan aran kuring bari leungeuna teu daek cicing, ruwas-rowes. "Nyi, ku naon? Hudang! Hudang!" Atuh kuring nu keur sare ge kahudangkeun. Tuluy reuwas nempo manehna kitu peta. Nya ku kuring, manehna di gebig-gebig; di geuwah-geuwah.
Bari nangkeup pageuh, Eva nyaritakeun ngimpina. Nyaritakeun kakeueungna, pedah nempo kuring kairid caah nu umpal-umpalan. Sedeng manehna sorangan teu bisa nulungan-da manehna mah sasat keur aya di luhur mumunggang. Manehna ukur bisa gogorowok. Ngageroan kuring nu lamat-lamat katempo ampul-ampulan na cai walungan.
Eva karek bisa sare deui, sanggeus dibangbalerkeun kareuwasna. Sanggeus dipepende: diusapan sirahna, ditiupan embun-embunanna. Sanggeus kuring ngaharewoskeun kabagja dumeh ngbogaan pamajikan nu sakitu nyata mikanyaahna.
Basa sms Sarah asup, apan kuring teh keur teleb neuleuman keureut pamajikan. Keureutan istri pujaning ati. Pangiuh-iuh dimana lampah keuna bayeungyang. Cai nyusu nu ngagolontor saban waktu, nu meper tuhurna nanjak-mudun kahirupan.
Teu gugur teu angin. Asa ngimpi. Asa teu wae percaya. Geuning kuring teh keur sms-an jeung Sarah. Sarah Azhari! Sarah nu kungsi diimpi-impi.
Ah, dicaritakeun kumaha eusining smsna mah, bisik kuring teu bisa nyaritakeunna; bisik oge ketah kuring salah nerjemahkeunna. Mendingan ku kuring dituliskeun we sms-smsna. Mangga ku Saderek pangnyimpulkeun. (Nu digaris-miring mah, eta balesan ti kuring.)
Ass. Maf ganggu. Ni bnr dg A Otong? Dah tdr ya?
Yap. Ni dg capa yach? Ga, lg nontn bola.
Msh ingt Sarah ga? Dh lupa ya!
Sarah mn ya? Yg spg roko itu bkn?
Sarah Azhari, A! Duh, mni smbong ayna mh. Mntang2 di kota wae?
Subhanaloh! Teu lpat ieu teh? Tong heury ah, tos wengi.
A tos hilap ya k Sarah. Ni gada kbr2 lg. Ktnya dh nikah, bnr?
Kt sp? Oh Srh dh nikh? Tos gdh sbrh batina? Wilujeng ah. Ngirng bingah!
Sp yg dh nikh? Gada cowo nya jg. A, srius nih, dh nkh blum? Ih, kasian ya Sarh...
Bknnya dl dh tunangan. Ak jg gada cewenya. Sok ditampik wae. Bnr kan?
Emang sp yg nmpik? Tuda cwo nya jg ga srius. Mlh ninggalin! Ga ngasi kbr2 lg.
Klo tdk prnh ngebls surat n nolak dipsihn ali, itu nampik bkn?
Nh ath masihanna bri mabok? Aa mh bohng ya bogoh teh? Cm mo main2.
Ah sriud jg prcma, ttp moal dipercya. Mlh bkn skit hti!
Demialoh aa bogoh k Srh?
Haha. Naha si kd sumph sagla.
Tu kan boong! Untung Srh ga prcya. Gt ya cwo mh. Sk nyebelin.
Tau ga Srh lg apa skrang. Srh mh dr td nangis trs mikirin Aa...
Tah kitu sms-an kuring jeung manehna teh. Terus sabab kajurung ku panasaran, ahirna kuring nelpon langsung ka manehna. Dina telpon sora Sarah matak ngageterkeun jajantung. Sora nu nginggeungkeun rasa 2-3 taun ka tukang. Enya, Sarah! Kuring moal kapalingan sorana-kajeun harita sorana katara eungap bangun keur nginghak. Ngan nyaeta babakuna batre hp teh lowbet. Ukur bisa nyambungkeun sababaraha kecap nu tuluy kapegat.
Lain jodo meureun, Rah. Meureun lain kahayang Pangeran. Geuning enya ge, sabenerna urang boga rasa nu sarua, tapi naha Pangeran nempatkeunna beda mangsa jeung wayah? Tapi naha ku Pangeran bet disumputkeun na rasa anjeun nu cangcaya, na rasa kuring nu putus asa?
Geus dua batang, roko maturan kuring ngalamunkeun anjeun. Nyawang-nyawang jejer carita: mun tea mah waktu bisa diputer deui ka baheula; mun tea mah kuring tacan keneh rumah-tangga, taya Eva, taya budak nu keur dikandung ku istri nu oge dipikacinta.
Jeung deui kumaha caritana, anjeun bet bisa meunangkeun nomer kuring? Lain kitu, jalan gogoda mah...
Rah...
Duh...***


Bandung, 12-02-2009

Tidak ada komentar:

Posting Komentar