Jaman baheula aya
saudagar beunghar, boga bujang ngaranna Ki Dipa. Ki Dipa téh jelema teuneung
taya kasieun. Hiji mangsa isuk-isuk Ki Sudagar nyarita ka Ki Dipa, pokna,
“Manéh ogé nyaho imah Ki Armasik di dayeuh, nu biasa ngayuh barang ka urang
téa, lin?”
“Terang,” jawab Ki Dipa.
“Poé ieu manéhna geus jangji, rék naur
hutangna saratus ringgit. Tapi ku sabab déwék gering kénéh, wayahna manéh baé
ka ditu, mawa surat ti déwék.”
“Mangga, ari Juragan percanten mah ka kuring.”
“Balik ti ditu engké ulah burit teuing, bisi
poékeun di jalan. Ati-ati mawa duit, bisi kumaonam. Tah, ieu suratna.
“Nyuhunkeun pidu’ana baé. Mugi-mugi ulah aya
halangan-harungan di jalan,” témbal Ki Dipa bari nampanan surat.
“Heueuh, jung sing salamet!”
Sanggeus saged, bari teu poho nyoréndang koja
eusi timbel, jeung nyorén bedog, clak Ki Dipa tumpak kuda. Kuda
digedig…berengbeng lumpat.
Kira-kira jam satu Ki Dipa geus nepi ka nu
dijugjug. Ngan hanjakal Ki Armasik teu nyampak.
Cék pamajikan Ki Armasik ka Ki Dipa, “Tadi
basa rék indit, aya talatah ka kami. Cenah mun aya Ki Sudagar atawa titahanana,
dagoan baé da moal lila. Kumaha rék didagoan?”
”Rupina badé baé,” walon Ki Dipa.
“Heug atuh, itung-itung reureuh ongkoh. Tacan
dahar meureun nya?””
“Parantos tadi di jalan, murak timbel.”
“Bisi tacan mah, jung ménta baé ka Si Inem!”
“Leres parantos. Upami diwidian mah, badé
ngiring maraban kuda di istal.”
“Jung baé, da loba jukut mah. Enya karunya,
capéeun!”
Jam tilu Ki Armasik karék datang.
Jam satengah opat Ki Dipa balik, bari mawa
rajut duit eusi saratus ringgit.
Clak Ki Dipa tumpak kuda, berengbeng kuda
lumpat bari teu eureun-eureun digedigan, da sieun poékeun di jalan.
Beuki jauh jalan téh beuki sepi, malah
tungtungna mah teu ningal deui aya jelema ngulampreng di jalan. Bus jalan téh
abus ka leuweung. Di jalan rendang monyét tarurun tina luhur kai panonobanana,
tayohna megat nu ngaraliwat nu sok ngalawur sangray suuk atawa kulubna. Tapi
narénjo kuda nu lumpat mengpengan mah, monyét-monyét téh nyingray nyarisi.
Ti kajauhan Ki Dipa nénjo aya awi malang di
jajalaneun, kawas nu ngahaja ngahalangan nu lalar liwat. Kudana dipengkek sina
ngendoran lumpatna, malah geus deukeut mah sina eureun. Jut Ki Dipa turun tina
kudana, rék nyingkahkeun awi nu ngahalangan téa.
Sabot kitu jlang-jleng jelema dicarérong,
laluncatan ti kénca saurang ti katuhu saurang. Nu saurang nyekel kadali kuda Ki
Dipa, nu saurang deui nodong ku bedil, bari pok ngomong songong, “Angkat
tangan! Mending paéh, mending hirup? Mun hayang hirup, ka dieukeun éta duit
kabéh!” Tayohna nyahoeun Ki Dipa mawa duit loba.
Sajongjongan mah Ki Dipa teu bisa ngomong,
ngan leungeunna baé duanana diangkat ka luhur, ranggah.
Sanggeus kumpul pangacianana, kakara manéhna
nyarita leuleuy, “Hadé, ieu duit anu lobana saratus ringgit, ku kaula rék
dipasrahkeun kabéh ka andika duaan, asal kaula dihirupan. Tapi…
“Tapi naon, hah?”ceuk bégal nu nodong téh.
“Tapi kieu,” ceuk Ki Dipa. “Lantaran ieu duit
anu dunungan, supaya dunungan percayaeun yén kaula geus aya nu ngabégal, nya
kudu aya tanda-tandana.”
“Gampang, pikeun tandana mah, suku manéh baé
ku aing rék dibedil!”
“Atuh nyeri meureun, sing hawatos baé ka
kaula.”
”Ari geus kudu kumaha?”
”Ieu baé baju kaula sampaykeun tuh dina dahan
kai, tuluy bedilan ku andika sing nepi ka karancang,” ceuk Ki Dipa, bari
ngalaan bajuna.
“Mun ningal baju kaula karancang ku pélor mah,
tangtu dunungan téh percayaeun.”
“Hadé, jung sampaykeun ku sorangan!”
Sanggeus disampaykeun, tuluy baju téh ku Ki Bégal
dibedilan, nepi ka pélorna béak.
Barang Ki Dipa nyahoeun yén pélorna geus béak,
ngan sérépét baé manéhna mesat bedog. Bari ngabar bedog, manéhna cocorowokan
nangtang. “Sok, ayeuna mah ka dieu duanana, urang gelut!”
Bégal nu nyekelan kadali kuda, sot kadali…berebet
lumpat mungguh tipaparétot. Nu nodong ku bedil nurutan baturna….ngacir.
Bari seuri sorangan Ki Dipa nyokot bajuna anu
geus karancang téa, rap dipaké. Tuluy nyampeurkeun kudana, clak tumpak. Kuda
digedig, berengbeng lumpat.
(Tina Dongéng-dongéng Nini, Karya
Ki Umbara)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar