Rabu, 19 September 2012

Nu Nyangheuy Luhureun Tonggong


Ku: Rosad R.

Bada magrib sapedah dames merek Philip dikaluarkeun ti dapur. Reueus boda sapedah made in England, ditatap diusap, diberesihan, sora piriwilna lemes.

"Rek ka mana Pa?" kuring rada ngarenjag barang pamajikan nanya teh.
"Ohhh... eta... rek ka ondangan."
"Ka ondangan ka mana?" pamajikan nanya deui.
"Ka dinya ka gedong pertemuan Chung Hua Chung Hui di Pasar Jumat, aya pintonan kasenian, ngawakilan Kapala Sakola. Bubuhan tatangga meureun, jadi weh diondang."
"Ati-ati atuh Pa, liar peuting." ceuk pamajikan teh.
"Enya...," ceuk kuring bari, ngaleos mancal sapedah muru ka jalan Ciung.

Harita teh tanggal 30 September 1965, mimiti acara tabuh 07.00 peuting. Barang sup ka tempat upacara, hareupeun SD Chung Hua di lapangan basket. Geus loba jalma daratang, dariuk dina korsi. Lampu caraang, ngan sakuriling lapang teh make pager kawat, jadi jalma nu teu meunang ondangan mah teu bisa asup, cukup lalajo luareun pager.

Diuk teh jajaran kadua, ngarumasakeun kuring mah lain pajabat rek diuk jajaran kahiji teh, bisi salah teu meunang (biasa keur para inohong), pan lamun diusir teu ngeunah kana burihna.

Beres biantara, panitia nuluykeun kana acara hiburan kasenian rupa-rupa. Eta wae dina bewara teh rek aya orkes, tari, deklamasi, jeung pintonan drama. Memang kuring teh kaasup nu resep kana pintonan drama, itung-itung sakola nempo ketakna batur. Sabab kabeneran kuring oge boga grup seni drama anu ngagabung dina organisasi LESBUMI (Lembaga Seniman Budayawan Muslimin Indonesia) nu dipayungan ku NU (Nahdatul Ulama), nu harita can jadi partey politik.

Runtuyan acara pintonan kasenian, meunang pangbagea ti panongton ku ramena nu keprok upama acara kasenian manggung. Ngan palebah pintonan drama anu pamungkas, samemeh breng teh, aya bewara heula ti panitia yen lumangsungna pintonan drama ieu dirojong jeung dikokojoan ku pakumpulan LEKRA (Lembaga Kebudayaan Rakyat). Kuring ngarenjag ngadenge kecap Lekra. Hah... Lekra... teg wae dina pikiran teh, boa... boa... yeuh... barang prung oge pintonan drama. Enya wae dina dialogna teh loba nyabit-nyabit ngagorengkeun agama Islam, jeung ngagorengkeun pamarentah.

Nu lalajo mah meureun loba nu teu ngarti, kana maksud caritaanana teh, pokona mah rame, dipasieup ku bodor beuki rame, jalma beuki ngangseg arasup ka jero lapang basket.

Ceuk pikir teh, ah mending balik ayeuna bisi aya naon-naon, asa teu pararuguh kieu rarasaan teh. Bari nuyun sapedah kuring kaluar tina pagaliwota jalma nu lalajo.

Bener we, barang kuring ka luar heuleut memenitan. Harita teh tabuh 12.00 peuting kurang 5 menit, aya sora tembakan. Lampu pareum. Hadena we sapedah teh aya berkoan, jadi bisa nempo jalan, buru-buru dikebut bisi aya kajadian.

Sora jelema ngaguruh pabaliut, loba nu tingberebet lalumpat, mapay jalan nu poek mongkleng eukeur mah langit ceudeum, pinuh ku pepedut wungkul pihujaneun sabroeun pisan.

Nepi ka imah tabuh 12.10 peuting. Ngetrokan panto, sigana pamajikan mah geus sare. Ngan kacaangan ku lilin di tengah imah, beres ngasupkeun sapedah jeung ngoncian panto, tuluy ngagoloyoh ka kamar, tunduh pisan katambah listrik can hurung keneh wae.

Bada subuh pamajikan mah kaprak-keprek di dapur, kuring mah beberes enggon, sasapu. Pangangguran nyetel radio merek philip buatan taun 1947, lumayan sorana ngoncrang keneh, radio listrik meunang meuli Rp.3.000,- ti urang Palered. Beres lagu-lagu perjuangan, dituluykeun kana warta berita ti RRI Pusat Jakarta.

Dina eta bewara, yen tadi peuting di Jakarta, tabuh 12.00 peuting geus aya kudeta, nu maksudna rek ngarebut pamarentahan nu sah nu didalangan ku PKI.

RRI dikawasa ku PKI. Presiden Soekarno diamankeun ka Istana Bogor, ieu teh ku kaparigelan benteng nagara RPKAD pingpinan Kolonel Sarwo Edi Wibowo. Tapi usaha PKI gagal, sabab sistim GTM (Gerakan Tutup Mulut) gagal paburencay, nepi ka bingung saha nu kudu tanggung jawabna. Sanajan gagal, usaha PKI, tapi geus hasil nyangkalak tujuh jendral tiwas sapada harita nu kapanggih di sumur Lubang Buaya.

Kaayaan nagara genting. Pamarentah saheulaanan dipercaya ka Mayjen Soeharto salaku Pangkostrad. Kaayaan werit kitu mangaruhan kana kaayaan pulitik nagara, ekonomi, sosial, budaya bangsa nu geus dikokojoan ku PKI pingpinan Aidit. Nerekeb ka unggal lembaga pamarentahan ti pusat nepi ka daerah ku metodena: di atas gunung di bawah jurang, di atas mendukung di bawah menyerang.

Dina kaayaan kitu, memeres nagara lain pagawean enteng. Merlukeun tanaga pikiran, mulangkeun deui kapercayaan rayat ka pamarentah. Dimana rayatna geus dikiruhan ku pulitik nyangkalak ti tukang nepi ka rayat teh, antukna silih curiga.

Paingan ceuk pikir teh, sarua geuning di Purwakarta oge, tabuh 12.00 peuting pareum listrik jeung aya tembakan. Sigana mah geus aya komando ti pusatna.

Tabuh 07.00 isuk-isuk kuring ka pasar Rebo, make sapedah. Maksud rek meuli kupat tahu. Pagaliwota jalma, balawiri nu kaluar asup pasar biasa saperti poe-poe sejen, jadi kuring ka pasar oge biasa wae, teu aya curiga naon-naon.

Sapedah di parkirkeun hareupeun Mang Oyib nu dagang sirop hareupeun pasar. Jetrek sapedah dikonci, biasa wae tarapti. Barang ngalengkah aya sora tembakan. Berebet... berebet... dor... dor. Kuring bingung. Jalma pabaliut nyalametkeun diri sewang-sewangan. Katambah kawat listrik paregat katembak ku peluru bren. Listrik pareum. Sugan teh enggeusan tembakan teh, kalahka mahabu.

Sulusup kuring nyumput dina tumpukan karung pacampur jeung carangka wadah cau. Ahhh... pokona mah salamet ceuk pikir bari peureum. Sora tembakan disada deui. Asa keur jaman revolusi perang jeung Walanda.

Keur anteng kitu, karasa aya nu ngagabrug nindihan awak kuring. Bari marurung siga nu reuwas. Teu ditempo saha-sahana. Ngan nu puguh mah kuring ditindihan ku awewe.

Dina kaayaan kitu, aya wae perasaan, ahhh... untung yeuh dirontok ku awewe, haneut eungap oge, teu dirasa. Kuring make kameja bodas. Lain parasaan haneut wungkul, tapi aya nu haneut baseuh kana bujur. Katambah aya nu ngeclak beureum maseuhan kameja bodas. Ceuk taksiran mah, wah boa-boa katembak yeuh. Pangangguran dicabak tuluy diambeuan. Tapi teu bau getih.

Barang kuring ngagurinjal, guprak gigireun aya nu ngagebut. Tulung cenah. Dilieuk aya nini-nini make samping kebat, baju kabaya hideung ngabulaeh nyeupah.

Wah ieu geuning nu beureum napel dina baju teh, cai seupah geuning. Jadol... bujur baseuh diambeuan hangseur. Si nini ngompol kana bujur kuring. Hanas geus atoh dikeukeupan awewe, singhoreng nini-nini tukang dagang lotek, sieuneun kabedil, ngarontok ka kuring. Ah... dasar keur apes, aya-aya wae Si nini.

Barang balik teh, boro-boro meuli kupat tahu, soak nu aya jaba baju bareureum kaompolan deuih. Didongengkeun teh ka pamajikan, akey-akeyan wae nu aya bari rambay cipanon.***

Purwakarta, 26 Pebruari 2009

Tidak ada komentar:

Posting Komentar