Ku Itto Cs.
Margawaluya
RET deui ras
deui, ret deui ras deui. Enya kitu, ret deui ka Indung, ras kana rupa-rupa
yasana ka sorangan sakulawarga jeung rupa-rupa kahadeanana ka sasama jalma nu
lian, sarta kapengkuhanana dina ngalaksanakeun papagon agama. Nuluy rus-ras
teh, kana kalakuan sorangan ka kolot, hususna ka Indung sorangan, nepi kana hiji
pananya, "Kumaha ari aing? Geus nepi ka mana ngugung-ngugung jeung nulung
Indung teh? Diimpleng-dipeleng; kabeh jalan nu geus kaliwatan dipapay disawang,
dilenyepan dirarasakeun, tapi pananya tacan bisa kajawab, kalah kateug deui
dina pananya lianna: Naon wae tanda, yen diri teh geus cukup babakti ka Indung
anu ngakandung? Nya, nepi ka pananya panungtung: Naha diri teh kaasup golongan
nu mana? Kaasup ka golongan nu dirahmat ku Alloh atanapi anu dila'nat ku
Mantenna?" Leng, bray, leng, bray, kolebat, kolepat, jorelat, bruh-breh
lengkah-lengkah kuleuheu. Aya saudat-saudat gurat-gurat barodas, tapi da meh
kasilep ku lengkah-lengkah nu teu atra beresihna; boa saukur nyesakeun
titik-titik-hideung nu ancal-ancalan tur munasabah, mun dikumpulkeun bakal
ngalimpudan gurat-gurat bodas nu teu sabaraha reana.
Kolebat,
ngolebat mangsa keur budak-mangsa geus inget jeung tenget, tapi mun disawang ti
ayeuna, harita kaasup nu tacan boga wiwaha: Hirup teu kaopan, kahayang teu
kacumponan, ka kolot ngabarungsinang. Tacan eureun gogoakan mun kolot tacan
ngupahan. Pantes mun harita kolot keuna ku aral-subaha, da adat sorangan beda
ti nu lian. Tapi nu karasa harita, geuning kolot mah, hususna Indung ngan sabar
jeung sabar we. Ngan dina enyana sorangan pikeuheuleun ge, meureun kolot mah
lautan hampura, da sorangan harita jajauheun keneh kana bisa mikir panjang tur
rangkepan cara ayeuna.
Kolepat
sajorelat ngolepat mangsa rumaja-mangsa dinangna-dinengne dipikanyaah ku
sarerea: sagala dicukupan ku Indung jeung Bapa;disuwuk ongkoh ku dulur jeung
baraya nu geus darewasa jeung rarumah tangga. Batur jauh cararunduk,
sobat-sobat nu deukeut nu anggang dararatang.Di sakola di pangulinan
didareukeutan ku batur saumur, jadi pangimpungan batur saentragan. Ari diri asa
aing pangpangna : pangbenerna, pangbisana, pangjugalana, jeung pangsagala
lianna;padahal mun harita disawang ti ayeuna bisa jadi harita teh
pangsombongna, pangbedegongna, pangbedang-wangkelangna, jeung pangteubenerna
lianna. Sarerea kudu ngagugu kana kahayang sorangan: ceuk sorangan hideung,
kabeh babaturan kudu milu hideung; ceuk sorangan beureum kabeh kudu milu
beureum, jeung sajabana. Kabeh babaturan kudu implut ka sorangan dina sagala
perkara.Mun babaturan teu biluk, teu euleum-euleum disieuhkeun. Sirung-sirung
takabur patingpecenghul, kembang-kembang deleka ka nu teu dipisuka laligar,
kabedang-kawangkelang ka kolot mimiti ngaracunan kahirupan mangsa harita. Tara
ieuh dipikiran dilenyepan, yen ka mana wae sorangan indit, Iblis teu weleh
ngingiclik-ngukuntit, maksud ngagoda luyu reujeung sumpahna. Rasa kaduhung kana
hiji perkara nu karasa salahna ukur datang saliwatan-saliwatan, henteu
namperkeun kakuatan pikeun ngarobah kalakuan sorangan. Tapi, dina kaayaan diri
kitu, Indung mah tetep dina tangtunganana: sabar, tawekal, dina nyiraman ku
kanyaahna lahir jeung batinna. Lahirna taya basa karugian ku matrerina, dina
cisoca kaihlasanana teu weleh ngagolontor du'ana keur kajembaran sorangan.
Umur sorangan
nambahan, atikan ngajembaran, boh atikan umum boh atikan agama, da
geuning Indung
mah estu mentingkeun pisan kana atikan keur sorangan teh, sanajan tina ladang
dug cinetek miceunan kesang sorangan, sab kayaayaan ekonomi kulawarga sanggeus
Bapa ninggalkeun tiheula karasa beuratna. Indung mah eces ludeungna, sanajan
kudu nyanghareupan gulungan ombak kahirupan anu sakapeung kacida gangasna. Bisa
jadi enya, ku kuatna pangaruh atikan jeung pangaruh lingkungan gaul sabudeureun
tempat cicing, sanggeus kuring jeung Indung pindah ti lingkungan samemehna ka
lingkungan anyar nu aya di sabudeureun Pondok Pasantren At-Taqwa, karasa ku
sorangan mimiti aya robahan-robahan kabiasaan. Najan kitu tetep karasa,
gegedena mah robahan-robahan dina sikep hirup sapopoe teh ku alatan yasa
Indung, anu teu pegat-pegat nyimbeuhan ku kanyaah anu merenah.Nya ti harita
kasongong, kasombong, kabedegong, kabedang-wangkelang teh, boh ka Guru, boh ka
babaturan, jeung ka nu lianna mimiti ngurangan, da geuning loba conto, boh nu
kajadian di lingkungan kulawarga, lingkungan sakola atawa lingkungan campur
gaul lianna; boh conto hade keur turutaneun, boh conto goreng pikeun
singkaheun. Najan kitu harita ge rumasa, jauh tangeh keneh, ari kudu kaasup
anak anu "waladun solihun yad'u lahuma" mah.
Ret deui ka
Indung, ras deui kana kahadeanana jeung ras kana kalakuan sorangan mangsa
rumaja, malah geus jadi pamuda;mangsa keur ngawula kana pangaresep, hususna
kana olah raga voli.
"Den,
wayahna isukan mah milu gotong royong melur jalan heula!" ceuk Indung hiji
waktu.
"Ih, ari
Ema, apan Deny bade latihan!" tembal teh bari jejebris.
"Atuh
nyelang we sapoe mah, Kasep! Sapoe ge henteu cenah, paling nepi ka memeh wanci
lohor," ceuk Indung deui.
"Ema,
latihan isukan teh penting pisan, ngahangkeutkeun, bade aya pamilihan pamaen
voli kanggo tim kacamatan!" cekeng ngayakinkeun Indung.
"Euh kitu,
hanjakal atuh, nya. Enya lebar atuh ari rek aya pamilihan pamaen mah, mangka
bejana Deny mah kaasup anu hade volina!"
"Enya, Ma,
kitu," atoh we nu aya, Indung nyarita kitu teh.
"Enya, keun
bae atuh. Satadina mah pedah bae, Bapa keur teu sehat, jeung biasaana Deny voli
teh sok sore," ceuk Indung deui. "Ari kitu mah nya keun bae, Ema rek
sasadu we ka Ketua RW!"
"Keun bae,
Ma, ari Deny rek aya pamilihan pamaen voli mah, " ceuk Bapa ka Indung bari
norojol ti kamar, jigana ngadangueun harita teh.
"Muhun,
atos eta oge," tembal Indung "Deny mah jongjon bae rek voli mah,
muga-muga kapilih jadi anggota tim kacamatan," pokna deui ka sorangan.
"Enya kitu,
Den, ulah galideur rek voli mah," Bapa oge ngajurung pisan harita teh.
"Muga-muga bae isukan mah Bapa sehat pisan. Dina henteuna oge keun bae,
kerja bakti
mah rek
ngeureuyeuh bae, sakadugana."
Isaukna ge teu
nolih ieuh ka jalma-jalma nu geus karumpul rek melur jalan mah, najan
kaliwatan, ngungkug bae ngidul harita teh, rek ka lapang voli. Biasanma ge unggal
latihan voli teh lungsur-langsar, naha atuh harita mah bet kudu ngalaman
kajadian nu teu dipiharep: Sa-set ge tacan rengse voli teh, sorangan dibere
"umpan" ku babaturan gigireun, bola melentung luhureun net, sorangan
ngawahan, jleng luncat sataker tanaga bari leungeun katuhu siap nyemes; naha
atuh samemeh bola nepi ka ukuran semeseun teh, leng sirah dumadakan lieur lain
meumeueusan, titingalian asa tingburinyay. Atuh puguh we memeh bola semeseun
digebot ku sorangan ge geus kapiheulaan ku nu nga-blok. Basa suku antel deui
kana taneuh, jolongjong teh, asa aya nu nyurungkeun ti tukang, jedak tarang
kana tihang net tina beusi, leng, leng, koleang, les teu inget di bumi
alam.Duka geus sabaraha menit lilana, da basa inget deui teh geus dina ranjang,
bari tarang nu diperban karasa nyut-nyutan.
"Ema,
hapunten Deny...kamari ngab....," ceuk sorangan teu kebat, diantelan
manten dua ramo indung bari carinakdak. Sababaraha keclak cisocana murag kana
dada sorangan.
"Geus, tong
loba pikiran..., ti kamari keneh ge ku Ema geus dihampura...," pokna bari
neuteup. "Nu penting muga-muga hidep buru-buru cageur."
Gusti Nu Agung,
meureun Indung mah ti poe memehna oge geus terangeun, sorangan ngabohong teh.
Reup panon dipeureumkeun, era kacida neuteup raray anjeunna teh, rumasa geus
nyieun dosa.
Eta mah ngan
salasahiji kajadian. Lain sakali duakali boga laku lampah goreng anu matak
ngajaheutkeun Indung teh. Tapi angger bae geuning, Indung mah dina deudeuhna
dina asihna, jeung dina kamelangna ka sorangan, anu mudal tina batinna anu
putih-beresih. Kadeudeuh, kaasih, kamelangna teh manjang deuih, nepi ka
kiwari-nepi ka ayeuna keur ngoconan Si Bungsu, anu cikeneh dieengklek. Nepi ka
ayeuna ku sorangan keur ret deui ret deui ka anjeunna, diserangkeun tina bangku
nu keur didiukan.
Ret deui, tuluy
nu keur ngoconan Si Bungsu teh ditelek-telek: Rambutna nu geus meh ngeplak
bodas; socana nu geus ngelok jero;kulitna nu beresih geus ngariut-karijut,
katambahan ku titik-titik hideung laleutik. Tapi ku kersaning Alloh SWT,
salirana mah kaitung sehat jeung sehat bae, sanajan leumpang geus teu bisa
gancang. Deudeuh..., dina waruga geus kitu, bisa keneh mere mangpaat, boh keur
anak-incu jeung buyutna, boh keur jalma lianna. Istiqomah dina ibadahna taya
babandinganana. Jasana? Wah, pimanaeun teuing sorangan mah bisa mulang tarima.
Anu sidik mah ka kolot teh, hususna ka Indung, boa leuwih loba
ngajaheutkeunana. Komo meureun ka Nu Maha Agung, rumasa hirup teh loba keneh
rereged. "Astaghfirulloohal'adziim, Alladzii laa ilaaha illa huwal hayyul qoyyuumu
wa atuubuu ilaih", ceuk hate.
"Bungsu,
ieu cepeng heula, Si Asep!" ceuk Indung.
"Eu
mang...ga, Ema," nembalan teh bari rada reuwas, da puguh Indung nyarita,
bari sorangan keur maling teuteup, jeung rus-ras ka mangsa lawas.
"Ema bade
netepan heula, ah," pokna deui bari jung nangtung, sanggeus sorangan
ngadeukeutan budak nu keur diuk bari ngulang-ngulangkeun leungeun jeung
haoh-haohan. "Saleng Apa heula, nya, Nini bade Alloh..., saleng bade bobo
heula," nyarita ka budak teh, jiga ka nu geus bisa cacarita bae.
"Mangga,
Nini, mangga....," cekeng bari mangku Si Bungsu, tuluy nyeta-nyeta budak
nyarita,
mamagahan, bari jinisna moal ngartieun oge. "Wilujeng leleson,
Nini....," bari ngulang- ngulangkeun leungeun Si Bungsu ka ninina.
Indung ngaleos
ka jero. Sabot nungguan Lasmiati nu keur ka tampian mawa seuseuhan jeung
isikaneun, sorangan mawa Si Bungsu ka Ceuk Arwinah. Mawa budak oge nyalse bae:
Kahiji, kebeneran keur teu boga gawe, da borongan geus rengse. Kaduana, najan
Lasmiati keur ka tampian, warung mah teu kudu ditungguan ieuh, da geus aya tilu
poena ge henteu dibuka. Enya, wawarungan modal leutik, tuda, dibarung bari
ngawulaan nu baralanja ngaranjuk, pantes mun kakara tanggal lilikuran ge geus
runtang-ranting. Paling-paling euyeub deui ku barang-barang jualeun teh engke,
awal bulan, sabada nu ngararanjuk malayar hutang. Sakitu oge alhamdulillah
ketak, nepi ka ayeuna mah nu ngaranjuk teh jalujur, tara nyengsar tina
jangjina, umumna mah. Nya ari saurang-urangeun mah jamak bae, da teu kituna ge
apan sok bari sasadu, tur ku sorangan ge kama'lum alesanana mah. Keun bae
sakitu mah, itung-itung nulungan saheulaanan bae, da sorangan ge apan sok butuh
ku kahadean nu lian.
Balik ti Ceuk
Arwinah teh, Si Bungsu diais ku indungna, sorangan mah jongjon bae ngosrek di
pakarangan, nepi ka dur-dur bedug Ashar. Basa anak nu katilu jeung kaopat balik
latihan Pramuka oge, sorangan jeung Lasmiati mah keur nyalse di bale harerupeun
imah. Bari ngadayagdag na korsi males beunang nyieun sorangan tina awi, panon
neuteup sababaraha hiji kenteng nu geus rarengat, ras ka Indung nu keur leleson
di kamarna: Naha wayah kieu Indung tacan nyaring? Apan biasana oge tara kosi
kapiheulaan salat, sanajan dina kaayaan waruga geus sakitu kolotna. Meureun
kapulesan. Rek digeuingkeun, karunya, bisi asa kaganggu;teu digeuingkeun, waktu
salat Ashar geus nyedek ka ahir, numatak rada nimbang-nimbang sajongjongan mah.
Ngan inget kana amanatna nu enggeus-enggeus, sok menta digeuingkeun bisi
kapulesan sare dina geus manjing mangsana salat, hate teu nogencang deui, leos
bae sorangan ka jero imah.
Lalaunan naker,
sorangan nyinggraykeun hordeng jeung nyurungkeun panto anu melenge. Ngeteyep
ngadeukeutan Indung nu bangun ngageubra sare dina ranjangna.
"Ma....,"
lalaunan pisan nyarita teh. Ngahaja, hayang ngageuingkeun, tapi Indung ulah
nepi ka asa kabetak, anu antukna hudang teh sok tuluy leng-lengan rieut. Tapi
hate ge ngama'lum, pantes sora sorangan teu kadangueun oge, da puguh nu pules
tea, atuh. "Maa, Emaa!" cekeng sakali deui. Tapi tetep, teu katembong
usik-usik acan. Gog sorangan cingogo gigireun mastakana, ngarah sora sorangan
deukeut kana cepilna. "Ema, geura gugah, " naha pules-pules teuing,
ceuk hate. Ditelek-telek rarayna, rada ngalieuk ka katuhu; lambeyna bangun imut
dina kaayaan tingtrim. Panasaran, saeutik simbutna dibuka;dicekel puhu
pananganana. "Ma, Maa, Maaa....," dibarengan teuteup kacuriga;
disidik-sidik renghapna, tuluy dicabak lebah angenna, "Maaa!" bari
dioyagkeun salirana. Hate geus beda rasa, diteken urat nadina, dak-dumadak
sorangan ngoceak."Emaaaaa!" ***
Pangancikan,
Rewah 1429 H.
(Basa mieling nu
imut tingtrim dina mangsana mulang)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar