Carpon Waluya
HARITA, dina paro bulan Juli
2005, kuring ngalangeu di lobi hotél, di Atambua, Nusa Tenggara Timur. Sabot
keur kitu, teu kanyahoan datangna, ujug-ujug pok aya nu nanya ti tukangeun,
“Selamat Sore, Bapak.”
Rét kuring ngalieuk. Bréh aya
barudak ngora duaan, umurna sapantar, kira 20 taunan. Dedeg pangadegna sidik
urang dinya: hideung jeung perekel, buuk wé kiriting.
“Aya naon?” kuring nanya.
Maranéhna muka tas, terus
ngaluarkeun barang-barang karajinan tina onyx.
“Mamanawian Bapa kataji. Mangga
nawiskeun. Mirah, Pa!” pokna.
Kuring nyidik-nyidik barang nu
ditawarkeun. Jero pikir, sidik ieu mah onyx jieunan Tulungagung. Kuring nyaho
sabab kuring gé kungsi ngajualan barang-barang karajinan tina onyx.
“Wah, ieu mah jieunan
Tulungagung. Ti Jawa. Sayah ti Jawa. Nu kieu mah loba di Jawa gé,” pok téh.
Nu nawarkeun barang téh kalah
ngaharuleng ngadéngé kuring ngomong kitu. Tayohna, maranéhna nyangka yén kuring
lain ti Pulo Jawa.
Teu kungsi lila, nu saurang pok
ngomong, “Euh, Bapa ti Jawa? Pa, abdi ngiring, Pa. Ngiring didamel di Jawa!”
Kuring mencrong. “Ngilu digawé ka
Jawa kumaha?”
“Enya, Pa, di dieu mah hésé
padamelan. Abdi tamatan SMA. Abdi kersa didamel naon waé. Upami Bapa tiasa,
abdi badé ka lembur heula, nyandak ijasah. Paling ogé sadinten tos wangsul
deui. Ngiring nya, Pa,” walon nu saurang satengah maksa bari jeung paromanna
pikarunyaeun.
Ras kana pangalaman 23 taun
katukang. Harita kuring keur digawé di leuweung Kalimantan Barat. Leumpang
ingkud-ingkudan, suku nyareri balas lumampah unggal poé, mapay-mapay jalan
meunang naratas. Leumpang nyorang jalan satapak, kacida capéna. Unggal
ngaléngkah suku téh kudu diangkat luhur-luhur, sabab kahalangan ku rungkun. Nu
naratas jalan ukur ngababad luhurna wungkul.
Éstuning ripuh. Nya
ingkud-ingkudan nya késang ngucur saawak-awak, katojo ku panonpoé lebah
ubun-ubun. Panas éréng-éréngan. Ransel nu digagandong, nu tadina hampang, asa
beuki beurat.
Pok aya sora ti tukangeun, “Pak,
Pak, biar ranselnya saya bawa.”
Rét kuring ngalieuk. Bréh nu
seuri soméah. Horéng pagawé lokal nu kakara asup. Awakna beresih konéng, buukna
rancung dicukur purutul. Kuring teu nyaho saha manéhna téh, da kakara ngilu
digawé poé harita. Ongkoh deuih nu naréangan tanaga lokal purah mantuan digawé
mah lain kuring. Ceuk kuring téh, “Enya, ieu ransel téh asa beurat pisan. Jeung
ieu suku na mana nyeri-nyeri teuing. Sok atuh bawa ku manéh.”
Geuwat manéhna manggandongkeun
ransel. Kuring neruskeun lalampahan. Manéhna ngiclik tukangeun. Bari leumpang
pok kuring nanya, “Saha ngaran téh?”
“Apuy, Pa!”
“Urang dieu atawa urang
Sanggaulédo?”
“Abdi urang Sanggaulédo. Kamari
sonten Pa Endun ngajak didamel.”
Pa Endun téh anak buah kuring.
“Lain, Puy, na manéh mah geuning béda jeung nu séjén. Kulit manéh mah konéng,
jeung rada sipit.”
“Abdi turunan Cina, Pa!” walonna
bari nyéréngéh.
“Bisa basa Cina atuh?”
“Tiasa, Pa. Mung bénten sareng
basa Cina di Jawa. Di dieu mah nganggo basa Khe.”
“Euh, kutan kitu? Bapa mah henteu
terang, da sarua waé kadéngéna mah,” pok téh, rada hookeun.
Barang tepi ka nu dijugjug,
kuring sabatur-batur nyieun kémah, da survéy téh di jero leuweung. Si Apuy
digawéna segut pisan, malah pangrajinna. Masak ogé pinter jeung ngeunah deuih.
Kadang-kadang kuring ngomong,
“Puy, henteu maké minyak babi mah masak téh? Geuning pasakan manéh mah ngeunah
pisan!”
“Wah, si Bapa mah. Abdi gé terang
atuh, urang Muslim mah tara tuang Babi,” walonna.
Lamun keur salsé, kuring sok
tunyu-tanya soal basa Cina. Piring disebutna naon, ari téko naon Cinana, jeung
lian-lianna. Ayeuna mah geus pararoho deui. Nu inget téh wo ai ni jeung wo he
ni. Wo ai ni hartina “kuring bogoh ka manéh”, ari wo he ni mah “kuring sebel ka
manéh”.
Ku lantaran alus gawéna, sanggeus
réngsé survéy di daérahna, si Apuy diajak deui digawé di daérah séjén di
Kalimantan Barat. Harita pagawéan kuring lokasina ampir di unggal kabupatén di
Kalimantan Barat. Anggota tim kuring ogé raresepeun ka si Apuy, komo Pa Endun
mah. Pa Endun téh urang Garut, umurna geus kolot, tapi teu boga anak. Nyaaheun
pisan ka Si Apuy. Paribasa, “Asa boga anak.”
Teu karasa, sanggeus ampir
satengah taun kuring di Kalbar, pagawéan téh anggeus. Harita kuring keur aya di
Kota Sintang. Haté ngarasa atoh duméh rék balik, komo anggota tim mah.
Maranéhna mah gembleng genep bulan teu balik-balik téh. Kuring mah bisa kénéh
balik sabulan sakali, da kudu ngalaporkeun hasil pagawéan ka Jakarta.
Peutingna méméh miang ka
Pontianak, Pa Endun nyampeurkeun. Pokna, “Pa, kumaha lamun si Apuy téh dicandak
wé ka Bandung?”
Kuring kerung. “Dibawa ka
Bandung? Rék di mana cicingna?”
“Di rorompok wé, Pa. Keun wé di
Bandung mah kumaha abdi. Pangongkosankeun wé ti dieuna ku Bapa!”
Kuring rada bingung rék
ngaheueuhkeun teh. Orokaya ana ngarérét kana panto, horéng si Apuy keur ngadédéngékeun
gunem catur kuring jeung Pa Endun. Ku kuring digeroan, “Puy, ka dieu!”
Gék manéhna diuk. Ku kuring
ditanya, enya henteuna manéhna hayang milu ka Bandung. “Leres, Pa. Abdi hoyong
terang Jawa, hoyong terang Jakarta, sareng hoyong terang karéta api,” pokna
bari semu nu ngalengis.
Teu wudu kuring éléh déét. Léah.
“Heug atuh. Ku sayah diongkosan, ari hayang-hayang teuing mah. Ngan ari sayah
mah can boga imah, da bujangan kénéh. Masih saimah jeung kolot kénéh. Paling
jeung Pa Endun, kajeun?”
Si Apuy kacida bungahna. Manéhna
sababaraha kali nganuhunkeun. Anggota tim ogé galumbira, komo Pa Endun mah.
Galumbira duméh Si Apuy bakal nyaho karéta api, lain ukur tina gambarna.
Di Bandungna Si Apuy cicing di
imah Pa Endun. Kungsi manéhna dibawa nganjang ka imah. Harita kuring masih
bujangan, masih nganjrek di imah Uwa. Di imah Uwa Si Apuy ditanggap ku Ua jeung
dulur-dulur kuring. Pada nanyakeun kumaha di Bandung téh. Resep cenah. Aya
kapal udara, karéta api jeung éta cenah seueur beus galedé, da di Kalbar mah nu
disebut beus téh ukur beus tilu parapat. Ngan cenah, manéhna sok lieur ningali
jalma nu sakitu réana. Ku naon cenah loba-loba teuing jelema ari di Bandung.
Saréréa sareuri ngadéngé jawaban si Apuy. Ngagareuhgeuykeun.
Teu karasa, geus ampir tilu bulan
Si Apuy aya di Bandung. Kuring jarang panggih. Paling gé béjana wé ti Pa Endun,
da unggal poé papanggih di Kantor. Ceuk Pa Endun, Si Apuy téh pada ngondang,
diajak mondok di imah anak buah kuring nu séjénna. Kuring ngilu atoh, sabab asa
boga dosa lamun Si Apuy kadungsang-dungsang di Bandung. Ma’lum, manéhna téh
kapan urang leuweung, teu nyaho kota gedé jiga Bandung.
Genep bulan ti saprak kuring
balik ti Kalbar, kuring meunang pagawéan deui di Kalbar. Ngan ku lantaran
pagawéanana leutik, kuring rék nitah babaturan wé sina indit ka Kalbar, da ukur
tilu minggueun. Pa Endun teu dibawa. Kuring gé teu niat rék ngajak deui Si
Apuy, da jero pikir geus betaheun di Bandung. Tapi pitilu poéun deui rék
arindit, Pa Endun asup ka rohangan kuring di kantor. Gék diuk bari nyanghareup
ka kuring. Pokna, “Pa, Si Apuy téh candak deui wé ka Kalbar. Duh, abdi ripuh.”
“Har, na kumaha ieu téh? Pan Pa
Endun nu ngusulkeun sangkan Si Apuy diajak ka Bandung téh. Kari-kari ayeuna
ngusulkeun sangkan manéhna diajak deui ka Kalbar.”
“Aduh, Pa, Si Apuy téh geuning
jadi bangor. Robah sipatna. Unggal wengi tara aya di rorompok. Kukulayaban di
kota Bandung. Malah aya wartosna sok mabok-mabok jeung barudak bengal di
Cicadas. Sareng éta deuih sok ka awéwé.”
“Ka awéwé kumaha? Nya keun waé
atuh ari boga kabogoh ka urang dieu mah.”
“Sanés kitu, Pa. Ieu mah ka awéwé
bangor, nu sok nalangkring tengah wengi geuning di alun-alun jeung di Cicadas.”
Kuring ngahuleng bakat ku reuwas.
Cilaka, Si Apuy kababawa ku teu balégna hiji kota. “Urang leuweung” téh
nyaluyukeun diri jeung kahirupan peuting kota Bandung. Kuda leupas ti gedogan.
Aya rasa handeueul, ngarasa dosa, naha atuh kuring téh maké ngongkosan manéhna
ka Bandung sagala. Pa Endun dipencrong. Kuring keuheul pisan. Tadina mah rék
ngambek, tapi ana dipikir deui, ah teu bisa nyalahkeun Pa Endun, jalma soleh
jeung bageur, anu teu boga anak.
“Ké, Pa Endun. Sayah kudu mikir
heula, sabab sayah kudu ngitung deui ongkos nu survéy, da katambahan meureun ku
ongkos Si Apuy. Ké dibéjaan deui isukan,” omong kuring leuleuy.
Sanggeus badami jeung nu rék
arindit, ahirna meunang kacindekan yén Si Apuy rék diajak balik deui ka Kalbar.
Kuring ngabéjaan Pa Endun, tikét geus dipesenkeun, tur jam 3 subuh kudu geus
kumpul di kantor, da pesawatna baris hiber jam 8 isuk-isuk ti Kemayoran. Dina
poéanana balik, Si Apuy pada ngajajapkeun. Kuring ogé subuh-subuh geus ka
kantor, ngajak sasalaman ka manéhna. Manéhna kaciri rada nguyung, tapi seurina
nu soméah mah masih aya. Pokna, “Nuhun, Pa, abdi janten terang Jakarta sareng
Bandung.”
Kuring ogé nyéréngéh, haroréam
ngomong. Tapi ahirna mah pok kuring ngomong, “Ti Pontianak manéh bisa langsung
naék beus ka Sanggaulédo. Ongkos mah ménta wé ka Pa Ruchiat.”
“Muhun, Pa. Kumaha Pa Ruchiat wé
engké di Pontianak,” walonna bari sup ka jero mobil nu rék nganteurkeun ka
Lapang Udara Kemayoran.
Si Apuy ahirna balik deui ka
“habibatna”. Ti harita kuring teu meunang béjana deui. Ongkoh kuring teu kungsi
nganjang deui ka Kalbar. Kuring ukur ngadu’a, mudah-mudahan wé “kabiasaanana”
di Bandung ulah dibabawa ka lemburna.
“Pak, bagaimana, Pak. Bisa tidak
bawa saya ke Jawa?”
Kuring ngagebeg, kagareuwahkeun
tina ingetan ka Si Apuy. Ngusap beungeut. Kuring lain keur di Kalbar, tapi di
Atambua, NTT. Budak nu nawarkeun onyx téa, ku kuring diteuteup. Kasép, séhat,
soméah, siga si Apuy, ngan nu ieu mah kulitna hideung jeung buukna kiriting.
Kuring ngoléséd tina korsi, jung nangtung, bari pok ngomong, “Ah, Jang, mending
di dieu wé. Di Jawa mah geus loba teuing jelema. Di ditu gé sarua néangan gawé
téh hésé!”***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar