Carpon Éris Risnandar
Soré téh keur éta budak mah
mangsa guyang ngambah sagara cahaya. Layung geus jadi cukang pikeun ngarasa
meuntas sawawa. Malidkeun wates-wates umur nu prah di jalma réa. Éta budak nu
sok pada nyebut bau jaringao téh teu salawasna miyuni tongo. Ti poé ka poé, ana
langit teu haleungheum ku pihujaneun, éta budak bolokot cahaya.
Upama tepung di jalan
pasampangan, jonghok alatan kagok ku kaayaan, poma ulah kumawani nanya bari
saméméhna nyebut ngaran éta budak. Mending tong nanya wé batan nyebut ngaranna
mah. Lah… maké jeung hayang nyaho sababna sagala. Keur éta budak, kecap sabab
téh teu salawasna merelukeun jawaban.
Méh kabéh pangeusi lembur tara
aya nu pirajeunan lengger kumawani nyebut ngaranna. Tara nu pirajeunan
nginget-nginget tayohna téh. Méh ku unggal jalma dipopohokeun. Ku kitu téh
deuih tara kungsi kadéngé aya nu ngarasa leungiteun. Pira ngaran. Komo ieu
pantar pangawak budak. Mun anjeun keukeuh hayang nyaho ngaran éta budak, asa ku
kaleuleuwihi. Mémang. Kuring rumasa teu bisa mupus ngaranna tina ingetan.
Kuring kaasup nu masih nyésakeun rohang ingetan pikeun dikontrakkeun ka ngaran
éta budak. Unggal kajadian téh teu saeutik nu lar-sup ngadon ngalontrak di
rohang ingetan. Sawaréh mah ukur ninggalkeun runtah katineung. Kabiasaan
ngontrakkeun rohang ingetan téh méré luang yén hirup téh kudu ati-ati ana
disanghareupkeun kana léor talajak kaayaan. Minangka nu boga rohang kontrakan
ingetan nu bisa dipercaya, kuring moal ngucah-ngacéh ngaran éta budak. Dalah
keur kapentingan ieu carita. Moal. Kuring geus teu pati percaya kana kamampuh
jalma nyekel leueurna belut rusiah. Kuring cangcaya kana tangara balai tina
kiceup kecap “bahaya!” baris bisa nyegah anjeun ngadagangkeun goréngan ateul
biwir. Pisakumahaeun teuing mun anjeun kolu ngagorowokeun ngaran éta budak tug
nepi ka ngadodét kekemplong langit. Atuh langit soré nu éndah ku cahaya layung
téh baris bobor karahayuan. Cahayana lalumpatan ngaliwatan éta liang. Kaayaan
nu teu dipikahayang ku singsakur nu mikacinta kaéndahan.
Éta budak ngumpulkeun kalakay nu
sakirana kadongkang ku leungeun. Angin mawa éta kalakay ti unggal madhab. Teu
anéh mun bagian-bagian kalakay téh rangsak di ditu di dieu. Rubat-rabét kawas
baju nu gélo. Balas kaséréd-séréd ku angin nu ngaliwat rerembet eurih jeung
kakayon dina lungkawingna lamping gurawés. Ngajorag jungkrang canéom di
leuweung ganggong.
Buruan imah éta lalaki téh teu
pati lega. Jukut ngajejembrung jeung patulayah. Kalakay diantep sakarepna,
kumaha talajak angin. Mutuh matak rungseb deudeuleuan nu kaparengan ngaliwat ka
dinya. Tapi keur mahluk kayaning oray, kadal, jeung mahluk-mahluk lianna—nu
resep miara rusiah angen-angen, kaayaan di buruan éta lalaki siga kitu téh jadi
tempat nu kacida genaheun pisan keur panyumputan. Nyingkahan pangambeu intél nu
teu weléh ungas-ingus. Ucing gigireun imah éta lalaki kabeukina
sulungkar-salingker. Sulusap-sulusup.
Éta budak diuk andekak. Awak éta
budak nyarandé kana pager sinyoh nakal. Tina matana nu celong, lir legokna batu
katinggang cikaracak, ngaburial cinyusu. Biru semu geuneuk. Asana palika nu
geus baal tapak lukutan awak gé pamohalan teuing bisa ngajugjugan. Sajeungkal
hareupeun palangkakan éta budak, ucing nagog, gigireun imah éta lalaki. Sorot
panon ucing téh buringas. Ngudag kalangkang jejembrung jukut, kasebrot layung,
ririaban kawas buuk mojang katebak angin. Buntut ucing gigireun imah eta lalaki
téh ku teu daek cicing. Gusar-gésér nyapuan taneuh. Tungtung buntut éta ucing
gigireun imah éta lalaki nodélan beungeut torowongan, gorowong panjangna taya
tungtung mindeng nyasabkeun nu pareng ngalanto ka dinya, handapeun tarangbaga
éta budak nu ngaboléklak.
Laun-laun témbong suku éta budak
usik. Nutup. Muka. Panon éta budak meureudeuy bangun aya batu leutik nu
ngahalangan burialna cinyusu. Leungeun éta budak angger teu lésot tina kalakay.
Biwir éta budak ngagerenyemkeun itungan. Sora éta budak semet kadéngé
hawar-hawar. Lep-lepan siga radio leungiteun gelombang. Saratus… tujratus…
buratus … jutratus …
Éta lalaki nu ti tatadi
nyérangkeun ti kaanggangan, tipepereket ngadalikeun haroshos ambekan nu
dak-dumadak ajol-ajolan kawas létah seuneu hawu ngalétakan bujur sééng. Panon
molotot nyewuk muru torowongan handapeun tarangbaga éta budak. Aya nu
ngagurinjal. Aya nu nojosan sarung, nepi ka katémbong aya nu ngelemeng kawas
budak anyar disunatan maké sorondoy panyinglar balai.
Éta lalaki ngeteyep ngadeukeutan
éta budak. Méré isarah sangan ucing gigireun imahna ingkah. Digebah. Lain
ingkah kalah uang-éong. Buntut éta ucing téh kalah beuki panjang gusar-gésér.
Nyieun puteran angin puyuh. Dada éta budak turun naek. Awak éta budak ngombak
sagara. Sinyoh nakal nu jadi panyarandéan éta budak rungkad.
“Abong ucing, teu paduli gigireun
imah,” geremet éta lalaki, “ku bisa
ngabudi… ngaréka peta.”
Huntu kekerot. Awahing ku ambek
asa dihampas ku mahluk pantar eméng, leungeun éta lalaki nyintreuk éta ucing
gigireun imahna. Éta ucing gigireun imahna téh rikat ngejat bari saméméhna
ngoétkeun kuku nu ranggoas kana irung éta lalaki. Ninggalkeun belangna tapak
dina irung eta lalaki, kawas tulisan dina batu-batu prasasti.
Soré ngadangheuak. Layung
nyebrotkeun cahaya kana beungeut langit nu panganggeusan méméh diteureuy wanci
sareupna. Gurat-gurat koléas mulas langit nu bangun sepa.
Hawar-hawar kadéngé sora indung
éta budak ngagentraan. Pegat-pegat diulinkeun angin mawa sora dina wirahma peura.
Limpeu buburuh diudag-udag gumuruh pabrik. Ngajak ngampih. Nyingkahan sandékala
nu ngadaplok na tonggong kalong nu patinggayabag.
Éta budak ngabebengkang. Anderok
nyingkab katebak angin. Di gigireun ngagunduk gepokan kalakay.***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar