Kamis, 29 Maret 2012

Purnama Peuting Katiga


Ku Toni Lesmana

Sora jam salendro ti jero imah heubeul pulas bodas, nu sawareh jandelana ngaremplong keneh, ngelentrung salapan kali. Nyalabarkeun halimpu lalampahan waktu. Ngahontal pakarangan. Jam salapan peuting. Peuting katiga. Tengah taun.

Bulan ngaringkang ti beulah wetan, nepungan angkrek pulas bungur nu mangkak lebah juru pakarangan. Aya wanoja dina korsi, handapeun kiceup bentang, handapeun langit anu bangun nabeuh gending nyinglar ulas-ulas mega. Handapeun lenglang nu ngahaleuang. Wanoja ngaderes angin nyecep. Nyeuseup nu lawung. Cahaya jeung sambuang. Kalimah bulan mugurkeun ngungun angkrek bungur, pulas nu ngadadak ngawihkeun dalingding tembang kasmaran lebah peuting katiga.

Wanoja ngarasakeun aya nu milu mangkak lebah jero dadana. Najan teu surti kana basa nu keur lumangsung harita. Rea ungkara jeung wirahma nu teu mibanda sora. Aya nu sosonoan. Silih hontal. Ngahontal rohang-rohang simpe lebah hatena. Aya nu usik jadi igel lebah urat-urat getihna. Ah, mun manehna geus cunduk meureun bakal rea kalimah ngarongheap nepikeun harti saban nu usik. Wanoja gumerentes sorangan.

Wanoja ngarenghap. Namperkeun renghap bulan, renghap angkrek. Nyorangan.

Sinta. Wanoja tea. Buukna nu galing laun katebak angin, lir daun sapakarangan. Siga gugupay. Gugupay ka nu rek jol nedunan jangji anu kungsi kalisankeun. Kitu pisan. Nyorangan di pakarangan. Nganti nu lawas miang. Miang mawa mangpirang harepan, neundeun katineung anu laun-laun rosa jadi kahariwang. Nganti Manehna. Manehna anu nu baris mulang tengah taun ayeuna. Saukur saregang kalimah, anu lima taun katukang dipasrahkeun ku manehna, anu ngagariskeun jirim wanci nu kudu dianti. Sinta nganti pinasti. Peuting ieu. Tina menit kana menit. Moal boa saban detikna oge. Tina detik kana detikna asa anggang. Ngangkleung. Lir meuntasan sagara anu motah.

Sinta ngusap pangdiukan kosong gigireunana. Dina korsi ieu pisan. Korsi anu diajangkeun duaneun. Sinta jeung Manehna salawasna mulan mun pareng bulan purnama. Madungdengkeun kasakten cahaya anu tohaga ngaruntuhkeun wewesen mongkleng. Kalan-kalan ngararampa gumiwang langit, mapandekeun jeung ngemprayna dada sewang-sewang.

Mulang. Mulang. Mulang kana panineungan. Hiji peuting nu sejen. Peuting katiga nu sejen. Lima taun katukang. Nya harita pisan manehna neuteup ku teuteup anu lian ti sasari. Teuteup anu sejen. Anteb. Museur. Tapi geuning kalah ngalahirkeun kelemeng leuweung keueung. Tangkal-tangkal anu rarembet dak dumadak ngolebat jeung halimunna anu mupus saban rarambu, mupus saban jalan. Sakedapan purnama gumeleter. Cahaya paregat tuluy muguran jadi sirung di manana, ngungun pulas bungur.

Mimitina tina korsi. Teuteup eta kiwari bet asa ningker sabudeureun. Jadi teuteup anu leuwih sejen dina implengan. Aheng. Asa nyalingker dina pucuk tihang bandera, anu tambang pangerekna bangun katirisan misono kelebet . Ngintip tina saban daun samoja. Ngeteyep sapanjang pager.

Ah, isarah kalan-kalan sakadar isarah, Sinta mapalerkeun geter anu teu kabaca rusiahna. Tuluy ngimpleng-ngimpleng nu baris ngarongheap lebah panto pager. Meneran dinya pisan. Handapeun neon jalan. Manehna biasana ngajanteng heula. Meungkeut buuk panjangna. Nyekeskeun korek api, nyeungeut roko. Roko bodas. Mentol. Satutasna tilu kali nyerebungkeun haseup, nyurungkeun panto beusi. Sora nu ngageret manjang. Manehna ngalengkah. Kaos hideungna. Calana levisna. Ransel biruna. Tara ka mamana deui. Lempeng muru korsi ieu. Korsi nu kiwari karampa haneut. Lir haneut awak manehna. Peuting ieu mah. Geus diniatan mun geus katenjo rentang-rentang ringkangna manehna, Sinta arek mapag kaluar. Mangnyeungeutkeun rokona. Mangmukaeun panto pager. Arek dikaleng muru korsi. Arek nembongkeun kasono.

Paduduaan. Ukur paduduaan. Silih lawungkeun kalangkang nu dipaparinkeun ku bulan. Saban purnama. Mun paduduaan, Sinta apal, Manehna bakal ngamimitian murak ringkang nu kajuringkangkeun sabulan campleng. Sorana semu gumeleter bangun anu nyidem usum tiris. Haseup rokona nu langgeng nyerebung muput saban kekecapan. Tuluy ngalelebah naon anu keur diguntrengkeun daun kana daun. Ngimpleng-ngimpleng nu diharewoskeun angin. Saeusi pakarangan sok tuluy diwawaas caritana sewang-sewang. Cenah mah tihang bandera miceuceub tangkal samoja. Ari daun migeugeut taneuh. Bet kawas carita anu ngagambarkeun kahirupan. Tara bosen ngabandungan nu tuluy ngamalirkeun gerentes. Ti purnama ka purnama. Manehna salawasna ngasongkeun dunya nu anyar keur Sinta, ngasongkeun sagara jeung parahuna. Balayar. Lalayaran sapanjang peuting, sapanjang purnama..

"Sinta, Bulan tara jalir kana jangjina. Ngan mega kalan-kalan wangkedang memeh usumna." kitu cek manehna dina geter sora anu sejen. Dina hiji peuting anu sejen tea. Dina teuteupna anu sejen.

Lima taun. Manehna ngiles. Musna. Taya iber atawa beja, estuning simpe. Da kitu carek duanana. Sinta ukur mulasara saban geter anu namper ku jempling. Api-api jempling, saestuna kasono motah ngajaul jadi pucuk-pucuk guligah nu ngaduruk kalbuna. Saban purnama sapanjang lima taun. Sinta ukur nepungan korsi nu molongpong. Dadana asa gorowong. Asa aya ajag nu nu ngagorogotan rohang-rohang dada. Tuluy babaung sapanjang waktu.

Sinta nyirian wanci ku angkrek pulas bungur. Sakadar nandaan mangsa. Satutasna manehna miang. Apan Sinta tuluy dikawinkeun ku kolotna. Kawas carita Siti Nurbaya. Dijodokeun. Teu kungsi amprok heula. Langsung pruk jatukrami. Sakadar tuhu ka sepuh. Taya bogoh atawa geugeut. Estuning taya geter. Teu burung geuning lungsur-langsar rumah tanggana. Kalan-kalan Sinta sok ngahelas mun nyanghareupan salakina. Enya. Salakina teu apaleun nu dipihukumna satemena ukur nyanghareupkeun beungeut. Sedeng atina apan salawasna mungkir ka Manehna. Asa jadi jelema hianat. Ucap jeung lampah ka salakina, pasalia jeung hate. Tapi apan cinta teu bisa dipaksakeun. Najan kitu, Sinta beuki tapis nyumputkeun nu nyangkaruk. Ngayonan anu mikanyaah. Najan kabagjaan ukur semu. Kahirupan lumangsung lir amis jeung maduna. Malah apan geus batian. Nenden. Geus dua taun Sinta jadi indung.

Salakina geus apaleun mun meneran purnama, Sinta sok menta mulang ka imah indungna. Geus rupa-rupa alesan. Najan salakina tara tatanya oge, tara tetelepek. Sinta ngarasa alesan perlu sangkan salakina ngarasa dihargaan, teu asa disapirakeun.

Ukur Indungna anu sok rada rewel mimitina mah. Dina taun-taun munggaran kawin kituna teh. Ari kadieukeuna mah bangun anu geus biasa. Tara owel. Paling menta incuna, Nenden, dibawa. Atuh jadi kawas ritual bulanan tungtungna mah, mulang ka imah indungna teh. Saban bulan purnama salakina leungiteun Sinta. Keur Sinta bulan purnama ukur keur manehna. Taya nu lian.

"Tos wengi, Neng. Mending di lebet geura. Urang tutup-tutupkeun nya. Nembe aya telpon ti ramana Nenden." saurang wanoja tengah tuwuh. Ngarongheap. Neuteup nu anteng di juru pakarangan. Bet aya kolebat mangkarunyakeun mangsa aya nu mere isarah ku gideug anu laun. Gideug anu lebet ku katineung. Mugurkeun carita nu langgeng nganti lalakon. Gideug nu matak ngarengkog lengkah nu ngadeukeutan.
"Bilih lebet angin, Bibi mah. Mani nyecep kieu." Bibi ngarapetkeun baju haneutna. Tuluy nyacampah angin.
"Antep we, Sumi. Kawas teu apal kana adatna. Pangmikeunkeun jeket anggur. Moal ngolesed bisi budakna hayang dipepende oge." sora nu mairan ti jero imah. Indung Sinta.

Bi Sumi ngojengkang deui ka jero. Teu lila geus mawa jeket. Pek diasongkeun ka Sinta. Sinta nampanan. Jeket disimpen dina lahunan.

"Euleuh, mani ngebrak kieu."

Bi Sumi tanggah. Bulan buleud. Belenong semu perak. Bentang-bentang kumariceup. Tingburicak.

"Asa emut nuju alit di lembur, Neng. Ngabungbang. Arameng sareng kalangkang di buruan. Tetembangan saruka bungah. Ah, ayeuna kari hirup dina panineungan. Panineungan mah ukur panineungan. Kabagjaan anu moal kasorang deui. Janten rus-ras ieu teh."

Sinta mencrong Bi Sumi anu keur tatanggahan bari nangkeup harigu. Bi Sumi teh anu ngasuh Sinta ti bubudak. Nyaah jeung bela alahbatan ka anak sorangan. Ukur Bi Sumi nu apal kajadian Sinta jeung Manehna. Ukur Bi Sumi anu surti pangna angkrek bungur salawasna aya di juru pakarangan.

"Lima taun, Bi. Korsi ieu taya nu ngeusian." Sinta ngagerendeng. Jeket ayeuna mah ditatangkeup. Bi Sumi kalah anteng api-api teu ngadenge anu hayang dipairan. Geus lawas hayang ngingetan Sinta, anu teuleum dina carita katineung. Bi Sumi kawas anu ngawahan. Antara panineungan sorangan, jeung kalakuan Sinta anu cek pangrasana mah micinta anu teu samistina. Bi Sumi hayang Sinta buleud ngambah rumah tangga. Ngubur mangsalawas.
"Lima taun, Bibi. Asa karek kamari. Asa geus ratusan taun. Ayeuna bakal cunduk. Tingali kembang mani mangkak kitu, Bi. Bungur siga anggur." Sinta malikan deui ngeunaan waktu. Geus lain rusiah jang Bi Sumi mah. Taya rusiah anu disumputkeun.
"Bongan kalah ngangantos anu teu karuhan, nu liwat mah, Eneng, keun sina ngaliwat. Keur naon ngangantos, misono anu teu kudu dipisono. Apan Eneng tos sadrah dipasrahkeun ka nu milari. Kembang, Neng, masrahkeun diri kana seungit, warna mah mung pupulasan. Apan kucubung oge bungur." cek Bi Sumi bari ngareret.
"Purnama ayeuna manehna bakal nedunan janjina, Bi. Bakal ngeusian korsi ieu deui." Sinta rada kerung ngadenge ucapan Bi Sumi anu kawas nganaha-naha. Padahal salila ieu Bi Sumi tara ieuh baranggeureuh.
"Cek, Bibi mah. Teu aya gunana. Jarak sareng waktu sok ngarobih jalmi, Neng. Mudah-mudahan atuh Eneng ge tiasa robih."
"Ari Bibi..." Sinta mencrong seukeut. Bi Sumi bet ngaraheutan hatena. "Nganganti lima taun. Nganganti kabagjaan. Pamohalan arek ngagilir."

Bi Sumi malik neuteup nu mencrong. Teuteup deudeuh. Kagok asong pikirna. Teu hayang nejo Sinta mulang deui kana lalampahan mangsa lawas. Teu narima. Apan Bi Sumi oge anu milu mangaruhan indungna Sinta, lima taun katukang, sangkan gagancangan ngajodokeun sarta ngawinkeun Sinta. Malah mah api-api nyarita katitipan saur ku bapana Sinta nu harita gering parna. Pajar hayang nenjo Sinta lakirabi memeh nepi kana waktuna.

"Purnama ieu saksina, Bi. Asih anu nu pangasihna. Moal jalir kana pasini. Moal hianat kana rasa. Manehna bakal datang deui cara baheula. Di dieu, di korsi ieu. Carita nu pegat bakal tatan-tatan lumampah deui." Sinta miceun beungeut kana bulan nu beuki luhur. Ningali teuteup Bi Sumi keur Sinta kalah ngaliarkeun deui teuteup nu aheng. Rabeng. Lain teuteup lebah peuting nu sejen tea. Ieu mah aheng jeung seukeut badis matapeso.
"Purnama, Neng. Jang Bibi. Asa nembrak keneh lalakon puluhan taun kapengker. Nuju ngabungbang sarukabungah. Namina oge di lembur. Purnama teh diantos pisan. Ngabungbang janten impian. Samemehna sarerea ngarereka naon anu bakal dilampahkeun handapeun bulan. Hiji purnama, harita pisan, Bibi keur tetembangan. Jol sora pestol tingjaledor. Teu kantos lami aya beja, bapa Bibi tiwas. Na atuh, breg teh gorombolan ngaraksuk lembur. Duka gorombolan duka tentara. Duka lamun garong. Bibi mah teu terang. Nu terang mah, harita sadaya bubar katawuran. Imah-imah diduruk. Bibi anu keur tetembangan kalah ngahuhuleng. Tuluy ceurik. Tagiwur. Ningali imah Bibi ngabebela. Indung Bibi oge teu kapuluk. Purnama ngaduruk sagalana, Neng. Purnama sakadar purnama. " Bi Sumi laju ngaheruk. Laun ngawih Kembang Tanjung.
"Bibi mah ngarang!" Sinta rada tegeg. Najan kitu Sinta apal Bi Sumi can kungsi bohong. Ngan teu narima lamun purnama jadi isarah sedih, atawa tumpurna hirup jeung harepan. Tumpurna cinta. Keur Sinta purnama hartina Manehna. Taya nu lain.

Bi Sumi humariring. Ngalengis sorangan. Ngalengis keur dirina. Ngalengis keur Sinta. Taya deui kalimah anu bisa dikamalirkeun jang ngageuing Sinta.

"Cek Bibi mah, cekap Nenden janten korban Eneng ngeukeuweuk cinta nu sanes samistina. Apan Eneng harita ngahaja masihan nami eta ka putra Eneng. Naon lepatna pami kanyaah ditamplokeun ka Nenden." Bi Sumi mungkas obrolan, sabada aya nu nyalukan ti jero imah.
" Bibi....!" Sinta nyereng. Jep jempe. Baeud lain bobohongan.

Bi Sumi nuluykeun humariring bari ngalengkah lungse ka jero imah.

Sinta. Bulan. Angkrek bungur. Langit tambah ngebrak. Pakarangan lir kalang sambuang jeung cahaya. Marakbak.

Laun aya mobil sedan ngarongheap. Eureun meneran panto pager.

Sinta curinghak. Gentak cengkat. Barang nenjo anu turun tina mobil. Nenjo rimbagna. Jeket murag tina tangkeupan. Jol lumpat muru nu anyar turun. Mapagkeun nu keur meungkeut buuk. Sora ngageret. Panto pager muka. Silih teuteup.

"Sinta!"
"Nenden!" jol gabrug wae Sinta ngagabrug anu anyar datang. Namplokkeun kasono ku rangkulan anu pageuh kawas nu hayang liket salalawasna.

Nenden, Manehna tea, ngusapan buuk Sinta. Ngantep anu pogot nangkeup raket. Dina mobil aya anu lampu jerona dicaangkeun aya dua budak buukna parirang nu katenjona kembar sarta saurang lalaki bule anu nyekel setir. Marerong anu silih gabrug.

"Sinta. Kumaha damang?" Nenden ngolesedkeun rangkulan. Neuteup Sinta anu masih geugeut teu bisa nyarita.
"Sinta. Itu kenalkeun. Oleh-oleh ti Amerika." Nenden semu heureuy.
"Saha, Nen?" Sinta ngarenjag. Mencrong Nenden. Mencrong mobil. Bulak-balik. Cangcaya mekar dina panonna.
"Ari Sinta. Caroge sareng buah hati atuh. Sinta tos kagungan putra?" Nenden seuri nenjo rindat Sinta anu bangun reuwas. Rampang-reumpeung.
"Nen!"Sinta undur-unduran. Tutunjuk ka Nenden anu katenjona hemeng ku kalakuan Sinta.
"Sinta, ku naon?" Nenden ngadeukeutan anu mimiti nyegruk.

Sinta teu nembal. Lumpat muru imah bari hujan cimata. Teu malire Nenden anu ngahuleng lebah pager. Nenden ngarenghap panjang. Cumalimba. Nyusut nu rembes. Masang imut. Malik deui kana mobil. Cacarita ka salakina. Geblus kana mobil. Mobil laju lalaunan ninggalkeun pakarangan. Bulan. Jeung Angkrek bungur.

Sora jam salendro di jero imah heubeul pulas bodas ngelentrung sapuluh kali. Bangun marengan Sinta nu ngagukguk kanyenyerian di hiji kamar. Nganti lima taun saukur, manahoreng saukur nganti matapeso nubles tatu. Nyuuh siraheun budakna anu tibra dina ranjang. Nenden. Nenden anu sejen.

Bi Sumi humariring keneh bari meundeut-meundeutkeun jandela. Sora jam ngahontal pakarangan. Bangun hayang ngelentrung ka alak paul. Hayang ngajaul purnama.

Purnama peuting katiga. Tengah taun. Jam sapuluh peuting. Aya nu mugur katebak angin. Carita cinta nu mikung muguran. Bungur. ***

Rabu, 28 Maret 2012

CARA SEARCHING DIWEBFILEHOSTING YANG TIDAK MENYEDIAKAN MESIN SEARCHING


Kita tentunya sudah tidak aneh jika mendengar "mediafire" atau filesonic atau juga fileserve dsb. Ketika kita mendownload file - file software seringkali file - file tersebut tersimpan di website tersebut. 

Tapi sayang website tersebut tidak menyediakan mesin pencarian/searching sehingga menyulitkan kita untuk meng - "eksplore" file - file apasajakah yang terdapat di website tersebut? atau file yang kita cari adakah atau tidak di websie tersebut?

Tenang, .. solusinya simpel aja kok, kita hanya perlu menambahkan kata "trend" sebelum ".com", contoh : mediafiretrend.com, filesonictrend.com, fileservetrend.com dll, kita tinggal mengetikkannya dialamat pencarian dan hasilnya bisa anda rasakan sendiri.

Trik tersebut hanya berguna pada webfile hosting yang tidak menyediakan mesin penelusuran (searching) saja, sedangkan untuk webfile hosting yang menyediakan mesin searching seperti 4shared.com atau ziddu.com trik diatas tidak perlu dan tidak berguna (not working).

Pencarian di mediafire.com

Pencarian di fileserve.com


Oke deh sobat semuanya semoga saja postingan ini bermanfaat bagi anda semua....

VanBasco's Karaoke Player


Pada kesempatan kali ini saya akan share sebuah Software Karaoke, namanya VanBasco's Karaoke Player. Software ini sangat cocok bagi anda yang gemar karoke-an. Terus terang saja dulu saya menganggap file2x midi (.mid, .midi) kurang berguna, apa sih bagusnya midi??? Bahkan jika ditempat kerja atau ditempat nongkrong tiba2x ada HP bunyi tulalat-tulalit (Nada deringnya Midi) biasanya teman2x lainnya bilang "Dasar HP Jadul, ganti dong sama yang baru !!".

Begitulah kenyataannya, bahkan jika di mainkan di mediaplayer seperti Winamp dan Windows Media Player-pun rasa-rasanya aneh deh tulalat tulalit melulu apalagi sound-nya cuma speaker komputer biasa atau laptop jangan deh, payah banget!!! tapi.................. eit tunggu dulu..........

Setelah saya bertemu & bertatap muka langsung secara Empat Mata (kalau Bukan Empat Mata ya Mas Tukul Arwana he..he..he. ...... Admin Lebay deh....) dengan nih software, terus terang saja pendapat saya tentang file Midi berubah 180˚, Mulai saat itu saya rajin berburu file2x midi berbagai jenis Genre musik baik indo maupun mancanegara.

Apa sih kelebihan software ini??? 

Yang pasti banyak deh, yang terpenting software ini sangat ringan, software .exe-nya hanya sekitar 880 KB atau 761 KB file .Rar-nya, kelebihan lainnya dengan software ini kita bisa menampilkan atau menonaktifkan nada-nada yang kita inginkan, contoh : menonaktifkan nada tulalat-tulalitnya (nada yang mewakili suara Vokalis), yaitu dengan cara mengklik tombol merah pada bagian midi outputnya.


Saran saya : untuk Sound-nya gunakan yang powernya besar, dijamin deh kayak konser.

Hati2x !!! karena dengan software ini tetangga anda akan menyangka anda adalah seorang pemain (Player) Organ Tunggal, bisa-bisa mereka akan mendatangi anda dan meminta "Lagu Bang Toyib" he..he..he..  canda kok..

Oya bagi anda yang tertarik silahkan disedot softwarenya (link Mediafire)


Semoga bermanfaat.

Jumat, 23 Maret 2012

Paket Fonts Gratis
















Bagi sobat semuanya yang membutuhkan koleksi fonts untuk
desain pribadi, silahkan mampir disini. Coba perhatikan beberapa contoh
tulisan diatas, jika anda ingin tinggal download aja, gratis kok.

Oh ya cara instalnya (file kami bagi 3 paket @± 5 MB file rar)  semua file di
ekstrak ke C : WINDOWS/Fonts.

Ini dia file downloadsnya Paket 1Paket 2Paket 3.

Kamis, 22 Maret 2012

Titis Tulis


Ku Dedin Rohaedin

Nis, ieu Maya, sobat anjeun baheula. Geus tilu kali ngetrok panto, ku naon teu dibuka bae? Lampu di tengah imah ngemprah keneh. Sora televisi kadenge ka luar. Karek tabuh salapan ieu teh, piraku Ninis geus tibra. Asa moal salah imah deuih. Maya geus tatanya ti gapura komplek keneh. Kabeh nu ditanya nuduhkeun ka dieu, ka nomer ieu. Jeung moal keur kagok digalentor ku salaki meureun, pan Ninis teh rarangdaan keneh lin?

Nyangka kitu teh pedah ceuk Ninis sorangan, kapok teu hayang deui boga salaki. Inget keneh teu basa opat taun ka tukang urang ngobrol duaan di warung sate Pa Kumis? Ti harita urang can bisa tepung deui.

"Sorangan bae Nis, keur ka mana ari Kang Adin?" kitu barang gok tepung di warung sate teh.
"Tong nanyakeun Si gejul, mending ge murak sate sing wareg!" tembal anjeun bari diuk gigireun, beulah katuhu.
"Har, ku naon kitu? Keur pasea?"

Harita paroman anjeun ngadadak alum. Terus robah jadi jamotrot kawas nu ambek. Untung Ninis mah geulis, najan keur jamedud ge angger we siga Bella Saphira. Rancunit matak pikabitaeun lalaki. Keur mah boga awak sampulur bari bahenol, puguh we matak moho sakur nu nenjo.

"Geus pisah jeung Si jurig teh, geus rek sataun!" ceuk anjeun bari jebi.
"Baruk? Tega geuning Kang Adin teh? Teu cara baheula keur hayangna, mani teu sirikna ngalehor dina golodog?" cekeng kaget pisan.
"Numatak ge, lalaki mah teu bisa dicepeng pamadeganana. Hanas keur bobogohan jeung Kang Iwan kapaksa dipegatkeun. Tuda watir ku melas-melisna. Jeung kataji ku keyengna we, mikahayang ka urang teh teu sirikna bebeakan. Geus puguhna surat murudul teh unggal minggu, apan lamun datang ge teu weleh angkaribung jingjing bawa. Atuh lamun balik ti panyabaan, memeh datang ka kolotna teh ngaheulakeun ka urang heula. Kitu deui mere duit pamahugi, eusi amplop teu weleh kandel. Sok we, saha awewena nu teu kaceot!"
"Enya, apal Maya ge. Tapi naha atuh bet tibalik lemah? Lain pedah Ninis katohyan nyelewer?"
"Euleuh, goreng teuing sangkaan teh, May?"
"Ih, pedah keur usum we. Pan ayeuna mah nu nyelewer teh teu pandang cacah atawa menak, teu di rahayat teu di pajabat...," nembal teh bari ngagalokeun kecap kana samara sate.
"Lain manehna nu nalak, tapi Ninis sorangan nu menta pisah. Ninis nu ngagugat talak ka pangadilan agama. Alhamdulillah hasil."
"Deuh, rame geuning Nis? Jadi, Kang Adin nu nyelewerna?"
"Lain perkara nyelewer, May. Kang Adin robah jadi euwah-euwah!"

Nis, inget keneh teu, harita Maya. Teu ngarti naon nu dimaksud ku Ninis. Maya panasaran hayang ngadenge lalakon nu sagemblengna, tapi Ninis kalah jongjon ngahuap. Sakitu geus beak tilu tiir, Ninis teu daek pok bae.

"Pok atuh, Nis!" cekeng, gantung areuyeun.
"Naon?" ceuk Ninis, malik mencrong.
"Eh, ari Ninis bieu tos ti mana heula?"
"Murak sate!"
"Ih, Maya mah mani ti dengdek-dengdek hayang ngadenge lalakon Kang Adin jadi euwah-euwah..."

Anjeun nyikikik. "Sugan teh teu panasaran," bari kop deui nyokot tiiran sate.

"Dasar gembul!"

Lalakonna panjang, May."

"Kajeun panjang oge, sok atuh caritakeun, meungpeung panggih," ngahaja sendok diecagkeun, ngahuap eureun heula bakat ku hayang saregep ngadengekeun.
"Mimitina mah saprak Kang Adin di-PHK," ceuk anjeun muka carita. "Lantaran hayang boga gawe deui, manehna meh unggal poe indit ngasup-ngasupkeun surat lamaran. Tapi nepi ka tilu bulan can aya nu narima bae. Antukna duit pasangon nu teu sabaraha gedena teh beak dipake kabutuh sapopoe. Tah, ti harita sikep Kang Adin mimiti robah. Manehna kawas nu peunggas harepan. Duka ku naon jadi remen meuli inuman nu teu paruguh. Lamun indit ti imah, balikna meh tengah peuting bari sasampoyongan mabok. Jadi gede ambek deuih. Komo lamun euweuh duit mah, wani nyiksa sagala ka Ninis teh."
"Euleuh, kutan kitu Nis? Terus kumaha?" cekeng wuwuh bengong.
"Hiji poe Kang Adin ngajak ulin. Cenah mah ngajak nganjang ka sobatna nu rek mere pagawean. Anehna, Ninis kudu dangdan kawas rek ka pesta dangsa. Kudu geulis, kudu menor, kudu seksi, cenah. Tara-tara ti sasari Ninis kudu make baju nu nyitak awak jeung erok pungsat. Jeung deui teu meunang mawa budak, May."
"Ninis teu nolak?"
"Ih, puguh we nolak mah. Pan iraha teuing Ninis dangdan kawas jablay. Komo bari kudu ninggalkeun budak nu anyar dikisat. Tapi Kang Adin keukeuh maksa. Gaul cenah sakali-kali mah. Meh bebas, budak pihapekeun ka tatangga, pokna teh."
"Tapi bener nya nganjang ka sobatna?"
"Nu matak, ti harita Kang Adin gejulna teh. Manehna jadi euwah-euwah May!" ceuk anjeun bari paroman ngariuk nguyung. Tina juru panon ebreh aya nu ngembeng. Lila-lila peupeus ngalembereh mapay pipi.
"Maksud Ninis?"
"Ninis teh dilacurkeun, May. Ninis dijual ku Kang Adin ka sobatna."
"Astagfirulloh...!" ngadadak dada karasa eungap.
"Lain ukur sakali eta, May. Unggal manehna butuh duit, Ninis terus dilacurkeun."

Nis, ngadenge kitu jajantung Maya asa rek pegat. Sakedapan ngaheunggeu. Asa percaya asa henteu. Naha Kang Adin jadi nista? Apan baheula mah sakitu bageurna? Jeung asa boga dosa ka Ninis teh, lantaran Maya sorangan nu nepungkeun Ninis ka Kang Adin.

"Ari Ninis teu bisa ngalawan pisan?"
"Hese nyaritakeunana, May. Nolak jeung ngalawan mah asa geus kurang kumaha. Dasar jelema gejul, beuki wani ngalawan beuki pohara nyiksana. Nu ngaranna ditampiling mah geus teu kaitung duka sabaraha kali. Lamun nolak ngalayanan lalaki bawa manehna, sapeuting eta Ninis digantung. Sirah di handap, suku di luhur..."
"Ya Alloh, ya Robbi...!"
"Ninis ge kungsi kabur May, tapi kacerek deui. Ti harita Kang Adin ngancam, lamun Ninis nolak dilacurkeun, cenah keur gantina Si Pipit rek dijual!"
"Beu!"
"Sok pikir ku Maya. Kajeun Ninis jadi korban ti batan anak nu dijual," anjeun harita terus nyegruk.

Harita teh Maya ge kabawakeun ceurik, Nis. Urang paungku-ungku duaan. Teu ieuh malire tukang sate nu kumisna ngadadak lempes. Maya bisa ngarasakeun kumaha paitna nasib Ninis. Ceuk paribasa mah Ninis the lir ibarat maju jurang mundur jungkrang.

"Hadena we ka Ninis aya jalma nu haat nulungan," ceuk anjeun sanggeus cimata urang mimiti saat.
"Kumaha dongengna, Nis?" cekeng bari curinghak.
"Sakali mangsa Ninis dilacurkeun deui. Poe eta mah teu dianteurkeun ku Kang Adin, tapi ngadon nitahan sobatna. Ninis diserenkeun ka hiji lalaki perlente. Aneh, nu ieu mah keur kasep teh someah. Apan nu sejen-sejen mah barang gok oge sok langsung rorontok muka anderok. Tapi nu ieu mah kalem pisan. Boro-boro ngarontok, diuk ge teu wani padeukeut. Di kamar hotel teh, Ninis diuk dina biwir ranjang, manehna mah camekblek we dina korsi."
"Geuning, aya nu kitu lalaki teh?"
"Ninis ge heran, May. Manehna kalah ngajak ngobrol, tatanya naon kasang tukangna pangna Ninis cenah jadi awewe panggilan. Ah, kasempetan ceuk pikir teh. Brak we dibuka sagalana. Meureun geus kersana Nu Kawasa. Eta lalaki teu pisan wani ngoromeoh. Kalah dek we nyieun reka perdaya. Nya ku anjeunna salaki gejul teh dijebloskeun ka panjara, sakalian Ninis dibantuan ngagugat talak...."

Duh, mani ngemplong ngadengena teh, Nis. Alam dunya asa ngadadak blungblang. Warung sate nu sumpek ge asa robah jadi stadion. Enya, bakat ku milu bungah.

"Nu matak, geus Ninis mah teu hayang deui boga salaki. Kapok. Ayeuna mah rek ngurus si Pipit di lembur. Rek disakolakeun sing luhur. Rek dipasantrenkeun. Sugan we jadi budak anu solehah," anjeun ngebrehkeun harepan.
"Maya salut ka Ninis," cekeng bari ngarangkul. "Maya angkat topi. Teu sangka Ninis bisa teger, tabah jeung tawekal. Mun Maya nu ngalaman kitu, duka bakal kumaha. Paling ge geus we maehan maneh. Gantung diri. Rek marakayangan jadi ririwa. Rek diuber salaki gejul kitu mah. Ngahukumna teu cukup ukut dibui kawas Kang Adin ayeuna. Salaki ucut burung mah kudu dijungjurigan sangkan paeh molotot!"
"Hush, nyarita teh sok sompral kitu, kumaha mun dituliskeun jurig?"
"Bae dituliskeun jurig mah, asal ulah dituliskeun malaikat we!" ngawalon teh bari jebi.

Nis, ayeuna Maya aya di teras. Ku naon ngetrok panto taya nu ngawaro? Geus tibra sare kitu? Boa Ninis jalir jangji, geus boga deui salaki. Mun enya teh, meureun ayeuna keur dikeukeupan, atawa keur ngahenen diparende ku bebene pamepes hate.

Ti saprak pisah di warung sate Pa Kumis tea, urang can bisa tepung deui. Bongan Ninis balik ka lembur. Maya teu nyaho ka lembur Ninis. Apan salila sosobatan teh urang mah teu ingkah ti kota Bandung. Tadi oge mapay-mapay we tatanya ka saban jalma nu kaparengkeun panggih di jalan.

Maya teh rek menta tulung, Nis. Bet sanasib geuning urang teh. Meureun sakumaha ceuk Ninis harita, omongan Maya dituliskeun jurig. Salaki Maya ge robah jadi euwah-euwah kawas Kang Adin. Maya sarua dilacurkeun ku salaki.
Duh, nyeri batin teh, Nis. Ampir saminggu tilu kali Maya kudu ngalayanan lalaki culas. Maya dipaksa teu meunang embung. Kawas Ninis harita, sarua Maya ge remen disiksa. Mun teu ditampiling, nya didagorkeun kana tembok. Sakapeung Maya dilelep-lelep dina bak mandi, terus dikerem sapeuting jeput.
Teu kuat Maya mah, Nis. Teu bisa teger jeung tabah kawas Ninis. Tilu poe ka tukang Maya nekad maehan maneh. Maya gantung diri, Nis. Boa Ninis ge terang kasusna dina Buser atawa Sergap. Kasus Maya diliput ku kabeh stasion tivi. Kungsi nonton teu?
Nis, geus dua peuting Maya marakayangan. Geus dua peuting ngubek kota Bandung neangan salaki. Cara omongan Maya harita, salaki gejul teh rek diuber. Rek diririwaan. Rek dijungjurigan ngarah paeh molotot.
Nis, ieu Maya aya di hareupeun imah. Buka atuh pantona. Piraku kudu gegedor? Maya bingung Nis. Salaki can kapanggih keneh. Duka ka mana kaburna tah jelema gelo teh. Sugan atuh lalaki nu bareto nulungan Ninis ayeuna bisa nulungan ka Maya. Pangnewakkeun salaki Maya. Lamun geus aya di pangberokan, keun bagean Maya nu ngajungjurigan. Satuju, Nis? ***

Bogor, 200309

Kamis, 15 Maret 2012

Patepung dina mangsa ditundung


Ku Jejen Jaelani Wargadipura

Lebah jalan cagak, lengkah Isah ngarandeg. Panonna sajongjongan neuteup budak nu aya dina aisanana. Katempo rada pias, bangun nu gering. Gap tarangna dirampa, karasa rada panas. Curucud cipanonna ngalembereh. Batinna ngageuri, atina lir katurih ku hinis kapeurih. Raga lir keuna ku kawisaya alatan nu jadi salaki keur aya dina tega, kabengbat ku cinta nu bahe ti awewe urang Cihonje.

Lalakon imah-imahna jeung lalaki pangreremo indung bapana bet pukah kapegat ku gogoda. Dirina nepi ka ditundung ku nu jadi salaki. Deudeuh anaking, gerendeng atina bari ngusapan sirah budakna. Sing sabar Nyai, hidep keur keuna ku prihatin alatan nu ngayuga hidep keur aya dina jalan nu sasar....

Lalaunan sukuna ngalengkah deui. Lelembutanana kumalayang ka mangsa nu pinuh ku bagja. Enya mangsa bagja, najan kasebutna kapaksa, lila-lila mah teu burung aya rasa cinta, lalaunan asih weningna tamplok ka lalaki nu geus ikrar jadi salaki. Rasa bagja mimiti nyaliara, ngarandakah ngiuhan palataran raga katresna. Hanjakal, rasa bagja teh ngan sakolepatan, lir kilat nu ngenyay sajorelat. Nu kari ayeuna ngan ukur reueukna. Teu kasawang naha reueuk teh bakal nyingray atawa bakal terus jadi geblegan poek. Lalaunan leungeunna ngusap cimatana.

"Badak! Badak!"

Gebeg. Gigireun angkot Cibadakeun eureun.

"Cibadak, Bu?" tanya kenekna.

Manehna unggeuk. Kalacat naek. Gek diuk gigireun lalaki. Leungeunna deui-deui ngusapan tarang budakna.

"Har..., geuning Isah ieu teh...."

Gebeg. Direret, beuki ngagebeg.

"Eu... geuning Kang Asep...," tembalna rada peura, bari semu aga-eugeu kawas nu manggih kareuwas.
"Bade angkat ka mana?"
"Euh..., manawi bade ngalongok Embu..." tembalna. Bangun nu rada asa-asa rek ngajawabna teh.
"Euh..., ku kaleresan nya, na da Kang Asep ge bade ngalongok sepuh, tos lami puguh tara dilongok...."
"Euh... ari kitu Kang Asep ayeuna teh di mana?" pokna, bangun nu rada asa-asa keneh.
"Saprak Isah nikah ge Kang Asep mah terus ngumbara ka Bandung."

Manehna ngarenghap. Lelembutanana ngadadak kumalayang ka mangsa keur lalagasan. Inget keneh kumaha pasini jangjina jeung lalaki panyileukanana nu ayeuna aya gigireunana. Hanjakal pasini jangjina teh teu ngajadi alatan dirina direremokeun ku indung bapana ka lalaki anak jugala. Alatan kabongroy ku dunya, indung bapana tega megatkeun duriat nu jadi anakna. Teu bisa pajar kumaha, manehna kapaksa nurut kana kahayang nu jadi kolotna.

"Putra?" ceuk Asep, bari neuteup budak na aisan.
"Muhun!" tembalna laun, kawas samar polah.
"Bangun teu damang?"
"Numawi..., rada panas...," pokna, bari nyagap tarang budakna.
"Euh..., naha atuh angkat teh bet nyalira, ari tuang raka ka mana?"
"Eu... manawi..., maksad teh nuju dines ka luar kota...." Tembalna, ngabohong. Luk tungkul. Panonna neuteup budakna nu pias, dirina beuki samar polah.
"Euh..., tos sabaraha hiji bati teh?"
"Nembe ge hiji...."
"Har... geuning ancin...." ceuk Asep bari seuri.

Isah ngan ukur seuri, seuri maur. Aya niat rek wakca balaka, naon nu keur karandapan ku dirina, susuganan ari budal mah kanyeri kapeurihna bisa rada ngurangan. Tapi eta niat teh teu bisa kedal. Letahna asa beurat. Beurat ku itu ku ieu. Luk tungkul, jiga nu nyumputkeun jerit atina. Nyumputkeun ulat alum nu pinuh ku ngungun wuyung. Najan enya dirina geus ditundung, dirina masih keneh sah pamajikan lalaki nu ngarana Dudung. Hade goreng ge salaki, dirina kudu tetep gumusti, kudu tetep pengkuh sumujud, kudu tetep ngajaga kahormatan nu jadi salaki.

Enya, naon mangpaatna rusiah rumah tanggana diucah-aceh. Najan enya, lalaki nu aya gigireun dirina kungsi mikanyaah jeung dipikanyaah, tetep we ayeuna mah geus lain-lainna deu. Dina dibejakeunana ge boa matak seuri ngera-ngera. Najan enya lain kahayangna, lalaki nu aya gigireunana teh kungsi dinyenyeri, boa kanyerina teh manjang alatan terus nyayang.

"Ku naon, bet sapertos nu teu damang Isah mah?"
"Eu..., numawi rada rieut..."
"Euh..., biasana, upami putra teu damang, ibuna ge sok ngiring teu damang...."

Deui-deui manehna ngarenghap, beuki alum, beuki nguyung. Deudeuh anaking..., batinna beuki ngageuri. Ku naon atuh bapa hidep teh bet ngumbar napsu... Gusti... horeng, Kang Dudung teh mung saukur meredih amisna asih jisim abdi. Ikrar mangsa dirapalan teh ngan saukur lalambe. Duh Gusti... mugi Anjeun masihan kakiatan ka jisim abdi..., mugi Kang Dudung sing enggal sadar tina laku lampahna.... Lalaunan leungeunna ngusap deui cimatana bari terus ngusapan tarang anakna nu nyebret panas.

"Eu.... Ku naon bet nangis?"
"Eu... ieu manawi, teu kiat ku rieut...," tembalna laun bari terus mencetan taarna.
"Euh..., Pir!" ceuk Asep bari ngageroan ki Supir.
"Aya naon, manawi?" tembal Ki Supir bari angger neuteup ka hareup.
"Daek teu nganteurkeun ka Lembur Cisompet..., aeh di Cisompet keneh ibu rama Isah teh?"
"Eu..., sawios atuh Kang!"
"Hih ari Isah, ti Cibadak ka Cisompet teh tebih, kana ojeg mah kuriak ragrag, hawatos ka putra..." ceuk Asep, daria pisan. "Ke sabaraha Pir?"
"Pasihan we atuh dua puluh lima mah...!"
"Enya, asal nepi ka hareupeun imah we...!"
"Ih atuh kantenan we, Pa...!" tembal Ki Supir bari seuri.

Isah ngarenghap. Reup peureum. Lelembutanana kumalayang ka mangsa bihari, ngadon nyukcruk lalakon nu geus lawas, ngadongkang jirim asih nu teu ngabukti. Inget keneh basa dirina wakca balaka alatan indung bapana ngareremokeun ka lalaki anak nu jugala, nu ayeuna keur kapengpeongan ku awewe urang Cihonje, nepi ka luas nolas nundung dirina.

"Kumaha atuh Kang?" pokna dareuda.
"Muhun, kedah kumaha deui atuh..." tembal Asep rada ngageter. "Kasebatna ge sepuh, hade goreng ge sepuh, moal aya sepuh nyilakakeun putrana. Matak kitu ge panginten tos katoong bagja dunya aheratna upami Isah ngajodo sareng pameget pilihanana... Leres, rupina parantos katoong, upami Isah ngajodo ka Kang Asep moal nyandak bagja ka sadayana...."

Luk manehna tungkul. Naon nu dikedalkeun ku Asep bieu, bet kawas nu ngajejeleh dirina, Kawas nu ngajejeleh indung bapana. Enya, ku naon atuh indung bapana teh bet pidunya pisan. Sagala rupana teu weleh diukur ku baranyayna dunya.

Seuneu asih nu kungsi ditiupan nepi ka hurung, bet ngadadak kakalicesan katebak ku heabna dunya. Nu disawang asih teh baris langgeng dina ati, behna mah ngan saukur ngalalar bari ninggalkeun panineungan. Lamunan bagja teh ngan saukur implengan, alatan kandeg, kasapih ku kahayang nu jadi indung bapana. Asih wening nu diimpleng bisa ngadalitkeun dua jirim pikeun ngambah sagara rumah tangga bari dibarengan ku jangji sapapait samamanis teh, antukna bolay alatan dirina kapaksa kudu cidra subaya, cidra alatan kapaksa nurut ka nu jadi indung bapana.

Pruk jeung Dudung, lalaki pilihan indung bapana. Sataun dua taun mah ngawayahnakeun maneh, najan taya tresna, tapi ku dilalanyahan, teu burung aya rasa nyaah. Komo sanggeus salakina nempokeun kasabaranana mah. Rasa cua saeutik-saeutik kalindih ku rasa welas, nu antukna ngeclakeun rasa nyaah. Kembang-kembang asih, ngajadi buah nu mawa nyaah, najan teu meuhpeuy, tapi saeutik-saeutik geus bisa nitis galih sanubarina.

Lalakon rumah tanggana geus mimiti nyaynyayan, nyaangan jalan kahirupan jeung nu jadi salaki pangreremo indung bapana. Mapay-mapay asih bari mipir-mipir ngeumbing tali wanci, ngotektak kanyaah bari mapay muntang tambang mangsa, teu burung tumuwuh dina raga nu sadrah sumerah bari dibarengan ku sumungkem masrahkeun diri. Dua jirim mimiti ngahiji, gumulung nu antukna ngagelarkeun turunan, dina wujud jimat pangangreud imah-imahna.

Hanjakal, sanggeus turunan gelar ngaramekeun rumah tanggana, kaasih nu dibarengan ku kanyaah, nu hese meunang hese beleke naratas, ayeuna peunggas alatan tangkayan nu geus jadi nyawana, kagembang ku kembang dodoja, bari ninggalkeun pisin gede nu pinuh ku liwung wuyung marengan ati nu ngageuri.

"Sah...!"

Gebeg.

"Tos dugi...!"
"Euh..." pokna bari ngalieuk ka palebah imah indung bapana. Bari menerkeun aisan anakna, manehna cengkat nuturkeun Asep nu geus turun tiheula.
"Euh... Cobi eta tasna ku Akang..." ceuk Asep.
"Lah, sawios... da teu abot..." ceuk Isah bari ngalengkahkeun sukuna. "Aeh, leres, calik heula, Kang!"
"Euh..., lah sawios..."
"Calik heula, cai-cai heula..., piraku teh bilih..."
"Bilih Abah sareng Embu bendu...?"

Asep unggeuk bari seuri.

"Moal, moal bendu..." tembal Isah bari imut nyumputkeun kanalangsana. "Aeh, na bet janten ngobrol di sisi jalan, calik heula, Kang, moal-moal bendu Abah sareng Embu mah..."

Isah ngarenghap bari ngalengkahkeun sukuna dituturkeun ku Asep.

***

"Nuhun Jang Asep, parantos kersa ngajajapkeun pun anak...." ceuk Bah Anin, daria pisan.
"Euh..., sanes ngahaja jajap, mung kaleresan we tepang dina mobil, katingal bet sapertos nu teu damang." tembal Asep.
"Sanes sapertos deui, da memang leres nuju udur Isah teh, gering lahir gering batin."
"Maksad Abah?" ceuk Asep, bari kerung.
"Lah, nyaeta atuh, Abah nu salah mah.... Tadina mah hayang nempo nu jadi anak bagja, ari heg bet kalah dinyenyeri...."
"Eu..., ke bet janten teu ngartos abdi mah." tembal Asep, beuki kerung.
"Kieu saleresna mah, Jang, Abah rumasa salah, salah pisan, ngareremokeun nu jadi anak, satadina mah hayang nempo nu jadi anak pinanggih bagja, ari heg bet pinanggih sangsara, lahir sangsara batin..." ceuk Bah Anin, bari ngarenghap panjang.
"Maksad Abah?" Asep beuki kerung.
"Horeng, bagja teh lain ku dunya barana...." ceuk Bah Anin, bari ngarenghap panjang. "Aeh, ari bojo Jang Asep urang mana?"
"Bojo?" tembal Asep bari seuri.
"Har na kalah gumujeng..."
"Numawi Bah, abdi mah teu pajeng, saprak Isah nikah ge abdi mah teras ngumbara ka Bandung, eta ge aya ari kahoyong mah, maksad teh kahoyong rarabi, namung nyaeta atuh, ginggiapeun keneh..."
"Ginggiapeun kumaha ari Jang Asep?"
"Numawi sok sieun dinyenyeri deui...."
"Eum ah, ari tos nyindiran teh." tembal Bah Anin, seuri maur.
"Sanes nyindiran, abdi mah nyarios saleresna," tembal Asep, daria pisan. "Aeh, leres, kumaha nu saleresna rumah tangga Isah teh, Bah?"
"Lah, numawi Jang, Abah teh keuna kana paribasa, moro julang ngaleupaskeun peusing... Abah asa dosa ka Jang Asep teh, megatkeun duriat nu jadi anak, ngudag-ngudag dunya, ari geus laksana bet kalah nu jadi anak sangsara...."
"Maksad Abah?"
"Nyaeta salakina Isah teh nyolowedor, nyeleweng ka nu sanes."
"Euh...."
"Bieu ge diguliksek, cenah ditundung...."
"Ditundung?" tembal Asep, bangun nu reuwas.

Bah Anin unggeuk.

"Na da ka abdi mah nyariosna carogena teh nuju dines ka luar kota."
"Lah, nyaeta atuh, bieu ge mun teu dipaksa wakca mah nutupan we kana kasalahan nu jadi salakina. Lah nyaeta atuh, dosa Abah teh." ceuk Bah Anin ,bari ngarenghap panjang, kawas nu ngaleupaskeun bangbaluhna.
"Masya Alloah...,"
"Nu matak, abah mah geus gilig, sina diserahkeun we anak Abah teh, hade goreng ge anak Abah, ari dikakaya mah Abah teh teu suka...."
"Bawiraos pangemut abdi mah, Bah, sateuacan nyandak kaputusan kitu, langkung sae geuing heula nu janten carogena teh, mamanawian tiasa keneh salamet rumah tanggana."
"Ari Jang Asep, digeuing mah kurang kumaha, tapi nyaeta atuh... nu kapengpeongan ku awewe tea, sok noyod."
"Euh..."
"Nu matak, hampura Abah jeung Embu, rumasa Abah dosa, geus megatkeun duriat Jang Asep."
"Ari Abah, sawangsulna abdi, ulah nya kirang-kirang ngahapunten..."

Bah Anin ngarenghap.

Jang Asep ngarenghap. Teu nyangka mun urut bebenena bakal nandang tunggara. Dibabade bakal meunang bagja bet kalah meunang sangsara. Dibabade bakal senang bari ngahenang ngahening, behna mah lalaki pilihan indung bapana aya nu maling.

Horeng hirup teh teu beda ti ngudag-ngudag kalangkang heulang, lir ngimpi nu teu ngabukti. Neang bagja alatan dunya barana, nu kapanggih ngan saukur wewengkon poek mongkleng alatan manusa babari katambias kana jalan nu sasar.

Cara salaki urut bebenena, nu sakuduna jadi pananggeuhan tangtung kujur, bet poho kana kujur. Poho kana purwadaksina, poho kumaha wiwitannana. Dunya barana nu jadi pananggeuhanana, bet kalah mawa kana jalan nu sasar.

Horeng dunya barana mah mun teu bisa mawa jeung ngamangpaatkeunana, ngan saukur lambang kaadigungan manusa, nu bisa mawa kana kasarakahan, antukna lengkahna katambias, linglung teu puguh juntrung.

Asep ngarenghap panjang. Panonna neuteup Bah Anin. Deui-deui Asep ngarenghap. Ras ka Isah, hatena ngahelas. Teu nyangka mun urut bebenena, nu ceuk manehna geulis luar jerona, geulis lahir batinna, bet kudu nandang kanyeri ti lalaki nu leumpeuh yuni.

Gusti..., mugi Anjeun masihan kakiatan..., gerentes Asep bari ngarenghap panjang.

***

Selasa, 06 Maret 2012

Nu Diarep-arep


Ku Ayo Yahya Heryanto


Isuk-isuk keneh Tahyudin geus ngagesruk ngasah bedog. Poe eta teh manehna niat rek ka kebon, babad eurih nu ngajejembrung. Geus lima poe teu aya nu ngajak gawe. Sasarina mah boh nu nitah macul atawa nu ngajak babad teh meh teu kaladangan. Ongkoh harita mah maju ka usum halodo, boh di kebon boh di sawah arang langka nu nitah baranggawe.

"Bapana...cikopi tiis manten," ceuk Sumini, satengah ngagorowok.
"Ke heula, kagok" tembal Tahyudin bari tonggoy ngasah parang.

Sanggeus beres ngasah pakakas bawaeun ka kebon, manehna sup ka dapur. Terus nyokot pacul nu ngait luhureun hawu.

"Mana bubuy sampeuna, Mini?" ceuk Tahyudin ka pamajimannana.
"Sampeu mah rek dijieun oyek, itung-itung gaganti beas. Ngopi mah eta bae jeung bubuy cau nangka dua siki. Nyarap mah sakitu ge wareg. Beas mah aya sakobok deui ge jeung nyangu engke sore," ceuk Sumini, ngomongna teh bangun ngaharewos da sieuneun kadenge ku tatangga. Padahal tatanggana teh ukur aya dua imah, kitu ge rada anggang. Ongkoh da eta mah rusiah rumah tangga, teu hade diucah-aceh ka sasaha.

Ti barang pruk kawin opat puluh taun ka tukang, kahirupan Tahyudin jeung Sumini angger euweuh undakna, ukur ripuh jeung ripuh bae. Ku sabab kitu anakna nu tiluan, Kodir, Wartini, jeung Sahidin sarakolana teh ukru nepi ka tamat SD. Sanggeus rarumah tangga, anak-anakna teh arusaha ka Jakarta. Kodir gawe di bangunan bari dituturkeun ku pamajikannana. Wartini sabot keur jadi pembantu rumah tangga, aya nu mileuleuheungkeun. Geus kitu mah pruk dikawinkeun da bisi kacilakaan. Salakina teh jadi tukang kuli panggul di Tanjung Priuk. Sedeng Sahidin mah jadi supir angkot di daerah Tanah Abang. Ngaraning hirup di Jakarta, tina ladang gawe kasar teh boro-boro bisa kajieun imah, ku bisa dahar jeung make ge geus kawilang untung. Keur sare mah cukup ku ngontrak imah petak ukuran tilu ka dua meter. Nu penting mah kitu bae asal aya keur nyangkoyot.

"Bapana, jung bae ti heula rek ka kebon mah, kuring mah nyusul" ceuk Sumini bari ngelek ceceting rek ka pancuran lebakeun imahna.

Memeh indit Tahyudin ngilinting heula roko tina daun kawung. Bakona bako mole meunang mesen ti Ki Sanhuri nu sok masar di Cicangkal. Sanggeus diseungeut peledug haseupna ngebul minuhan ruang dapur nu ngan sacangkewok. Geus kitu bako katut daun kawungna dibebeskeun kana pesak baju kampret hideung, hiji-hijina baju dines paranti ka leuweung. Terus manehna manggul pacul kameumeutna bari terus nonggoh muru kebonna di Pasiripis.

"Mang Udin, geuning BLT teh can datang keneh bae, nya?" ceuk hiji sora nu teu katembong jirimna. Tahyudin luak-lieuk ka sisi ka gigir. Barang breh...
"Haram jadol teh, ku naon maneh bet ngareureuwas ka dewek?" cek Tahyudin bari reg eureun.
"Tuda Mamang mah ari leumpang teh mani husu pisan" cek Kujang bari tonggoy ngarit ngahanca jukut nu meh parerang.
"Husuna mah aya nu keur dipikiran, tuda" tembal Mang Tahyudin bari gek diuk dina hurunan baralak. Taksiran mah eta teh bogana Kujang.
"Husu keur mikiran naon kitu, Mang?" Kujang can ngartieun jalan pikiran Tahyudin.
"Lah sok pura-pura... di dinya ge kawas teu butuh bae," cek Tahyudin ngomongna dibalibirkeun.
"Heueuh Mang, nu dipikabutuh teh pan lain ngan sarupa bae, kayaning beas, minyak sayur, minyak tanah, deungeun sangu... kitu deui bako ge perlu deuleu..." cek Kujang bangun kumetap nempo Mang Tahyudin udud bako seungit mani kaambeu ka beh jauhna. Aroma bako teh kaambeu seungit tina haseupna nu kabawa angin.
"Kadieu geura...!" cek Mang Tahyudin ngajak Kujang sangkan nyampeurkeun.
"Aya naon, Mang?" cek Kujang bari gek diuk gigireun Mang Tahyudin.
"Pek, tah rek ngaroko mah" Mang Tahyudin ngaluarkeun bako tina pesak kampretna.
"Kabeneran, puguh geus hararaseum ieu teh" cek Kujang bari terus ngalinting.
"Ti tadi ge Mamang teh keur mikiran BLT nu can datang keneh bae. Nempo dina tivi di warung Bi Salmi mah, geuning BLT teh di daerah batur mah geus dibagikeun. Nu karunya mah nini-nini pasedek-sedek jeung baturna, geus kitu kaluluh ku baturna keneh, nepi ka henteuna... Pikeun pantar urang mah duit dua ratus rewu teh gede pisan mangpaatna. Pan ari urang geus nyekel duit mah, sing hayang meuli naon bae oge pasti kalaksanakeun. Lain kitu, Jang?" ceuk Tahyudin ngomong ka Kujang nu sarua pada-pada sok narima BLT.
"Puguh enya, Mang. Sedeng kuring di imah teh geus teu boga beas. Rek nginjeum ka mitoha isin da nu bareto ge can bayar. Pan ari ngaraning budak mah teu nyaho euweuh..."
"Kawas nu ngecom puguh, Bibina ge tadi teh nyarita boga beas sakobok deui ge can disangu ieuh. Cenah mah keur sangueun engke sore." tembal Tahyudin bangun manghariwangkeun.
"Kumaha atuh kuring, nya Mang...?" cek Kujang bangun makumaha dumeh di imahna bener-bener geus teu boga beas pikeun isuk. "Ari keur engke sore mah aya sangu aron, nu penting mah anak samata wayang ulah nepika sampe kalaparan"
"Sabar bae atuh, Jang. Susuganan isuk jaganing geto aya Pa Erte ngabejaan, yen duit BLT geus aya di Kantor Pos.
"Ieu kuring nyarita teh ukur ka Mamang, ongkoh geus teu asa jeung jiga deuih. Ka Mamang teh geus asa ka kolot sorangan. Kumaha mun..." Kujang ngomongna teu diteruskeun bangun dareuda.
"Heueuh sing baleg atuh ngomong teh, tong asa-asa! Jeung deui... eta buru-buru susutan cimata bisi katempoeun ku batur. Ngerakeun lalaki epes meer mah..." cek Mang Tahyudin bangun watireun.

Kujang gura-giru nyusutan cimata nu ngalembreh mapay pipi. Geus kitu manehna ngahuleng, sabab kekecapan nu rek dikedalkeun teh nyelek dina tikoro. Tapi untungna Mang Tahyudin surti. Sanajan Kujang teu kungsi ngedalkeun maksudna, manehna geus bisa ngarampa, yen Kujang teh butuheun beas pikeun maraban anak-pamajikannana.

"Kieu bae atuh nya, ayeuna Mamang rek ka Pasiripis heula. Balik teh muru lohor ka imah. Bada lohor ku Mamang ditungguan di imah. Pek tah nyewol bako keur ududeun ari teu boga mah, sakalian daun kawungna parokeun." ceuk Mang Tahyudin, ngomong ka Kujang bangun watireun. Ongkoh geus asa ka anak, da umurna teh sarua jeung Si Cikal.
"Nuhun, nya Mang," sora Kujang dareuda.

Geus kitu mah Tahyudin nikreuh ka tonggohkeun. Bari nanjak manehna teu weleh milu mikiran kahirupan Kujang nu ripuh alah batan manehna. Padahal mitoha Kujang teh, enya kolotna Nyi Jumsih, di lembur Ciparakan mah kaitung jelema jegud. Tapi lantaran Si Kujang sok mindeng nipu ka mitohana, ayeuna teh ku mitohana satengah diantep. Di dituna mah ngawarah meureun. Nu dimaksud sangkan kalakuan minantuna aya parobahan, ulah nipu jeung nipu wae. Sok saleuheung mun ka kolot sorangan, ieu mah nipuna teh ka batur deuih. Atuh kolotna ge milu kababawa. Geus kitu mah kolot teh milu wirang. Tapi dasar Si Kujang, adat ka kurung ku iga jaba kandel kulit beungeut, urusan tupa-tipu mah nepi ka kiwari ge teu eureun-eureun.

Sadatangna ka kebon Tahyudin reureuh heula sakeudeung di saung nu hateupna ku eurih. Terus ngadurukan meuleum tapas nu gararing. Ti jero saung katembong haseup ngelun. Teu pati lila lus-les laleungitan kabawa angin.

Manehna kaluar ti jero saung bari manggul pacul. Kitu deui parang anu seukeut teu poho dibawa. Memeh babad eurih nu satangtung, manehna ret kana tangkal cau nangka tukangeun saung. Malum dina urut ngadurukan melakna teh, turuyan cau nangka teh mani ngabengkot bangun beurateun. Untung ti anggalna keneh geus didogong. Mun teu kitu mah pasti geus rubuh.

Keur kitu ras deui ka omongan Si Kujang, yen manehna teu bogaeun beas keur isuk. Puguh matak watir ngadenge omongan Si Kujang teh. Mun kongang mah jigana manehna teh rek ngomong kitu meureun, "Mang, kuring tulungan beas, bisi anak kuring teu dahar...," tapi teu kedal, teuing era teuing heurin ku letah. Watir puguh ge. Tapi da bonganna ieuh, sok daek nipu ka kolot. Geus kitu mah ku kolotna dilurjeunkeun....

Sanggeus nuar cau, Tahyudin terus babad meh meunang sapetak. Geus lieuk beuheung sosonggeteun, pamajikannana lebeng teu daek pucunghul. Barang tanggah, geuning panonpoe teh geus rek manceran. Memeh mulang hanca babadan teh terus diduruk. Geus hurung mah cul bae ditinggalkeun. Ceuk pamikirna moal mapay ieuh, da ngahaja digundukeun.

Cau nangka ditanggung, dilayanan pacul jeung parang. Suluh balukang mah teu dibawa ieuh, da di imah ge suluh mah loba keneh. Teu mangkuk sabaraha lilana manehna geus nepi ka imahna dina golodog kasampak Kujang keur ngadaweung kawas nu keur ngalamun.

"Henam ka jero atuh, Jang!" ceuk Mang Tahyudin bari ngecagkeun babawaan.
"Kajeun Mang, di dieu bae," tembal Kujang bangun nu sararedih.
"Ti tatadi ge dititah asup, ngan... teu daekeun," tembal Bi Sumini ti dapur.

Memeh salakina nanya, Sumini ngomong kieu, "Bapana, teu nuturkeun soteh pan ieu keur nyieun oyek, bisi teu buru-buru kabeuli beas," pamajikannana satengah ngaharewos. Di dituna mah sasadu meureun.

"Yeuh, emana dengekeun...beas nu sakobok teh bikeun bae ka Si Kujang. Ke mun meunang BLT dibayar, cenah." cek Tayudin, ngaharewos ka pamajikannana.
"Ari urang, engke sore rek dahar naon?" tembal Sumini ku harewos deui.
"Keur urang mah, tuh jual cau nangka ka warung Si Salmi. Ceuk taksiran limalas kilo mah aya. Mun sakilona payu sarebu ge, limalas rebueun. Tong menta duit, langsung bae tukeurkeun kana beas jeung balanjaan sejenna." ngaromongna teh kitu bae patingharewos da sieuneun kadenge ku Si Kujang nu diuk dina golodog.

Sanggeus ngartieun mah teu loba carita, Bi Sumini terus ngawadahan beas nu kari sakobok deui. Sup diasupkeun kana keresek urut balanjaan. Geus kitu manehna ngahuleng sakedapan. Leos ka sepen rek nyokot cau nangka nu tinggal butitina. Terus disemplekkeun. Nu sabeulah sikat diasupkeun kana keresek beas, sedeng sabeulah deui mah diteundeun jeung lalawuh engke peuting.

"Jang, erepkeun atuh kopina!" cek Bi Sumini bari neundeun keresek gigireun Kujang.
"Atos, Bi. Nuhun, nya" tembal Kujang bari ngajiwir keresek.
"Heeh, jung geura nyangu bisi budak lapareun," tembal Bi Sumini bari ngaleos ka jero.

Tahyudin mah harita teh keur nyikatan cau di tukang. Keur kitu torojol Surhaip ngajingjing keresek badag. Eusina mah mani metet, teuing naon.

"Mang Udin, ieu aya rejeki ti Haji Makbul," cek Surhaip bari neundeun keresek hareupeun Tahyudin nu keur meresan cau.
"Nuhun atuh...jajakallohu hoeron kasiron...," cek Tahyudin bungah naker.

Keur Haji Makbul mah geus hiji kabiasaan, mun meunang rejeki ti anakna nu di kota sok dibagikeun deui ka anak buahna, utamana mah nu sok garawe.

"Eh...kade poho, isuk teh urang kudu maracul di Cipamurutan, cenah mah jeung melak suuk," cek Surhaip ngabejaan yen isuk kudu maju gawe.
"Alhamdulillah...," cek Tahyudin bangun bungah pisan. Puguh eta nu diarep-arep ge, malum geus lima poe teu aya nu ngajak gawe.

Kakara Surhaip indit, torojol Pa Erte Sumadi bari sarangah-serengeh.

"Aya naon Pa Erte, sarangah-serengeh kitu...?" Tahyudin rada curiga.
"Ringkesna bae lah, isuk boh pageto sakur nu meunang BLT kudu indit ka Kantor Pos. kade poho Kartu BLT-na bawa, jeung KTP deuih...."
"Alhamdulillah..." cek Tahyudin, mingkin bungah bae.

Heueuh nya, mun keur apes kadang hayang ngaroko ge hese beleke. Kitu deui boh beas boh duit, ari keur kutud mah angger bae euweuh. Tapi geuning Alloh mah Maha Uninga, geus nepi kana waktuna mah sagala oge datang sorangan... Geura bae, poe ieu teh pira ge nulungan beas ka Si Kujang, teu loba ngan sakobok, ari torojol teh gantina leuwih ti sakitu...

Tas solat asar Tahyudin terus ngabejaan Si Kujang, yen BLT nu diarep-arep teh isuk tinggal nyokot di Kantor Pos.
***

Saung huma,
April katompernakeun