Kacaritakeun aya hiji patani, cicingna di hiji
leuweung. Ayeuna manéhna téh keur melak palawija, kayaning bonténg, térong,
jeung sajabana. Pepelakanana aralus tur marulus, kawantu hadé oména. Ngan
hanjakal geus sababaraha poé pepelakanana téh raruksak, pangpangna mah pelak
bonténgna. Patani ogé nyahoeun yén anu ngaruksak jeung ngaranjah kebonna téh
nya éta peucang, sabab kunsi kanyahoan ku manéhna.
Patani téh néangan akal sangkan kebonna henteu
diranjah baé ku peucang. Terus baé atuh manéhna téh nyieun bebegig. Lebah
aawakanana ditapelan ku leugeut teureup. Éta bebegig téh ditunda di
tengah-tengah kebon.
Pasosoré, saperti biasa, peucang téh datang
deui ka kebon patani téa. Maksudna rék ngala bonténg. Barang srog ka kebon,
manéhna teu buru-buru asup, lantaran aya nu ngajanteng di tengah-tengah kebon.
Peucang téh nyalingker kana pager. Nyerangkeun nu ngajanteng bari
ditelek-telek.Éh, geuning teu obah-obah? Ku peucang digeroan, nu di tengah
kebon angger ngajanteng. Jelema lain éta téh? Geuning maké baju? Maké dudukuy
deuih. Tapi teu obah-obah?
Lalauna peucang téh kalur tina panyumputanana.
Terus ngeteyep ngadeukeutan nu ngajanteng téa. Barang geus deukeut tur awas ka
nu ngajanteng téa, barakatak téh peucang seuri.
Pokna, “Na sia téh nyingsieunan ka aing! Sugan
téh manusa, boro aing nyumput, nanaonan manéh ngajanteng di dieu? Dicabok siah
ku aing!” Ngomong kituna téh bari gaplok baé bebegig téh dicabok ku suku
hareupna nu katuhu. Ari gaplok, ari pel baé sukuna napel kana bebegig téa,
kawantu bebegig téh maké leugeut teureup.
“Éh siah, maké jeung néwak sagala! Hayang
dicabok deui ku aing?” Gaplok deui bebegig dicabok ku suku hareupna anu kénca.
Pel deui napel kana bebegig.
“Itu geura, nanaonan ari sia! Ieu kalah néwak
kana suku. Hayang ditajong ku aing? Nyaan ieu téh, nyaan, hayang ditajong?
Lesotkeun atuh, da tadi mah kuring téh banyol. Sot, lésotkeun! Bisi ditajong!
Éh , nyaan meureun manéh mah hayang ditajong!” peucang ngawahan, gaplok deui
bebegig téh ditajong sataker tanaga. Ari jebrod, ari pel baé napel kana leugeut
teureup rapet pisan. Peucang gogorowokan jeung tulung-tulungan.
Teu lila torojol patani.
“Beunang ayeuna mah nu sok malingan bonténg
téh,” ceuk patani. Kerewek peucang téh ditéwak, terus diringkus. Rigidig baé
dipanggul. Peucang téh dibawa ka imah patani, rék dipeuncit.
Tina Pangajaran Sastra Sunda,
Karya Budi Rahayu Tamsyah
Tidak ada komentar:
Posting Komentar