Kamis, 10 Januari 2013

Wawales Kanu Telenges


Di hiji leuweung, aya bagong anakan. Éta bagong téh keur huleng jentul waé bangun ngemu kabingung. Pangna kitu lantaran poé éta manéhna kudu nedunan jangji ka Sakadang Maung, nya éta masrahkeun anakna.
Hiji waktu manéhna kungsi dikerekeb ku Sakadang Maung. Harita Sakadang Bagong ceurik. “Sing karunya baé ka kuring, Sakadang Maung! Kuring téh geus kolot, dagingna ogé tangtu nya liat nya kelang. Kieu baé, engké lamun anak kuring geus lahir, ku kuring rék dibikeun ka andika. Tangtu dagingna empuk tur pelem.”
Ngadéngé caritaan Sakadang Bagong kitu, Sakadang maung téh teu tulus ngerekeb. Hiji waktu manéhna rék datang deui, nagih jangji.
Nya harita, waktu Sakadang Bagong geus anakan, manéhna kudu nyumponan jangjina. Tapi piraku aing rék téga mikeun anak ka Sakadang Maung? Kumaha akalna sangkan anak aing teu tulus dihakan? Sakadang Bagong terus uleng mikir, néangan piakaleun.
Keur kitu aya Sakadang Peucang nyampeurkeun.
“Ku naon andika bet kawas nu keur bingung kacida, Sakadang Bagong?” Sakadang Peucang nanya. Gorolang Sakadang Bagong nyaritakeun ku naon pangna manéhna baluweng poék pipikiran.
Sakadang Peucang ngahuleng sakedapan. Teu lila pok nyarita: “Euh gampang atuh ari kitu mah. Andika ulah hariwang, keun kumaha kuring baé. Urang néangan akal sangkan anak Ki Silah salamet tina panandasa Sakadang Maung. Dagoan heula di dieu, kuring rék néangan Sakadang Landak!”
Sakadang Peucang ngaléos. Teu lila ogé geus ngurunyung deui dibarengan ku Sakadang Landak. Manéhna terus ngajak indit ka hiji guha.
Tepi ka guha nu dituju, sakadang Peucang metakeun akalna. Sakadang Landak kudu asup ka jero guha, ngaringkuk di nu rada poék. Buluna anu kawas cucuk téh kudu dipuridingkeun. Sakadang Bagong kudu cicing di lawang guha, ngabagéakeun Sakadang Maung lamun engké ngurunyung. Ari manéhna kadua anak Sakadang Bagong rék nyarumput di nu buni.
Teu lila Sakadang Maung geus rentang-rentang datang. Ti kajauhan ogé geus ngagerem, nyingsieunan Sakadang Bagong. “Mana anak sampean téh, Sakadang Bagong?” cék Sakadang Maung bari jungang-jéngong.
Sakadang Bagong antaré némbalan: “Tuh, di jero guha. Tah geuning katénjo ti dieu ogé, ngaringkuk di juru. Pék ayeuna kuring masrahkeun, nedunan jangji ka andika. Didaharna ulah dilila-lila, teureuy baé sakaligus, sing ulah kadéngé ceurikna. Jig geura sampeurkeun, kuring rék indit heula, teu kaduga nénjona.”
Sakadang Maung nénjo rarat-rérét ka jero guha. Enya baé katénjoeun aya nu ngaringkuk di juru. Awahing ku atoh bari teu kuat hayang geura ngerekeb, gabrug baé nu ngaringkuk téh dirontok, disamualkeun. Puguh baé cucuk landak téh rungseb manggang sungutna. Sakadang Maung gegerungan, sungutna baloboran getih. Diutah-utah ogé landak téh teu daékeun kaluar, da cucukna naranceb pageuh pisan. Antukna Sakadang Maung téh paéh. Sakadang Landak ngurumuy kaluar tina sungutna.
Sakadang Bagong kacida bungaheunana. Anakna salamet. Manéhna nganuhunkeun pisan ka Sakadang Peucang anu geus méré pitulung ka dirina. Kitu deui ku Sakadang Landak ogé manéhna kahutangan budi.
Sakadang Peucang jeung Sakadang Landak tuluy arindit deui ninggalkeun Sakadang Bagong.

(Tina “Dongeng-dongeng Nini”, Karya Ki Umbara)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar